Ekspresi narsis-ku

February 2, 2006

Basa Si Nyai Pangantenan

Filed under: Prosa

Kembang ieu keur Nyai

(Dimuat dina Mangle No. 1847, 15-21 Januari 2004)

Estuning hese ngagambarkeunana kumaha kaayaan hate kuring ayeuna. Sono ongkoh reuwas ongkoh, atoh ongkoh era ongkoh, bisa panggih jeung nu diuk hareupeun teh. Rupa-rupa rasa pagalo jadi hiji, sarta satuluyna asa ngaguruh jeroeun dada. Cacak lamun lain dadamelan Pangeran mah ieu dada teh jigana geus bitu manten ti tadi keneh ge, bitu hareupeun manehna, semah istimewa, semah nu teu disangka-sangka datangna, teu ngiberan ku kukupu-kukupu acan.
Anaking, sono pisan Bapa teh. Mun teu era ku nu diuk gigireun Nyai mah geus digabrug ti tatadi oge Nyai teh. Dua puluh taun hidep ku Bapa ditinggalkeun, diculjeunkeun, da angkeuhan teh indung Nyai ge digawe ieuh. Taksiran moal pati butuheun ku dana keur biaya hirup Nyai.
Tapi tong salah, lain hartina Bapa teu nyaah, ngan bakat ku rea pangabutuh harita teh. Wayahna we kaluli-luli, ngarti meureun Nyai ge kana kasusah kolot, komo ayeuna hidep geus nincak sawawa. Nu matak ayeuna ge lain teu era Bapa teh, asa teu beungeutan puguh ge. Teu milu hese ngurus Nyai teu naon, nyaho-nyaho Bapa diangkir jadi wali dina walimahan Nyai bulan hareup.
“Aduh Bapa, mani sesah nya milari alamat ieu bumi teh, kedah ngalaman sasab heula ka lembur tonggoh,” ceuk Si Nyai bari ngalieuk ka pisalakieunana. Nu dilieuk ngaheueuhan bari rengkuh. Aneh, sungut teh bet asa kakonci. Bingung kudu nembal jeung kudu nyarita naon deui, padahal nu disanghareupan teh lain sasaha, getih sorangan.
“Euh…nembean panginten nya ka daerah dieu?” Cekeng, bari satekah polah ngumpulkeun pangacian.
“Nya muhun atuh Pa, da bonganna Bapa mah mani culjeun ka Ika teh!” Kituna teh bari ngadelek. Gusti, mani capetang eta budak, mani taya rasa kagok sakitu kakara panggih deui ayeuna. Bareng jeung kaluarna eta ucapan, aya nu nonjok kana angen, kecap “culjeun”. Enya rumasa Bapa teh joledar Nyai!
“Saur Mamah, Bapa dihaturanan linggih engke dina waktosna. Kade nya ulah dugi ka teu sumping. Engke Ika batal anu nikahna,” cenah ditungtungan ku seuri.
“Tangtos sanes mung Bapa wungkul, kahoyong mah sadayana sarumping!” Tembal pisalakieun Si Nyai. Nu dimaksud sadayana ku Si Ujang mah meureun pamajikan kuring nu ayeuna katut anak-anak kuring. Tangtu moal arapaleun ieu semah teh, yen geus aya kana dua taunna kuring dududaan deui. Atuh anak kuring ti pamajikan nu kamari, biasa we sina dibawa ku indungna.
“Insya Allah, urang ngadu’a bae muga-muga dipaparin kalancaran sagala rupana,“ tembal kuring anu keur ripuh neangan deui obrolkeuneun sangkan bisa ngendorkeun suasana. Tungtungna teu weleh ti pihak semah datangna bahan obrolkeuneun teh, kuring mah kari ngajawab-ngajawab weh.
“Tos sonten geuning ieu teh. Yu ah bilih kamagriban di dieu. Muhun kitu we atuh. Diantos pisan kasumpinganana!” Ceuk Si Nyai. Sanggeus ninggalan alamat maranehna, jung duanana carengkat, geus sasalaman mah leos baralik.
Ih, budak teh katenjona kawas nu taya riuk-riuk sono ka nu jadi bapa. Sasalaman ge paya we paantel leungeun. Dikieu-kieu ge bapa teges ieu teh. Kapan ceuk paribasa ge indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat, atawa indung anu ngandung bapa nu ngayuga. Buktina ayeuna, jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang nu jadi bapa teh, da butuh tea!
Geulis geuning anak kuring teh. Awakna jangkung leutik kawas indungna. Irungna nu mancrit ngala ka indungna deuih. Tah mun halisna, ngajedig badis halis kuring. Tapi jigana lamun samemeh datang ka dieu kungsi panggih heula di jalan, tangtu kana moal apalna ka budak sorangan teh. Pangling pisan.
Inget keneh, basa ditinggalkeun teh keur lulucuna, umurna harita kakara opat taun asana mah. Kuringna keur meujeuhna kabungbulengan ku urang Legok Nyenang. Indungna menta diserahkeun ge gancang we dicumponan, teu lebar teusing harita mah. Untung we kakara talak hiji, sugan we…heh…heh…diparengkeun ngajodo deui. Naon deui atuh, ayeuna mah geus pada-pada kolot ieuh, pada-pada kacida butuhna ku batur pakumaha, sakeudeung deui ge kapan minantuan urang teh. Enya kawas nu ngahaja meunang ngatur atuh nya, kuring keur lelengohan, torojol nu ngangkir nitah datang. Sugan we geus beres walimahan anakna…heh…heh…diteruskeun ku akad nikah indung bapana.
Naon geuning ngaheroan Si Uni mah, randa haneut urang Cigalumpit tea, kalah matak olok eusi pesak. Loba pamenta, bet nurutan tokoh Dayang Sumbi dina dongeng, ngahaja menta tanjakan nu kira-kira moal kahontal ku Sangkuriang. Aya leuwihna Si Uni mah, hantem menta sarantos. Iraha leahna atuh, kaburu bulukan manten. Geulis ge henteu!
Kaluman deuih pangpangna mah. Waktu dua taun hirup nyorangan deui teh keur lalaki mah mangrupa hiji siksaan. Sagala masalah digugulung ku sorangan. Teu geura teuing bulan hareup, teu geura teuing panggih jeung indung Si Nyai. Moal teu sonoeun ka kuring manehna oge, pisah taun-taun kitu atuh.
Kumaha nya kaayaan manehna ayeuna, naha buukna hideung keneh atawa geus cembul kawas buuk kuring? Naha masih keneh palaleungkeur atawa geus sarwa ngendoran? Ah, ketang nu kararitu mah teu jadi masalah, da geus seubeuh ieuh bareto ge. Nineung ku sabarna we ku indung Si Nyai teh, nineung ku tara loba omongna. Sababaraha kali kuring kungsi boga pamajikan, asa nu ieu nu pangbageurna mah. Dua puluh taun Si Nyai teu dikiriman duit saperak-perak acan, ih sugan nyusul-nyusul siga nu lian, henteu manehna mah.
Ti saprak kadatangan ku semah istimewa tea, kuring jadi boga pagawean anyar. Kahiji, nyakraan nomer anu ngagunduk dina kalender ku spidol beureum. Rarasaan ayeuna mah gantina poe teh mani ngarayap pisan, kawas keor mang Juhri nu keur nanjak na tanjakan nagreg. Kadua, unggal poe ngaluis, nilik diri. Asana sanajan geus pangsiun, gagahna mah aya keneh kuring teh. Mana daraek oge dipileuleuheungkeun para kembang desa teh, meureun nilik hal ieu, da rumasa banda mah teu boga. Katilu, kukumpul duit. Salian ti keur nyambungan ka Si Nyai, oge sasadiaan keur… ipekah kuring. Kaopatna…nya ngahayal, ti poe ka poe ngimpleng nu bakal karandapan, ngarancang hirup ka hareupna babarengan deui jeung indung Si Nyai. Geus apal luar jerona ieuh ka manehna mah.
Tapi dirasa-rasa teh, bet asa leuwih kasiksa mikiran nu kararieu batan samemehna. Jorojoy pikiran nu lain-lain. Kumaha mun indung Si Nyai nampik, kumaha mun manehna masih keneh baluas ku kajadian baheula basa dipangbegerkeun ku kuring? Atawa kumaha mun manehna kapincut ku nu sejen, ku semah-semah nu daratangna ka walimahan Si Nyai teh ngahaja diondang? Nu matak gulinggasahan hayang geura gok oge, sieun kapiheulaan ku batur.
Ahirna tanggal nu dicakraan dina kalender teh nepi oge ka tungtung, ampir pinuh. Kari hiji deui nu can kacakra teh, tanggal isukan. Enya poe isuk kuring minantuan teh. Sagalana geus disiapkeun. Jas geus ngajiripit meunang ngistrika, sapatu geus herang balas disemir unggal poe.
Ah, inditna ge dek sorangan we, teu kudu abring-abringan. Kuriak matak guyur salelembur yen kuring rek balik deui ka popotongan bareto nu di Bandung, bisi teu jadi! Ah, inditna ge dek lengoh we, moal barang jingjing. Karidu-ridu. Angkaribung mah ngacirikeun teuing ti kampung!
Indit ti imah teh nyubuh. Tatangga nu dareukeut oge taya nu dibejaan saurang-urang acan. Leumpang teh ngungkug mapay galengan nu brasna ka jalan aspal. Awak anu biasana sok ngahodhod mun katebak angina subuh anu nyecep tiis teh ngadak-ngadak semu-semu hareudang, sabab hate keur bungangang. Ti kajauhan keneh katenjo tukang ojeg keur dariuk dina motorna sewang-sewangan, teu sidik saha-sahana da poek keneh.
Geuning Si Koko jeung Si Umad nu keur guntreng teh, ngelepus arudud bari narungguan muatan nu rek arindit ka pasar.
“Bade angkat ka mana Pa Maman, ning nyubuh?” Si Koko miheulaan nanya.
“Biasa we rek iang, neangan nu euweuh,” tembal teh teu hayang papanjangan, buru-buru nyampeurkeun Si Umad nu keur ngagerung-gerung motorna, siap rek narik. Biur weh motor teh ngajugjug terminal, muru beus nu pangisukna.
Alamat imahna mah alamat imah nu bareto. Ti saprak pepegatan jeung kuring, horeng indung Si Nyai teh can kungsi pindah imah, angger we di dinya, di imah pamere kolotna. Moal nolog atuh ari kitu mah, dina panglingna ge kari tatanya ka nu araya di dinya.
Aneh, hate anu teu weleh kumejot hayang geura gok jeung popotongan teh ayeuna mah make jeung dipirig ku dulugdugdagna jajantung deuih. Hantem ngageder teu beda ti dulag nu ditabeuh ku barudak di tajug Haji Engkos upama rek mapag lebaran. Atawa memang geus adatna kieu kitu lamun rek panggih jeung bebene mah? Tapi nu karasa ayeuna mah asa leuwih rosa.
Isuk keneh beus nu ditumpakan ku kuring geus asup ka terminal Cicaheum. Jrut parapanumpangna tarurun. Kuring luak-lieuk neangan warung nasi, niat rek mumuluk heula, tapi tarutup keneh, aya ge warung cikopi. Sup ka jero warung . Sanggeus pesen cikopi sagelas ka nu boga warung, tuluy milu ngariung jeung nu araya bari nyapek gogorengan. Saterusna mah kuring ngadon ngadengekeun jeung milu mairan nu ngarobrol, selang-selang nyuruput cikopi, nungguan waktu maju ka jam dalapan. Da pasti wayah kieu mah di nu hajatna ge can loba jelema. Acara di nu kariaan tea, geus jadi kabiasaan sok ngaret. Ari geus pabuis loba jelema mah meureun nu araya di dinya teh moal pati neges-neges ka kuring, moal nyidik-nyidik hiji bapa nu joledar ka anak.
Geus aneh deui wae, rasa hayang geura gok panggih jeung indung Si Nyai teh, geus nincak Bandung mah bet jadi asa-asa. Wararegah, sarareunggah. Kaduhung bet indit sosoranganan, mun ngajak batur mah meureun aya batur keueung jeung aya nu ngabantuan tagiwur.
Ti Cicaheum tuluy numpak angkot jurusan Ciroyom. Nepi ka alamat nu dituju, teu burung palahak-polohok heula, padahal kungsi rada lila cicing di ieu wewengkon teh. Asa pararangling atuh da, da bareto mah teu rame kieu ieu daerah teh. Kebon lega anu perenahna sisi jalan teh ayeuna mah geus euweuh , geus salin jinis jadi pertokoan. Keur bingung kitu ret kana janur nu nanceub dina lawang gang pisan, nu oyag-oyagan katebak angina. Bener ieu gangna teh. Ngarasa yakin pisan lebah dieu imahna, basa katenjo abringan jelema anu marake papakean sarwa ginding bari naranggeuy baki eusi babawaan ti panganten lalaki. Tuh geuning Si Ujang nu kungsi ka imah tea basa jeung Si Nyai, katenjo leumpang digarendeng panghareupna, panggandangna.
Kadenge hawar-hawar sora degung ngungkung, ditema ku sora spiker ngaguik tuluy ngajelengeng, ngong nu cacarita ngabewarakeun yen acara rek dimimitian. Kuring ngajengjen teu jauh tina abringan nu rek seserahan. Niat teh rek milu kana abringan pangtukangna. Engke upama naib nanyakeun saha-sahana nu rek ngawalian Si Nyai, kakara kuring rek nembongan.
Abringan panganten lalaki anu ngaleut ngeungkeuy teh geus nepi ka hareupeun imah panganten awewe. Acara seserahan dimimitian. Di barisan pangtukangna, dina kaayaan hate anu teu eureun-eureun seseblakan, panon kuring ngulincer, aya nu diteangan. Lain, lain neangan panganten awewe da geus panggih bulan kamari ge jeung budak mah, nu diteangan teh indungna. Hate ngagebeg basa katenjo ti kajauhan nu keur diteangan teh sihoreng itu tuh nu ngagendeng panganten awewe. Tuluyna mah panon teu lesot-lesot mencrong ka nu make kabaya pulas hejo pucuk cau. Geuning teu loba robahna manehna teh, awakna teu regrog deuih, karesepna angger make baju nu warnana lungguh, seurina oge eces seuri nu baheula. Kumaha ari hatena jeung duriatna? Sumpah nu dua ieu mah kuring teu wani tur teu wasa neguhna.
Bakat ku anteng mencrong manehna jeung hate galecok sorangan, runtuyan acara seserahan teh teu katuturkeun, nyaho-nyaho hadirin ku panata calagara dititah dariuk dina korsi nu geus disayagikeun, sabab sakeudeung deui akad nikah ieu panganten rek dimimitian.
Indung Si Nyai luak-lieuk bari semu teu genah cicing, sakapeung ngaharewos ngajak ngobrol panganten awewe. Teuing naon nu diobrolkeunana, da kaciri panganten awewe ge jadi milu elekesekeng bari kerang-kerung, moal teu keur ngadaragoan kuring.
Kuring ngarenjag asa kagebah basa naib nyarita tarik pisan da puguh dibantuan ku pengeras suara.
“Sumangga ka rama panganten istri dihaturanan linggih, margi akad nikah tuang putra bade dikawitan!”
Kapaksa kuring ngajungjungkeun awak nu ngadak-ngadak asa ngabeuratan sababaraha puluh kilo,…jurungkunung nangtung. Harita rarasaan teh ratusan pasang panon cub-ceb niruk hate. Kuring leumpang bari tungkul. Nu araya moal teu tingkecewis, moal teu tinggerendeng, dina menit-menit ieu beuheung teh teu kaduga luak-lieuk acan, padahal jelas lain hiji sakitan pan kuring teh. Diuk teh hareupeun panganten pisan, gigireun lalaki anu keureutan beungeutna meh sarimbag jeung Si Ujang, moal salah deui pasti pimitohaeun Si Nyai.
Ijab Kabul geus lekasan kalawan lancar, acara walimahan dipungkas ku sungkem kadua panganten ka kolot-kolotna. Make plong hate teh milu ngemplong, teu sakara-kara geuning. Wegah soteh mimitina, geus dilakonan mah ngawalian teh teu burung ngurangan kaera ge saeutik-saeutik.
Aya nu noel ngajak sasalaman, euh bapana Si Ujang. Gagah oge geuning besan teh, jeung someah deuih pikaconggaheun, nurun ka anakna. Tuluy manehna keukeuh ngajak dahar bareng, cenah kapan sakeudeung deui urang teh rek nyanghareupan tatamu. Satuluyna sarerea balakecrakan. Sajeroning dahar teh, panon mah ret deui ret deui ka nu make kabaya pulas hejo pucuk cau. Iraha atuh nya bisa salse ngobrol jeung manehna? Katenjona teh riweuheun pisan abong nu mangku hajat, mindeng ngaleos.
Teu lila dalahar teh da kudu buru-buru narima tatamu di tempat nu geus disadiakeun, hiji rohangan anu geus meunang ngadekor ku dekorasi anu nimbulkeun kesan mewah. Di gigireun korsi panganten kenca katuhu ngajegir gentong anu geus dibulen ku lawon warna ermas, luhurna lebah tengah-tengahna dibolongan kawas bolongna cengcelengan. Seungit malati nyambuang ka sakuriling rohangan. Gek panganten dariuk dina korsi nu geus disadiakeun.
Katenjo ti jero semah-semah nu rek nepungan panganten katut rengrengan kulawarga panganten geus ngagimbung di luar. Recok sari-sari ngaguruh, pacampur jeung wirahma tembang Sunda nu dihaleuangkeun tina panggung.
“Mangga, Akang ngadegna palih dieu!” Ceuk besan teh bari merenahkeun kuring sangkan nangtungna gigireun indung Si Nyai, gigireun panganten. Hate ngadadak bagja bisa deui nyandingkeun manehna. Tah sugan di dieu kuring bisa ngedalkeun eusi hate teh, sugan dina kasempetan kieu bisa ngoreh kaayaan hate manehna nu sabenerna. Tapi teu kaur rek pok, jol deui jol deui semah nu ngawilujengkeun ka panganten teh. Beuki dieu beuki merul, pikakeuheuleun!
Waktu maju ka sore. Tatamu mimiti corengcang. Har, geuning besan mah teu milu ngajengjreng jeung panganten, keur uplek we ngobrol jeung nu sejen di hareup deukeut panggung. Asa manggih bahan piobroleun, tuluy ku kuring ditanyakeun ka indung Si Nyai bari haharewosan ngarah bisa leuwih deukeut kana beungeutna.
“Naha geuning ramana Si Ujang mah henteu ngiring ngajajar sareng urang di dieu?” Tanya teh bari neuteup geugeut ka manehna.
“Kapan ramana Asep mah parantos pupus,” jawabna.
“Parantos pupus?’ Kuring heran. Obrolan teh kapegat deui wae ku rombongan semah rada ngaleut, sigana ieu mah rombongan karyawan nu arinditna langsung ti pagaweanana, da marake baju seragam. Sanggeus sarasalaman jeung panganten katut pangapingna, saperti biasa para tamu teh tuluy ngantay, parasmanan.
Rek pok pisan ngajak ngobrol deui jeung tatanya perkara besan tea ka indung Si Nyai, kaburu torojol tukang potret anu titatadi jetrak-jetrek motretan panganten, motretan kulawarga panganten, sakapeung motret semah, sakapeung motretan kaayaan jeung lumangsungna ieu kariaan.
Bari nyenyekel tustel pok manehna nyarita, “Ayeuna waktosna panganten dipotret paduduaan,” cenah, bari tuluy ngatur-ngatur pose panganten sakahayang tukang potret, malar alus hasilna. Jetrek! Jetrek! Lampu blitz tina tustel buburinyayan. Gek kuring diuk heula lalajo panganten nu keur diabadikeun. Katembong duanana keur meujeuhna kebek ku rasa bagja. Tuluy maranehna tinglaleos ka kamar panganten jeung tukang potretna, da cenah rek ngadon dipoto di jero kamar.
“Mangga, ayeuna ibu ramana!” Ceuk tukang poto deui, sanggeus kaluar ti kamar panganten. Diwalah-walah nyampeurkeun kuring, indung Si Nyai teh anggur kalah nyampeurkeun lalaki nu tadi ku kuring disangka besan. Tuluy eta lalaki teh ditungtun, dibawa ka hareupeun tukang potret. Kalawan teu nyangka ti tadina, duanana nyieun pose anu nerangkeun ka kuring yen eta lalaki teh tetela lain besan, tapi bapa tere Si Nyai. Leungeun eta lalaki ngaleng cangkeng indung Si Nyai, kitu deui indung Si Nyai males ngaleng cangkengna bari beungeut duanana pada-pada marahmay.
Nenjo ieu adegan sakedapan mah kuring olohok mata simeuteun. Sanggeus sadar kana kaayaan diteruskeun ku kuram-kireum jeung rampang-reumpeung. Nenjo ieu adegan asa dina pangimpian, tapi jelas lain ngimpi. Seak beungeut kuring karasa ngabeureuman, teuing timburu teuing era, sigana duanana, timburu pagalo jeung era pedah geus ambon sorangan. Keur kitu dulur-dulur nu harayang milu dipoto nyalampeurkeun bari paciweuh. Ieu kaayaan rikat dijieun kasempetan ku kuring pikeun indit ngelemet sagancangna ti ieu tempat. Jung, leos, gidig mapay gang anu brasna ka jalan raya.
Salamet! Nepi ka jalan gede hate ngemplong, ngemplong lir nu kakara leupas tina balai, tapi teu burung gudawang dibarung ku nyanyautan. Bari mawa hate nu tatu parna, kuring ngencis balik.
Sajeroning dina beus nu maju ka Limbangankeun hate teu eureun-eureun gegeleneng yen aya bagja teu daulat. Tapi basa leungeun muka dompet anu eusina weuteuh keneh teu kungsi kacoceng, hate ngomong kieu, “Untung can kungsi nyambungan, mun enggeus teh rugi ku hiji ku dua!” Ceuk hate ngupahan maneh.***

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/02/02/basa-si-nyai-pangantenan/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer