Ki Semah
(Dimuat dina Mangle No. 2021, 23-29 Juni 2005)
Estu matak ngajenghok, dinten ieu Akang kersa rurumpaheun deui ka rorompok. Lawas ti lawas urang teh nembe deui pajonghok. Ku ngareureuwas, aya pikersaeun naon Akang teh? Geuning pamulu Akang katingalna alum, sapertos anu nuju dirungrum kabingung. Ngaraos kaget teh deuih ningal salira, naha bet janten alit sapertos anu ririwit?
Tangtos ari ngemut kana umur mah urang teh tos seueur robihna, tos pada-pada meotan, buuk tos pada-pada ngabodasan. Urang teh geus jadi nini jeung aki. Pangling soteh abdi mah sanes ku kituna, tapi ku paroman sareng dedegan Akang. Ayeuna mah Akang teh katingalna rampohpoy, pameunteu henteu berag henteu jigrah. Asa tebih pisan sareng kapungkur. Estuning teu aya tapakna yen kapungkur Akang teh hiji nonoman anu pada ngajenan, lantaran kagungan kalungguhan dugi ka dipiserab ku bawahan.
Naha deuih sumping teh bet nyalira? Mana tuang rai kameumeut Akang teh? Parantos kagungan sabariji bati ti urang Soreang teh? Ditaros kitu Akang mah kalah balaham-belehem, teras nyalenggorkeun obrolan ku naroskeun kaayaan barudak. Geuning emut keneh ka barudak nu di dieu!
Akang, kapan urang teh tos incuan. Si Cikal teh tos batian. Dua awewe wungkul, nuju lulucuna, nuju meujeuhna kembang buruan. Punten we waktos nikahkeun Si Cikal abdi teu masihan terang. Manehna keneh anu ngahulag yen Akang ulah diwartosan, bilih ngabarubahkeun pajar teh, lalaki ieuh Aa mah cenah.
Si Teteh oge sigana tereh, da tos katingal layeut sareng tunanganana teh. Duanana saprofesi. Bentenna teh Si Teteh mah nembe pisan diangkat janten pagawe negrina, ditugaskeun janten dokter anak di rumah sakit umum di Bogor, ari pisalakieunana mah tos lami dinesna teh, sami di Bogor.
Si Ade mah di Tangerang. Teu weleh katingal sibuk ku padamelan, tapi sok rajeun sering ngalongokan ka dieu, da dinten Saptu sareng Minggu manehna mah pere ngantorna teh. Saminggu sakali sok ngadon ngendong di dieu ngabaturan abdi. Karunya ka Mamah cenah, teu aya baturna. Meungpeung can gaduh pamajikan, tos rimbitan mah cenah kana hese rek undang-endong teh.
Lamun Si Bungsu nembe lelengkah halu usahana teh. Eta mah nu hiji rada benten, aya jiwa dagangna saeutik. Kabiasaan dagang leuleutikan kapungkur keur jaman merih teh dituluykeun ku manehna mah. Kaleresan diajak ku Hedi, emangna nu usaha kana garment di Jakarta. Dipurkeun we ku abdi ge, lalaki mah panjang lengkah ieuh. Kamari nelepon Si Ucu teh, ngawartosan moal tiasa wangsul sasih ieu, sanajan sonona mah nataku ka Mamah teh cenah.
Geura upami Akang ayeuna dipendakkeun sareng barudak, moal teu kalinglap, jarelug. Kapungkur karunyin soteh, da puguh kabeh ge prihatin. Ayeuna Si Bungsu mah nyusul lanceuk-lanceukna atuh awakna ge, jangkung badag.
Tapi abdi ngaraos mangmang, naha nyesa keneh rasa asih rasa deudeuh Akang ka barudak teh? Komo ayeuna meureun nya, maranehna tos teu pati butuheun ku pangaping sareng pangjaring urang. Bet kapungkur oge basa maranehna nuju kacida halabhabna ku kanyaah indung bapana, Akang mah hare-hare. Waktos ku abdi ditataan hiji-hiji kaayaan barudak nembe, Akang ukur gumujeng. Duka aya rasa bungah sareng reueus dina manah Akang duka teu aya. Teu katoong ku abdi mah.
Tuh, ayeuna ge geuning Akang mah sanes muji perkara karancagean barudak dina mayunan hirupna, tapi kalah aya pamundut anu kanggo abdi mah kalintang bangga ngajawabna. Eces pisan kakuping ku ceuli abdi, pangna Akang sumping ka dieu teh, pangna dinten ieu ngahaja nepangan abdi teh, Akang kagungan niat mulih deui ka dieu ka rorompok anu ieu, anu kapungkur mah kalawan teu diemut heula ku Akang dikantunkeun kitu wae. Cindekna, Akang teh palay ngawitan deui ngawangun rumah tangga sareng abdi. (Kudu kumaha nolakna? Piraku kuring langsung nampik sapajodogan mah, tangtu kana bakal raheut hatena, tuluy moal pihadeeun ka dituna. Enya ge manehna kungsi nganyenyeri leuwih ti misti, tapi taya saeutik oge males kanyeri ka dirina, sabab ceuk pikiran kuring ayeuna, taya gunana).
Ari Akang, bet teu robih-robih atuh sipat teh. Teu weleh nganggap enteng masalah ieu, anu ceuk abdi mah teu tiasa didamel kaulinan. Perkara tresna, perkara hubungan batin anu husus antara hiji awewe sareng hiji lalaki, sanes heureuy keur abdi mah.
Teras, sanaos duriat abdi ka Akang teh ageung keneh upamina, saupamina ieu mah (kuring sorangan teu nyaho, tara pangangguran mikiran sakumaha deui kadar duriat kuring ka manehna ayeuna), abdi teu tiasa nampi kitu wae pangajak Akang, kedah ngobrol heula sareng barudak. Abdi teu wantun ngalalangkungan barudak (alesan pikeun nolak pangajak manehna ngarah teu karasa nerag teuing). Sagala rupina bade dipadungdengkeun heula sareng maranehna, margi ayeuna mah maranehna parantos sawawa, parantos gaduh tinimbangan dina mayunan sagala rupi masalah abdi, nu jadi indungna. Nya da masalah abdi tangtos janten masalah maranehna ahirna mah ti kapungkur oge pan.
Manasina kapungkur, jaman urang keur ngora, Akang nuju meujeuhna belekesenteng, nuju meujeuhna resep ka nu herang-herang. Harita mah kapan barudak teh arolol leho keneh. Minangka Si Cikal nu tos rada hideng teh. Waktos harita barudak teu acan patos ngartos kana hakekat hirup jeung kahirupan nu saenyana. Teu acan surti kumaha beuratna sareng tunggarana nu jadi indungna ngalakonan poe-poe nu kalarung tanpa Akang.
Ku naon atuh waktos harita Akang mani dugi ka tega ngantunkeun abdi sareng barudak? Horeng kitu nya pameget anu nuju kaedanan ku nu anyar mah, dugi ka luluasan. Ketang bade kitu pantes, da itu mah sagalana langkung ti abdi panginten.
Upami Akang culjeun ka abdi wungkul mah teu nyeri teuing hate teh, da puguh pamajikan mah tadina ge batur, teu hir teu walahir, kungsi saimah soteh pedah we katalian ku tikah. Anu kacida matak nalangsa mah budak saopat-opat milu jadi korban, korban kaegoisan hiji bapa anu kapengpeongan ku hiji parawan!
Atuh upami tea mah abdi teh hiji pamajikan anu kirang ngesto ka nu jadi salaki, naha henteu dilelempeng, dipasihan terang, leresan mana lepatna rengkak paripolah abdi harita? Sawatara lami mah abdi hantem-hanteman nyaliksik diri, naon atuh kalepatan sareng kakirangan abdi teh? Raraosan mah kirang kumaha, abdi satekah polah tumut kana sagala rupi kapalay Akang anu kinten-kintenna kabadanan. Cenah abdi kedah rikrik gemi ngarah barudak kasakolakeun, eta oge parantos dijalankeun. Hasilna sareng buktosna kapan ayeuna ku Akang kasaksian pisan.
Kawasna Akang mah teu kantos uninga, waktos Si Cikal aya nu ngawartosan yen bapana tos nikah deui, manehna abur-aburan ti imah, teu puguh dumuk. Sakolana teu bener. Mangkaning harita teh kelas tilu SMP katompernakeun, rek ujian. Ceuk pangakuan Si Aa, kikituan teh cenah bakat ku ngarasa kuciwa ku kaputusan nu jadi bapa, bet ninggalkeun tanggung jawab sarta milih hirup jeung batur. Sering ku abdi dipeper, dipapatahan. Cekeng teh sagala rupi anu nuju kaalaman teh mangrupi musibah sareng ujian ti Nu Kawasa, ayeuna mah urangna nu kedah sabar. Padahal bari nyarita kitu teh hate mah milu ceurik. Ceuk hate abdi harita, “Deudeuh teuing anaking, teu ngabibisani, komo Mamah mah ieu teh asa napak asa henteu hirup teh.
Aya kana dua taunna manehna mogok sakola, daek-daek soteh nuluykeun deui pedah ngarasa era, teu kanyahoan geus kaudag ku adi-adina.
Anak urang anu tilu deui sami prihatinna. Kapaksa ku kaayaan, ka sakola teh sok bari daragang keur biaya maranehna sorangan. Sasat abdi teh awak sabeulah, sanajan gaduh gajih oge, gajih pagawe negri harita tangtos apal, dianggo sakola barudak ge seep. Di rorompok waktu keur reureuh teh sok dimangpaatkeun kanggo ngadamelan kueh sareng kadaharan sanesna dagangkeuneun di sakola maranehna masing-masing.
Abdi ge embung eleh, upami mios ka padamelan teh sok bari angkaribung ngabantun kueh sareng es enteh, atanapi naon wae sabangsaning jajanan barudak kanggo icaleun di kantin.
Nya tina sakudak-sakedik kitu alhamdulillah abdi sareng barudak teu gumantung ka Akang, teu kedah ngarerepot Akang anu tangtos moal tiasa dikumahaan.
Sakedap…naon margina ayeuna bet ngadak-ngadak ngajak abdi wangsul ka Akang? Aya naon sareng nu itu? Teras, saupamina urang cios ngahiji deui sapertos kapungkur, bade dikumahakeun kulawarga Akang anu di Soreang? Alim teuing abdi mah janten awewe tukang ngabengkahkeun kabagjaan rumah tangga batur!
Baruk tos pipirakan? Istri Akang ngejat teras nuturkeun lalaki sejen? Ah piraku? Kapan kapungkur mah sakitu montelna eta wanoja kadeudeuh Akang teh. Mun tea mah leres kitu, asa manghanjakalkeun. Hanas Akang kapungkur beak dengkak sareng seseepan palay laksana nikah sareng manehna teh nya!
Saur Akang, salahsahiji faktor anu nyababkeun manehna dugi ka luluasan kitu teh nya eta umur manehna sareng yuswa Akang ganjor teuing bentenna. Muhun da anu anom keneh mah emutanana benten deui atuh, sagala rupi oge hoyong anu matak nyugemakeun ka dirina. Kinten-kinten tos teu kahartos mah cenah meureun kari tinggalkeun. Da kapungkur ge sigana mah matak manehna kersa ka Akang teh ngerong artosna wungkul. Buktosna ari Akang tos pangsiun mah, tos teu aya sihungan, geuning kitu kajantenanana.
Aeh, naha abdi teh bet teu pupuguh ngiring ngomentaran, ngiring riweuh kana masalah Akang?
Ih, naha Akang bet nangis? (manehna ujug-ujug ceurik ngagukguk, kawas nu kanyenyerian, poho di kalalakian). Teu burung abdi ngarenjag, atuda asa teu gugur teu angin Akang ngadon sumegruk dina lahunan abdi. (Ari sugan teh heueuh we lalaki mah lalanang jagat, pantrang ngaragragkeun cimata alatan masalah nu kitu). Bari kitu teh Akang balaka, yen lamun teu minangsaraya ka dieu ka abdi, bade ka saha deui. Sabab saur Akang keneh ayeuna mah teu aya batur pakumaha, estuning nunggelis, sangsara kakolotnakeun. (Watir na kituna mah ka manehna teh). Nyaksian kitu, bet ngadak-ngadak abdi ge janten rus-ras ka diri sorangan. Teu kabayang kumaha nasib diri saupami teu aya barudak anu opat? Aya bahan sapertos Akang. Sanaos aya ge sanak baraya da benten deui atuh nya, teu cara ka anak sorangan.
Saparantos leler tina kasedih, Akang teh ujug-ujug naros, “Kumaha Ayi, kersa keneh ka jalmi sapertos Akang?”
Hapunten, kapan tadi ge parantos disanggemkeun abdi teu tiasa masihan jawaban ayeuna-ayeuna, kedah diemut heula.
“Tong lami teuing atuh ngemutna, Ayi! Iraha Akang kedah ka dieu deui?” Nguping kitu abdi ngahuleng milari pijawabeun anu merenah supados ka abdina raos, atuh katampina ku Akang moal matak rengat galih.
Tapi Akang kabujeng nyarios deui, “ Tangtos Akang bakal sering ka dieu bari ngalongokan barudak.” (teu pupuguh hate jadi hemar-hemir,…palangsiang aing lila-lila mah leah tur pasrah, daek diajak deui saimah alatan timbul deui rasa nyaah lamun mindeng panggih mah. Heueuh palangsiang ah!!)***
ILMAN
IZZAN