Antara Kuring, Manehna, jeung Anjeun
Asa dina ngimpi puguh ge, kuring bisa laksana deui babarengan jeung manehna. Bisa ngararasakeun deui kumaha ni’matna pangrungrumna anu geus lawas ngan ukur semet diwawaas. Manehna anu kungsi ngaleungit tina hirup kuring, kiwari kapimilik deui. Perkara teu kapimilik sagemblengna, kudu ngawayahnakeun maneh, meureun geus kitu kuduna. Ngan anu aneh teh jalan hirup kuring teu eureun-eureun kudu urusan wae jeung anjeun, pamajikanana, nu ti bareto teu weleh jadi saingan kuring.
Inget keneh meureun anjeun ge, basa kuring geus tunangan jeung manehna, anjeun teu weleh ngagoda nepi ka hasilna ngajauhkeun kuring tina hatena. Mustahil lamun anjeun teu inget. Bohong lamun anjeun nyebut poho deui kana hal eta. Tapi tetela anjeun mah teu rumasa geus nganyerikeun hate kuring, da ti dinya teh keukeuh we nganggap yen kuring teh sobat medok anjeun, sobat anu mindeng ditepungan dianjangan lamun pareng anjeun keur purun.
Ayeuna kuring lain rek naur, lain rek males kanyeri ka anjeun, tapi saha jelemana anu bisa neguh tur mengkolkeun jalan hirup manusa? Bongan anjeun sok mindeng ngajak manehna lamun hayang panggih jeung kuring. Anu hartina sacara teu sadar mere jalan ka kuring jeung manehna, salaki anjeun tea, ngamangpaatkeun eta kasempetan pikeun ngahudangkeun, ngahurungkeun deui rasa anu salila tujuh taun dipendem dina pependeman hate sewang-sewangan. Nyaho-nyaho kuring teh geus milu kalibet kana urusan rumah tangga anjeun jeung manehna. Beuki lila beuki jauh….beuki jauh. Basa Lukman balaka niat mikanyaah cara baheula, kuring teu wasa baha, sabab duriat teh geuning kawas nu moal aya pegatna.
Anjeun tong nyeungseurikeun lamun ayeuna kuring tisuksuk tidungdung, usaha satekah polah mikat hate Lukman sangkan manehna teu ngolembar tuluy lumpat deui tina hirup kuring. Kapan anjeun ge bareto teu beda ti kitu meureun. Kawasna usaha kuring teh aya hasilna. Sikep salaki anjeun anu oge salaki kuring tea ka dieunakeun karasa asa leuwih romantis, perhatian jeung…bro-broan. Cenah ayeuna teh keur loba job, pigaweeun teh di kantorna torojol deui torojol deui nepi ka numpukna, keur loba lemburan, anu hartina piduiteun wungkul.
Tong nyalahkeun lamun kuring leuwih loba narima hasilna. Da eta mah kahayang manehna. Anjeun mah kapan geus taun-taun ngararasakeun kanyaahna teh, tangtu geus seubeuh diwowoy. Urang sakali sewang we, kahayang teh ayeuna lolobana bagean kuring, da kuring ge boga hak, sarua pamajikanana. Lamun kuring dibayuan jeung diimahan leuwih ti misti oge teu kudu sirik. Kapan kitu kuduna, adil tea kasebutna.
Ngan nepi ka danget ieu kuring can bisa ngaleungitkeun kabiasaan manehna, kabiasaan muji-muji anjeun hareupeun kuring pisan. Duka kudu kumaha cara ngaleungitkeunana. Ceuli teh sok panas parat kana hate lamun Lukman geus bebeakan muji anjeun teh.
“Agni, Tyas mah kaulem ngiring seminar masalah kecantikan di Jakarta, malah kapeto janten pemakalah cenah,” tah, geus mimiti ngawahan rek ngagulkeun anjeun. Dipapantes kituna teh bari beungeut manehna ngagambarkeun kareueus, anu keur kuring mah matak cua nenjona. Nu matak dina detik-detik ieu teu hayang teusing melong beungeutna. Nu matak deuih ku kuring teu diwaro, sieun kapapanjangan. Ari rek disalenggorkeun kana obrolan sejen, can manggih topikna.
“Geura ari uih teh sok rebo ku oleh-oleh. Abong istri mah di mana-mana nya resep shoping, resep nyeepkeun artos,” ceuk manehna deui. Aduh mani asa hareudang ieu teh. Ujug-ujug ngelekeb pisan hawa kamar teh, padahal jandela kamar duanana masih keneh maruka. Teu pupuguh awak teh jadi ngoprot ku kesang.
“Komo Agni mah hobby pisan kana shoping teh,” cenah bari ngarangkul awak kuring. Dina menit-menit ieu kuring aya dina tangkeupan manehna, tapi hate heheaban wae, teu leler ku dirangkul.
“Duka, ah!” Kuring ngagurinjal nonggongan. Sugan ku kitu manehna surti yen muji-muji pamajikanana hareupeun pamajikan nu hiji deui teh hiji hal anu kudu dipahing keur nu nyandung mah.
“Naha duka? Isin da rumaos nya?” Cenah.
“Teu nanaon ketang, meungpeung aya artosna. Sok wengi ieu aya kahoyong naon deui? Teu burung dijajap. Meungpeung Tyas nuju di Jakarta.” Nanya kituna teh bari ngarangkul deui, nangkeupna beuki pageuh wae. Ngadenge kitu mah hate teh ngurangan heheabanana, teu ngabebela teuing cara tadi. Puguh omongan nu bieu nu keur diarep-arep teh. Kapan ayeuna teh kuring keur meujeuhna butuh modal keur nyaingan kaistimewaan anjeun (maru kuring) tea, kaistimewaan anu sok mindeng dipake kareueus ku manehna. Sanajan niat nganteurna mah pasti ukur ngomong wungkul, tapi ari palebah rek ngabalanjaan mah sok enyaan, sok bari jeung brona manehna mah.
“Ari ditawisan balanja mah tangtos moal nolak, enjing nya bari sakantenan ka salon, tos lami teu di-facial,” tembal teh bari peureum, ngararasakeun capena hate. Cape? Enya cape, ti saprak dipihukum ku manehna cape hate kuring teh, sabab jadi loba kasieun. Sieun kanyaah manehna ngurangan alatan dengdek teuing ka anjeun, dina sagala hal sieun kaluhuran ku anjeun, oge sieun..anjeun ngadalak pangpangna mah.
Poe ieu samemeh manehna balik deui ka anjeun, creng ninggalan duit beureum puluhan lambar, bari sasadu teu bisa nganteur balanja, aya schedule penting anu kudu dilaksanakeun ayeuna pisan cenah. Bisa jadi eta mah alesan wungkul. Teu aneh, biasana ge sok sajorelat-sajorelat kilirna teh. Ayeuna ge bangun nu gura-giru pisan. Padahal kuring teh masih keneh sono. Piirahaeun teuing manehna daek indit babarengan, daek untar-anteur, sabab meureun ceuk pikirna kikituan mah atuh sarua we jeung nangtang picilakaeun.
Ku hayang hiji mangsa mah manehna nyayagikeun waktu sapoe we keur kuring, ngarah seubeuh jalan-jalan paduduaan, sakalian itung-itung uar-uar ka balarea, ka para kolegana yen kuring teh pamajikanana. Tangtu wae eta kahayang teh ukur aya dina wangwangan sorangan, pamohalan kalaksanakeun. Kapan ti mimiti pruk oge manehna geus ngawanti-wanti, yen kuring teh kudu parigel nyimpen rusiah, kudu bisa dibawa nyumput buni di nu caang, ulah wani-wani miheulaan nepungan manehna kalah kumaha perluna oge. Sama sakali teu meunang nelepon. Wayahna kudu ngadedempes nungguan manehna nelepon ti heula. Nya teu bisa majar kumaha, kapan kikieuan teh ngabelaan duriat nu teu pegat-pegat tea.
Perkara jadi langkana anjeun nganjang ka imah kuring, Tyas, keur kuring mah hiji kauntungan. Sabab ku kitu teh hate jadi tenang meueusan, teu sieun kanyahoan yen kuring geus hasil mikat deui Lukman nepi ka manehna tega ngabohongan anjeun. Dipikir-pikir mah kuring teh bet asa jadi buronan anjeun. Antukna mah baroraah ka bisa tenang geuning hate teh, kalah gegebegan mimindengna mah.
Gegebegan kawas poe ieu. Cenah ceuk anjeun bieu dina telepon, anjeun teh keur aya di Padalarang, balikna rek nyimpang heula ka dieu ka imah kuring, meungpeung imah kuring kaliwatan. Ih, make leukeun hayang nyimpang atuh. Estuning pangangguran pisan. Sidik kuring teh buronan.
Basa anjeun geus aya hareupeun, anjeun ngagabrug bangun nu sono naker. Tetela sikep anjeun mah teu robah, teu weleh someah darehdeh. Jelas diri kuring nu karasa loba robahna mah, asa jadi teu pararuguh rengkak paripolah teh. Sarwa salah. Ngadak-ngadak nyanghareupan anjeun teh asa nyanghareupan mahluk asing anu torojolna ti planet sejen.
“Naha Agni, asa jadi begang ayeuna mah?” Anjeun katempo semu nu heran. Kuring seuri maur. Heueuh rek teu begang kumaha atuh, da loba pikiran, loba pisan karempan.
“Matak ge tong egois atuh, geura leah hate teh, geura nangtukeun pilihan, tong sok tampikan, neangan mu kumaha deui sih?” Kawasna anjeun mah ngaheureuyan nanya kitu teh. Tapi karasana ku kuring mah asa keur diinterogasi ku pulisi.
Ras inget, anjeun kungsi ngamprokkeun kuring jeung lalaki sejen, niat ngajodokeun kuring ka babaturan anjeun. Kuring ge ngarti, kituna teh bakat ku nyaah ka nu jadi sobat, anjeun ngarasa karunya meureun pedah kuring nyorangan wae. Hanjakal eta lalaki nu ditepungkeun ku anjeun ka kuring teh teu nyeples Lukman, teu memper-memper acan.
“Kumaha barudak, Bayu jeung Sekar daramang?” Kuring geuwat mengkolkeun obrolan.
“Alhamdulillah, geus garede mah teu arogoan teuing, Teteh bisa rada bebas kaluar ti imah, teu dirondel teuing.”
“Nuhun we Ni, geuning mani beuki baretah wae di imah teh, ngan sakumaha garenah jeung peretekna oge, asa keukeuh we aya nu kurang,” ceuk anjeun deui. Ah, bosen kuring mah, unggal panggih teu weleh ngajak padungdengan masalah pentingna ngawangun rumah tangga. Ayeuna ge derekdek “ceramah” ngeunaan bab nikah. Anjeun nerangkeun yen nu ngaranna nikah teh sunah Nabi. Ceuk anjeun keneh rumah tangga teh penting pisan keur awewe mah, can ngarasa sugema hiji awewe lamun can ngarundaykeun turunan. Ah, pokona mah loba deui we argumen anjeun ngeunaan sakralna perkawinan teh. Kuring ngarespon ku heueuh-heueuh bueuk. Tyas, mun seug anjeun nyaho…, jeung awal ahir ge tangtu anjeun bakal nyaho.
Nepi ka amitan rek balik pasemon anjeun tetep marahmay, sabab teu apal kana lalakon hirup urang nu sabenerna. Malah anjeun keukeuh ninitah kuring ulin ka Dagojati, ka imah anjeun.
“Sakali-kali mah heug ngendong di ditu ngabaturan barudak, ngarah teu kesepian!” Kaciri daria pisan anjeun nyarita kitu teh, tapi karasana ku kuring mah teu beda ti nyungkun wungkul. ***
Hate teu weleh honcewang, sabab ka dieunakeun Lukman jadi langka datang, alesan kliseuna rariweuh ku pagawean. Cenah ceuk dina telepon, duit mah geus ditransfer kana rekening kuring. Ari masalah kilir geus dipakuat-pakaitkeun jeung masalah duit teh, kuring sok teu walakaya, teu bisa protes. Kalah kumaha ge ku duit butuh kuring teh, da pangala sorangan mah cukup keur dahar wungkul. Antukna sok mikir kieu, keun bae lah jarang dilongokan ge, geus untung manehna masih keneh inget ngirim duit ge, mangka jumlahna tara eutik-eutik keur ukuran kuring mah. Bati heheaban we hate teh lamun pareng pikiran keur ngalayang, ngabayangkeun sabatae seubeuhna anjeun dikeukeupan direngkolan ku manehna. ***
Teu ngiberan ti anggalna, poe ieu anjeun geus aya deui hareupeun. Teu burung reuwas, da puguh boga dosa tea kuring ka anjeun teh, Tyas. Ceuk anjeun ayeuna mah lain sanganjang-nganjangna, tapi aya picaritaeun anu penting. Geus teg we hate teh, moal salah deui, “ucing sumput” kuring jeung Lukman geus kaambeu ku anjeun. Geus tepi kana waktuna kuring kudu “serah bongkokan”. Taya deui jalan, iwal ti kudu pasrah, rek dibeureum rek dihideung, kuring ngarumasaken salah. Rencana teh rek ngabetem we, moal bela diri, moal nyarita nanaon sanajan ukur sakecap. Siap didakwa.
Ngan rada hemeng teh ti barang srog oge naha sikep anjeun euweuh sari-sari ceuceub ka kuring? Enya eta oge pamulu anjeun mah sidik keur alum, kawas nu keur ngemu kasedih jeung kabingung, teu bear cara basa panggih bulan tukang tea. Ngagabrugna angger ngagabrug sono, ngan ayeuna mah make dibarung ku ceurik sagala? Ih, kumaha ieu teh? Adegan dina lalakon nanahaon anu keur diperagakeun ku kuring jeung ku anjeun teh? Saha palaku protagonis saha nu jadi antagonisna? Da sakuduna mah kuring teh lain digabrug, tapi dijenggut!
“Tulungan Teteh, Agni!”” Cenah dina sela-sela inghakna.
“Aya naon?” Tembal teh. Karasa pisan jajantung teh degdeganana ngerepan.
“Lukman Agni, Lukman! Aya awewe sejen dina hirup Lukman teh, Ni!” Ceuk anjeun dareuda.
“Naha kanyahoanana kumaha?” Lahaola kuring nanya kitu.
“Tabunganana ledis, dipake naon deui lamun lain dipake beger?” Mani sok to the point anjeun mah ari geus nyaritakeun masalah pribadi anjeun teh, tara aya nu didingding kelir.
Kuring ngabetem, teu mere komentar nanaon, sedeng ieu jajantung degdeganana beuki ngageder.
“Bantuan atuh Ni, Teteh teh kudu kumaha?”
“Eta jinisna geus ditanya?” Tungtungna mah kuring jadi panasaran, hayang nyaho kumaha gekgekanana, nepi ka ampir-ampiran kaboker rusiah kuring jeung Lukman teh.
“Eta oge kungsi ditalengteng basa kapanggih saldo tabunganana kosong. Di kamanakeun cekeng duit teh, piraku nepi ka bebeakan kitu? Manehna kalah morongos. Cenah ge ieu mah urusan nu jadi salaki. Padahal samemehna mah sagala rupa urusan manehna geus pasti jadi urusan Teteh oge.”
Kuring beuki hemeng, tetela ana kitu mah anjeun can apal saha nu dimaksud awewe sejen teh, jeung naha bet teu boga sangkaan goreng sacongo buuk oge ka diri kuring? Percayaan teuing anjeun mah! Tapi, nenjo galagatna kitu mah bet jorojoy timbul deui kawani kuring teh, henteu ngompod cara tadi.
Hampura kuring, Tyas. Kuring lain tega ngahianat sobat anu geus nganggap kuring dulur pet ku hinis. Tapi, naha salah lamun kuring narima panglamar Lukman, salaki anjeun? Salah soteh ceuk anjeun jeung ceuk nu sejen anu sanasib jeung nu pro kana nasib anjeun. Kuring keukeuh nyekel pamadegan, yen diri kuring ge sarua boga hak nangtukeun jalan hirup sorangan, kaasup nangtukeun pilihan narima dipihukum ku manehna katut narima sagala konsekwensina.
Nyaksian kuring ngaheruk, anjeun nyarita deui, “Hampura Agni, teu pupuguh Teteh teh geus ngalibetkeun Agni kana masalah rumah tangga Teteh, tapi ka saha deui atuh Teteh kudu menta tulung?” Anjeun neuteup seukeut ka kuring bari rambisak. Aya ku aneh, diteuteup kawas kitu ku anjeun kuring teh ngadak-ngadak asa dituding. Nenjo sorot panon anjeun kawas kitu ngadak-ngadak kuring asa dinaha-naha, ahirna jadi rampang-reumpeung samar polah. Sanggeus kitu, kumaha pantesna kaayaan hate kuring dina danget ayeuna? Naha kagagas? Naha era sarta ngarasa dosa nepi ka kapaksa kudu balaka? Saupama tulus kaboker, naha kira-kirana bakal leah masrahkeun deui Lukman sagemblengna keur anjeun jeung anak-anak anjeun kalawan ditutumpangan jangji moal wani-wani ngahihileudan deui kulawarga anjeun? Hhh…kuring sorangan teu nyaho, sarta can kaburu nyieun kacindekan jeung kaputusan, sabab kagareuwahkeun ku sora telepon. Barang diangkat,…eces pisan kadenge sora Lukman ti peuntas ditu.
“Yang…kumaha damang?…Sono pisan Akang, teh Yang. Ayeuna ge nuju di jalan bade ka dinya. Masak naon dinten ieu? Sampakkeun Akang nya!” cenah. Ngadenge kitu teu burung hate ngageter, tapi eta sora nu haroshos teh teu ieuh ditembal,…bingung, kudu kumaha nembalanana? Sedengkeun kuring diuk teh pahareup-hareup pisan jeung anjeun. Anjeun keur moncongok pisan ka kuring.
“Yang…hallo…hallo…ieu Akang!”…Can ditembalan keneh, anggur ret panon teh ka anjeun anu keur murubutkeun cimata teu eureun-eureun.***
ILMAN
IZZAN