Ekspresi narsis-ku

February 24, 2006

Pipisahan

Filed under: Prosa

gonggong simagonggong

(Dimuat dina Mangle No. 2059, 16-22 Maret 2006)

“Aa, kumaha betah masantren di lembur teh? Geuning dinten ieu tiasa uih heula ka dieu? Kahoyong mah lah ulah ka ditu deui, Eneng teu aya batur. Duh meni nalangsa tebih ti Aa teh, teu aya nu mapatahan maen game, teu aya nu ngabaturan midamel PR, teu aya anu maseaan. Horeng ari geus patebih mah make jeung sok hoyong aya nu maseaan deui, siga basa eta, basa urang masih keneh sok ngumpul ngariung, lengkep keneh, nuju Si Bapa aya, nuju Si Mamah tara ka mamana.
Sugan teh kulawarga urang moal paburencay siga kieu nya, Aa. Eneng mah teu ngarti ku sikep Si Mamah jeung Si Bapa. Ongkoh duanana sok mapatahan ka urang mun pareng urang keur pasea. Cenah ari jadi jalmi kedah runtut raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, komo ieu jeung dulur. Kitu pan papatahna teh, emut keneh henteu? Tapi naha kalah Si Mamah jeung Si Bapa nu mumusuhanana bari jeung hese akurna? Urang mah mun mumusuhan, kapan sok gancang wawuhna. Ih da Si Mamah jeung Si Bapa mah ditungguan teh, teu aya tanda-tanda bade pacantel.
Naha marebutkeun naon atuh nya, Aa? Mun ngelehan salasaurang mah nya. Mun urang keur pasea parebut cocooan, bisa we Si Bapa mah nyarios kieu ka Aa, “Kudu ngelehan ari ka nu jadi adi, Aa mah pan geus ageung!” Ari Si Bapa geuning teu daek ngelehan ka Si Mamah.
Si Mamah deui atuh nya, na teu karunya kitu ka urang? Akibat papaseaan nu teu anggeus-anggeus, urang duaan jadi kalantar. Aa jeung Eneng jadi dipisahkeun. Mana tebih deuih dipisahkeunana oge. Teu aya batur pakumaha. Unggal dinten Eneng mah sok nyurucudkeun cipanon. Inget ka Aa, tuman unggal dinten babarengan. Inget ka Bapa, mangka ayeuna mah tara nelepon-nelepon acan ka Eneng teh.
Ayeuna Si Mamah teh katingalna asa beuki riweuh wae ku padamelan. Jam 6 enjing-enjing tos ngabiur nganggo motor, cenah mah bade ngajar di SMK 11. Siangna sok uih heula sakedap, biur deui, bagean ngajar di SMP Pasundan 1 cenah.
Eneng di imah sosoranganan. Mun pareng hujan ngagebret mani sok keueung teh. Jaba sok lapar teu katahan. Da Si Mamah mah kadang-kadang sok hilapeun meser rencang sangu. Ari dipentog teh kalah nyebat kieu, ”Diajar mandiri atuh. Boga indung riweuh mah wayahna kudu bisa sagala ku sorangan. Piraku geus kelas 4 SD teu bisa ngagoreng endog - ngagoreng endog acan!” Eneng teh sanes teu tiasa, tapi sieun komporna ngagebos, mun kahuruan ka saha nya menta tulung, da di komplek mah sarepi. Pangpangna mah tos bosen, emam teh jeung endog deui jeung endog deui. Komo ku supermi mah weuh tos enek.
Jadi sok ngahaja mun budalan sakola teh tara langsung uih. Sok ngadon ameng heula di rerencangan nepi ka asar. Rerencangan teh bangun karunyaeun ka Eneng, sok masihan emam. Pangresepna mah emam di bumi Suci. Rencang sanguna basajan, tapi matak ni’mat. Mamah Suci mah tiasaan nyulap sayuran nu mirah jadi masakan anu raos. Pira ge tumis kangkung sareng sambel tarasi, ih da meni sok hoyong ngeduk deui. Mun di imah sorangan mah meureun tos ngalas deui.
Di bumi Tina kitu deuih, harita emam teh sareng ulukutek leunca, sareng minyak jengkol, meni ni’maaat pisan. Duh ayeuna ge jadi lapar yeuh. Ngan atuda ari unggal dinten teuing ngadon emam di rerencangan mah isin Enengna oge. Sakapeung mah sok api-api teu kabita, sok mugen we mun ditawaran teh, padahal mah beuteung teh keur meujeuhna kukurubukan.
Pangisinna mah basa kakuping Mamah Anisa nyarios kieu, “Karunya nya eta budak. Teu kaurus. Indungna kalah riweuh ngurus anak batur,” cenah bari mencrong ka Eneng.
Ceuk Mamah Reza teh, “Atuda sasangkleng, ngajar di tilu sakola. Uyuhan kaawakan. Belaan kulawarga sorangan paburantak.” Eneng teu pati ngartos kana eta cariosan ibu-ibu teh. Ngan pasti keur nyarioskeun Si Mamah jeung mangkarunyakeun ka Eneng.
Padahal kapungkur mah sateuacan Si Mamah diidinan didamel ku Si Bapa, teu kieu kulawarga urang teh nya, Aa. Resep we nu aya. Nuju Eneng sakola di TK, Si Mamah teu weleh nganganteur, ngantosan dugi ka waktosna bubar sakola. Teras uihna sok diajak ka supermarket, dijajanan. Reup magrib, dipapatahan ngaos sareng jampe solat. Dinten Minggu urang teh ku Si Bapa sok diajak ngojay ka kolam renang anu caket. Emut keneh teu, Aa?
Tapi ayeuna mah boro-boro. Ti saprak Si Mamah didamel, unggal dinten kaluar, sadayana jadi robah. Kadieunakeun Si Mamah jeung Si Bapa jadi mindeng pasea, duka naon anu dipaseakeunana, da seueur nu teu kaharti babasaanana. Beres hog-hag kitu duanana sok tuluy pabetem-betem, tara ngobrol deui, tara heureuy deui, komo ka dieunakeun pisan mah asa tara ningal deui Si Mamah jeung Si Bapa ngadon saleuseurian.
Ti saprak Aa dipasantrenkeun di lembur, Si Bapa jadi jarang uih, duka sok mondok di mana. Dina sakalina uih ka bumi ge sok sajorelat-sajorelat, sok teras angkat deui. Atuh Eneng beuki mindeng cuang-cieung, da seseringna mah Si Mamah oge uih ka bumi teh wanci Isa, mun Eneng tos leleyepan dina korsi panjang.
Beuki dieu beuki teu genah hate, basa kakuping tatangga seueur nu nyarioskeun kulawarga urang. Basa Eneng ameng di bumi Ira, mamahna Ira ngaharewos ka Bu RT, tapi ku Eneng kakuping keneh, cenah hubungan Si Mamah jeung Si Bapa teh geus teu harmonis deui. Ari harmonis teh naon sih hartina? Ayeuna Si Mamah teh cenah nuju ngagugat talak, tuluy kolot urang teh keur parebut imah. Harita ku Eneng hantem dipikiran, ah piraku imah diparebutkeun? Kawas cocooan wae nya? Najan teu pati kaharti, eta obrolan ibu-ibu teh ku Eneng diapalkeun, diinget-inget, panasaran hayang terang naon maksudna. Basa Si Mamah nembe uih ti sakola ku Eneng langsung ditaroskeun ka Si Mamah. Na atuh Aa, teu nyangka ti tadina Si Mamah sanes ngajawab pertanyaan Eneng, kalah kawas nu ambek pisan. Gidig kaluar nyampeurkeun ka bumi Ira. Ari dituturkeun teh kasampak Si Mamah nuju nyeuseulan mamahna Ira. Duh Eneng jadi reuwas, naha naon atuh hartina eta obrolan teh? Cenah ceuk Si Mamah teh urus we rumah tangga sorangan, ulah sok pangangguran openan kana masalah rumah tangga batur. Ka dituna mah duka nyarios naon deui Si Mamah teh, Enengna kaburu ngaleos, hoream ningal nu ambek kawas kitu teh, sok ngadegdeg jeung sok nyoroncod tuur.
Tuluy enjingna Eneng ku Si Mamah diwanti-wanti ulah ameng di luar. Mun tos uih sakola kedah nyirekem di imah. Make jeung ngancam sagala Si Mamah mah, mun ulin deui jeung barudak nu indungna sok usilan, moal dibere duit keur jajan geura, cenah. Ih enyaan Si Mamah teh jadi robah, jadi mindeng ambek-ambekan. Naha aya masalah naon atuh nya. Da kapungkur mah sakitu perhatianana ka urang teh nya, Aa.”
“Puguh Aa oge teu ngarti, Eneng. Sigana mah kulawarga urang teh tereh bubar. Eta we, mun pareng Aa uih heula ti pasantren ka bumi Enin, sok mindeng kadenge dulur-dulur Si Bapa nyarioskeun Si Mamah. Teu ngahaja ngadengekeun, ngan ari mindeng-mindeng teuing mah nyaritakeunana nya arasup we eta beja teh kana ceuli Aa.
Cenah ti bareto ge ti barang pruk ka Si Bapa, Si Mamah teh sok mindeng protes hayang didamel. Alesanana mah kesel cicing di bumi wae teh. Padahal ceuk Enin mah alesan nu sabenerna mah lain kitu. Si Mamah teh boga watek panasbaranan jeung luhur pamakanan, jadi hayang boga panghasilan tambahan keur ngaluhuran batur. Malah kawas nu ngarasa kaduhung kawin ka Si Bapa teh cenah, teuing hayang ka nu kumaha.
Ngan harita mah urangna laleutik keneh, teu aya nu ngurus, matak Si Bapa teu ngidinan Si Mamah didamel oge. Basa urang tos meujeuhna ditinggalkeun di imah, tos bisa ngurus sorangan, kakara Si Mamah diidinan ngajar jadi guru honor. Saur Enin mah ti dieu cenah mimitina timbul masalah teh, sabab tetela Si Mamah teh teu bisa ngatur waktu, popohoan teuing damelna, leuwih husu kana ngajar di sakola. Rumah tangga kaluli-luli. Mun pareng dipapatahan atawa digetrik-getrik ku Si Bapa, kalah sok malikkeun, kalah sok ngajawab kieu, “Naha teu meunang kitu Mamah mantuan Bapa neangan kipayah? Bongan ngandelkeun gajih Bapa mah pimanaeun ka cumpon!”
Si Mamah jadi mindeng nyapirakeun Si Bapa. Tuluy ka dieunakeun, Si Bapa remen narima laporan ti batur, yen Si Mamah teh dalit jeung hiji pameget, duka rerencangan ngajarna duka sanes. Loba nu manggihan mindeng babarengan duaan. Basa ku Si Bapa dipentog, nembalanana teh, “Ah, lain sasaha eta mah, babaturan Mamah baheula, ayeuna diparengkeun paamprok deui.” Ngajawab kituna teh bari teu riuk-riuk cenah, siga nu ngahajakeun hayang pasea jeung Si Bapa. Tah hal eta nu nyababkeun Si Bapa luluasan kaluar ti bumi teh. Kajeun ngontrak bumi keur sasoranganeun di daerah Cibabat. Rencana satuluyna cenah urang ge moal dihijikeun deui, rek dibagi dua. Aa milu ka Si Bapa, Eneng nuturkeun Si Mamah.
Tah poe ieu ge matak Aa ku Si Bapa dipapagkeun ti lembur teh, matak urang ditepungkeun deui teh, cenah rek diajak ka pangadilan agama isukan, rek muguhkeun jeung balitungan, oge nangtukeun perkara kulawarga urang. Kumaha kaputusan hakim kana nasib urang ahirna, nya urang saksian we isukan.”
“Ih, Si Aa nyariosna bet jadi siga kolot ayeuna mah, rea nu teu kahartina! Tadi Aa nyebatkeun, Si Mamah teh boga watek panasbaranan, naon hartina panasbaranan teh? Ari hartina luhur pamakanan naon deuih?”
“Duka teuing atuh, pokona kitu we ceuk Enin oge.”
“Ah Aa, alim teuing Eneng mah milu ka Si Mamah. Pasti bakal diculkeun siga sasari. Eneng mah hayang jeung Aa. Hayang ngiring ka ditu ka bumi Enin, hayang ngiring masantren. Keun we antepkeun Si Mamah mah sina bebas. Teu kedah mikiran urang deui.”
“Pasti moal diidinan, Eneng. Kapan apal sorangan indung bapa urang mah sakitu garurat batuna. Jalan hiji-hijina mah sigana kudu narimakeun kana putusan isukan. Mun tea mah urang teh jadi dipisahkeun, nya meureun memang geus kitu kuduna. Aa pasti dititah balik deui ka pasantren. Ngalakonan poe-poe nu karasana nyiksa pisan. Aa teu bisa bebas deui cara di dieu, basa keur sakola di SMP 6. Di pasantren mah sagala disengker. Loba pisan aturan. Taya waktu keur nyalurkeun karesep. Hayang sakali-kali mah Aa teh miluan kagiatan olah raga saperti sepak bola jeung ngojay siga bareto basa keur cicing jeung Eneng di dieu. Di ditu mah sama sakali teu meunang aya kagiatan tambahan, paling ge minangka bisa nyenghapna teh milu ka kebon atawa ka pasir ngabantuan pucal-pacul jeung ngaroris pakaya Ajengan, estuning pikaboseneun. Kakara sataun di lembur teh, tapi rarasaan mah asa geus saabad!”
“Terus, Aa rek cicing we nya moal protes ka kolot urang? Da Eneng mah tos kaluman pisan. Eneng mah hayang kabur, kabur ka bumi Enin.”
“Ah, keur naon kabur da pasti bakal disusul, ka nambah-nambah pasualan. Ayeuna mah urang turutkeun we heula kahayang maranehna. Sugan we isukan teh ngadak-ngadak aya parobahan, Si Mamah jeung Si Bapa rarobah niat sugan, tina hayang pipisahan jadi hayang babarengan deui. Matak oge tibatan boga niat nu lain-lain mah mending ngadu’a ka Gusti Alloh yu, muga-muga Si Bapa jeung Si Mamah diakurkeun deui jeung diinsapkeun tina kasalahanana.”
Isukna harepan tinggal harepan. Kahayang Si Aa jeung Si Eneng pamohalan katedunan. Samemeh nepi ka kantor pangadilan agama oge maranehna geus bisa neguh, naon anu bakal tumiba ka diri maranehna satuluyna. Jigana rasa sepi jeung nalangsa anu ayeuna geus biasa nyiksa lelembutan maranehna ti poe ka poe, bakal leuwih rosa nyiksana. Naha maranehna bet boga kacindekan kitu? Sabab indung bapana arindit ka pangadilan agama teh, teu daek bareng. Bapana indit ti imah kontrakanana, indungna jeung maranehna indit ti imah nu dicicingan ku indungna. Malah aya leuwihna indungna mah, make dipapagkeun sagala sarta satuluyna dianteur ku hiji nonoman make mobil sedan. Ngakukeunana ka barudak mah sobat indungna. Tapi keur barudak mah eta jelema teh teu beda ti cucuk rungkang nu dina poe eta karasa pisan nyugakna kana mamaras duanana, ngahudang rasa ceuceub lain meumeueusan. Hate maranehna sama sakali teu kabeuli ku gandangna eta lalaki, teu kabeuli ku someah darehdehna, jeung teu kabeuli ku babawaanana, sabangsaning kadaharan nu marahal karesep barudak.
Basa sedan nyemprung muru kantor pangadilan agama, di sela-sela obrolan indungna jeung nonoman tea, kadenge pisan ku ceuli maranehna Si Nonoman nyarita kieu ka indungna, “Yang, Akang mah mung jajap wungkul nya, moal ngiring lebet ka rohangan, bade ngantosan we di tempat parkir, dugi ka beresna sidang.”
“Nya teu kenging atuh, teu kenging ngiring lebet ka rohang sidang, bilih nambih-nambih masalah, kuriak janten perkara,” ceuk indung barudak.
Ngadenge kitu Si Aa anu keur ngahephep dina jok tukang ngan wasa ngaharewos ka adina, “Eneng, kawasna mah tulus papisah urang teh. Urang silih du’akeun we ti kajauhan. Omat kudu bisa ngajaga diri, ulah loba luh-lah, turutkeun kahayang Si Mamah, kade mihape we Si Mamah. Susuganan jaga urang diidinan babarengan, disaimahkeun deui.”
Si Eneng teu nembalan, sabab keur tipepereket nahan sangkan cimatana ulah nepi ka mudal teu katandean. Ceuk pikirna, mun nepi ka rambisak teh era, heug rek milu sidang, pasti bakal amprok jeung jelema-jelema anyar pinanggih, sarta bakal dilalajoanan ku reaan. Satuluyna duanana anteng ngahareneng, ngararasakeun kumaha seunggahna ngalakonan jalan sorangeun nu ngembat panjang tur nanjak isukan, sosoranganan.***

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/02/24/pipisahan/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer