Hand Phone
(Dimuat dina Mangle No. 1965, 20-26 Mei 2004)
Kuduna mah sarua bungahna kawas barudak, milu susurakan, gogonjakan, lalaguan dina beus teh. Kapan ngaranna ge refreshing, nunda heula pagawean nu moal aya anggeusna, bari nungguan pengumuman kelulusan barudak kelas tilu.
Kuduna mah hate ge milu berag, leupas saheulaanan tina kagiatan rutinitas anu matak ngahudang rasa bosen, saperti migawe unak-anik pagawean guru, kayaning: nyiapkeun administrasina, ngajar, nyieun soal, mariksa hasil pagawean siswa, ngeusian buku leger, ngeusian daftar niley siswa katut rapotna, ngawas ujian, jeung sajabana, atuh minangka rada jauhna milu ancrub kana masalah pribadi siswa. Kitu jeung kitu we.
Nya ayeuna kasempetan keur senang-senang teh, meungpeung gratis, meungpeung cageur. Tapi hate teh teu daekeun janglar, nu puguh mah nalangsa, mikiran nasib salasaurang siswa kelas 3B, nepi ka danget ieu kuring wali kelasna, tetela teu boga kakuatan ngabela manehna sangkan leupas tina masalah nu keur tumiba ka dirina. Lain teu niat bumela, da usaha mah rarasaan kurang kumaha kuring teh. Sababaraha kali datang ka imahna, ngolo-ngolo jeung ngalelemu manehna supaya daek deui sakola saperti waktu samemeh kajadian. Tapi tetep budak teh mugen.
“Bu…nyanyi…Bu Dini nyanyi….! Barudak nu dariuk dina jok tukang reang.
“Pupuh Balakbak, Ibu!” Ceuk Si Ridwan nyelengkeung nitah nembang, kena-kena ka guru Basa Sunda.
“Henteu ah, batan ngahaleuang, betah keneh jempena sora Ibu mah,” cekeng, rada ngajorowok nyaingan sora mesin beus. Barudak sareuri, tuluy nyaranyi deui diluluguan ku Pa Soni make gitar, reang deui, tingceuleuweung awor jeung ngaguruhna sora mesin, teu puguh dengekeuneunana. Luak-leok jeung suat-sietna beus nu keur ditarumpakan, teu sing mangaruhan hate maranehna. Abong barudak. Kolot mah estuning paur ngararasakeun beus nu keur nyemprung teh.
“Ku naon alum wae Bu Dini?” Teu biasa ninggalkeun budak? Keun atuh budak mah da aya bapana ieuh,” ceuk Bu Eni anu kabeneran diukna sajok jeung kuring.
“Lain, puguh inget wae ka Si Iman. Heug geus nabung, niatna ge tabunganana teh keur biaya piknik ahir taun cenah. Mun euweuh kajadian harita mah meureun ayeuna milu manehna ge, ih watir abdi mah,” tembal teh.
“Mikiran anak batur teh meni nepi ka uleng kitu?” Ceuk Bu Eni semu heran.
“Anu leuwih bingung ka abdina, nya eta tea, budak teh nepi ka embungna sakola, nepi ka teu milu pisan ujian,” ceuk kuring.
“Eta mah budakna we epes meer, mun memang teu rumasa salah mah tong tuluy mumul sakola,” tembalna deui.
Hate ngarenjag, naha jajawaban teh bet kitu? Kuring mah lain hayang aya nu mangmeunangkeun ka Si Iman teh, lain. Tapi kahayang teh ulah waka naruding, ulah waka ngaragragkeun vonis ka nu can puguh salah. Jigana mah geus kapangaruhan ku Bu Surtini, Bu Eni teh.
Ti dinya kuring teu hayang katutuluyan ngobrol jeung ieu guru, da pasti bakal nambah-nambah nyeri hate. Panon dipeureumkeun, sasarean, ngarah manehna teu ngajak ngobrol deui.
Barudak anu recok kawas jogjog mondok teh narungtutan jarempe, tayohna tarunduheun. Di luar poek meredong, nepi ka teu nyaho geus asup ka daerah mana ieu beus teh. Kawasna keur aya di daerah pakebonan, da teu katenjo celak-celak lampu hiji-hiji acan ti jauhna ge, jigana kahalangan ku tatangkalan nu jarangkung. Jarum jam tangan nuduhkeun angka sabelas. Supir beus anteng jeung setirna, keur konsentrasi kana jalan nu keur diliwatan, nu caangna teh alatan kasebrot ku cahaya lampu hareup beus. Ngaguruhna jeung seahna sora beus nyorang jalan dina wanci tengah peuting, mun dilenyepan mah matak ketir. Kumaha mun beus nu keur nyemprung teh supirna teu kuat ku tunduh tuluy ngalenyap?
Luyu jeung jadwal nu disusun ku panitia karyawisata, jam dua belas peuting beus pariwisata nu kabehna aya opat teh areureun, ngadon reureuh heula di Tasik, di hareupeun toko jeung warung nu ngajajar, nu barukana nonstop. Para panumpang paheula-heula turun. Kuring ngaringkel dina jok, teu pipilueun turun, teu milu barang beuli dahareun kawas nu sejen, jaba tengah peuting kieu mah beuteung teh teu biasa dieusian. Ceuk Bu Eni tea mah, rek ngadon ngaringkuk mah cicing we di imah, cenah.
Pikiran teh leok deui kana masalah Si Iman. Di kelas 3B mah kaitung panglungguhna eta budak teh, prestasi diajarna meujeuhna deuih. Can kungsi kabejakeun boga masalah ti kelas hijina ge. Upama keur dijero kelas dititah nyokot kapur atawa buku paket ka ruang guru tara kaleked, malah asa panggiakna dibandingkeun jeung nu sejen mah. Nilik pamuluna, asa jajauheun kana boga cupat panjang leungeun teh.
Panon teh mimiti rapet, sirah leneng hayang disarekeun. Kuring ngadayagdag dina jok hareup, tukangeun jok supir sisi pisan kaca anu hordengna nutup, teu nolih ka nu recok arasup deui kana beus muru tempat diukna sewang-sewangan.
Isukna, tempat nu jadi pangjugjugan teh Guha Jatijajar, saterusna Kota Gede anu kawentar ku barang-barang karajinanana anu dijieun tina perak. Boh Jatijajar boh Kota Gede suasanana taya parobahan anu signifikan, teu beda jeung taun-taun kamari. Nu jelas mah duanana kaasup tempat anu leuwih kentel aktifitas bisnisna batan aktifitas pariwisatana, puguh deui Kota Gede mah.
Jam tilu rombongan beus “Yogyakarta Tour” SMP Permata I Cimahi teh anjog ka buruan Hotel Kencana. Paciweuh deui wae barudak teh, ngarencanakeun hayang jeung saha-sahana sakamarna. Teu beunang diatur ku panitia, keur meujeuhna baredegong, keur meujeuhna harayang marawa karep sorangan.
Geus merenahkeun barudak arasup ka “kandangna” sewang-sewangan, kakara Pa Ajat, pupuhu panitia merenahkeun anggotana, guru-guru pangaping. Keur ngirit biaya, boh guru boh siswa sakamarna teh genepan. Kuring kabagean sakamar jeung guru-guru anu taya simpati saeutik-eutik acan kana nasib “anak” kuring tea. Komo Bu Surtini mah da puguh jinisna pisan nu kaleungitan barangna oge. Matak sajeroning ngumpul di kamar hotel teh kuring loba cicingna. Upama aya nu nanyakeun perkara geus beres acanna kasus Si Iman, ku kuring sok buru-buru disalenggorekun kana topik sejen.
Ana celengkeung teh, “Tah Bu Dini, HP nu dicokot ku Si Iman teh persis pisan nu kieu yeuh!” Ceuk Bu Surtini, bari ngasong-ngasongkeun HP nu Bu Imas, teu euleum-euleum nuding budak kuring nyokot HP-na basa piknik ka Guha Pakar teh.
“Ari harita, dina raraga naon atuh make jig-jig ka guha sagala?” Tembal teh bari nahan rasa keuheul. Barabat manehna nyaritakeun deui lalampahanana jeung barudak waktu arindit ka eta tempat. Teuing geus sabaraha kali kuring ngadenge ieu dongeng teh, hantem we filmna diputer ku nu boga lalakonna, malah lalakonna leuwih lengkep deui ayeuna mah.
“Caritana mah dina raraga reuni kelas 2B, da kahayang barudak eta oge. Barudak anu kelas tiluna mencar beda kelas teh harayang ngumpul deui sakali-kali mah cenah. Harayang arulin ka Guha Pakar. Nya digugu. Waktu keur aya di jero Guha jepang, karasa aya nu nyekelan kantong, ari sugan teh barudak nu ngahaja muntang sieuneun labuh, da puguh remeng-remeng di jero teh, nu mawa batre atuh ngan saurang, jaba leumpangna geus jauh. Ari geus aya di luar kanyahoan kantong teh seletingna geus muka. Abdi ngagebeg, komo basa ras inget aya dompet jeung HP di jerona mah. Basa dikorehan teh alhamdulillah dompet mah aya, ngan HP nu ka laut teh,” ceuk Bu Surtini panjang lebar, bari jeung pepeta deuih, sumanget pisan.
“Ari kanyahoan yen nu maokna Si Iman kumaha?” Tanya Bu Ucu anu keur lalangkarakan dina kasur nu diamparkeun di handap.
“Kapan aya saksina, Si Arif, Hendar, jeung Si Raymon. Cenah ku maranehna mah katempo pisan Si Iman teh keur ngodokna oge.”
“Tapi pan eta mah kakara saksi, Bu. Ari nu dijieun buktina naon?” Cekeng. Sabenerna mah teu hayang teu sing papanjangan ngabahas masalah ieu teh, da yakin moal aya gunana. Ngan ari ituna ngabuih wae mah, hate teh jadi getek hayang nembal.
“Har, ari Bu Dini cangcaya keneh wae? Buktina, ti saprak kajadian harita, ti saprak ku abdi dititah balaka, sina jujur ngaku terus terang, da moal dikukumaha cekeng teh, geuning les we budak teh teu sakola-sakola. Eta teh hartina rumasa!”
Ngadenge kitu, ibu-ibu nu keur dariuk dina karpet bari ngariung dahareun teh jarempe we teu mere reaksi nanaon. Teuing panuju kana dakwaan Bu Surtini, teuing arembung papanjangan kawas kuring.
Hadena kaburu aya wawaran yen kabeh kudu kumpul diaula, geus waktuna “makan malam”, obrolan cekcek bocek anu fungsi utamana ngabunuh waktu teh kapegat, Muga-muga bae tamat nepi ka dinya, tong aya episodeu satuluyna.
Isukna, jam 9 isuk-isuk sanggeus kabeh sasarap, acara teh diteruskeun, jalan-jalan ka malioboro. Bring barudak diabringkeun ku pangapingna sewang-sewangan. Kuring, Bu Eni, jeung Pa Soni ngabringkeun barudak kelas 3A jeung 3B, ngajugjug pusat T-shirt nu geus kawentar.
Hate buki nyeri basa kareret Agung sobat dalitna Iman, milu ngariung jeung babaturanana milihan baju kaos beulieun. Keur Si Iman sok sakola keneh mah ka mamana teh duaan wae, tara papisah. Tuluy budak teh ku kuring disampeurkeun.
“Gung, Sok ameng kenehka bumi Iman?” Tanya teh.
“Eh, Ibu…,euh…ka bumi Iman teh kantos dua kali Bu, tapi…imanna nuju teu aya wae. Saur ibuna mah Iman teh janten resep ameng, tara aya di bumi,” jawab Agung.
Deudeuh teuing anaking. Da yakin kuring mah eta budak teh teu boga salah. Nyarita kitu teh lain karana subyektif, lain pedah kuring walikelasna. Tina paroman jeung paripolahna sapopoe oge, geus kateguh, manehna teh budak bageur.
Teungteuingeun nu nuding maok. Atuh dina enyana ge upamana, usahakeun sing lantip nguruskeunana, ulah tepi ka ngabalukarkeun ancurna harepan keur nuluykeun pendidikan jeung hirup ka hareupna hiji budak. Komo deui ieu taya bukti anu pasti. Kakara euceuk jeung cenah, geus wani-wani nuduh bari neken. Ari Bu Surtini bet kawas lain guru wae, kawas nu teu boga budak wae. Teu ngaji rasa, kumaha mun ninggang di anakna sorangan nu katudingan teh, abong mun teu kanyenyerian.
Jam sabelas barudak dititah baralik deui ka hotel, beberes babawaan. Tuluy kabeh naraek kana beus, sabab direncanakeun jam satengah dua belas teh geus kudu arindit ngajugjug Karaton Yogyakarta.
Ka karaton ge kuring mah teu milu, ngahenen we di jero beus, asa teu parurun. Masalah Si Iman estuning ngaganggu pisan kana pipikiran. Ka anak sorangan mah nu ditinggalkeun di imah saopat-opat, aneh, teu inget-inget acan.
Breh deui lalakon manehna. Sanggeus Bu Surtini meunang laporan yen nu maok HP teh Si Iman, teu ngengkekeun deui, eta budak teh didatangan ka imahna, kalawan diteken hareupeun indung bapana.
Indung bapana malik teu suka, pokna ge, “Enya ge abdi teh jalmi alit, hirup pas-pasan, tapi henteu rumaos ngawarah budak sina jadi bangsat mah!” Nyarita kituna teh hareupeun guru-guru di sakola. Kawasna harita ngan kuring wungkul nu asa teu beungeutan ngadenge eta omongan teh, omongan anu diucapkeunana leuleuy tapi seukeut sarta mencos tungtungna.. Tapi nu sejen mah, hih, damang we katenjona teh. Tuluy indung bapana Iman menta ieu masalah diuruskeun nepi ka beresna, sarta keukeuh ngarasa teu percaya anakna geus maling hiji barang.
Estu matak hanjelu, Ibu Ida, wakil kepala sakola teu bisa dikumahaan — da kepala sakola mah keur euweuh di tempat –. Kalah nyalahkeun budak pedah katutuluyan embung sakola. Kaharti ku kuring ge, niat Ibu Ida mah ngabela korp, eta mah hak manehna, tapi kahayang teh, sakali deui, carana sing lantip, ulah jadina kawas ayeuna. Harita kuring, walikelasna, ku manehna teu dianggap, saran jeung usul kuring teu didenge. Guru BP teu difungsikeun, da asa aing bener henteu batur tea.
Komo barang geus kabuktian balukar gorengna tina tindakan aranjeunna, budak jadi mogok sakola, alesanana era ku babaturan, era ku guru-guru, kuring beuki bingung. Mangkaning sakeudeung deui ka ujian ahir teh.
Unggal dilongok ka imahna, budak teh dibeberah, dilelemu, diolo, dibibita ngarah daekeun deui sakola. Dikade-kade yen sakeudeung deui ujian. Mun daek sakola deui, ku kuring diyakin-yakin pasti manehna lulus, tuluy neruskeun ka SMU. Tapi budak teh hantem ngabetem. Jawabanana teu weleh ku wujud cipanon anu ngembeng na kongkolak panonna. Upama kuring ngajengkat, tuluy amitan rek balik, berebey cipanonna bedah, matak beurat ninggalkeunana. Ku lantaran kitu jeung kitu sikepna, antukna kolotna putus harepan. Keun bae cenah teu milu ujian ge, keun bae dikaluarkeun ti sakola ge, keun bae teu boga ijasah ge.
Teu karasa lila nungguan, barudak nu tas ngadeugdeug karaton teh geus rempeg, araya deui dina beus. Biur beus teh opatanana patutur-tutur muru Candi Borobudur di Magelang.
Sanggeus anjog ka tempat nu dituju, parasiswa dibere kabebasan sina mencar, dibere waktu kira-kira opat jam, bisi rek ngadon dalahar, rek jalan-jalan, atawa rek baralanja cinderamata, ngan diwanti-wanti ulah kaliwat solat lohor jeung asar.
Rada janglar pipikiran teh di tempat ieu mah. Unggal taun ngaping barudak piknik ka ieu tempat, kuring teu bosen-bosen “lalajo” Borobudur. Teu weleh kataji ku wangunan candi anu sok disebut-sebut minangka salasahiji ti antara tujuh kaajaiban dunya, sok disebut-sebut salasahiji symbol “kebesaran” bangsa Indonesia. Teu weleh kataji ku unikna relief dina tembok candi anu cenah “eusina” nyaritakeun kahirupan Sang Budha jeung kahirupan rahayat dina mangsa Dinasti Syailendra.
Hanjakal aya sawatara patung anu buntung, euweuh huluan, cenah mah aya nu maling. Moal ku saha deui, tangtuna ge ku jalma-jalma anu sarakah, anu bareukieun hulu patung!
Ku resep mah hawa nu panas matak hareudang bayeungyang teh teu pati karasa. Ngan kaluman ku nu daragang cinderamata, cara ngajual barangna teh mani maraksa, narekad, teu sirikna barang daganganana teh diasong-asong kana beungeut urang.
Di warung soto guru-guru mah ngarumpulna teh, aya sababaraha kelompok. Torojol Pa Wawan jeung Pa Ate, guru pangaping ti beus nu katilu nyampeurkeun kelompok kuring.
“Kumaha aman-aman wae di beus hiji?” Cenah.
“Alhamdulillah, ari di dinya kumaha kitu?” Ceuk Bu Eni.
“Umur-umuran urang mah kakara nampiling budak. Kahayang teh cik atuh di lembur batur mah tong diteangan piributeun teh nya, ieu mah ngadon galungan, jaba dina beus nu keur maju,” tembal Pa Wawan deui.
“Saha?” Mani bareng kabeh nu araya nanya kitu.
“Si Raymon jeung Si Hendar, bieu basa ka dieukeun.”
“Marebutkeun naon atuh cenah?” Tanya Bu Ucu.
“Teuing, ceuk babaturanana mah marebutkeun hand phone, tapi ditanya teh teu ngaku. Lain cenah lain marebutkeun eta. Asa diheureuykeun ku budak satepak, leungeun teh reflek, ngan gampleng we duanana ku urang ditampiling. Hanas keukeuh barudakna mah teu daek ngaraku naon anu jadi masalahna. Dasar…aya-aya wae,” ceuk Pa Wawan, nyarita kituna teh bari jeung semu nu kaduhung geus hampang leungeun.
“Tah dina lebah dieuna nya, guru teh diuji kasabaranana,” ceuk Pa Ate, sarua guru pangaping ti beus tilu.
“Jigana ngahaja barudak teh garelut, sabab mun teu kitu mah Pa Wawan moal aya gawe. Ceuk barudak teh meureun, tong hayang gratisna jeung tong ngerong uang sakuna wungkul ngaraping barudak nu pikinik teh!” Ceuk Pa Soni, atuh ger sarerea sareuri.
Bada Magrib rengse sarolat, beus teh ngabring deui, ayeuna mah arahna ka Bandungkeun, rek marulang. Balikna mah barudak teh teu motah kawas inditna, dariuk tartib dina jokna sewang-sewangan. Euweuh nu hahariringan acan, sawareh narundutan, sawareh ngadengekeun lagu tina walkman. Kawasna kabeh harayang geura nepi ka imah, harayang geura ngaguar oleh-oleh.
Alhamdulillah, luyu jeung nu geus direncanakeun dina jadwal, jam opat subuh kabehanana geus nepi ka buruan sakola. Kolot-kolotna siswa geus ngagimbung marapagkeun anak-anakna. Kabeh, teu guru teu siswa angkaribung ku babawaan, oleh-oleh sarupaning kadaharan has jogja, saperti bakpia pathok, wingko, jeung bremna. Teu kaliwat salak pondoh, miniatur Candi Borobudur, baju kaos jeung baju batikna. Komo barudak awewe mah ka kembang-kembang nu ngahaja digaringkeun dibareuli, karidu-ridu, padahal di Bandung jeung di Cimahi ge loba nu kitu mah.
Bari nungguan bapana budak mapagkeun, kuring milu ngariung jeung barudak nu can baralik, nu narungguan dipapag ku kolot-kolotna. Nya ti barudak eta kuring meunang informasi, yen garelutna Si Hendar jeung Si Raymon teh alatan parebut HP anu cenah ceuk beja eta HP teh HP anu Bu Surtini tea.
“Ibu, ari Bu Surtinina tos terangeun teu acan kana HP-na anu diparebutkeun ku Hendar sareng Raymon?” Tanya Yani, siswa nu sakelas jeung barudak nu garelut.
“Ah, satiasa-tiasa tong sina terangeun, da HP nu diparebutkeunana ge teu acan puguh HP kagungan Bu Surtini. Kapan teu kenging suudon teh nya?” Budak teh ku kuring dipencrong, manehna unggeuk lalaunan.
Dina waktuna pengumuman kelulusan, luyu jeung kaputusan rapat para guru, siswa anu teu lulusna ngan saurang, Iman Abdurrahman, sabab teu milu ujian praktek, teu milu UAS jeung teu milu UAN.
Sanajan geus nyaho yen nu teu lulus teh manehna, teu burung bedah cipanon anu ditahan-tahan ti keur rapat kelulusan keneh teh. Harita pisan, basa kaluar pngumuman kelulusan kelas tilu, kuring ceurik enyaan, nyeungceurikan nu katudingan. Ceuk nu sejen tea mah, kateu-teu ari nyeungceurikan anak batur.
ILMAN
IZZAN
I am glad that u r coming to write ur blog again………..ur article is so beautiful. is it a true story?…do u know that i missed you so much?
Comment by someone — March 21, 2006 @ 10:07 am
bu Popon waler atuh ih ketikan abdi melalui blog iyeu supaya urang masih tiasa hubungan chatting…..nya pami teu kaabotan. kumaha damang?………
Comment by someone — March 22, 2006 @ 4:12 am
Someone, carios di luhur teh nyata, kantos kajantenan! Hatur nuhun kana apresiasina. Mugi sastra Sunda langkung nanjung ka payunna. Ku saha deui bade dimumulena, lamun sanes ku urang Sundana keneh, leres teu?
Comment by pop — April 20, 2006 @ 4:06 am