Ekspresi narsis-ku

February 27, 2006

Paribasa

Filed under: Paribasa

Batu Pabalatak

Adam lali tapel, poho ka baraya.
Adat kakurung ku iga, tabe’at mah hese dipiceunna (dirobahna).
Adean ku kuda beureum, ginding ku barang beunang nginjeum.
Titirah ngadon kanceuh, neangan kasenangan, tapi malah meunang kasusah.
Ngadu-ngadu rajawisuna, ngahudang amarah dua jelema sina bengkah.
Agul ku payung butut, tumerap ka jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.
Ulah ieu aing uyah kidul, asa jadi pangpunjulna.
Landung kandungan laer aisan, gede timbangan.
Elmu ajug, tumerap ka jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna. (more…)

February 24, 2006

Pipisahan

Filed under: Prosa

gonggong simagonggong

(Dimuat dina Mangle No. 2059, 16-22 Maret 2006)

“Aa, kumaha betah masantren di lembur teh? Geuning dinten ieu tiasa uih heula ka dieu? Kahoyong mah lah ulah ka ditu deui, Eneng teu aya batur. Duh meni nalangsa tebih ti Aa teh, teu aya nu mapatahan maen game, teu aya nu ngabaturan midamel PR, teu aya anu maseaan. Horeng ari geus patebih mah make jeung sok hoyong aya nu maseaan deui, siga basa eta, basa urang masih keneh sok ngumpul ngariung, lengkep keneh, nuju Si Bapa aya, nuju Si Mamah tara ka mamana.
Sugan teh kulawarga urang moal paburencay siga kieu nya, Aa. Eneng mah teu ngarti ku sikep Si Mamah jeung Si Bapa. Ongkoh duanana sok mapatahan ka urang mun pareng urang keur pasea. Cenah ari jadi jalmi kedah runtut raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, komo ieu jeung dulur. Kitu pan papatahna teh, emut keneh henteu? Tapi naha kalah Si Mamah jeung Si Bapa nu mumusuhanana bari jeung hese akurna? Urang mah mun mumusuhan, kapan sok gancang wawuhna. Ih da Si Mamah jeung Si Bapa mah ditungguan teh, teu aya tanda-tanda bade pacantel. (more…)

February 14, 2006

Sajak

Filed under: Puisi

Mega Bodas Ayang-ayangan

CITRA

Mun seug anjeun percanten
abdi ngan ukur kalangkang
sami jeung kalangkang heulang
moal matak cumpon kahayang

Mun seug salira uninga
abdi ngan saukur citra
paranti dicipta-cipta
tina hayal sugan nyata

Mun seug Akang terang
abdi taya di kieuna
ulah ngarep-ngarep aya
komo mun nganggap sampurna

SURTI

Aya nu ngagalura
na dada
basa lelembutan mindeng tepung na implengan

Ngan pada-pada kemba
lantara teu wasa
mun hate kedah midua

Aya nu teu perlu dikedalkeun
dibuni-buni disumputkeun
da kabaca jeung karampa
ku jinisna

(more…)

February 10, 2006

Aslina

Filed under: Figura Hate

pop tea

February 2, 2006

Basa Si Nyai Pangantenan

Filed under: Prosa

Kembang ieu keur Nyai

(Dimuat dina Mangle No. 1847, 15-21 Januari 2004)

Estuning hese ngagambarkeunana kumaha kaayaan hate kuring ayeuna. Sono ongkoh reuwas ongkoh, atoh ongkoh era ongkoh, bisa panggih jeung nu diuk hareupeun teh. Rupa-rupa rasa pagalo jadi hiji, sarta satuluyna asa ngaguruh jeroeun dada. Cacak lamun lain dadamelan Pangeran mah ieu dada teh jigana geus bitu manten ti tadi keneh ge, bitu hareupeun manehna, semah istimewa, semah nu teu disangka-sangka datangna, teu ngiberan ku kukupu-kukupu acan.
Anaking, sono pisan Bapa teh. Mun teu era ku nu diuk gigireun Nyai mah geus digabrug ti tatadi oge Nyai teh. Dua puluh taun hidep ku Bapa ditinggalkeun, diculjeunkeun, da angkeuhan teh indung Nyai ge digawe ieuh. Taksiran moal pati butuheun ku dana keur biaya hirup Nyai.
Tapi tong salah, lain hartina Bapa teu nyaah, ngan bakat ku rea pangabutuh harita teh. Wayahna we kaluli-luli, ngarti meureun Nyai ge kana kasusah kolot, komo ayeuna hidep geus nincak sawawa. Nu matak ayeuna ge lain teu era Bapa teh, asa teu beungeutan puguh ge. Teu milu hese ngurus Nyai teu naon, nyaho-nyaho Bapa diangkir jadi wali dina walimahan Nyai bulan hareup.
“Aduh Bapa, mani sesah nya milari alamat ieu bumi teh, kedah ngalaman sasab heula ka lembur tonggoh,” ceuk Si Nyai bari ngalieuk ka pisalakieunana. Nu dilieuk ngaheueuhan bari rengkuh. Aneh, sungut teh bet asa kakonci. Bingung kudu nembal jeung kudu nyarita naon deui, padahal nu disanghareupan teh lain sasaha, getih sorangan.
“Euh…nembean panginten nya ka daerah dieu?” Cekeng, bari satekah polah ngumpulkeun pangacian.
“Nya muhun atuh Pa, da bonganna Bapa mah mani culjeun ka Ika teh!” Kituna teh bari ngadelek. Gusti, mani capetang eta budak, mani taya rasa kagok sakitu kakara panggih deui ayeuna. Bareng jeung kaluarna eta ucapan, aya nu nonjok kana angen, kecap “culjeun”. Enya rumasa Bapa teh joledar Nyai!
“Saur Mamah, Bapa dihaturanan linggih engke dina waktosna. Kade nya ulah dugi ka teu sumping. Engke Ika batal anu nikahna,” cenah ditungtungan ku seuri. (more…)

Gosip

Filed under: Prosa

Rengat

(Dimuat dina Mangle no. 2016, 19 – 25 Mei 2005)

Kasebutna we babaturan, balageur jeung saromeah soteh hareupeun, da tukangeun mah biasa we ngaromongkeun. Nu purah nepi-nepikeun omongan nu nyarugak tina biwir batur kana ceuli kuring, aya eta teh. Nu bagean ngorek kaayaan diri kuring dina danget ayeuna keur bejakeuneun ka sakumna babaturanana, aya. Bagi-bagi tugas sigana mah. Atuh sobat nu bener-bener bageur jeung tara pipilueun ngalulugukeun kagorengan oge teu kurang. Nya mun rek nyieun babandingan mah rek ampir sarua lah antara jumlah sobat nu tara openan kana urusan batur jeung jumlah babaturan anu resep ngaririweuh maneh nyokelan kasalahan kaaeban nu sejen teh.
Ayeuna mah kari kuringna nu kudu tahan banting teh, da meureun engke oge carapeeun sorangan, moal hantem wae tingkecewis tinggerendeng tukangeun, jeung hak maranehna ieuh ngagarosipna rek nepi ka arableh jeung ngaracay oge, biwir-biwirna ieuh!
Tapi tetela jadi jelema nu tahan banting teh hese kacida. Rumasa kuring mah jalma epes meer jeung leumpeuh yuni. Sakalieun ngadenge nu nyarita dibedaskeun bari eusi omonganana semu nu nyindir ge, hate sok gegebegan, padahal can tangtu eta nu nyarita teh sindir sampir ka kuring.
Kawas bieu, basa kuring kakara hol pisan asup ka ruang guru, aya nu nyelengkeung sora awewe. “Kawin cerai teh ayeuna mah geus jadi budaya nya, teu di artis teu di guru!” Cenah. Ceuli apal pisan, sora saha eta teh. Rek teu apal kumaha atuh, kapan taun-taun hirup sagulung-sagalang jeung maranehna teh. Barang ngaralieuk ka kuring, ibu-ibu nu keur ngariung opatan teh jep jarempe heula, tuluy salasaurang di antara maranehna aya nu hideng nyalenggorkeun topik obrolan nu bieu kana masalah sejen. Tong dipake nyeri hate, boa maranehna teh lain keur ngarupat kuring, kuringna we nu sok suudon cekeng, meper jeung ngupahan maneh.
Nu togmol mentog oge aya deuih. Ku mani lengkep atuh pasipatan jelema teh di sakola kuring mah. (more…)

Intina Lalakon

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Jaman Baheula

Gumelar ka dunya lain kahayang, tapi nugraha ti Nu Kawasa sangkan ibadah tur pengkuh nyekel amanah.
Geus takdir dilahirkeun kembar, ping 13 Oktober 1966, di Limbangan Garut Jabar.
Asa pangbagjana sadunya sabab dihadirkeun di lingkungan kulawarga muslim Sunda, najan geus sawawa mah rada mengkol jadi muslim moderat jeung abangan.
Sok rajeun kataji ku pribadi anu miboga watek basajan, jujur, handap asor, intelek, idealis, sarta humoris, nepi ka diri teh sok hayang leuwih deukeut jeung hate katut lelembutanana.
Obsesi anu hese kahontalna nya eta ngahasilkeun tulisan anu ngandung napas Human Interest, nepi ka bisa nyabet penghargaan Pulitzer. Iraha atuh nya rek kahontalna?






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer