Ekspresi narsis-ku

January 27, 2006

Manehna

Filed under: Prosa

Kalakay Rengas

(Dimuat dina Mangle No. 2054, 16-22 Pebruari 2006)

Karasa pisan tiiseunana imah teh euweuh manehna mah. Tuman unggal wayah kieu kadenge ngagembrung musik pop Indonesia atawa pop Barat ti kamar hareup, sok jempena teh lamun geus ngong adan magrib. Geus dua poe eta kamar teh suwung. Nu ngeusianana keur ka kampus. Saminggu cenah ngadon ngendong di kampusna teh, jadi panitia opspek mahasiswa anyar.
Karasa pisan deuih leungiteunana hate teh, asa cuang-cieung karareueung. Padahal di imah teh kapan teu sorangan, aya Ibu jeung Bapa Haji, aya Bi Sari jeung Mang Undang. Tuda ngan manehna wungkul anu titen ka kuring mah. Euweuh deui. Cacak kuring teh ukur adi kukutna. Ceuk kasarna mah kuring teh anak badega indungna anu taun-taun dipihapekeun sina sagawe-gawe di imahna. Tapi kawasna manehna mah teu ieuh nganggap anak badega, nu karasa mah sikepna ka kuring teh teu beda ti lanceuk ka adi.
Lain hartina rek ngaleuleungit jasa kolotna anu geus haat ngampihan, ngurus, tuluy nyakolakeun kuring nepi ka lulusna SMA. Ngan karasa asa leuwih dominan pangaruh dirina kana hirup kuring teh. Kuring bisa nuluykeun sakola ge alatan usul manehna ka indung bapana. Malah sok era mun manehna geus protes ka kolotna ngeunaan diri kuring teh. Da teu hayang teusing dianggap tur diaku anak teges ku kolotna teh barina ge. Ku diampihan di imahna ge geus pirang-pirang untung keur kuring mah. (more…)

Ki Semah

Filed under: Prosa

Keur Anjeun Sorangan

(Dimuat dina Mangle No. 2021, 23-29 Juni 2005)

Estu matak ngajenghok, dinten ieu Akang kersa rurumpaheun deui ka rorompok. Lawas ti lawas urang teh nembe deui pajonghok. Ku ngareureuwas, aya pikersaeun naon Akang teh? Geuning pamulu Akang katingalna alum, sapertos anu nuju dirungrum kabingung. Ngaraos kaget teh deuih ningal salira, naha bet janten alit sapertos anu ririwit?
Tangtos ari ngemut kana umur mah urang teh tos seueur robihna, tos pada-pada meotan, buuk tos pada-pada ngabodasan. Urang teh geus jadi nini jeung aki. Pangling soteh abdi mah sanes ku kituna, tapi ku paroman sareng dedegan Akang. Ayeuna mah Akang teh katingalna rampohpoy, pameunteu henteu berag henteu jigrah. Asa tebih pisan sareng kapungkur. Estuning teu aya tapakna yen kapungkur Akang teh hiji nonoman anu pada ngajenan, lantaran kagungan kalungguhan dugi ka dipiserab ku bawahan.
Naha deuih sumping teh bet nyalira? Mana tuang rai kameumeut Akang teh? Parantos kagungan sabariji bati ti urang Soreang teh? Ditaros kitu Akang mah kalah balaham-belehem, teras nyalenggorkeun obrolan ku naroskeun kaayaan barudak. Geuning emut keneh ka barudak nu di dieu! (more…)

Sim kuring

Filed under: Figura Hate

Sim kuring

Abdi

Filed under: Figura Hate

Abdi

Pupujaning Ati

Filed under: Figura Hate

ati

January 20, 2006

Serius

Filed under: Figura Hate

Serius

Gogoda

Filed under: Prosa

Punten.......Cunihin

Ngarumas pisan dipindahkeun ka Departemen Manajemen Informasi teh. Karyawanna lalaki wungkul, awewena kuring sosoranganan, mani asa cuang-cieung. Keur di Maintenance mah leuheung keneh, awewena aya tiluan.
Nu ngalantarankeun kuring saparakanca dipindahkeun ka bagian ieu teh bagian Maintenance ngahaja dileungitkeun, cenah mah dina raraga restrukturisasi pausahaan. Sawareh dipencar, aya nu dioperkeun ka bagian Pabrikasi, aya nu ka Enginering.
Teu bisa majar kumaha, kuring kudu siap ditempatkeun di bagian mana wae. Geus untung teu kaasup karyawan anu di-PHK oge. Mun nepi ka kitu teh, duka teuing kumaha, mangkaning budak bangkoreak maju ka garede, keur mareujeuhna biayaaneun. Nu cikal asup ka SMU taun ieu teh, nu ka dua ka SMP, dikersakeunana teh mani mareng deuih.
Salaki ukur supir angkot jurusan Cimahi-Leuwipanjang. Ka dieunakeun manehna sok mindeng luh-lah. Cenah jaman kiwari mah mobil hayang pinuh ku muatan teh estuning hese beleke. Paling dina sapoe teh pinuhna ukur dua balikan, isuk-isuk jeung sore, waktuna arindit atawa barudalan barudak sakola jeung nu digarawe. Mimindengna mah cenah supir teh “angkleung-angkleungan” mawa mobil kosong mapay-mapay ruteu angkot Bandung-Cimahi. Atuda loba saingan, loba angkot anyar. Rajeun aya muatan, kudu bari muruhan calo nu teu weleh rajeg di unggal pengkolan. Acan kapegat ku macet anu sakapeung mah nepi ka jam-jaman. Acan kapegat ku petugas TPR di unggal parapatan. Sedengkeun setor duit ka dunungan mah kudu pol-pol wae sapoe-sapoena teh. (more…)

Antara Kuring, Manehna, jeung Anjeun

Filed under: Prosa

Rungga

Asa dina ngimpi puguh ge, kuring bisa laksana deui babarengan jeung manehna. Bisa ngararasakeun deui kumaha ni’matna pangrungrumna anu geus lawas ngan ukur semet diwawaas. Manehna anu kungsi ngaleungit tina hirup kuring, kiwari kapimilik deui. Perkara teu kapimilik sagemblengna, kudu ngawayahnakeun maneh, meureun geus kitu kuduna. Ngan anu aneh teh jalan hirup kuring teu eureun-eureun kudu urusan wae jeung anjeun, pamajikanana, nu ti bareto teu weleh jadi saingan kuring.
Inget keneh meureun anjeun ge, basa kuring geus tunangan jeung manehna, anjeun teu weleh ngagoda nepi ka hasilna ngajauhkeun kuring tina hatena. Mustahil lamun anjeun teu inget. Bohong lamun anjeun nyebut poho deui kana hal eta. Tapi tetela anjeun mah teu rumasa geus nganyerikeun hate kuring, da ti dinya teh keukeuh we nganggap yen kuring teh sobat medok anjeun, sobat anu mindeng ditepungan dianjangan lamun pareng anjeun keur purun. (more…)

Chatting

Filed under: Prosa

Netter na Netter

(Dimuat dina Mangle No. 2042, 24-30 N0vember 2005)

Target mah copelna sabulan sasiki kudu aya karangan nu ditulis ku kuring teh. Ngan orokaya dina palebah neangan gagasan atawa topikna nu rek ditulis, kacida hesena. Singhoreng ide teh kaasup mahluk linghas keur kuring mah, bakal babari katewak lamun nu newakna memang pawangna. Bangga geuning jadi pangarang teh. Bahan tuliseun teh kudu dikotektak wae, tara daekeun norojol datang sorangan. Tampolana kuring ngotektak sakadang inspirasi teh sok nepi ka katambias ka dunya maya sagala, ngadon chatting nurutan barudak rumaja.
Nya pangangguran tea mimitina mah. Ari sugan teh moal nyandu. Ahirna nepi kana stadium katagihan. Asa aya kabutuh batin anu can kacumponan teu chatting sapoe teh ari geus loba kawawuhan di cyber mah, sanajan sawareh mah lebeng teu kabayang-bayang acan beungeut batur ngobrol teh, teuing kawas kumaha jungkiringna. Puguh lebah dieu, palebah nu misteriusna resepna chatting teh, asa keur ngobrol jeung bangsa lelembut ti alam gaib. Komo mun nu keur padungdengan ngobrol teh masing-masing sarua teu masang pic (poto diri) dina folder-na atawa teu masang webcam (kamera). Ku lantaran nyumput buni di balik komputer, nyarita teh sakapeung mah bebas we saengabna, da jeung jalma saliwat ieuh, tur paroman urang ge pan sarua gaibna di nu kitu mah. Katambahan ku asa boga alesan neangan ide tuliseun tea, kuring sok ngahajakeun ngadon ngadu bako, heureuy, atawa sakapeung-kapeungeun diskusi di chatroom jeung nu sakaresep teh.
Mun pareng di kantor kuring jaringan internetna keur aya gangguan, sok belaan ka warnet. Malah tungtungna mah asa lugina keneh ngadon chatting di warnet, sabab bisa jongjon teu karewong ku babaturan nu hayang miluan chatting babarengan. Warnet Monterey di Cimahi mah nu tempatna pangeunaheunana teh. Sepi, matak harusu matak aranteng, teu loba bebenyit nu recok maraen game kawas di warnet Native. Ngan memang biaya ngarentalna rada mahal.
Ku mindeng-mindengna datang atawa larbek ka warnet Monterey, geus teu asa-asa deui jeung nu nungguanana ge. Mindeng kuring dibantuan malah nepi ka dipapatahanana lamun pareng manggih masalah teh. Bisa ngirim naskah ka media massa ngaliwatan e-mail ge lantaran dipapatahan ku manehna. Hiji waktu mah Si Ade, enya nu nungguan warnet tea ngomong kieu, “Sok atuh Teh diajar ku nyalira, ulah ngandelkeun abdi wae,” cenah.
“Eh, wanian ka kolot teh, make jeung protes sagala, pan langganan teh sami jeung raja kedah diladenan disugemakeun,” tembal kuring.
“Sanes ku nanaon bisi abdina nuju teu aya, bade dibantuan ku saha?”
“Naha sok ka mana kitu?”
“Sawaktos-waktos sok dipiwarang ka Jakarta ku dunungan. Sareng eta we mani tara muruhan ka abdi teh,” cenah bari seuri.
“Sok atuh hoyong naon?” Ditanya kitu mah manehna kalah seserengehan.
Tapi isukna teh nyampeurkeun deui nawarkeun jasa. Ngabejaan kumaha carana lamun hiji waktu urang hayang teu katingali online ku batur, atawa kumaha carana nga-ignore (ngablokir) id chatter (ngaran anu dipake ku nu chatting) anu teu dipikaresep ku urang, jeung sajabana. Eta geura mun geus mapatahan, teu beda ti instruktur ahli internet. Bisaan nerangkeunana teh, merele, gancang kahartina ku nu belet kawas kuring mah. Kayungyunna teh ku sabarna deuih, teu babari keuheulan budak teh, mun kuring salah wae teh taya riuk-riuk keuheul kalah sok nyeungseurikeun.
“Ari Teteh mani resep-resep teuing chatting, belaan miceunan waktos sareng artos dugi ka jam-jaman, aya nu ditaksir nya?” Ceuk manehna dina hiji poe. Panya teh tara merhatikeun jeung teu nepi ka dinya pikiranana.
“Dina raraga milari ilham we atuh De, Teteh mah,” cekeng.
“Ilham anu kumisan tea nya Teh?”
“Tos teu usum atuh kikituan teh keur Teteh mah, manasina Ade.”
“Urang usumkeun we atuh,” ceuk manehna deui.
Bisa jadi loba jalma nu sapamadegan jeung Si Ade, yen pagawean chatting teh sarua jeung miceunan waktu. Malah mun chatting-na di warnet mah salian ti miceunan waktu teh oge miceunan duit. Aya benerna eta pamanggih teh. Ngan husus keur sakuringeun mah estuning asa manggih alam anyar manggih dunya nu kitu teh. Dina waktu “papanggih” sarta ngobrol jeung sasama instant messenger ge asa panggih jeung nu ngagareugeuh alam maya tea, anu rarasaan mah asa beda jeung jelema nu aya di dunya pisik. Padahal kuring sorangan sadar yen nu ngadon chatting teh pan sarua jelema keneh, ngan pedah cara komunikasina teu bari adu hareupan.
Lamun balitungan masalah untung rugina, asa pamohalan manggih kauntungan anu sipatna materi tina chatting mah. Lamun niatna neangan kauntungan, aya situs e-commerce tea mun keur nu bisnis mah pan. Atuh mun dibandingkeun jeung maca buku, atawa browsing ka situs-situs nu aya dina internet, asa leuwih mangpaat keneh maca buku jeung browsing tea. Tapi, lamun tujuanana nambahan kawawuhan, atawa hayang leuwih jero neuleuman karakter jelema saurang-saurangna, nya di chatroom tempatna.
Teu saeutik deuih nu ngadon neangan jodo oge di chatroom teh. Teu aringgiseun kabelejog, da boga angkeuhan aya pic jeung webcam tea kiwari mah. Nu ngaleok kana nyelewer ge kawasna teu kurang. Da puguh alamna ngadukung pisan, aman pisan, mojok duaan teh moal aya nu nganyahoankeun, hese dibetahkeunana. Tapi kapan hal eta mah balik deui ka pribadina masing-masing, nu nanggung resikona jinisna sewang-sewangan. Asana teu kudu milu riweuh ngomentaran urang mah. Da di dunya “nyata” ge ari aya niatna mah bisa wae rek nyolowedor teh. Eta teh ceuk pamanggih kuring bareto, basa can jauh pisan katambiasna di dunya chatting. Ayeuna mimiti karasa efek negatifna teh. Mani nararampeu pisan jalan keur mengkol teh di cyber mah. Mimitina mah ku kuring teu weleh dianggap tangtangan nu kararitu teh, itung-itung ngasah kamampuh sensor internal ceuk basa legegna mah, kamampuh milih mana nu mangpaat mana nu kira-kira bakal picilakaeun. Tapi lila-lila mah asa ngahengkeran kamampuh sensor internal kuring teh. Komo lamun geus “panggih” jeung batur chatting nu boga nickname Rumiqais mah. Manehna ngagoda pisan. Sakapeung mah sok cape ngaladenanana. Mun pareng kuringna keur sadar mah sok api-api aya kaperluan sejen, ngarah bisa buru-buru off. Tapi lamun kakara online atawa keur pogot ngobrol jeung batur, torojol manehna, sok hese nyingkahanana, mangka sok lila ngajak ngobrolna teh. Da piraku kudu kabur mah. Kapan gaul di dunya online ge sarua we aya etikana.
Padahal mun dipikir, keur manehna mah naon araheunana kuring? Sakitu kungsi balaka, yen kuring teh lain single, “buntut” sadua-dua, atuh umur geus lain ngora deui. Beungeut? Kapan manehna apal pisan tina pic kuring nu ngajeblag anu ngahaja dipasang dina folder. Meunang Si Ade eta ge masangkeunana teh. Sedengkeun manehna ngakukeunana mah lalagasan keneh, umur leuwih ngora dalapan taun ti kuring. Rek jujur rek bohong teu masalah keur kuring mah, da kitu adatna. Di dunya digital mah kapan naon anu teu mungkin atuh? Manehna ngaku-ngaku bujang jeung umur tilu puluh taun teh teu ngajamin bener tur teu ngajamin bohong deuih. Ngan duka naon sababna teu puruneun masang pic atawa masang webcam. Kungsi make voice sakakalina, tapi sorana kurang jelas, semu ngosom nyaritana teh.
Make jorojoy hayang ngamangpaatkeun eta jelema, sugan bisa dijadikeun tokoh dina carpon anu keur diajam rek ditulis ku kuring. Ngan lamun kuring hayang sukses nulis eta carita bari tokoh-tokohna karasa hirup, wayahna kudu ancrub dina harti kudu observasi heula, ku cara daek deukeut jeung nu rek dijadikeun tokoh sentralna. Pagawean bangga memang, sarta gede resikona. Pangpangna gede resikona keur katengtreman rumah tangga kuring sorangan.
Enya rek kitu rencana teh. Perkara gede resikona, kapan eta mah tangtangan tea. Geus gilig boga niat kitu mah ngahaja online teh unggal poe, di kantor kuring chatting-na ge ngarah gratis, da keur boke. Tapi nu ngaranna Rumiqais teh hantem-hanteman off. Aneh, ari dihaja-haja didagoan mah teu muncul-muncul manehna teh. Hate geus getek we sarta dituluykeun ku marudah hayang geura nulis carita ngeunaan manehna. Nu nyalampeurkeun ngajak ngobrol teh kalah nu biasa, nu sapantaran kuring keneh, tokoh-tokoh nu teu ngandung tangtangan jeung lain jelema balangor, saperti pria_40_bdg, yo2ngt, Kurawa 45, jeung mochtar 01. Eta mah kabehanana ge batur heureuy jeung batur diskusi wungkul.
Keun sugan isuk cekeng. Isukna jeung pagetona euweuh deui wae. Nepi ka samingguna lalakon ngarep-ngarep ieu jelema teh. Ih sugan geus ganti nickname atawa pindah chatting-na lain di Yahoo Messenger deui. Kajeun teuing atuh ari kitu mah ah!
Keur anteng padungdengan masalah naekna hahargaan jaman ayeuna jeung pria_40_bdg, ujug-ujug aya folder anyar nu ngandung tulisan “Damang kabogoh?” Teu burung hate ngagebeg, sabab nu ngirim eta messege teh sidik pisan Rumiqais, tokoh nu ku kuring salila ieu keur dianti-anti. Ras kuring inget kana skenario rancangan sorangan. Ku munculna manehna, hartina mimiti poe ieu pisan kuring kudu jadi “aktris” teh. Eta messege teh buru-buru ku kuring dibalesan.
“Hey, ka mana wae, mani lawas ti lawas tara on?” Cekeng.
“Puguh nuju repot ku padamelan, sono nya?” Tanya manehna.
Geuwat kuring ngamunculkeun emoticon yahoo anu maksudna ngajak imut ka manehna.
“Matak ge hayu urang kopdar, urang papendak, ku naon sih mani alim wae?” Ceuk manehna deui.
“Saha nu alim, pan di dinya pisan nu ujug-ujug ngaleungit heula,” tembal teh.
“Iraha atuh nya, da ayeuna mah nuju di Jakarta.” Cenah.
“Kumaha upami minggu payun?” Ceuk manehna keneh.
“Teu langkung, upami memang ngajakna serius, pendakna dinten naon, ping sabaraha, wayah kumaha?” Tanya kuring. Manehna ngamunculkeun emoticon yahoo anu ngandung harti seuseurian, atoh tayohna mah ditanya kitu teh.
“Mani diborong narosna,” cenah.
“Di mana engke pendakna?” Manehna nu giliran nanya.
“Di tempat nu balawiri ku jalmi, sareng teu aya tempat calikna,” tembal kuring. Ngatur strategi kitu teh ngarah aman, di mana panggih jeung nu wawuh, moal katara teuing kuring keur kopi darat.
“Bakal cangkeul teu aya tempat calik mah atuh, sareng teu romantis deuih, kawas jangjian murangkalih ABG wae,” cenah.
“Eta mah pan kopdar ngawitan, pemanasan heula bilih reuwas, aya bahan bakal aya nu pingsan di antara urang teh atuh disakalikeun di tempat nu buni mah,” jawab kuring, nyobaan bari heureuy.
“Sok, di mana atuh?”
“Ok, kumaha upami di Gramedia pusat payuneun BIP?” Cekeng.
“Siap Boss,” cenah.
Disanggupan kopi darat komo, omonganana beuki wani, kecap sono jeung bogoh teh mani diobral, dimumurah. Jeung ayeuna mah unggal poe kituna teh, da ngahaja ku kuringna dibere hate. Unggal poe deuih kabeh obrolan duaan ku kuring dikana disketkeun sarta mimiti ditungtut dijieun carita. Niat teh rek nyieun carita perkara tragedi rumah tangga, meungpeung keur usum. Kuring nyiptakeun tokoh dina carita nu keur digarap teh aya nu karakterna persis pisan karakter manehna, romantis, beuki ngarayu, tapi leutik burih. Nyaho manehna leutik burih teh eta we geuning teu wani masang pic-pic acan dina folderna. Basa kuring muka profil manehna, kosong, data dirina teu dieusian jeung teu dipotoan.
Perkara teu hayangeun publikasi ngeunaan profilna ka balarea dina internet, ku kuring sok diheureuyan, “Licik atuh, di dinya mah tos terang geulisna abdi, tong nyumput wae yeuh.” Enteng we ngajawabna teh, “Ah, wios,” cenah.
Upama ngimeutan deui caritaan manehna lamun keur gunem catur jeung kuring, anu ngahaja di-save dina disket sarta sok dibaca deui di imah, kacirina manehna mah daria niat nyieun “hubungan husus” jeung kuring teh. Sakapeung mah teuing kaceplosan teuing dihaja sok ngaleok kana cacarita ngeunaan riwayat hirupna. Cenah manehna kacida midangdamna kanyaah indung, lantaran ti umur opat taun geus ditinggalkeun maot ku indung tegesna.
“Mamanawian, saparantos wanoh teras caket sareng salira jiwa sim kuring tiasa tengtrem,” cenah. Hayang seuri. Mun bener teh eta omonganana kaluar tina hate manehna nu pangjero-jerona, aneh pisan, naha bet ditujulkeun ka diri kuring anu umurna leuwih kolot ti manehna tur geus boga salaki? Kawas nu euweuh deui awewe. Atawa memang ka unggal awewe sok kituna teh? Bisa wae!
Tuluy kumaha lamun memang enya manehna boga niat serius nyieun hubungan husus tea jeung kuring? Kapan kuring mah ngan saukur eksperimen hayang deukeut jeung manehna teh? Naha kuringna geus siap nyanghareupan masalah anyar nu bakal muncul balukar tina eta eksperimen kuring teh?Tapi….Ah, asa piraku manehna katarik enyaan (lain saheureuyeun) ku ibu-ibu model kuring onaman. Mun enya teh kitu, mani nekad, jeung salah saha? Kurang kumaha bruk-brakna pan kuring terus terang ngeunaan status diri teh.
Piisukaneun panggih, manehna menta nomer HP kuring. Teu ngoretkeun. Mun seug manehna lain jelema bener sarta boga niat neror ngaliwatan handphone misalna, kari ganti we nomer HP kuringna, gampang eta mah.
Peutingna teu puguh pipikiran, rada hese sare, ngabayangkeun adegan anu bakal dilakonan isukan ku kuring dina nyanghareupan manehna. Rada reugreug teh ras inget yen umur manehna sahandapeun, piraku kolot eleh ku budak! Untung salaki keur riweuheun ku pagawean ti beurangna, jadi tas solat isa teh manehna mah sok dug sek dug-sek wae bari kerek, parat tepi ka subuh nyegrekna teh. Jigana teu apaleun pamajikanana keur marudah mah.
Isukna, di Gramedia. Tengah poe, keur meujeuhna balawiri ku jelema. Jalma-jalma rajeg ngariung counter-counter buku, ngarogrog buku-buku wedalan anyar jeung buku-buku best seller. Kuring milih tempat anu kira-kira rada sepi, di lante tilu, tempat buku-buku sastra. Bari nungguan Rumiqais tea pangangguran mukaan novel tarjamahan, tapi da pikiran mah kumalayang, lain konsentrasi kana novel nu keur dicekel.
Keur kitu aya sms kana HP kuring, unina, “ Lokasi salira aya di mana?” Gancang ku kuring dijawab “Di lante tilu.” Geus kitu mah pikiran teh museur ka nu rek nepungan, panon rurat-reret ka sakurilingna. Unggal lalaki nu jebulna ti handap dipencrong salila-lila. Ah, naha bet ngadak-ngadak jadi geumpeur kieu ieu teh? Pikeun nenangkeun hate, nangtung teh pindah ka deukeut buku-buku komik produk Jepang. Moal rurat-reret deui, sabab ku kitu teh geuning kalah beuki teu puguh rarasaan.
“Mani anteng,” ceuk lalaki nu nangtung gigireun. Hate Ngarenjag asa digebah, ari direret teh horeng Si Ade, pagawe warnet Monterey tea.
“Ih, Si Ade, sugan teh saha,” kuring aya reuwas aya atoh, atoh asa aya batur keueung.
“Milari buku naon, De?” Tanya kuring.
Manehna teu ngajawab anggur malik nanya, “Ngantosan saha Teh?” Ditanya kitu ku manehna teu burung beureum beungeut teh, sabab geus kapanggih modal yen kuring keur aya jangji.
“Ngantosan rerencangan,” cekeng.
“Rerencangan atanapi….rerencangan?” Cenah deui.
Ih ieu mah budak, angger ari geus ngaheureuyan teh. Tapi… kalawan teu nyangka ti tadina manehna ujug-ujug ngasongkeun kadua leungeunna.
“Teh…nepangkeun, abdi Rumiqais tea,” ceuk Si Ade keneh, kapireng sorana rada ngageter, panonna mencrong seukeut kana panon kuring.
Ngadenge manehna ngakukeun Rumiqais, ngarenjag deui wae hate teh….dipikir-pikir, bisa jadi nu ngaran Rumiqais salila ieu teh memang manehna. Heueuh, bisa jadi!
Sabot kuring ngahuleng, pok deui manehna ngomong. “Teu percanten?” Tuluy leungeunna anu tadi basa ngajak sasalaman teu kungsi ditampanan ku kuring, ngebrehkeun nomer HP kuring dina ponselna. Kawasna bener manehna nu jadi Rumiqais teh, da rarasaan mah salila ieu kuring asa can kungsi mere nomer handphone ka Si Ade. Dijurung ku rasa hayang ngayakinkeun pangakuanana, kuring ngontak nomer HP Rumiqais, enya we bener, tetela nyambung kana handphone Si Ade.
Pikasebeleun!….Kumaha atuh ari geus kieu?….Nyel keuheul. Nya keuheul nya era. Keuheul asa keur diheureuyan ku budak olol leho, era sabab geus meleg-meleg katipu ku batur sakulah- sakolih di warnet.
“Tong ngaheureuyan ka kolot teh, De! Naon maksudna make jeung nyamar jadi Rumiqais sagala?” Manehna ku kuring disentak. Antukna mah kaambek kuring teh budal oge, teu katahan. Untung counter buku palebah kuring jeung manehna mah sepi. Aya tilu urang nu keur aranteng maraca buku bari nangtung, kitu ge jarakna rada anggang ti dieu.
“Teu nuju heureuy abdi mah, serius. Maksad teh…hoyong malapah gedang, da ari togmol mah sieun ditampik sapajodogan, manawi ayeuna mah tetehna parantos leah manah. Katingalna mah kitu upami nuju ngobrol di cyber mah geuning.” cenah. Nenjo teuteupna nu seukeut kawas kitu, sidik pisan manehna lain keur heureuy.
Duh! Keuheul pisan! Komo barang ras inget kana carita nu keur ditulis mah, gagal rencana teh. Lamun dina kanyataanana tungtungna kieu, carita nu keur dihanca ditulis ku kuring teh loyogna kana carita wanda naon atuh? Wanda carita tragedi atawa komedi?
“Lamun memang nu namina Rumiqais teh tetela abdi jalmina, Teteh bade kumaha?” Nanya kituna teh bari leuleuy. Sorot panonna anu seukeut teh ngaliuhan.
“Teu kukumaha!!….Ngan nu jelas di dieu geus dirugikeun ku di dinya, nya rugi waktu, biaya, tanaga, oge pikiran!” Sora teh can bisa ngalaunan.
“Naon maksudna kikieuan teh?” Tanya kuring deui.
“Teh….maksud abdi mah serius, sumpah Teh. Naha teu kenging abdi ngiring mikadeudeuh mikaasih salira? Kena-kena abdi teh jalmi anu kieu kaayaanana.” Nada nyaritana semu ngalengis. Tapi hate kuring geus kagok keuheul, teu kaupahan ku nu lumengis. Komo ngadenge kekecapanana saperti kitu mah, asa keur ngadengekeun sandiwara Sunda dina radio. Ti mimiti poe ieu rasa respek kuring ka manehna, manehna salaku Si Ade jeung manehna salaku Rumiqais langsung ancur burakrakan. Cacak mun terus terang ti mimiti mah, meureun kuring ge bakal ngama’lum kana perasaan manehna teh. Moal asa ditipu.
“Nyaho teu De, naon balukar tina heureuy nu teu lucu teh? Karugian anu kudu dibayar mahal,” cekeng, karasa ayeuna mah ambekan teh rada ngahegak.
“Sabaraha mahal teh?” Manehna kawas nu nangtang, nambah-nambah kaambek kuring.
“Kieu we ayeuna mah, tadina ge pan urang teh teu wawuh, kumaha lamun balik deui we ka mimiti, urang memang teu kungsi wawuh!” Ceuk kuring. Tah eta nu disebut kudu dibayar mahal teh, mun hayang nyaho mah! Geus bisa ngedalkeun eta kalimah mah rarasaan asa rada longsong dada teh, teu sesek teuing cara samemehna. Kareret riukna semu nu reuwas, tapi tuluy nyambung caritaan kuring nu bieu.
Pokna teh, “Sabab Teteh handeueul pan, kuciwa pan, pedah nu namina Rumiqais teh tetela abdi, jalmi malarat, teu aya kagaduh, bodo, padamelan ukur nungguan warnet, estuning taya araheunana, taya pupurieunana?!” Sanggeus beres nyarita kitu, leos manehna indit, ngagidig muru tangga nu nyambungkeun lante tilu jeung lante dua.
Kuring bengong, ku nanahaon ari Si Ade? Lain ngalindur mah manehna teh? Naon maksudna make jeung nyamar jadi lalaki nu ngaranna Rumiqais sagala atuh? Duh!! Jadi hayang ceurik, nyeri hate…bet bisa atuh kuring teh katipu ku bolon pantar manehna.
Balik teh ngalenghoy, mapay-mapay trotoar anu hareurin ku padagang kakilima jeung ku jelema nu balawiri. Hate mentegeg lain meumeueusan, da puguh keur kaancikan ku rasa anu campuraduk antara era jeung keuheul. Era asa keur diheureuykeun ku acara reality show dina televisi.
Tapi lila-lila mah teu burung leler kakeuheul teh, kawasna kabrangbrangkeun ku tetenjoan, da teu karasa lalampahan teh geuning geus nepi ka hiji tempat nu hegar ku kekembangan sarta liuh ku tatangkalan. Angin ngahiliwir kawas nu ngahaja ngageberan hate nu keur bayeungyang. Malah tungtungna mah make jeung rus-ras hate teh, timbul rasa karunya ka Si Ade. Naha kuring teh bet ambek ku sakitu? Kapan manehna mah sakitu bageurna ka kuring teh! Salila wawuh sarta tuluy dalit, asa can kungsi manehna nyieun codeka atawa kungsi ngambek kawas ambekna kuring cikeneh ka manehna. Mun kuring nyieun kasalahan sabada dipapatahan ngeunaan internet jeung unak-anikna, manehna teu weleh nyebut, ”Wios Teh, ku abdi urang lereskeun.” Mun kuring rek balik, manehna sok kawas nu melang, tara poho ngawanti-wanti, ”Teteh kade di jalan, enggal uih tong sumpang-simpang heula!”
Atuh mun seug enya manehna teh Rumiqais anu aya pikir kadua leutik ka kuring sarta kuringna mah teu naon-naon, kudu gede hampura, da bongan kuring geus pangangguran ngalayanan manehna, sarta asa teu kudu kitu cara nampikna. Da manehna ge kawasna bakal ngarti, bakal narima alesan pangna kuring nampik manehna, lamun babasaan kuringna sawajarna teu neurag kawas tadi mah. Jeung deuih mun dilenyepan mah ieu kajadian, puguh kuring nu sidik rek nipu manehna teh, ti awalna ge niat kuring mah kapan manehna teh rek dijadikeun obyek eksperimen wungkul. Mun arek ge manehna nu kudu ngambek ka kuring, lain sabalikna.
Harita keneh, dina angkot jurusan Setatsion-Cimahi, manehna ku kuring ditelepon kana HP-na.
“Hallo!!” Ceuk sora teugeug ti peuntas ditu.
“De, hampura Teteh, tadi teh Teteh emosi,” ceuk kuring
“Jeung saha ieu?” Teugeug keneh, sidik sora manehna.
“Ih, Ade meni kitu!”
“Punten, salah sambung!” Cenah, angger teugeug. Geus kitu mah kuring teu bisa nyarita nanaon deui, sabab kadenge HP-na langsung dipareuman.
Aya nu nurihan hate, peurih,…peurih pisan. Ayeuna kakara sadar, tetela kuring teh leungiteun pisan ku manehna. Duka iraha bakal manggih deui sobat nu bageurna kawas manehna, teuing di mana bakal meunang deui batur chatting nu romantisna persis Rumiqais. Enya, moal, moal manggih deui kawasna mah…..***

Si Akang

Filed under: Prosa

Ieu kembang haturan Akang....!

(Dimuat dina Mangle no.1987, 21-27 Oktober 2004)

Aya ondangan reuni. Moal didatangan. Lain embung gaul, lain teu hayang silaturahmi jeung babaturan keur di SMA, tapi hoream nyanghareupan pertanyaan-pertanyaan kliseu anu pasti bakal kalaluar tina biwir maranehna, saperti: “Meunangkeun urang mana?”, “Geus boga sabarahiji bati teh?” Lamun dijawab sajujurna yen kuring nepi ka danget ieu masih keneh nyorangan, pasti bakal naranya deui bari nganaha-naha. “Kutan can kawin?”, Naha bet bisa kitu?”, “lain lelesaheun mah?”, “Tong pipilih teuing atuh!”
Enya, ku naon atuh nya? Da usaha mah enggeus. Diamprok-amprok ku babaturan mindeng, tapi hese rek copna. Aya kuringna daek, susuganan surup jeung lelembutan, ituna teu mere respon deui sabada panggih teh. Atawa, ituna kaciri aya minat, kuringna teu purun lantaran sipatna teu parok jeung hate. Tapi disebut pipilih mah teu rumasa. Nu penting mah bageur jeung bener pijodoeun teh. Atuh leuwihna ti eta hayang anu gede tanggung jawabna ka kulawarga. Sakitu, teu hayang nu muluk-muluk.
Bulan hareup umur kuring panceg 38 taun. Meujeuhna boga anak tilu. Babaturan Saumur ge loba nu geus nyakolakeun anak-anakna ka SMP. Ah, ari nyabit-nyabit masalah anak teh deuih sok beuki lalewang jeung nalangsa hate teh. Aya nu nyebutkeun yen anak teh investasi, jaminan atawa bekel hirup urang jaga lamun urang geus kolot. Upama masih keneh kieu wae, heug kuring diparengkeun panjang umur, saha atuh anu bakal bela, saha anu bakal ngaulaan jaga lamun kuring geus nini-nini, lamun geus tokroh-tokroh? Reuay eta oge alo mah, boh alo teges boh alo ti gigir. Tapi da beda atuh. Tangtu bakal leuwih sugema ngurus anak beunang ngaborojolkeun sorangan.
Ceuk sobat kuring tea mah mending keneh kawas ayeuna cenah, bebas, rek kitu rek kieu ge moal aya nu nyarek, bisa ulin samemena. Enya upama ngingetkeun ka dinya mah. Ah, da geus seubeuh atuh ulin mah. Geus teu usum ubar-aber keur awewe pantar kuring mah. Geus waktuna mikiran hirup pikahareupeun. Aeh sobat? Sobat kuring nu mana? Da ti bareto ge kuring mah tara boga sobat medok. Kabeh ukur dianggap babaturan biasa. Tapi ka nu ieu mah make jeung hayang misobat sagala. Padahal kapan ari nu disebut sobat mah kudu geus amprok, geus jonghok, mindeng panggih, mindeng silih anjangan. Ieu mah can kungsi papanggih sakali-kali acan. Pedah mindeng teteleponan, der weh manehna ku kuring disebut sobat. Urang sebut sobat we saheulaanan.
Wawuh jeung manehna via telepon teh geus aya kana opat bulanna, tapi identitas ngeunaan dirina can pati jelas, hese ngorekna. Ngakukeunana mah urang Cigondewah. Umur opat puluhan, duda tapi teu kungsi boga anak cenah. Cicing jeung kolotna. Pagawean sapopoe ngabantuan bapana dagang kaen geblogan. Kalan-kalan cenah lamun keur kesel sok rajeun nyalurkeun hobby-na ngalukis.
Eta mah lamun geus ngobrol dina telepon jeung manehna sok poho di waktu jeung sok poho kana rupa-rupa masalah. Asa kahibur hate teh, asa aya batur pakumaha.
Mimiti wawuh teh basa manehna rek nelepon babaturanana, ari pek salah sambung, kalah nyambung ka nomer telepon kuring. Ari ceuk pikiran kuring harita, naon salahna ngalayanan jelema nu hayang wawuh, asal lain jelema jahat we! Kacirina mah bageur. Eta we dina nyaritana teu weleh sopan, jajauheun kana borongongong. Ka dieunakeun kuring sok wani menta bongbolongan perkara naon wae, ti mimiti masalah di tempat gawe nepi ka masalah nu pangurgenna, saperti status kuring ayeuna. Ka jelema saliwat ieuh cekeng, moal era. Nyahoeun ge henteu kana beungeut kuring teh.
Ayeuna oge keur ngadagoan telepon ti manehna. Da wayah kieu biasana oge “nganjangna” teh. Sajeroning ngadagoan telepon ngirining teh….naha ieu hate bet deg-degan wae? Jeung ayeuna mah asa rada remen ngalaman hal sarupa kieu teh. Peuting ieu ge ngadak-ngadak samar polah. Make jeung hariwang deuih, moal kitu pohoeun yen jam sakieu teh acara maneuh manehna ngajak ngobrol kuring? Geus diuk, geus nangtung, geus mukaan majalah can aya wae bel ti manehna teh. Tuluy telepon luhureun bupet teh dipencrong, angger jempling teu ngirining. Ih, naha kuring teh bet jadi kieu, bet jadi mindeng katerap sindrom telepon? Kalakuan teh bet balik deui ka jaman keur baleg tampele?
Kaduhung teu nanyakeun nomer telepon manehna. Tapi dipikir deui, lamun kuring apal nomerna sieun merengseng hayang nelepon ti heula. Asa kurang hade kuring nu ngamimitian mah. Era atuh. Kalah kumaha ge kuring teh awewe. Jaga imej, bisi manehna teu resepeun ka awewe anu agresif. Na atuh ari ngirining ari plong teh hate ngemplong.
“Assalamualaikum, “ pok teh bari hate mah tagiwur.
“Waalaikumsalam,” sora ti peuntas ditu, sora nu geus teu bireuk deui, sora nu ahir-ahir ieu teu weleh dedengeeun.
“Damel naon, Yi?…Nuju sibuk nya?” Tanya manehna.
“Ah, henteu, euh…ieu nuju maca,” jawab kuring, sora teh karasa asa ngageter.
“Ku naon, nuju teu raraos?”
“Henteu, ari kitu?” Ngahaja kuring malik nanya, ngarah bisa ngumpulkeun heula pangacian.
“Eta soantenna sapertos nu beurat,” cenah.
“Puguh nuju flu,” cekeng tamba era.
“Tos nuang landong?”
“Atos ku Ultraflu, tapi teu aya karaosna.”
“Da sanes ku nu kitu landong flu mah.”
“Kedah ku naon atuh? Ku susu? Ku bungbuahan?” Tanya kuring.
“Sanes, kedah dikeukeupan geura, pasti langsung damang!”
“Ih!” Kuring ukur wasa nyebut kitu, tapi mun kabeneran nangtungna hareupeun eunteung mah, beungeut teh pasti kaciri beureumna.
Saterusna saperti biasa obrolan teh sok ngaler ngidul. Ku nyambung wae deuih. Diajak ngobrol masalah mahalna pendidikan di Indonesia anu karereaanana teu kahontal ku rayat leutik, manehna mairan kalawan daria. Cenah hal ieu teh salah kolot-kolotna murid nu baleunghar. Sakitu sakieu ge ditarebak wae, bari can tangtu metodeu atikanana cocog keur anak-anakna. Ari lembaga atikan mah da puguh usaha ngaranna ge.
Diajak ngobrol masalah sastra komo hese ngeureunkeunana. Manehna kataji ku karya-karya Umar Kayam. Derekdek ngaguar kapunjulan carpon jeung novel Kayam. Ngeunaan istilah sastra daerah, manehna teu panuju lamun karya-karya sastra tiap seler bangsa disebut sastra daerah. Cenah eta istilah teh asa leuwih pas mun diganti ku sastra Sunda, sastra Jawa, sastra Bali, jeung sajabana, ngarah taya kesan nganggap handap kana kana ajen-ajen sastra unggal seler bangsa.
Ngobrol sajam teh asa sakiceup, nyaho-nyaho suku geus karasa cangkeul da narima telepon teh bari nangtung, tara kaburu metot korsi-korsi acan. Dina tungtung obrolan tara poho manehna sok mapatahan, “Teu kenging seueur emutan, geura kulem sing tibra,” cenah.
Angger, unggal tas narima telepon ti manehna teh sok hese sare. Ngaherang salila-lila. Ngabayang-bayang deui obrolan kuring jeung manehna cikeneh, taya nu kaliwat.
Aya nu matak heran, salila jadi batur ngobrol, manehna kawas nu teu panasaran kana kaayaan kuring nu sabenerna. Padahal kalolobaanana lalaki mah sok gereges gedebug. Pangalaman nu enggeus-enggeus, basa ku babaturan diamprokkeun jeung lalaki nu memang ngahaja rek diamprokkeun, maranehna sok neugtreug, sok hayang gancang panggih. Ari ieu mah kalah kuringna nu panasaran. Dicipta-cipta, sora anu leuleuy jeung agem kieu mah pantesna ge jelemana teh hideung santen, dedegan teu jangkung teu pendek, teu gendut teu begang.
Kungsi eta oge ku kuring dijalanan sangkan manehna ngajak panggih ti heula.
Cekeng teh, “Teu kabayang lamun urang diparengkeun paamprok jonghok, bakal sami kitu uplekna sareng upami ngobrol dina telepon?”
Jawabna teh, “Teu acan waktosna, Yi!” Cenah. “Akangna teu acan siap pendak, bilih Ayi reuwas.”
Lah make kudu pesiapan sagala. Kapan ngaranna ge babaturan. Ari kangaranan babaturan mah rek cop rek henteu euweuh istilah ngejat. Atuh lamun memang kuring teh selera manehna, kari jadikeun sobat. Henteu mah nya jadikeun babaturan biasa bae atuh.
Atawa…meureun mana kitu ge manehna boga anggapan yen kuring teh leuwih ti ngan saukur batur ngobrol? Nganggap kuring hiji wanoja nu istimewa? Lamun enya teh kitu, bagja temenan. Kawas rek cocog hate teh ka nu ieu mah. Beda keretegna. Cacak can nyaho jirimna kieu teh, komo mun geus tepung meureun. Tapi…kumaha lamun manehna nu ti heula kuciwa pedah jirim kuring sulaya tina implenganana? Ah, pasrah we kuring mah. Ceuk tadi ge cop wae tuluykeun, henteu mah kari kumaha engke, paling oge aya salasaurang nu nyeri hate, eta mah wayahna, tamaha bongan sorangan bet hayang wawanohan. Ngan jujur we, kuring satengah kapengpeongan ku manehna teh. Pikiran teh cos deui cos deui ka nu can puguh rupana, belaan ngabayang-bayang beungeutna ge dipaparah. Ayeuna mah taya waktu keur mikiran nu sejen. Hese dibangbalerkeunana. Bisa jadi manehna oge sarua. Da sakapeung mah sok betus yen manehna ge sok inget wae ka kuring cenah, sarta keukeuh jangji rek mikanyaah. Ngan tara dianggap, sieun bohong. Boa ukur heureuy atawa hayang ngabubungah kuring wungkul.
“Wengi kamari mah ngimpen sasarengan, mani asa enya,” ceuk manehna dina hiji waktu.
“Sasarengan sareng saha?”
“Muhun sareng Ayi, ngan Ayina teu kersa nyarios, jamedud we salami-lami.”
“Jamedud teh bakat ku kesel, ku naon bet alim nembongan?” Kuring asa manggih jalan pikeun ngajak panggih.
“Aya kasieun Akang teh, sieun Ayina hiber.”
“Muhun da abdi teh japati. Tangtos hiber ari disampeurkeun ku ucing garong mah. Ari teu rumaos ucing garong mah teu kedah sieun.” Dikitukeun teh manehna kalah ngagikgik seuri.
“Nya ari keukeuh-keukeuh teuing mah hayu atuh . Bilih gering nangtung ngalanglayung ngemutan Akang, Si Ucing Borangan,” tembalna.
Ahirna sapuk rek patepung layung. Tatarucingan anu salila ieu teu weleh ngaganggu pipikiran bakal lekasan. Implengan mah geus miheulaan, ngareka carita lamun tea mah enya kuring laksana babarengan jeung Si Akang. Pasti bakal karasa warna-warnina dunya teh, teu monoton kawas ayeuna. Mun diparengkeun tea mah ngajodo, bakal sarua jeung batur boga lalakonkeuneun di pagawean, nyaritakeun paripolah salaki jeung anak boh nu pikakeuheuleunana boh nu pikayungyuneunana. Moal bengong teuing kawas samemehna. Ayeuna mah bakal aya nu nganteur balanja, aya nu nganteur ka salon, jeung aya nu marengan ka ondangan.
Poe Minggu bakal aya nu ngabaturan lumpat isuk-isuk. Sugan daekeun manehna rek diajak nanjak ka Ciuyah tuluy ka Barukai nepi ka ngoprot kesang, saterusna ngadon reureuh heula di tukang surabi. Poe Rebo sore rek menta dianteur senam. Bari nungguan kuring, bisi keseleun manehna bisa nepak heula jeung bapa-bapa nu sok biasa narepak di lapang badminton jero aula gigireun sanggar senam.
Jangjian panggih teh poe Minggu, di hareupeun rumah sakit Asadyra. Sisi jalan cenah ngarah gampang neangna. Heug cekeng.
Teu betus ka sasaha. Era. Batur mah geus nepi ka marana mah lalampahan ngambah rumah tangga teh, kuring mah kakara rek pendekatan. Teu loba persiapan. Dangdan ge teu beda ti mun rek indit gawe. Ngan rada riweuh teh ngarancang obrolan. Dina adegan panggih munggaran kudu ngomong naon? Satuluyna sanggeus suasana leyur sikep teh kudu kumaha jeung kudu nyarita naon deui? Ah, bagean itu barina ge nyieun skenariona mah, make kudu pusing.
Pikeun negeskeun yen nu datang teh manehna, cenah cirina make carry hideung. Ari kuring cirina make calana jins panjang, ka luhurna make kaos wol tangan panjang pulas beureum ati, sapatu jeung tasna warna hideung.
Kuring ngajengjen sisi jalan, kawas nu keur megat angkot, nyidikkeun unggal carry hideung nu pareng ngaliwat ka hareupeun.
Geus sapuluh menit nu didagoan teh can embol-embol. Nyeri beuheung sosonggeteun teh ayeuna mah lain ukur dina babasan. Ngadak-ngadak poe ieu mah mani ngabring deuih carry hideung teh, jol lain jol lain. …Geus liwat lima belas menit can aya keneh mobil nu eureun hareupeun. Enyaan nyiksa Si Akang mah.
Ti Beulah kulon katembong aya carry hideung deui, beda ti nu sejen majuna teu teu nyemprung ieu mah. Beuki deukeut beuki laun. Tah meureun ieu nu keur kacida diarep-arep teh. Kuring neger-neger maneh. Reg eureun hareupeun pisan. Bray kaca mobil hareup dibuka ku nu nyetirna. Breh manehna, manggut bari imut. Seblak! Karasa jeroeun dada aya nu nyeblak. Gusti…ieu kitu Si Akang teh?
Sanggeus maehan mesin mobil tuluy manehna turun. Alhamdulillah, teu mencog tina sangkaan, hideung santen, dedeganana teu pendek teu jangkung, teu begang teu lintuh, meujeuhna tea. Buukna kawas nu anyar dicukur, disisir rapih dikatukangkeun. Bajuna kameja tangan panjang bodas nyacas, calana panjang biru dongker, ngajiripit tapak istrika. Tapi…teu tuluy nyampeurkeun kuring, kalah koreleng muru panto mobil nu tengah.
Kuring masih keneh ngajengjen. Bingung kudu kumaha ngamimitianana. Si Akang keur ngusey ngabantuan nu turun tina jok tengah. Dina kaayaan hate nu geus teu sabar hayang geura ngobrol, Si Akang nyampeurkeun bari ngadorong korsi roda nu didiukan ku lalaki pantar manehna.
“Damang Yi?” Ceuk nu diuk dina korsi roda bari ngasongkeun leungeun katuhu, ngajak sasalaman. Ngagebegna hate geus teu kudu dicaritakeun deui. Horeng Si Akang mah nu ieu nu diuk dina korsi roda. Bari imut kapaksa kuring nampanan leungeunna.
“Reuwas nya Yi?…Tapi tos pendak mah pan moal panasaran!” Ceuk manehna deui bari ngajak seuri. Aduh eta sora, sora nu teu weleh napel dina ceuli kuring, sora nu geus ngabalukarkeun kuring jadi boga kasakit insomnia. Tapi……..
Deudeuh teuing, anjeun anu teu weleh ngabeberah lamun kuring keur susah, anjeun anu dina sela-sela obrolan na telepon kungsi jangji baris mikanyaah, horeng tanpadaksa, teu bisa leumpang. Hate ngarakacak sedih nenjo kaayaan kieu mah. Mani hayang nging we ceurik saseubeuhna, ulah nyesakeun eueuriheun.
Ditilik-tilik teh euweuh tagog Bandar kaen. Asa leuwih pantes disebut seniman. Pangawakanana rada begang. Make pakean sahinasna, kameja cele tangan panjang warnana dominan beureum, calana panjangna jins belel, disapatu sendal. Buuk sataktak dibuntut kuda. Kumis rogok teu kaurus. Sakareretan mah beungeutna asa rek mirip Acil Bimbo.
“Implengan Akang teu nyalahan. Ayi teh persis pisan sareng anu sok kaimpenkeun,” ceuk manehna deui bari neuteup seukeut.
Kuring angger ngajengjen, angger imut kapaksa. Anu biasana sok galecok jeung wani sempal guyon ari ngobrol dina telepon teh ayeuna mah teu beda ti arca, kasima.
“Nepangkeun, ieu Asep supir Akang,” cenah. Ku kuring direret sakeudeung, nu disebut Asep ukur seuri.
“Teu sae ngobrol di jalan, urang di lebet yu!” Manehna ngajak asup kana mobil.
Geuleuyeung nu diuk dina korsi roda teh didorong deui ku supirna, kalawan hese beleke diunggahkeun kana mobil. Kuring nuturkeun, suku nurut we basa diajak unggah teh. Gek dina jok tengah gigireun manehna. Kareret korsi roda ngabagug di tukang.
Geleser mobil maju ka wetankeun. Basa ramo leungeun kenca Si Akang nyekel ramo leungeun katuhu kuring, pageuh pisan, kuring ngagebeg deui wae. Tapi…rek dikepeskeun teh teu tega…asa karunya. Ku loba teu nyangkana kajadian poe ieu mah.
“Mangga atuh bade teras ka mana? Akang mah ngiringan,” manehna ngaharewos kana ceuli.
Kuring tungkul, teu wasa nembalan…balukar kareureuwasan.***

(This short story special for you, Fz. I hope you like it, and what your opinion about it? I need your comment please!)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer