Bagéa Sadayana!!

Ku Popon Saadah
Bungah pisan basa Si Cikal tamat kuliah teh. Reueus boga anak bisa ngahontal cita-citana kalawan lungsur-langsar. Atuh dina raraga ngareuah-reuah jeung ngistrenan para lulusan, sim kuring salaku kolotna diondang ku pihak Politeknik Pos pikeun ngahadiran pelantikan para wisudawan di Sasana Budaya Ganesha ITB.
Teu loba tatahar. Malah teu mawa kamera-kamera acan, da can boga harita mah, keur mah can pati resep putrat-potret kawas ayeuna. Teu bebekelan sangu deuih. Asa barabe kudu angkaribung mawa timbel mah, angkeuhan teh da lain rek nyaba ka leuweung ieuh. Sakalieun lapar mah kari jajan atawa nyimpang heula we ka rumah makan.
Gancangna carita, sim kuring sakulawarga geus nepi ka palataran Sabuga. Teu wudu ieu tempat rame ku jelema, padahal harita teh kakara jam satengah tujuh isuk-isuk. Mobil para wisudawan geus ngajengjreng di tempat parkir. Jelema ngagarimbung di unggal tempat bari papakeanana singsarwa gandang. Nu dagang bubur katempo pakepuk ngaladangan nu can kaburu sasarap heula di imahna. Para padagang lianna keur saribuk deuih, dadasar, kawas nu hayang paheula-heula beres, tayohna sieun kaburu ngabrul manten nu daratang ka eta tempat.
Sim kuring, bapana, Si Cikal, Pangaisbungsu, jeung Si Bungsu caricing heula dina mobil, bari meresan barang nu rek dibawa ku Si Cikal ka jero aula. Ku lantaran Si Cikal mah sapopoena dijilbab, jadi rek diwisuda teh teu kudu dangdan sataker kebek. Cukup make kabaya jeung sampingna, buuk teu kudu disanggul da make tiung tea. (more…)

Ku Popon Saadah
Aya ku mindeng HP tinggaleun di imah tèh. Rumasa, atuda ari rèk indit ka sakola tèh sok loba bawaeun. Salian ti alat tulis, make-up inti, parfum, tisu, kacamata, ogè buku bacaan keur bacaeun mun pareng aya waktu keur macana. Jaba kudu nyiapkeun kaos tangan, kaos kaki, jèkèt, hèlm, jeung konci motor. Lat baè poho, HP can disakuan.
Barang nepi ka sakola, sup ka ruang guru. Capa-cipi kana saku, eueuhh… HP tinggaleun deui di imah. Angkeuhan tèh keun baè lah teu nyekel HP sapoè mah, ngirit-ngirit pulsa. Tapi teu burung loba ngahuleng di ruang guru tèh. Katambah poè ieu mah sim kuring teu asup ka kelas, da jam pelajaran basa Sunda diparakè ku guru-guru nu ngajar pelajaran nu di-UN-keun. Ngan tetep sim kuring kudu hadir, bisi aya barudak kelas F anu perlu ka walikelasna. Jadi lumayan salsè.
Korèlèng ka tukang, niat rèk ka cai. Kabeneran jamban tèh duanana karosong, pantona teu dikaronci. Sim kuring asup ka jamban nu kahiji, Beulah kènca. Brug nutupkeun panto anu otomatis ngonci sorangan. Di jero jamban èstuning tenang, taya sangkaan rèk hèsè kaluar, da geus apal, bakal gampang mukana deui lamun èta panto dibukana ti jero jamban. Biasana gè kitu, unggal poè tara boga masalah jeung panto jamban nu ieu tèh. Tapi geuning poè èta mah si panto tèh ngadak-ngadak hèsè dibukana deui. Ngonci sorangan. Lain bakat ku otomatis, tapi sigana èta konci panto tèh geus ruksak. Cindekna sim kuring kakerem di jero salila-lila.
Sim kuring geus uga-ugil, geus ngagujrag-gujrag gagang panto, rarasaan si panto tèh kalah beuki pageuh nutupna. Ya Allah, umur-umuran kakara ayeuna sim kuring ngalaman kakonci di jero jamban. Gusti Nu Agung, kumaha carana sangkan abdi tiasa kaluar? Gap kana saku baju, neangan HP, niat tèh rèk nelepon babaturan nu aya di ruang guru, rèk dititah nyokot konci panto jamban ka Pa Dadan (pesuruh sakola). Aèh, pan HP-na ogè tinggaleun tèa di imah.
Sakali deui sim kuring ngagujrag-gujrag panto. Si panto taya tanda-tanda bisa muka. Bingung. Kabayang mun sapoè jeput nepi ka peuting tur nepi ka isukna deui teu aya nu nganyahoankeun yèn sim kuring kakerem, aya bahan ngèndong di jero jamban. Mèmang teu sageumpeur mun urang kajebak dina lift, tapi mun teu bisa kaluar waè tèh, nya rugi wè nu aya, sim kuring moal bisa balik. Jaba awak geus mimiti cangkeul. Sakalieun hayang diuk gè kapan moal bisa di jamban mah.
Antukna, èra-èra gè sim kuring jojorowokan nyalukan Pa Dadan. Tapi can kadèngè aya nu nyampeurkeun. Duh, mun HP teu tinggaleun mah ieu masalah tèh bisa langsung kaungkulan ayeuna kènèh. Sim kuring jojorowokan deui. Kawasna kabeneran harita mah aya barudak nu ngalanto ka buruan jamban, da kadèngè aya nu tinggerendeng. Teu kungsi lila kadèngè sora lèngkah sapatu jeung sora barudak rècok, sada lobaan. Hatè atoh kacida bari surak, sabab geus pasti moal tulus ngèndong di jamban tèh. Barudak tinggaledor, kawasna keur neunggeulan gagang panto, tuluy gagang panto tèh digalujrag-gujrag bari angger rècok. Panto keukeuh pageuh. Ngan hatè geus tenang ayeuna mah, teu bingung cara tadi.
“Punten Ibuna minggir heula, panto badè didobrak,” ceuk sora budak lalaki rada ngagorowok ti luar. Sim kuring nurut, tuluy ngadon nyempod di juru jamban. Teu lila kadèngè nu mèrè aba-aba. “Satu…dua…tiga…. Baraakkk!!! Ahirna muka ogè si panto tèh, sabab nu ngadobrakna aya kana limaanana. Alhamdulillah, panto tèh rujad.
Barang bray panto muka, sim kuring kakara nyaho, horèng ieu kajadian tèh loba nu ngalalajoanan. Dirèrèt saurang-saurang, katempo murid-murid anu lolobana kelas 9 I bari marakè baju olahraga jeung lolobana lalaki tèh aya nu biwirna keur ngarenyu nahan piseurieun, aya nu nyèrèngèh, aya nu terang-terangan seuseurian, aya nu ukur mèsem.
Sabenerna sim kuring gè lain teu èra ku kajadian bieu tèh, mun kongang mah hayang beretek wè lumpat nyingkahan èta tempat. Hayang ngabecir ka ruang guru. Ngan piraku deui aya kolot lulumpatan beberebetan mah. Tungtungna sim kuring ukur bisa haha-hèhèh. Kapireng aya murid lalaki nu nyarita kieu, “Si Ibu kakerem hahaha…,” bari babarakatakan. Sim kuring bati seuri konèng dikitukeun tèh.
Coba mun harita HP teu tinggaleun mah, kakeremna sim kuring di jamban sakola moal kungsi gujrud. Tina ieu kajadian jadi boga kacindekan, yèn kiwari HP tèh geus jadi barang penting, nepi ka teu bisa jauh tina diri nu bogana.
Perkara panto nu rujad alatan didobrak ku barudak, keun wè antep ah urusan PKS sarana jeung prasarana èta mah, bongan geus wawanianan ngerem sim kuring di jero jamban.***
Koneng da sanes bincarung, sanes simpatisan hiji partey, tapi resep kana warna koneng, margi asa cararaang.
1
Deudeuh teuing sawah kuring
bangun nu ngahurun balung
bingung dibarung ku linglung
Sabab sakuriling bungking
dikepung pabrik jeung gedong
kaayaan jadi aheng
teu weleh gandeng harengheng
Sawah siga nu marudah
pare teu daekkeun gede
pundung taya nu malire (more…)

(Popon Saadah)
Raga nyangsaya na ranjang kalewang
ditilaman seprè simpè
disimbut ku rasa keueung
dibantalan sumorèang
Wirahma lèngkah nu laleumpang dina lulurung
èstu bareng jeung ketug jajantung
lir keur mirig rènghap napas
ngèngklokan nu humarurung
Antara nyanyautan jeung gulinggasahan
di rohang nu pangeusina teu leuwih ti saurang
tingkolèbat narèmbongan jirim nu keur padungdengan
Ceuk hiji jirim: “Lir dalitna ringkang jeung kalangkang, hirup jeung maot ukur kahalangan ku rèrègan mangsa jeung lalangsè waktu nu transparan.”
Dijawab ku jirim nu hiji deui: “Datang ka pawenangan saurang-saurang, mulang ka kalanggengan, ogè saurang-saurang.”
Ku Popon Saadah
Ceuk informasi anu dicutat ku Republika, Minggu, 15 Februari 2009, Facebook (FB) tèh situs web jaringan sosial anu diciptakeun dina taun 2004 ku Mark Zuckerberg, lulusan Universitas Harvard, Amerika Serikat.
Kiwari ieu situs tèh keur meujeuhna populèr di cyber, dipikaresep ku pengguna aktif internet di sakuliah dunya. Bisa jadi populèrna ieu situs di jagat cyber tèh dilantarankeun ku: informasi ngeunaan FB anu terus-terusan (meuweuh) jeung ubyag diwawarkeun ku sawatara anggota hiji komunitas ka masarakat internèt, prosès registrasi anu gampil, fasilitas dina FB nu kawilang euyeub, jeung sajaba ti èta.
Upama nitènan fasilitas nu disadiakeun jeung cara gawèna, Facebook tèh teu pati bèda jeung Friendster. Ditilik tina pungsina, duanana mangrupa mèdia pikeun ngawangun hiji komunitas di internet, dina raraga ngayakeun interaksi atawa transaksi dumasar kana kabutuhan masing-masing individu. Dina FB di antarana disadiakeun fitur: Home, Profil, Friends, Inbox, Notifications, Phonebook, jeung Album. Upama urang hayang ngawanohkeun diri sorangan dina raraga promosi, urang bisa ngeusian biodata diri kalawan lengkep dina kolom Profil. Tuluy, lamun hayang ngajak babaturan supaya milu gabung kana FB tur id-na (nickname-na) asup kana list (daptar) babaturan urang nu geus milu gabung ti heula, kari tèangan cara ngondang jeung ngasupkeun id-na dina kolom Friends. Tah, mun pareng urang nu diondangna ku batur, kari klik kolom Request di juru luhur lebah katuhu. Sanggeus èta judul kolom kabuka, aya dua pilihan, naha èta nu hayang jadi babaturan urang tèh rèk ditarima atawa ditampik ku urang. Mun ditarima, klik confirm, sarta mun ditolak klik ignore. Lebah hayang ngèbrèhkeun, masang, atawa mublikasikeun poto, boh poto diri boh poto kulawarga atawa poto batur, urang bisa ngagunakeun fasilitas Album. Tiap judul kolom dilengkepan ku lahan pikeun mèrè atawa ngajawab komèntar. Saenyana taya hal anu bangga, èstu gampil pisan dina ngalakonanana, komo mun nu ngokolakeunana ninggang di para nètter profesional mah. (more…)

Ku Wawan Sudarwan
Basa panyawatna parna, Abah amanat panjang (wayahna macana calangap, ngacay nya jamak da Abahna ngan wasa wakca “A”).
Basana Abah: “Mangka apal kana papagah Abah, saacanna Abah mangkat ka alam barzah, nya. Talar na dada, awas balangah. Na mangsa harga-harga marahal matak jangar kana tarang, mangka pada-pada sabar nahan amarah. Pada-pada waspada ngajaga babarayaan. Awas salah jalan mabal kana kajahatan, mangka sabar, tambah-tambah katakwaan ka Yang Maha Akbar. Wayahna nahan kahayang, barang dahar saayana sawajarna. Balanja sandang pangan sarwa basajan pantang kana gagayaan hayang katangar kawas Acah tah, naha balanja bawang kalah ka Mal? Bawang atawa lalab-lalaban mah ka pasar rayat, Acah!! Salamah nambalang da ngarasa salah ngajak Acah ka Mal anyar.
“Pan Acah mah randa, Abah. Jamak lah hayang jalan-jalan ngarah rada janglar.”
“Dah, ka anggang-anggang! Jaba panas, hayang batal nahan hanaang?” Abah ngawakwak, Salamah sabar mangkat ka jamban basana mah.
Awas nya raksa raga sarta nyawa, bawa kana jalan halal, saban mangsa-mangsa amarah sasar, nya badan bakal nandangan lara balangsak, nyangsaya na panjara, acan jaga ka garang na naraka jahanam. Darajat jalma mah pan ayana na katakwaanana, balabahna, sarta talajakna ka sasama. Ahlakna taya cawadna.
Pangrasa Abah, alam bakal ngarandapan tahapan “Jaman Sangar” kawas na ramalan Jawa, jaman sarwa acak-acakan, balatak jalma ngahampas kana ajaran agama. Karaman ngagalaksak, rahayat katalangsara, ahlak jalma kawas hayam, sarakah kana barang haram.
Tina Mangle, No. 2204
Haturan Kang Budi nu sok resep nyarios calawak

Mimitina mah sim kuring nyangka yèn basa ngalaman lalinu saurat-urat tèh balukar capè teuing, ngamomorèkeun dahar, sarta kurang istirahat. Boro teu niat nepungan dokter, da ceuk angkeuhan, ku loba reureuh jeung nginum suplemen gè meureun bakal cageur deui sabihari.
Tapi ray poè ray poè tèh kalah ngareunggeuy. Aya èta gè leungit lalinu awak jeung lalieur tèh saheulaanan, lamun geus ngadahar Biogesik. Tapi peutingna nirisan deui. Komo datang waktu subuh mah kalah beuki ngahodhod, ari jeroeun awak asa pararanas. Saminggu kituna tèh. Der deuih kalah diurut sakujur awak ku tukang urut, kawas nu jauh ka dokter baè. Hanas teu aya karasana. Keur kitu mah geuning pikiran tèh asa tèu pararuguh, asa hayang geura cageur sapada harita, tapi horèam ka dokter, sabab hartina kudu kaluar ti imah.
Beuki dieu beuki kaluman. Tungtungna isuk kènèh bari dianteur ku bapana barudak nèangan dokter. Alhamdulillah aya dokter anu praktèkna isuk-isuk, di gigireun Alun-alun Cimahi.
Harita kènèh sim kuring dipariksa sakumaha mistina. Ceuk dokter, sim kuring tèh katarajang flu tulang. Duh paingan teu puguh rasakeuneunana, horèng nepi kana tulang-tulang meureun nya nyaksrakna tah si kasakit flu tèh. Teu sakara-kara, geus nepungan dokter sarta dibèrè obat nu di antarana aya antibiotik mah awak tèh karasa robah, jadi hararampang. Kersaning Gusti Nu Maha Kawasa, dina jero sapoè ogè awak sim kuring geus karasa seger deui. Peutingna makè jeung bisa tibra sarè. Emh, nyaho kieu mah ti mimiti karasa wè meureun rèk ka doktèr tèh, heueuh kawas nu hirup di daèrah mencil waè atuh, kawas suku terasing baè sim kuring tèh.
Sanggeus bisa deui mancèn tugas, pangangguran hayang maluruh rèfèrènsi ngeunaan flu tulang dina internèt. Cenah flu tulang tèh sok muncul dina usum pancaroba saperti ayeuna. Nu mimiti nyebarkeunana sarua jeung kasakit Demam Berdarah, nyaèta reungit Aidès Aègypty. Sanajan ieu kasakit can kacaritakeun nepi ka bisa matèni jalma nu katarajangna, tapi bahaya ogè, sabab bisa ngabalukarkeun lumpuh. Flu tulang biasa ogè disebut Cikungunya.
Sumber sèjèn nyebutkeun yèn ieu kasakit tèh dikokojoan ku virus Varvovirus B19, anu nyerang sing saha baè, utamana jalma dèwasa anu kabeneran stamina awakna keur turun. Gejala awalna ditandaan ku rasa linu nu kacida dina sakujur awak, bisa lumangsung 2-4 minggu sabada kaserang flu biasa. Jalma nu kaserang ieu kasakit sok nirisan, tuluy di jero kulit jeung biwir muncul nu tingbelenong bareureum, tapi lain baruntus. Tapi deuih cenah sanggeus liwat 3 minggu mah nu gering bakal maju deui ka cageur.
Nu keur kakeunaan flu tulang dikudukeun loba ngonsumsi kadaharan anu ngandung gizi, sarta jauhan saheulaanana roko, kopi, jeung kadaharan anu ngandung gajih.
Nya nu leuwih hadèna deui mah gancang pariksakeun ka dokter, sangkan gancang kaubaran, ulah nepi ka kungsi ngareunggeuy heula kawas sim kuring harita.
Ku Popon Saadah
Pikeun jalma anu resep ngalalana di dunia cyber tur resep ngayakeun interaksi jeung sasama chatter, media chatting di internet téh hiji hal anu kawilang penting. Media chatting ibarat rawayan anu ngahubungkeun maranéhna jeung nu séjén dina ngayakeun kagiatan mangrupa dialog atawa paguneman. Boh paguneman jarak jauh, antar kota, antar pulo, antar nagara, boh paguneman jarak deukeut (dilakukan ku dua chatter atawa leuwih anu diukna pagigir-gigir, atawa sasuhunan tapi béda rohangan).
Fungsi éta media ogé bisa rupa-rupa, gumantung kana niat para chatter. Naha éta media téh minangka jembatan pikeun ngobrol biasa, saperti ngawangkong ngalér ngidul teu puguh leunjeuranana, atawa ngobrol daria saperti konsultasi, tanya jawab, diskusi, gunem catur ngeunaan bisnis, jeung sajabana.
Nilik kana jihat praktisna éta média, bisa dipastikeun kagiatan chatting di internet beuki dieu beuki populér di kalangan para nétter. Prosés régistrasi anu gampil tur basajan (simpel), gratis, sarta bisa dilaksanakeun dina waktu iraha baé (fléksibel), mangrupa aspék-aspék anu ngirut (narik) para netter pikeun chatting.
Salah sahiji média chatting anu populér tur loba digunakeun ku para chatter di sakuliah dunya nyaéta YahooMessenger! (YM). Salian ti bisa chatting sakarepna, para chatter ogé bisa maluruh (eksplore) perkara sistem jeung aturan maén YM ogé fasilitas-fasilitas (fitur) anu disadiakeun ku ieu média. Éta fasilitas téh bisa dipaluruh dina folder YM ménu utama unggal id. Upama tulisan messenger dina list pangluhurna di-klik, bakal kabuka fasilitas-fasilitas anu nyadiakan rupa-rupa sistem sakumaha anu dipiharep ku nu “ngageugeuh” éta list. (more…)
Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer