Ekspresi narsis-ku

February 14, 2006

Sajak

Filed under: Puisi

Mega Bodas Ayang-ayangan

CITRA

Mun seug anjeun percanten
abdi ngan ukur kalangkang
sami jeung kalangkang heulang
moal matak cumpon kahayang

Mun seug salira uninga
abdi ngan saukur citra
paranti dicipta-cipta
tina hayal sugan nyata

Mun seug Akang terang
abdi taya di kieuna
ulah ngarep-ngarep aya
komo mun nganggap sampurna

SURTI

Aya nu ngagalura
na dada
basa lelembutan mindeng tepung na implengan

Ngan pada-pada kemba
lantara teu wasa
mun hate kedah midua

Aya nu teu perlu dikedalkeun
dibuni-buni disumputkeun
da kabaca jeung karampa
ku jinisna

ANGIN PUYUH LILIMBUNGAN

Horeng anjeun teh angin puyuh lilimbungan, jungjunan
sumping teu ngiberan mulang teu pamitan
ana nebak kana awak matak tingsariak teu katahan

Geuning anjeun teh angin puyuh lilimbungan, panutan
harewos romantisna ngoyag-ngoyag tangtungan
pangrungrum asihna ngendag-ngendag prinsip

Tetela anjeun teh angin puyuh lilimbungan, juragan
leungitna teu kanyahoan
ayeuna aya di mana?
kumaha nyambatna?
abdi nineung ku hiuk jeung gelebugna

DI MANA

Di mana salira
naha nuju mulang heula
muru Indragirihulu

Boa aya di Jakarta
sukan-sukan jalan-jalan
matak hilap ka nu ngantosan

Ketang boa nuju di Semarang
da salira mah kawas heulang
sakarep-karep ngudag-ngudag kahayang
tara emut ka nu melang

Mending ge bumetah di Bandung
ngarah urang sering tepang
meureun nu keur manteng kangen
bakal sering kaubaran

LAMUNAN

Lamun abdi jadi angin
hayang jadi angin ririh
niupan raga jungjunan
manawi teu kaabotan

Lamun abdi jadi bulan
hayang teh bulan purnama
satia nyarengan Akang
mun pareng nuju ngabungbang

Mun abdi jadi kalangkang
estuning bagja temenan
bakal jongjon ngarencangan
ka mana Akang ngaringkang

NAON ANU DITEANGAN

Nanya ka diri sorangan
naon nu keur diteangan
nepi ka aprak-aprakan
nganjang ka dunya implengan

Naon atuh nu keur dipaluruh
geuning mimindengna mah ngarahuh
da tujuan henteu puguh
kalah nambahan bangbaluh

Satadina susuganan
inspirasi narepungan
nu puguh mah pipikiran
jadi pajurawet ngarancabang

Padahal mah nu sajati
tos teu kedah dipilari
sadaya nyampak di bumi
ulah sok kaleuleuwihi
ceuk gerentes ati

Arjuna

JAMPARING ASIH

Hampura
Mun harita katiruk ku jamparing kuring
Nu ngabelesat tina gondewa rasa
Teu niat manah ka dinya

Salah saha
Naha teu geuwat ngagiwar
Eta mah jamparing nyasar
Kalepasan bakating ku geus teu sabar

Kari cabut atuh jamparingna
Jeung ulah nganaha-naha
Pedah hate anjeun tatu parna
Da teu dihaja
Barina ge kuring mah manah Arjuna

DUNYA PUPULASAN

Cyber teh alam impian, Fz
endahna lalakon ukur pupulasan
bagjana hate ukur nepi ka mepende

Cyber teh dunya lamunan, Fz
lain keur pasini jangji
sagala sarwa teu pasti
loba nu kacingcirihi

Salah mun manah marudah
Kalah nambah-nambah guligah
komo mun ngahuru kalbu ku seuneu timburu
estu kalangsu

Geuwat pareuman nu heheaban
bibit buit pacengkadan

____________________________________________________________

Marudah

UNTUK DECKY ERSANDA YANG TAK PAHAM BAHASA SUNDA

BARA

Kau tebarkan bara menyala
di tengah pertemanan berbuah kesan-kesan
hingga aku meradang kesakitan
merintih
dan letih

Bara itu
membakar lembaran cerita misteri
yang susah payah tlah kita rangkai bersama
tanpa kata-kata

Jadi abu
yang berhamburan ke udara ketika diterpa hembusan nafas penyesalan
mencampuradukkan mimpi dan kenyataan
hingga rasa merajai logika
merana

____________________________________________________________

Nu dipikameumeut

PERJANJIAN ITU

Kau tembus jarak dan waktu di satu Rabu
demi pertemuan dilatari suasana biru
menggebu

Jabat tangan kita
untuk sebuah perjanjian
tak saling menyakiti di hari kemudian

Tapi siapa menjamin
manusia tetap teguh bertahan di jalannya
sedang jaman dan cuaca pun berubah-ubah

Berharap-harap mendapat jawaban
aku harus tunduk pada masa
dan ketakutan yang tak hendak lepas dari genggaman,
sembilu ngilu itu
di hati kecilku lagi-lagi kau tikamkan
jangan!!

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/02/14/43/trackback/

  1. ehmmmmmmmm, eta sajak2 di luhur meni sarae. naha eta teh kanggo saha atuh?………..meuni nineung…….meni nalangsa……..hiji jalma, hiji basa,,,,,,,,,sigana mah nya??????

    Comment by someone — February 14, 2006 @ 7:13 am

  2. Duh……neng Popon akang……………………..
    meni asa kawakilan ku SURTI
    memang hirupmah kudu surti meureun ?

    Comment by Waw — April 18, 2006 @ 6:01 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer