Ekspresi narsis-ku

February 2, 2006

Gosip

Filed under: Prosa

Rengat

(Dimuat dina Mangle no. 2016, 19 – 25 Mei 2005)

Kasebutna we babaturan, balageur jeung saromeah soteh hareupeun, da tukangeun mah biasa we ngaromongkeun. Nu purah nepi-nepikeun omongan nu nyarugak tina biwir batur kana ceuli kuring, aya eta teh. Nu bagean ngorek kaayaan diri kuring dina danget ayeuna keur bejakeuneun ka sakumna babaturanana, aya. Bagi-bagi tugas sigana mah. Atuh sobat nu bener-bener bageur jeung tara pipilueun ngalulugukeun kagorengan oge teu kurang. Nya mun rek nyieun babandingan mah rek ampir sarua lah antara jumlah sobat nu tara openan kana urusan batur jeung jumlah babaturan anu resep ngaririweuh maneh nyokelan kasalahan kaaeban nu sejen teh.
Ayeuna mah kari kuringna nu kudu tahan banting teh, da meureun engke oge carapeeun sorangan, moal hantem wae tingkecewis tinggerendeng tukangeun, jeung hak maranehna ieuh ngagarosipna rek nepi ka arableh jeung ngaracay oge, biwir-biwirna ieuh!
Tapi tetela jadi jelema nu tahan banting teh hese kacida. Rumasa kuring mah jalma epes meer jeung leumpeuh yuni. Sakalieun ngadenge nu nyarita dibedaskeun bari eusi omonganana semu nu nyindir ge, hate sok gegebegan, padahal can tangtu eta nu nyarita teh sindir sampir ka kuring.
Kawas bieu, basa kuring kakara hol pisan asup ka ruang guru, aya nu nyelengkeung sora awewe. “Kawin cerai teh ayeuna mah geus jadi budaya nya, teu di artis teu di guru!” Cenah. Ceuli apal pisan, sora saha eta teh. Rek teu apal kumaha atuh, kapan taun-taun hirup sagulung-sagalang jeung maranehna teh. Barang ngaralieuk ka kuring, ibu-ibu nu keur ngariung opatan teh jep jarempe heula, tuluy salasaurang di antara maranehna aya nu hideng nyalenggorkeun topik obrolan nu bieu kana masalah sejen. Tong dipake nyeri hate, boa maranehna teh lain keur ngarupat kuring, kuringna we nu sok suudon cekeng, meper jeung ngupahan maneh.
Nu togmol mentog oge aya deuih. Ku mani lengkep atuh pasipatan jelema teh di sakola kuring mah.
“Bu Siti, naha mani eleh bersaing ku mitoha atuh? Mun abdi mah ti mimiti papacangan ge geus di-ultimatum salaki teh, yen sagala urusan rumah tangga urang teh urusan urang duaan, teu meunang aya nu ngagamahan ilubiung milu ngatur, boh ti pihak salaki boh ti pihak pamajikan!” Ceuk hiji guru anu dipikolot di sakola.
“Komo salaki abdi mah teu bisaeun sumput salindung kawas kitu teh, duit naon-naon oge bro we ka abdi,” tembal guru senior nu hiji deui. Ngadenge kitu, raheut hate kuring akibat tina kajadian nepi ka kudu pepegatan jeung salaki, nu harita geus mimiti humapur ngajeletit deui. Teu ditembal, kuriak katutuluyan sinisna jeung kapapanjangan narabeuh maneh, kabeh asa pangruntut rautna. Heueuh da kuring ge teu nyangka rek pikitueun, nyasat atuh, mun nyaho ti anggalna pikieueun mah meureun boro-boro daek dikawin, moal daek wawuh-wawuh acan ka urut salaki teh.
Horeng leuwih arapal jeung nyaraho keneh maranehna kana riwayat rumah tangga kuring teh batan kuringna sorangan. Sakapeung mah sok ngarasa helok, naha maranehna nyaraho ti mana, yen kuring pipisahan jeung salaki teh alatan salaki salingkuh (teu bruk-brak masalah duit, pangpangna duit gajih). Leuwih condong nyaah ka nu jadi indungna, sarta kuring pisan nu ngagugat talakna. Rarasaan mah rikip we neundeun rusiah rumah tangga teh, tara pangangguran diambeng. Kawasna mah aya “tim investigasina” mana kitu ge.
Anu disorot ku maranehna ayeuna kahirupan pribadi kuring, anu kapaksa ngamimitian deui ti enol, sanggeus wangunan rumah tangga anu salila opat taun satekah polah dipertahankeun ahirna ancur burakrakan. Kahirupan pribadi kuring anu ti poe ka poe beuki karasa beuratna. Beurat nyanghareupan pancen kuring ayeuna, kudu bisa nyekel peran salaku indung sakaligus jadi bapa dina ngagedekeun anak nu ngan sakikituna, mangka awewe, jaba leutik keneh. Beurat nyanghareupan reaksi lingkungan sabudeureun tea deuih. Loba teuing mangkluk nu pangangguran hayang pipilueun ngaliput sarta ngomentaran lalampahan sorangan.
Ku kituna, tamatna lalakon kuring babarengan jeung nu jadi salaki tangtu lain hartina tamat oge nyanghareupan sagala permasalahan. Puguh episode nu eta pisan dina hirup kuring anu jadi bibit tingpucunghulna masalah anyar teh, anu ayeuna mah wayahna dina ngungkulanana ge sabisa-bisa kudu sosoranganan.
Rarasaan rengkak paripolah teh teu eureun-eureun diponcongok ku mata-mata. Jeung kawasna rarasaan kuring teh teu nyalahan. Memang sakadang mata-mata teh siga nu embung leupas panenjona sadetik oge tina laku lampah kuring sapopoe. Nya dina hal ieu ge hak maranehna. Matak hayu tutur-tutur ka mana wae kuring teh ngaleosna, ari teu carape mah!
Dasar kudu aya wae piributeun teh. Hiji poe ka sakola aya nu rek ngahaja nepungan kuring. Utusan ti hiji penerbit buku-buku pelajaran, rek ngabadamikeun rencana penyusunan buku teks pangajaran Basa Sunda. Samemeh pidatangeun jelemana, kuring ngawanti-wanti ka guru piket, yen lamun aya semah, susulan we kuring di kelas tilu G.
“Semah ti mana kitu, Bu Siti?” Tanya Bu Nengsih anu harita kabeneran keur piket poe Rebo.
“Pokona aya we, jelema nu butuheun ku abdi,” tembal teh. Rarasaan mah wajar we ngajawab teh, bari heureuy ieuh. Lila-lila kapikir, puguh jawaban nu samodel kitu anu matak nimbulkeun kapanasaran nu lian teh, pangpangna kapanasaran jelema nu biwir nyiru rombengeun.
“Rek aya semah? Saha Siti? Kabogoh anyar? Gaya euy, can ge lubar idah geus muka pendaftaran!” Ceuk Bu Ani nu geus pada apal resep pisan kana gosip, bari seuri. Najan ngomong kituna teh bari seuri, aya oge pangaruhna, panas kana ceuli. Ah! Geuwat kuring indit ninggalkeun ruang guru muru kelas 3 G.
Semah nu didagoan teh datangna beurang. Basa kuring kakara jol pisan ti kelas, kasampak manehna keur cindekul dina korsi panjang. Tuluy ku kuring disampeurkeun.
“Kumaha damang, Bu Siti?” Ceuk semah.
“Alhamdulillah sae, geuning apal keneh ka abdi, Kang Budi?”
“Naha nganggo hilap sagala, da abdi mah teu acan pikun,” cenah.
“Eta we basa pendak di percetakan teh tos lami pisan….sataun…. aya nya?” Tanya kuring.
“Ah sataun mah teu acan lami atuh. Bu Sitina oge teu acan robih deuih, bade hilap kumaha?” Cenah bari nyerengeh.
“Kieu, abdi teh katitipan saur ku Pa Herman, perkawis penyusunan buku teks Basa Sunda tea kedah tatan-tatan ti ayeuna, margi eta buku teh kedah rengse sateuacan taun ajaran enggal,” ceuk manehna deui. Satuluyna obrolan kuring jeung Budipriatna estuning kukulibekan dina masalah garapeun, henteu ngobrolkeun masalah nu lain-lain, jajauheun ngaleok kana masalah pribadi. Tapi ari ninggang di jelema-jelema anu geus boga cupat goreng hate mah, ti awalna keneh oge geus curiga-curiga we, yen kuring teh keur narima semah lain sasemah-semahna, tapi tamu “spesial”.
Poe eta keneh pihak penerbit ngondang kuring ka kantorna pikeun ngabadamikeun garapeun satuluyna. Jadi eta semah datang ka sakola teh ngahaja mapagkeun kuring sangkan bisa ngahadiran rapat di kantorna. Tangtuna ge kuring kudu hadir, sabab ieu teh urusan penting keur kuring mah, piduiteun ongkoh.
Nu jadi kaseunggah teh inditna kudu bareng jeung manehna. Hoream. Geus kaerong bakal pirameeun. Tapi pan kantorna teh jauh. Mun kana mobil umum pasti moal kaburu milu rapat, kabeurangan manten, acan kapegat ku macet di jalanna, teu cara make mobil pribadi, bisa liwat tol. Ahirna lahaola kuring indit teh bareng, milu kana mobil semah. Ceuk pikiran kuring harita, naha make sieun-sieun teuing ku pitnah batur ari teu rumasa salah mah?
Isukna bener we aya nu laporan, yen basa kamari kuring arindit jeung Budipriatna teh rame cenah guru-guru awewe garogonjakan, pajarkeun teh kuring jangjian jeung lalaki anyar pinanggih di sakola, tuluy arindit ka hiji tempat dina raraga ngalalanyahan. Sanajan ku kuring geus kasakuan bakal aya reaksi saperti kitu tina lalakon jeung lalampahan kuring poe kamari tea, teu burung ngarenjag hate teh.
Malah Bu Ani mah cenah nyarita kieu, “Daek we nya diajak jangjian ku lalaki teh, mun saya mah ke heulaanan moal gampang kabandang. Teu sangka nya…kapan Siti teh cicingeun,….tah nu kitu nu disebut ngeleyed teh!”
Lamun jalma nu nepikeun eta omongan niatna hayang ngarerab hate kuring, tetela manehna sukses. Da harita keneh karasa pisan ngaheabna hate kuring teh.
“Dasar biang gosip Bu Ani mah!” Cekeng.
Lain antepeun jelema model kitu mah. Sanajan dina didalakna ge eta jelema teh moal euih-euih, da aya paribasa adat kakurung ku iga, tapi copelna kuring teh aya tarekah ngawarah nu resep mitnah. Hasil henteuna eta usaha kuring, robah henteuna sipat manehna, eta mah geus lain urusan kuring deui.
Hanjakal poe ieu manehna teu datang ka sakola. Padahal dina jadwal ngajar mah poe ieu teh kuduna manehna aya. Kabeneran nomer HP-na aya dina phonebook Hp kuring. Ku kuring dikirim SMS anu unina,” Lamun enya di dinya teh ngaku jeung ngarasa jelema intelek, tong sok pipilueun kana urusan batur!”
Geuwat eta SMS dikirimkeun ka jinisna. Naha kuring make nyabit-nyabit kecap intelek? Sabab manehna mah lamun geus ngobrol boh jeung kuring boh jeung nu sejen, didenge-denge teh mun teu ngomongkeun batur nya goong nabeuh maneh tea sarta luhur pamakanan, kana sagala hal asa pangnyahona, asa pangintelekna.
Can puas keneh hate teh, kuring nulis deui,” Lamun abdi niat jangjian jeung lalaki, lain di sakola atuh, tapi di tempat mesum!” Cekeng. Teu lila manehna ngabalesan SMS kuring tea. Eusina ngabantah, teu ngaku geus ngorobokan urusan batur, tong percayaan teuing cenah, dadaekanan diadudombakeun! Teu hayang nganggap kana jawaban manehna dina SMS teh, pokona kuring hayang adu hareupan heula jeung jinisna.
Umur-umuran kakara ayeuna boga niat ngalabrak jelema. Atuda asa ku teungteuingeun, kena-kena kuring sok antepan, tara ngalawan, mani barebas nyarita teh saengabna. Jeung teuing naon sababna dina danget ieu mah napsu teh hese dipeperna, can nyarekan jelemana mah kawasna hate teh can sugema. Padahal biasana mah sok beunang diupahan dibebenjokeun hate nu keur peurih teh.
Poe Senen kuring pasangrok pisan jeung nu ngaranna Bu Ani tea di lawang panto ruang guru. Manehna miheulaan ngajak adu hareupan.
“Siti, ka dieu sakeudeung, urang ngobrolkeun masalah SMS Siti tea kamari!”
“Hayu!” Cekeng. Da kuring ge geus siap nyieun serangan balesan meunang ngarancang sapeupeuting di imah, lamun niat manehna ayeuna rek nyerang mah. Meungpeung keur sepi. Boh guru boh murid keur araya di jero kelasna masing-masing. Gek kuring jeung manehna dariuk pahareup-hareup dina bata hareupeun ruang guru.
“Saha nu niat ngadu domba urang teh? Saya hayang nyaho jelemana. Kuduna mah di dinya teh tong waka percaya!” Cenah, katenjo ambekanana rada ngahegak, tayohna mamarasna kapeupeuh ku SMS kuring tea.
“Abdi rek teu percaya kumaha kana omongan batur kamari teh Bu Ani. Pan sarerea ge geus pada apal, pagawean sapopoe di dinya teh tukang ngomongkeun batur!” Kuring ngarenghap heula sakeudeung, meper napsu nu mimiti rek naek.
“Di dinya pangapalna kana riwayat hirup unggal jelema di ieu sakola teh pan, pangpangna palebah nu gorengna. Di dinya apal pisan sisi negatif kahirupan pribadi unggal kepala sakola anu kungsi mingpin ieu sakola, tuluy diuar-uar ka balarea, asa pangnyahona!” Dikitukeun teh katenjo napsuna ngagedean, tuluy nyentak.
“Siti!! Tong loba omong!!” Cenah bari muncereng Hayang seuri, mun edek ge kuring nu nyereng kitu teh. Kapan manehna pisan anu nyieun pucuk ti girang teh. Kuring narik napas deui, sangkan emosi kuring stabil, ulah budal teu kakontrol cara manehna.
“Matak ge Bu Ani, ari nyarita teh kudu ati-ati. Ari geus aya nu nyeri hate mah masalahna jadi manjang, teu cukup dibeberes ku cara mungkir, teu anggeus ku ngabantah tuluy nuduh batur geus ngadu domba urang.”
Tayohna manehna kasedekeun dikitukeun teh, da tuluy ieu adegan teh menta di-cut, dipotong heula, da cenah manehna kudu ka kelas, rek ka kelas heula, engke urang tuluykeun deui di ruang BP, cenah.
“Heug!” Cekeng.
Ari pek ka kelas ge teu asup geuning manehna teh. Kuring nyaho manehna euweuh di kelas teh basa barudak kelas 3 B nyarusulan manehna ka ruang guru. Har…na tuluy ka mana atuh mangkluk teh?
Ka mana wae ge nyumputna ku kuring rek diubek, salegana ge SMP 4. Kasampak teh manehna keur ngabamblam we di ruang tata usaha keur pada nanggap ku pagawe TU. Barang ret manehna ka kuring katenjo rada rampang-reumpeung, leos kuring ka ruang BP anu lawangna pahareup-hareup jeung ruang TU tea. Kabeneran aya Bu Yuni keur nulis, ku kuring disampeurkeun. Kuring ngumaha ka ieu guru BP sangkan daek ngabantuan ngabeberes ieu pasualan. Horeng Bu Yuni ge geus apaleun kana masalah ieu teh langsung ti biwir Bu Anina sorangan, sarta nyanggupan rek nguruskeun ieu masalah nepi ka hubungan kuring jeung Bu Ani hade deui sabihari. Tapi didago-dago teh nu ngajangjian pasea di ruang BP tea teu jol wae.
“Tuh Bu, balucat-balicet wae geuning Bu Anina oge,” ceuk kuring keuheul.
“Keun urang geroan,” cenah.
Manehna daek nyampeurkeun soteh sanggeus digeroan ku Bu Yuni. Barang dipentog, manehna susumpahan teu rumasa geus ngomong goreng perkara diri kuring. Malah cenah manehna malik teu suka, pedah manehna ku kuring disebut jelema nu pangapalna kana sisi negatifna unggal guru kaasup kagorengan kepala sakola. Pangnyeri hatena mah cenah basa kadenge aya nu nyebut yen manehna teh biang gosip.
“Sok bejakeun, saha jelemana deuih nu wani-wani nyebut ka saya biang gosip teh?” Nyarita kituna teh bari morongos-morongos we, kawas nu hayang ngokos ka kuring.
“Abdi, abdi pisan jelemana nu nyebut di dinya biang gosip teh, tapi kanyataan pan? Memang di dinya teh biang gosip! Bisa jadi ayeuna ge di dinya mungkir teh ku lantaran poho kana naon-naon anu geus diucapkeun, da eta kalobaan teuing nguruskeun masalah batur. Jeung deuih Bu Ani, bareto di dinya teh kungsi ditampiling ku Bu Elis, kasusna ampir sarua jeung ayeuna, naha teu kapok?” Cekeng, geus kagok asong adu hareupan, naon anu aya dina pikiran kuring harita dibaledog-baledogkeun ka manehna. Brak!! Manehna ngagebrag meja. Ah, teu reuwas teusing digebrag ku jelema begung kitu mah. Ceuk hate teh, kuduna aing euy nu geus digosipkeun nu ngagebrag meja teh, naha bet jadi tibalik, jadi di dinya nu kalap?
“Jaga tah sungut teh!” Ceuk manehna bari curukna tutunjuk kana beungeut kuring.
“Meugeus atuh Ani, kapan datang ka dieu teh hayang diuruskeun lin? Era, urang teh sasuhunan, ulah nepi ka goreng jeung ngalulugukeun kagorengan sapapanjangna,” ceuk Bu Yuni.
“Tapi Bu Yuni, kaya kieu mah kawasna hubungan abdi jeung ieu jalmi teh moal bisa hade deui, sabab kahiji, mustahil manehna ngaku geus ngaluarkeun caritaan anu matak nyeri kana hate abdi. Kaduana, watek jelema mah pamohalan bisa robah ari jinisna teu niat robah mah,” tembal teh. Kareret paromanna tegang tur ambekanana ngahegak keneh. Kuring ge jadi bingung tungtungna mah, naha ieu teh bet jadi rongkah kieu? Kaduhung aya kuring teh, geus ngagugu napsu. Mun teleg we atuh nya omongan kitu kieu ge kamari teh. Kapan samemehna ge iraha teuing kuring sanggup patelak jeung jelema? Dalah basa kajadian pipisahan jeung salaki ge samemehna teh da teu ngalaman pasea heula kawas kieu, teu kungsi hog-hag heula cara ayeuna. Minangka rada rongkahna teh ukur nepi ka silih geleneng.
“Jadi ayeuna kumaha atuh? Ari Ibu mah sakadar nu dikumahaan. Teu harayang wawuh deui mah nya kuma dinya, da geus karolot ieuh!” Ceuk Bu Yuni, semu keuheul. Erana nataku dikitukeun teh. Heueuh aing teh pan geus kolot, guru deuih. Kakara kapikir, kuring teh bet saruana, sarua gelona. Tungtungna kuring nu menta hampura ti heula. Bari delak-delek tur jebras-jebris ge teu burung manehna daekeun sasalaman.
Cekeng teh, “Hikmah tina ieu kajadian, ti mimiti poe ieu abdi moal percayaan teuing kana omongan batur, atuh Bu Ani ge sarua kudu ati-ati nyarita teh, kudu dijaga lambeyna ulah ceplas-ceplos teuing!” Manehna teu nembalan, anggur ngajengkat ngaleos ka ruang TU deui, kawasna mah ganggarateun, rek nuluykeun deui hanca ngagosipna anu tadi kapegat ku ngadon pasea heula jeung kuring.
Sabulan ti harita torojol teh Budipriatna datang deui ka sakola. Menta naskah mangrupa draf anu geus final disusun ku kuring, cenah rek ditungtut diedit, disakalikeun mah bisi kaserempek, sabab waktuna samporet pisan. Keuheul aya ka manehna teh, eta ku sok sagala ngadadak, tara ngiberan heula ti anggalna mun rek aya perlu ka kuring teh. Mun nelepon heula mah kamari teh kajeun sina datang ka imah, ulah panggih di sakola. Kawasna mun datangna ka imah mah moal piomongeun, da puguh kuring teh saimah keneh jeung kolot katut adi-adi. Dina uplekna ge ngadon ngobrol, meureun moal timbul pitnah di imah mah, da aya saksina, indung bapa kuring.
“Kang, sanes nelepon heula atuh kamari, da berkasna ge sadayana di rorompok teu aya di dieu.” Ceuk kuring bari keuheul. Mangkaning di ruang guru teh keur meujeuhna rame, guru-guru araya kabeh, da waktuna istirahat. Kareret si biang gosip tea keur mendeleng we bari seuri sinis.
“Teu janten pamengan kanggo abdi mah dibantun heula ayeuna ka bumi Bu siti oge. Asal kedah kabantun dinten ieu. Wios ku abdi diantosan dugi ka Bu Siti rengse ngawulangna. Tabuh sabaraha beresna ngawulang teh?”
Ih, ku teu ngarti nya, puguh manehna pisan nu jadi gara-gara bulan kamari kuring pasea rongkah jeung jelema teh. Kudu kumaha nolakna atuh nya?
“Kumaha upami dicandakna enjing ka rorompok? Dinten ieu mah abdina bade teterasan, moal waka wangsul, aya kaperyogian heula.” Kapaksa kuring ngabohong.
“Bu Siti, waktosna tos samporet pisan, seueur keneh garapeun abdi teh, sanes nuju mayunan proyek ieu wungkul. Punten we yeuh ngabebereg.”
Nenjo kuring ngahuleng manehna nyarita deui, “Bade teterasan ka mana kitu?” Angkatna we sareng atuh, sok lah abdi siap janten supir, asal drafna kabantun ayeuna pisan,” cenah.
Ahirna kuring eleh deet, jeung kapikir deuih, ieu teh urusan bisnis, najan bisnis leuleutikan. Nu ngaranna piduiteun mah kudu daria nyanghareupanana, bisi pihak penerbit kapokeun gawe bareng deui jeung kuring. Antukna pangajak Budipriatna teh disanggupan. Atuh balik teh bareng deui, bari hate mah hemar-hemir, omongan-omongan sareukeut tur marencos nu model kumaha deui anu baris nurihan hate kuring isukan? Duh!!”

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/02/02/gosip/trackback/

  1. Matakna kudu hati2 nepungan chatter teh, bisi jadi gosip tuh geuning……..kajadian…….sanajan dunia maya dan jelema na mah nyata,,,,,,,,,,,ngan anu hiji bakal maya salalawasna ……….nya eta kuring nyalira………. ha ha ha ha ha………..

    Comment by someone — February 14, 2006 @ 7:37 am

  2. chatting bari teu kopdar mah teu rame atuh someone, moal aya tungtungna. Abdi mah jalmina sok panasaran, hoyong terang bungkeuleukanana chatter teh, sugan we piartoseun, tiasa dijantenkeun tokoh dina carios bohong abdi heheh……(abong tukang ngabohong)!

    Comment by pop — April 20, 2006 @ 4:16 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer