Ekspresi narsis-ku

January 20, 2006

Chatting

Filed under: Prosa

Netter na Netter

(Dimuat dina Mangle No. 2042, 24-30 N0vember 2005)

Target mah copelna sabulan sasiki kudu aya karangan nu ditulis ku kuring teh. Ngan orokaya dina palebah neangan gagasan atawa topikna nu rek ditulis, kacida hesena. Singhoreng ide teh kaasup mahluk linghas keur kuring mah, bakal babari katewak lamun nu newakna memang pawangna. Bangga geuning jadi pangarang teh. Bahan tuliseun teh kudu dikotektak wae, tara daekeun norojol datang sorangan. Tampolana kuring ngotektak sakadang inspirasi teh sok nepi ka katambias ka dunya maya sagala, ngadon chatting nurutan barudak rumaja.
Nya pangangguran tea mimitina mah. Ari sugan teh moal nyandu. Ahirna nepi kana stadium katagihan. Asa aya kabutuh batin anu can kacumponan teu chatting sapoe teh ari geus loba kawawuhan di cyber mah, sanajan sawareh mah lebeng teu kabayang-bayang acan beungeut batur ngobrol teh, teuing kawas kumaha jungkiringna. Puguh lebah dieu, palebah nu misteriusna resepna chatting teh, asa keur ngobrol jeung bangsa lelembut ti alam gaib. Komo mun nu keur padungdengan ngobrol teh masing-masing sarua teu masang pic (poto diri) dina folder-na atawa teu masang webcam (kamera). Ku lantaran nyumput buni di balik komputer, nyarita teh sakapeung mah bebas we saengabna, da jeung jalma saliwat ieuh, tur paroman urang ge pan sarua gaibna di nu kitu mah. Katambahan ku asa boga alesan neangan ide tuliseun tea, kuring sok ngahajakeun ngadon ngadu bako, heureuy, atawa sakapeung-kapeungeun diskusi di chatroom jeung nu sakaresep teh.
Mun pareng di kantor kuring jaringan internetna keur aya gangguan, sok belaan ka warnet. Malah tungtungna mah asa lugina keneh ngadon chatting di warnet, sabab bisa jongjon teu karewong ku babaturan nu hayang miluan chatting babarengan. Warnet Monterey di Cimahi mah nu tempatna pangeunaheunana teh. Sepi, matak harusu matak aranteng, teu loba bebenyit nu recok maraen game kawas di warnet Native. Ngan memang biaya ngarentalna rada mahal.
Ku mindeng-mindengna datang atawa larbek ka warnet Monterey, geus teu asa-asa deui jeung nu nungguanana ge. Mindeng kuring dibantuan malah nepi ka dipapatahanana lamun pareng manggih masalah teh. Bisa ngirim naskah ka media massa ngaliwatan e-mail ge lantaran dipapatahan ku manehna. Hiji waktu mah Si Ade, enya nu nungguan warnet tea ngomong kieu, “Sok atuh Teh diajar ku nyalira, ulah ngandelkeun abdi wae,” cenah.
“Eh, wanian ka kolot teh, make jeung protes sagala, pan langganan teh sami jeung raja kedah diladenan disugemakeun,” tembal kuring.
“Sanes ku nanaon bisi abdina nuju teu aya, bade dibantuan ku saha?”
“Naha sok ka mana kitu?”
“Sawaktos-waktos sok dipiwarang ka Jakarta ku dunungan. Sareng eta we mani tara muruhan ka abdi teh,” cenah bari seuri.
“Sok atuh hoyong naon?” Ditanya kitu mah manehna kalah seserengehan.
Tapi isukna teh nyampeurkeun deui nawarkeun jasa. Ngabejaan kumaha carana lamun hiji waktu urang hayang teu katingali online ku batur, atawa kumaha carana nga-ignore (ngablokir) id chatter (ngaran anu dipake ku nu chatting) anu teu dipikaresep ku urang, jeung sajabana. Eta geura mun geus mapatahan, teu beda ti instruktur ahli internet. Bisaan nerangkeunana teh, merele, gancang kahartina ku nu belet kawas kuring mah. Kayungyunna teh ku sabarna deuih, teu babari keuheulan budak teh, mun kuring salah wae teh taya riuk-riuk keuheul kalah sok nyeungseurikeun.
“Ari Teteh mani resep-resep teuing chatting, belaan miceunan waktos sareng artos dugi ka jam-jaman, aya nu ditaksir nya?” Ceuk manehna dina hiji poe. Panya teh tara merhatikeun jeung teu nepi ka dinya pikiranana.
“Dina raraga milari ilham we atuh De, Teteh mah,” cekeng.
“Ilham anu kumisan tea nya Teh?”
“Tos teu usum atuh kikituan teh keur Teteh mah, manasina Ade.”
“Urang usumkeun we atuh,” ceuk manehna deui.
Bisa jadi loba jalma nu sapamadegan jeung Si Ade, yen pagawean chatting teh sarua jeung miceunan waktu. Malah mun chatting-na di warnet mah salian ti miceunan waktu teh oge miceunan duit. Aya benerna eta pamanggih teh. Ngan husus keur sakuringeun mah estuning asa manggih alam anyar manggih dunya nu kitu teh. Dina waktu “papanggih” sarta ngobrol jeung sasama instant messenger ge asa panggih jeung nu ngagareugeuh alam maya tea, anu rarasaan mah asa beda jeung jelema nu aya di dunya pisik. Padahal kuring sorangan sadar yen nu ngadon chatting teh pan sarua jelema keneh, ngan pedah cara komunikasina teu bari adu hareupan.
Lamun balitungan masalah untung rugina, asa pamohalan manggih kauntungan anu sipatna materi tina chatting mah. Lamun niatna neangan kauntungan, aya situs e-commerce tea mun keur nu bisnis mah pan. Atuh mun dibandingkeun jeung maca buku, atawa browsing ka situs-situs nu aya dina internet, asa leuwih mangpaat keneh maca buku jeung browsing tea. Tapi, lamun tujuanana nambahan kawawuhan, atawa hayang leuwih jero neuleuman karakter jelema saurang-saurangna, nya di chatroom tempatna.
Teu saeutik deuih nu ngadon neangan jodo oge di chatroom teh. Teu aringgiseun kabelejog, da boga angkeuhan aya pic jeung webcam tea kiwari mah. Nu ngaleok kana nyelewer ge kawasna teu kurang. Da puguh alamna ngadukung pisan, aman pisan, mojok duaan teh moal aya nu nganyahoankeun, hese dibetahkeunana. Tapi kapan hal eta mah balik deui ka pribadina masing-masing, nu nanggung resikona jinisna sewang-sewangan. Asana teu kudu milu riweuh ngomentaran urang mah. Da di dunya “nyata” ge ari aya niatna mah bisa wae rek nyolowedor teh. Eta teh ceuk pamanggih kuring bareto, basa can jauh pisan katambiasna di dunya chatting. Ayeuna mimiti karasa efek negatifna teh. Mani nararampeu pisan jalan keur mengkol teh di cyber mah. Mimitina mah ku kuring teu weleh dianggap tangtangan nu kararitu teh, itung-itung ngasah kamampuh sensor internal ceuk basa legegna mah, kamampuh milih mana nu mangpaat mana nu kira-kira bakal picilakaeun. Tapi lila-lila mah asa ngahengkeran kamampuh sensor internal kuring teh. Komo lamun geus “panggih” jeung batur chatting nu boga nickname Rumiqais mah. Manehna ngagoda pisan. Sakapeung mah sok cape ngaladenanana. Mun pareng kuringna keur sadar mah sok api-api aya kaperluan sejen, ngarah bisa buru-buru off. Tapi lamun kakara online atawa keur pogot ngobrol jeung batur, torojol manehna, sok hese nyingkahanana, mangka sok lila ngajak ngobrolna teh. Da piraku kudu kabur mah. Kapan gaul di dunya online ge sarua we aya etikana.
Padahal mun dipikir, keur manehna mah naon araheunana kuring? Sakitu kungsi balaka, yen kuring teh lain single, “buntut” sadua-dua, atuh umur geus lain ngora deui. Beungeut? Kapan manehna apal pisan tina pic kuring nu ngajeblag anu ngahaja dipasang dina folder. Meunang Si Ade eta ge masangkeunana teh. Sedengkeun manehna ngakukeunana mah lalagasan keneh, umur leuwih ngora dalapan taun ti kuring. Rek jujur rek bohong teu masalah keur kuring mah, da kitu adatna. Di dunya digital mah kapan naon anu teu mungkin atuh? Manehna ngaku-ngaku bujang jeung umur tilu puluh taun teh teu ngajamin bener tur teu ngajamin bohong deuih. Ngan duka naon sababna teu puruneun masang pic atawa masang webcam. Kungsi make voice sakakalina, tapi sorana kurang jelas, semu ngosom nyaritana teh.
Make jorojoy hayang ngamangpaatkeun eta jelema, sugan bisa dijadikeun tokoh dina carpon anu keur diajam rek ditulis ku kuring. Ngan lamun kuring hayang sukses nulis eta carita bari tokoh-tokohna karasa hirup, wayahna kudu ancrub dina harti kudu observasi heula, ku cara daek deukeut jeung nu rek dijadikeun tokoh sentralna. Pagawean bangga memang, sarta gede resikona. Pangpangna gede resikona keur katengtreman rumah tangga kuring sorangan.
Enya rek kitu rencana teh. Perkara gede resikona, kapan eta mah tangtangan tea. Geus gilig boga niat kitu mah ngahaja online teh unggal poe, di kantor kuring chatting-na ge ngarah gratis, da keur boke. Tapi nu ngaranna Rumiqais teh hantem-hanteman off. Aneh, ari dihaja-haja didagoan mah teu muncul-muncul manehna teh. Hate geus getek we sarta dituluykeun ku marudah hayang geura nulis carita ngeunaan manehna. Nu nyalampeurkeun ngajak ngobrol teh kalah nu biasa, nu sapantaran kuring keneh, tokoh-tokoh nu teu ngandung tangtangan jeung lain jelema balangor, saperti pria_40_bdg, yo2ngt, Kurawa 45, jeung mochtar 01. Eta mah kabehanana ge batur heureuy jeung batur diskusi wungkul.
Keun sugan isuk cekeng. Isukna jeung pagetona euweuh deui wae. Nepi ka samingguna lalakon ngarep-ngarep ieu jelema teh. Ih sugan geus ganti nickname atawa pindah chatting-na lain di Yahoo Messenger deui. Kajeun teuing atuh ari kitu mah ah!
Keur anteng padungdengan masalah naekna hahargaan jaman ayeuna jeung pria_40_bdg, ujug-ujug aya folder anyar nu ngandung tulisan “Damang kabogoh?” Teu burung hate ngagebeg, sabab nu ngirim eta messege teh sidik pisan Rumiqais, tokoh nu ku kuring salila ieu keur dianti-anti. Ras kuring inget kana skenario rancangan sorangan. Ku munculna manehna, hartina mimiti poe ieu pisan kuring kudu jadi “aktris” teh. Eta messege teh buru-buru ku kuring dibalesan.
“Hey, ka mana wae, mani lawas ti lawas tara on?” Cekeng.
“Puguh nuju repot ku padamelan, sono nya?” Tanya manehna.
Geuwat kuring ngamunculkeun emoticon yahoo anu maksudna ngajak imut ka manehna.
“Matak ge hayu urang kopdar, urang papendak, ku naon sih mani alim wae?” Ceuk manehna deui.
“Saha nu alim, pan di dinya pisan nu ujug-ujug ngaleungit heula,” tembal teh.
“Iraha atuh nya, da ayeuna mah nuju di Jakarta.” Cenah.
“Kumaha upami minggu payun?” Ceuk manehna keneh.
“Teu langkung, upami memang ngajakna serius, pendakna dinten naon, ping sabaraha, wayah kumaha?” Tanya kuring. Manehna ngamunculkeun emoticon yahoo anu ngandung harti seuseurian, atoh tayohna mah ditanya kitu teh.
“Mani diborong narosna,” cenah.
“Di mana engke pendakna?” Manehna nu giliran nanya.
“Di tempat nu balawiri ku jalmi, sareng teu aya tempat calikna,” tembal kuring. Ngatur strategi kitu teh ngarah aman, di mana panggih jeung nu wawuh, moal katara teuing kuring keur kopi darat.
“Bakal cangkeul teu aya tempat calik mah atuh, sareng teu romantis deuih, kawas jangjian murangkalih ABG wae,” cenah.
“Eta mah pan kopdar ngawitan, pemanasan heula bilih reuwas, aya bahan bakal aya nu pingsan di antara urang teh atuh disakalikeun di tempat nu buni mah,” jawab kuring, nyobaan bari heureuy.
“Sok, di mana atuh?”
“Ok, kumaha upami di Gramedia pusat payuneun BIP?” Cekeng.
“Siap Boss,” cenah.
Disanggupan kopi darat komo, omonganana beuki wani, kecap sono jeung bogoh teh mani diobral, dimumurah. Jeung ayeuna mah unggal poe kituna teh, da ngahaja ku kuringna dibere hate. Unggal poe deuih kabeh obrolan duaan ku kuring dikana disketkeun sarta mimiti ditungtut dijieun carita. Niat teh rek nyieun carita perkara tragedi rumah tangga, meungpeung keur usum. Kuring nyiptakeun tokoh dina carita nu keur digarap teh aya nu karakterna persis pisan karakter manehna, romantis, beuki ngarayu, tapi leutik burih. Nyaho manehna leutik burih teh eta we geuning teu wani masang pic-pic acan dina folderna. Basa kuring muka profil manehna, kosong, data dirina teu dieusian jeung teu dipotoan.
Perkara teu hayangeun publikasi ngeunaan profilna ka balarea dina internet, ku kuring sok diheureuyan, “Licik atuh, di dinya mah tos terang geulisna abdi, tong nyumput wae yeuh.” Enteng we ngajawabna teh, “Ah, wios,” cenah.
Upama ngimeutan deui caritaan manehna lamun keur gunem catur jeung kuring, anu ngahaja di-save dina disket sarta sok dibaca deui di imah, kacirina manehna mah daria niat nyieun “hubungan husus” jeung kuring teh. Sakapeung mah teuing kaceplosan teuing dihaja sok ngaleok kana cacarita ngeunaan riwayat hirupna. Cenah manehna kacida midangdamna kanyaah indung, lantaran ti umur opat taun geus ditinggalkeun maot ku indung tegesna.
“Mamanawian, saparantos wanoh teras caket sareng salira jiwa sim kuring tiasa tengtrem,” cenah. Hayang seuri. Mun bener teh eta omonganana kaluar tina hate manehna nu pangjero-jerona, aneh pisan, naha bet ditujulkeun ka diri kuring anu umurna leuwih kolot ti manehna tur geus boga salaki? Kawas nu euweuh deui awewe. Atawa memang ka unggal awewe sok kituna teh? Bisa wae!
Tuluy kumaha lamun memang enya manehna boga niat serius nyieun hubungan husus tea jeung kuring? Kapan kuring mah ngan saukur eksperimen hayang deukeut jeung manehna teh? Naha kuringna geus siap nyanghareupan masalah anyar nu bakal muncul balukar tina eta eksperimen kuring teh?Tapi….Ah, asa piraku manehna katarik enyaan (lain saheureuyeun) ku ibu-ibu model kuring onaman. Mun enya teh kitu, mani nekad, jeung salah saha? Kurang kumaha bruk-brakna pan kuring terus terang ngeunaan status diri teh.
Piisukaneun panggih, manehna menta nomer HP kuring. Teu ngoretkeun. Mun seug manehna lain jelema bener sarta boga niat neror ngaliwatan handphone misalna, kari ganti we nomer HP kuringna, gampang eta mah.
Peutingna teu puguh pipikiran, rada hese sare, ngabayangkeun adegan anu bakal dilakonan isukan ku kuring dina nyanghareupan manehna. Rada reugreug teh ras inget yen umur manehna sahandapeun, piraku kolot eleh ku budak! Untung salaki keur riweuheun ku pagawean ti beurangna, jadi tas solat isa teh manehna mah sok dug sek dug-sek wae bari kerek, parat tepi ka subuh nyegrekna teh. Jigana teu apaleun pamajikanana keur marudah mah.
Isukna, di Gramedia. Tengah poe, keur meujeuhna balawiri ku jelema. Jalma-jalma rajeg ngariung counter-counter buku, ngarogrog buku-buku wedalan anyar jeung buku-buku best seller. Kuring milih tempat anu kira-kira rada sepi, di lante tilu, tempat buku-buku sastra. Bari nungguan Rumiqais tea pangangguran mukaan novel tarjamahan, tapi da pikiran mah kumalayang, lain konsentrasi kana novel nu keur dicekel.
Keur kitu aya sms kana HP kuring, unina, “ Lokasi salira aya di mana?” Gancang ku kuring dijawab “Di lante tilu.” Geus kitu mah pikiran teh museur ka nu rek nepungan, panon rurat-reret ka sakurilingna. Unggal lalaki nu jebulna ti handap dipencrong salila-lila. Ah, naha bet ngadak-ngadak jadi geumpeur kieu ieu teh? Pikeun nenangkeun hate, nangtung teh pindah ka deukeut buku-buku komik produk Jepang. Moal rurat-reret deui, sabab ku kitu teh geuning kalah beuki teu puguh rarasaan.
“Mani anteng,” ceuk lalaki nu nangtung gigireun. Hate Ngarenjag asa digebah, ari direret teh horeng Si Ade, pagawe warnet Monterey tea.
“Ih, Si Ade, sugan teh saha,” kuring aya reuwas aya atoh, atoh asa aya batur keueung.
“Milari buku naon, De?” Tanya kuring.
Manehna teu ngajawab anggur malik nanya, “Ngantosan saha Teh?” Ditanya kitu ku manehna teu burung beureum beungeut teh, sabab geus kapanggih modal yen kuring keur aya jangji.
“Ngantosan rerencangan,” cekeng.
“Rerencangan atanapi….rerencangan?” Cenah deui.
Ih ieu mah budak, angger ari geus ngaheureuyan teh. Tapi… kalawan teu nyangka ti tadina manehna ujug-ujug ngasongkeun kadua leungeunna.
“Teh…nepangkeun, abdi Rumiqais tea,” ceuk Si Ade keneh, kapireng sorana rada ngageter, panonna mencrong seukeut kana panon kuring.
Ngadenge manehna ngakukeun Rumiqais, ngarenjag deui wae hate teh….dipikir-pikir, bisa jadi nu ngaran Rumiqais salila ieu teh memang manehna. Heueuh, bisa jadi!
Sabot kuring ngahuleng, pok deui manehna ngomong. “Teu percanten?” Tuluy leungeunna anu tadi basa ngajak sasalaman teu kungsi ditampanan ku kuring, ngebrehkeun nomer HP kuring dina ponselna. Kawasna bener manehna nu jadi Rumiqais teh, da rarasaan mah salila ieu kuring asa can kungsi mere nomer handphone ka Si Ade. Dijurung ku rasa hayang ngayakinkeun pangakuanana, kuring ngontak nomer HP Rumiqais, enya we bener, tetela nyambung kana handphone Si Ade.
Pikasebeleun!….Kumaha atuh ari geus kieu?….Nyel keuheul. Nya keuheul nya era. Keuheul asa keur diheureuyan ku budak olol leho, era sabab geus meleg-meleg katipu ku batur sakulah- sakolih di warnet.
“Tong ngaheureuyan ka kolot teh, De! Naon maksudna make jeung nyamar jadi Rumiqais sagala?” Manehna ku kuring disentak. Antukna mah kaambek kuring teh budal oge, teu katahan. Untung counter buku palebah kuring jeung manehna mah sepi. Aya tilu urang nu keur aranteng maraca buku bari nangtung, kitu ge jarakna rada anggang ti dieu.
“Teu nuju heureuy abdi mah, serius. Maksad teh…hoyong malapah gedang, da ari togmol mah sieun ditampik sapajodogan, manawi ayeuna mah tetehna parantos leah manah. Katingalna mah kitu upami nuju ngobrol di cyber mah geuning.” cenah. Nenjo teuteupna nu seukeut kawas kitu, sidik pisan manehna lain keur heureuy.
Duh! Keuheul pisan! Komo barang ras inget kana carita nu keur ditulis mah, gagal rencana teh. Lamun dina kanyataanana tungtungna kieu, carita nu keur dihanca ditulis ku kuring teh loyogna kana carita wanda naon atuh? Wanda carita tragedi atawa komedi?
“Lamun memang nu namina Rumiqais teh tetela abdi jalmina, Teteh bade kumaha?” Nanya kituna teh bari leuleuy. Sorot panonna anu seukeut teh ngaliuhan.
“Teu kukumaha!!….Ngan nu jelas di dieu geus dirugikeun ku di dinya, nya rugi waktu, biaya, tanaga, oge pikiran!” Sora teh can bisa ngalaunan.
“Naon maksudna kikieuan teh?” Tanya kuring deui.
“Teh….maksud abdi mah serius, sumpah Teh. Naha teu kenging abdi ngiring mikadeudeuh mikaasih salira? Kena-kena abdi teh jalmi anu kieu kaayaanana.” Nada nyaritana semu ngalengis. Tapi hate kuring geus kagok keuheul, teu kaupahan ku nu lumengis. Komo ngadenge kekecapanana saperti kitu mah, asa keur ngadengekeun sandiwara Sunda dina radio. Ti mimiti poe ieu rasa respek kuring ka manehna, manehna salaku Si Ade jeung manehna salaku Rumiqais langsung ancur burakrakan. Cacak mun terus terang ti mimiti mah, meureun kuring ge bakal ngama’lum kana perasaan manehna teh. Moal asa ditipu.
“Nyaho teu De, naon balukar tina heureuy nu teu lucu teh? Karugian anu kudu dibayar mahal,” cekeng, karasa ayeuna mah ambekan teh rada ngahegak.
“Sabaraha mahal teh?” Manehna kawas nu nangtang, nambah-nambah kaambek kuring.
“Kieu we ayeuna mah, tadina ge pan urang teh teu wawuh, kumaha lamun balik deui we ka mimiti, urang memang teu kungsi wawuh!” Ceuk kuring. Tah eta nu disebut kudu dibayar mahal teh, mun hayang nyaho mah! Geus bisa ngedalkeun eta kalimah mah rarasaan asa rada longsong dada teh, teu sesek teuing cara samemehna. Kareret riukna semu nu reuwas, tapi tuluy nyambung caritaan kuring nu bieu.
Pokna teh, “Sabab Teteh handeueul pan, kuciwa pan, pedah nu namina Rumiqais teh tetela abdi, jalmi malarat, teu aya kagaduh, bodo, padamelan ukur nungguan warnet, estuning taya araheunana, taya pupurieunana?!” Sanggeus beres nyarita kitu, leos manehna indit, ngagidig muru tangga nu nyambungkeun lante tilu jeung lante dua.
Kuring bengong, ku nanahaon ari Si Ade? Lain ngalindur mah manehna teh? Naon maksudna make jeung nyamar jadi lalaki nu ngaranna Rumiqais sagala atuh? Duh!! Jadi hayang ceurik, nyeri hate…bet bisa atuh kuring teh katipu ku bolon pantar manehna.
Balik teh ngalenghoy, mapay-mapay trotoar anu hareurin ku padagang kakilima jeung ku jelema nu balawiri. Hate mentegeg lain meumeueusan, da puguh keur kaancikan ku rasa anu campuraduk antara era jeung keuheul. Era asa keur diheureuykeun ku acara reality show dina televisi.
Tapi lila-lila mah teu burung leler kakeuheul teh, kawasna kabrangbrangkeun ku tetenjoan, da teu karasa lalampahan teh geuning geus nepi ka hiji tempat nu hegar ku kekembangan sarta liuh ku tatangkalan. Angin ngahiliwir kawas nu ngahaja ngageberan hate nu keur bayeungyang. Malah tungtungna mah make jeung rus-ras hate teh, timbul rasa karunya ka Si Ade. Naha kuring teh bet ambek ku sakitu? Kapan manehna mah sakitu bageurna ka kuring teh! Salila wawuh sarta tuluy dalit, asa can kungsi manehna nyieun codeka atawa kungsi ngambek kawas ambekna kuring cikeneh ka manehna. Mun kuring nyieun kasalahan sabada dipapatahan ngeunaan internet jeung unak-anikna, manehna teu weleh nyebut, ”Wios Teh, ku abdi urang lereskeun.” Mun kuring rek balik, manehna sok kawas nu melang, tara poho ngawanti-wanti, ”Teteh kade di jalan, enggal uih tong sumpang-simpang heula!”
Atuh mun seug enya manehna teh Rumiqais anu aya pikir kadua leutik ka kuring sarta kuringna mah teu naon-naon, kudu gede hampura, da bongan kuring geus pangangguran ngalayanan manehna, sarta asa teu kudu kitu cara nampikna. Da manehna ge kawasna bakal ngarti, bakal narima alesan pangna kuring nampik manehna, lamun babasaan kuringna sawajarna teu neurag kawas tadi mah. Jeung deuih mun dilenyepan mah ieu kajadian, puguh kuring nu sidik rek nipu manehna teh, ti awalna ge niat kuring mah kapan manehna teh rek dijadikeun obyek eksperimen wungkul. Mun arek ge manehna nu kudu ngambek ka kuring, lain sabalikna.
Harita keneh, dina angkot jurusan Setatsion-Cimahi, manehna ku kuring ditelepon kana HP-na.
“Hallo!!” Ceuk sora teugeug ti peuntas ditu.
“De, hampura Teteh, tadi teh Teteh emosi,” ceuk kuring
“Jeung saha ieu?” Teugeug keneh, sidik sora manehna.
“Ih, Ade meni kitu!”
“Punten, salah sambung!” Cenah, angger teugeug. Geus kitu mah kuring teu bisa nyarita nanaon deui, sabab kadenge HP-na langsung dipareuman.
Aya nu nurihan hate, peurih,…peurih pisan. Ayeuna kakara sadar, tetela kuring teh leungiteun pisan ku manehna. Duka iraha bakal manggih deui sobat nu bageurna kawas manehna, teuing di mana bakal meunang deui batur chatting nu romantisna persis Rumiqais. Enya, moal, moal manggih deui kawasna mah…..***

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/01/20/chatting/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer