Kuring Hampura, Matin
(Dimuat Dina Mangle No. 1991, 25 Nopember - 1 Desember 2004)
Matin, rek balaka bae kuring teh ngarasa kacida bagjana ngalaman heula dipanggihkeun jeung anjeun. Anu tetela lain ngan ukur panggih saharitaeun, tapi diparengkeun babarengan ngalalakon dina sempalan hirup urang. Teu nyangka sacongo buuk oge, anjeun bakal gede pangaruhna kana kahirupan pribadi kuring anu geus mangtaun-taun karasa cawerang. Cawerang, sabab kuring teh hiji anak anu hanaang ku kanyaah indung.
Lamun tea mah ngimpi jelema teh bisa diandelkeun ma’nana, lain ngan ukur kembangna sare, nya ngan wungkul dina ngimpi kuring bisa jonghok jeung indung teges teh. Kitu ge ngan sajorelat-sajorelat. Teu kawas batur bisa samemena dikeukeupan, diaping dijaring ku nu ngalahirkeun maranehna teh. Tapi tangtu ayeuna mah geus teu cawerang deui, da aya anjeun anu kanyaah jeung kabelana geus karasa ku kuring sorangan.
Bener ceuk anjeun, Matin, hirup mah ulah loba ngarasula, kudu sadrah kana naon-naon anu geus diguratkeun ti ajalina, lantaran taya gunana. Malah ceuk anjeun keneh, lamun urang bisa nyurahanana, taya hiji oge kajadian anu teu nimbulkeun hikmah keur jalma nu ngalamanana. Puguh keur kuring mah sagala omongan anjeun teh asa ninggang di bener wae. Koloteun anjeun mah, padahal umur urang teh pakokolot supa. Omongan anjeun lir angin lirih, ngahiliwir niupan raga anu keur bayeungyang. Caritaan anjeun lir rumpaka tembang anu diciptakeunana memang husus keur ngabeberah nu keur marudah.
“Tong cape teuing atuh, An, bisi karugrag, kapan kedah istirahat total sanes?” Ceuk anjeun basa nenjo kuring keur nyeuseuhan baju di tempat paranti nyeuseuh, hareupeun imah kontrakan.
“Muhun, teu kenging dicarek, Kang. Bade dipangnyeuseuhkeun ku abdi oge, kalah disumput-sumputkeun geura acukna teh,” tembal Irna.
“Kaluman tuda mani tos ngabrugbrug, tos teu gaduh salin,” kuring tonggoy ngagusrek, nyikat baju palebah kerahna anu hideung tapak kesang tina punduk. Ku anjeun dijewang.
“Dieu urang teraskeun!” Tungtungna mah nyeuseuh teh dituluykeun ku anjeun nepi ka beresna.
Kapan lain sakali harita wae anjeun mantuan kuring teh, teu sirikna saban usik. Ngabantuan bebenah di kontrakan tea, nganteur barang beuli kaperluan sapopoe tea, tepi ka tugas-tugas kuliah kuring ku anjeun sok ditangkes. Ari kuring bati erana we ngariripuh anjeun teh. Ceuk hate teh, barina ge teu nitah ieuh kuring mah, anjeun bae hideng sorangan. Malah mun kuring nampik kahadean anjeun teh anjeun mah sok kalah beda pasemon, tuluyna sok maksa sangkan kuring daek narima sagala bantuan anjeun ngarah kuring loba reureuhna.
Ceuk Irna tea mah, “Bagja An mah boga beubeureuh teh mani bageur pisan. Sakapeung mah Irna sok ngarasa sirik,” cenah.
“An ge ngarasa bagja boga sobat anu teu eleh bageurna,” tembal kuring. Lain muji Irna pedah hareupeun, memang karasa manehna ge sarua belana ka kuring kawas anjeun.
“An, kagungan panyawat mah teu kenging seueur emutan!” Ceuk anjeun dina hiji waktu basa keur ngabantuan nyusun makalah di imah. Ku sok kateguh wae atuh kaayaan hate kuring teh ku anjeun mah. Da saenyana pisan kuring teh keur loba pikiran, mikiran kondisi awak anu beuki dieu asa beuki teu puguh rasakeuneuana. Sakapeung asa sararebel kawas nu asup angin. Hulu angen karasa peurih, maag ongkoh meureun. Sakapeung bobokong teh karasa panas, retep jeung rocop asa ditojosan ku jarum.
“Ngemutan naon sih?” Anjeun ngadeukeutan, nepi ka diuk teh paantel tuur. Untung harita Irna keur euweuh, keur ka imah Suci heula. Mun pareng manehna nyaksian ieu adegan, jigana kana bakal ngarasa sirik deui wae. Saperti biasa leungeun anjeun ngusapan buuk kuring anu beuki dieu beuki ngipisan, lantaran ti poe ka poe muragna ge sacanggeum-sacanggeum teh lain bohong. Lamun anjeun geus nyeleksek kitu, kuring sok bingung. Da teu hayang nepakeun kasusah ka anjeun mah atuh, hayang soteh nularkeun kabungah, jeung ngabahekeun rasa….tresna.
“An mah sok sieun Matin bosen ngarencangan An. An rumaos jalmi ririwit, tara tiasa diajak amengan. Bisi hiji waktos kesel mah, sok we ameng atuh sareng nu sanes, teu nanaon lah teu ngajak An ge, leres An mah serius!” Padahal teu cangcaya teu sing kana kasatiaan anjeun teh, Matin. Kuring percaya pisan. Nyarita kitu teh nyalenggorkeun obrolan nu samemehna we, sangkan naon-naon anu keur dilamun ku kuring teu kateguh ku anjeun.
“Ah, naha da Matin mah teu resep ameng. Mending oge jajap An ka dokter ngarah tereh damang.” Teuteup anjeun teuteup leleb, parat kana jajantung, nepi ka nyeblakna hate kuring ge. Lamun geus kitu, kuring ukur wasa babalieuran, teu wani males neuteup, teuteup anjeun tea……atuh.
Di jero kelas anjeun teu weleh aya di gigireun kuring. Babaturan mindeng ngagaronjak. “Moal aya sonona atuh, unggal usik pagilinggisik mah,” cenah.
“Puguh kalah tambah sono,” anjeun nembal ku heureuy deui.
Mun kuring keur kaserang rasa cape, anjeun hideng mangnuliskeun materi perkuliahan. Teu kasawang lamun euweuh anjeun, saha jelemana anu rido ngabaturan jeung ngabelaan kuring? Tanpa anjeun, Matin, kawasna sumanget kuring nuluykeun kuliah ge geus pareum manten. Boa ti bulan-bulan kamari keneh ge geus balik ka lembur. Tetela anjeun teh sumbu anu ngagedurkeun sumanget hirup kuring.
Ceuk dokter (internist) kuring teh boga kelainan dina ginjal, kudu loba istirahat, kuduna mah diopnameu. Ngan ti mana waragadna tuda, duit pangirim kolot keur mayar kuliah jeung mayar kontrakan ge sok tekor wae. Bapa kuring teh deuih sok elat ngirim weselna. Dikeureuyeuh we berobat jalan, sanajan upama diitung-itung mah biayana sarua gedena jeung diopname, pedah berobat jalan mah teu ngagebro mayarna. Eta ge lamun teu dibarantuan ku anjeun jeung Irna dina masalah biaya hirup sapopoe mah lapur, kuliah kuring moal bisa nepi ka semester ahir.
Hiji poe anjeun keukeuh ngajak kuring nepungan kolot anjeun. Ceuk anjeun, meungpeung Amih sareng Apih nuju araya di bumi. Hoream pisan sabenerna mah ngagugu pangajak anjeun teh. Era kuringna oge, geus loba ngahesekeun anjeun. Boa kolot anjeun mah teu ridoeun nu jadi anakna mindeng mere bantuan ka kuring teh.
Teu mencog tina sangkaan, indung bapa anjeun henteu someah, henteu purun ngajak seuri ngajak seuri acan. Barang gek diuk dina korsi empuk, hate hemar-hemir, ngadak-ngadak asa jadi jelema malangmang-mulungmung kuring teh, kawas hayam panyambungan. Pasemon aranjeunna mere isarah yen aranjeunna nuju teu purun didianjangan ditepangan. Komo basa indung anjeun nalengteng nanyakeun sawatara hal ngeunaan diri kuring mah, kuring gilig moal wani-wani nincak deui imah kolot anjeun!
“Tos lami kenal sareng Matin?” Tanya indung anjeun, lentongna datar.
“Teu acan…eh parantos…,” kuring gugup pisan.
“Kawit ti mana?” angger datar.
“Ti Limbangan,” sora teh kadenge halon, kurang tanaga.
“Ari rama dines di mana?”
“Kantos ngawulang di SD, ayeuna mah tos pangsiun.”
“Upami di dieu di Bandung, calik sareng saha?”
“Ngontrak caket kampus.”
“Nuju teu raraos? Katingalna mani sepa kitu?”
“Muhun,” bari tungkul.
“Kade atuh, tong maksakeun angkat-angkatan!”
Sakikituna obrolan kuring jeung indung anjeun teh, da indung anjeunna kaburu ngaleos ka jero, kalawan teu balik deui, henteu nepungan deui semah si somah, nepi ka kuring balik teh teu kungsi amitan. Harita kateguh ku kuring ge, anjeun kacida bingungna nyaksian sikep indung anjeun saperti kitu teh, tuluy ngupahan, “Ulah pundung nya, An!”
Hikmah tina eta pangalaman kuring jadi sadar, jadi beunta, jadi apal saha kuring saha anjeun. Lalakon urang duaan aya bahan mengkol tina harepan. Jeung kudu geuwat nyieun putusan sangkan henteu katalanjuran. Nu jadi sual, dina kaayaan gering saperti ayeuna, awak lungse sarta sagala karasa sanajan teu dirasa, naha bisa tur bakal kuat kuring nandanganana?
“Kade An kajantenan kamari tea tong jadi emutan!” Ceuk anjeun basa urang tepung deui di kampus.
“Henteu, An mah hulang-huleng soteh nuju ngemutan skripsi, naha bakal kagarap dugi ka rengsena atanapi moal nya?” Tembal kuring, padahal nu sidik mah kuring teh keur mimiti mikiran kumaha carana sangkan jauh ti anjeun.
“Gampang masalah eta mah, keun ku Matin dibantuan, terang beres we An mah.”
“Nya teu kaci atuh, kedah kenging nyalira.”
“Kanggo An mah kaci wae, pan nuju teu sehat.”
Ah, anjeun mah, sok maksa wae sagala teh. Kuriak leuwih parna gering kuring teh, gering lahir katambahan ku gering batin.
“Skripsina ge kapan sami-sami ngeunaan sastra ieuh. Kieu we atuh, An anu ngagarap bab hiji sareng bab dua, keun ka dituna mah ku Matin, kumaha?”
Ku kuring dijawab ku seuri, kataji. Sumanget anjeun dina ngulik elmu memang hebat, keur mah keur waragadna katut fasilitasna nyampak. Bagja temen wanoja anu bakal jadi batur hirup anjeun. Pantesna wanojana teh sarua pinterna, sarua beungharna, cindekna salevel, lain awewe model kuring, meusmeus brek, meusmeus brek, estuning kaulaaneun. Pantesna ka Irna anjeun resep teh, lain ka kuring.
“Ayeuna mah emutan we heula skripsi nyalira, ulah waka ngemutan skripsi batur,” ceuk kuring.
“Ah hoyong ngemutan heula skripsi anu kabogoh,” tembal anjeun bari ngaleng kuring ngajak leumpang ka tonggohkeun. Sajajalan kuring jempe, hantem mikiran kudu kumaha carana sangkan jauh ti anjeun. Jeung naha bakal daekeun ieu hate teh diaajak nyingkahan hate anjeun? Kapan sakitu montelna hate kuring teh ka anjeun mah.
Sajajalan anjeun oge jempe. Naha sarua keur mikir-mikir rek ngajauhan kuring? Jigana mah henteu, kawas nu teu nepi ka dinya pikiran anjeun mah, eta we geuning teu eureun-eureun nawarkeun wae jasa. Kareret panon anjeun meusmeus ngadeuleu maling, bari teu eureun-eureun ngajak imut. Tah, nya adegan-adegan kawas kieu pisan, anu unggal poe teu weleh kaalaman, naha bakal bisa dipupus dileungitkeun tina implengan?
Peuting ieu geus karasa deui panyakit matuh teh. Awak nyareri satulang-tulang, sirah ranyud. Bisa jadi kanceuhna deui teh balukar tina mikiran masalah hubungan urang, kuring jeung anjeun. Rek betus ka Irna teh geus era, manehna geus loba teuing dikumahaan.
“Ku naon An, karaos deui?” Ceuk Irna.
“Enya, tapi ah da tos biasa ieuh,” tembal teh.
“Sok ka dieu urang pencetan,” cenah, bari ragayam leungeunna nyabakan bitis kuring, tuluy bitis anu paregel teh ku manehna dipencetan.
“Ulah ka kampus atuh enjing mah An, geuning mani paranas kieu. Aya keneh obatna?” Tayohna manehna hariwangeun nenjo kuring ngalempreh.
“Tos seep. Keun rek meser deui mun geus aya artosna. Enya moal kuliah enjing mah ah,” ceuk kuring bari nyuuh kana bantal, sangkan teu katenjo ku Irna yen kuring keur murubutkeun cimata. Asa sararedih. Puguh ti saprak dipanggihkeun jeung kolot anjeun, hate teh jadi asa jararauh panineungan. Harepan bisa salalawasna deukeut jeung anjeun, buyar. Rencana kuring isukan teh rek ngelemet balik ka lembur, moal bebeja ka sasaha.
Basa Irna jeung babaturan sejen geus arindit ka kampus, kuring geuwat bubuntel, ngasup-ngasupkeun papakean jeung naon-naon anu sakirana perlu dibawa kana koper. Geus beres sagalana gancang ngoncikeun panto imah bisi kaburu aya nu nangenan. Teu poho eta konci teh ditunda dina tempat biasa, dina pot kembang anu deukeut pisan kana lawang panto.
Kadatangan ku kuring lain wayah, Bapa teh geus ngarti deui, pasti panyakit kuring keur kanceuh. Isukna ngajak ka puskesmas, tamba henteu, da sabenerna mah geus teu mental ku obat ti puskesmas panyakit kuring teh. Dokter puskesmas nyarankeun kuring kudu gancang dirawat di rumah sakit. Nya Bapa teh ngagugu, duka ti mana keur pimayareunana. Dientong-entong ge neugtreug, kuring dibawa ka rumah sakit Hasan Sadikin, anu hartina kuring nincak deui Bandung. Paur teuing aya bejana ka babaturan di kampus, tuluy nepi kana ceuli anjeun, Matin. Tapi alhandulillah taya saurang oge anu nganyahoankeun, nepi ka balikna deui ka lembur.
Meunang dua minggu ngajoprak di rumah sakit teh. Balik ka lembur soteh lain karana geus cageur, tapi kuringna maksa menta balik ka dokter nu ngarawat, sabab karasana asa taya kamajuan saeutik-eutik acan, kaolok-olok biaya. Era we ku nu jadi bapa, komo ku Si Mamah mah (indung kuring nu ayeuna), pagawean kuring salila ieu ngan ngahahambur wae duit. Malah deuih Dokter Indra mah nyarankeun, kuring kudu cuci darah. Beu! Ti mana keur waragadna. Ras ka Bapa anu beuki dieu beuki sidik kakolotanana. Jaba tilu deui adi kuring kuliahkeuneun teh. Katembong Bapa ge bati bingungna.
Tetela teu di rumah sakit teu di imah wujud anjeun teu daekeun leungit tina implengan. Enyaan hese mopohokeunana. Asa leuwih nyeri keneh ngararasakeun pisah jeung anjeun batan ngararasakeun panyakit nu keur ngagorogotan ieu awak mah. Sakapeung mah make jeung sok ngarep-ngarep anjeun ngalongok ka dieu, ka saung butut. Tapi sok gancang sadar deui, kapan kuring teh keur satekah polah usaha mopohokeun anjeun, tong wani-wani nganti-nganti tepung deui jeung anjeun, sabab kuring jeung anjeun teh teu salevel, teu sakupu ceuk kolot baheula tea mah.
Kungsi anjeun nyusul ku surat ka dieu, ka lembur. Narima surat ti anjeun harita mani asa meunang naon mah, komo mun nu datang teh jinisna pisan meureun, aya bahan ngadadak cageur kuring teh. Eta surat teh eusina tamada, anjeun can bisa ngalongok, alesanana keur riweuh ngamimitian ngagarap skripsi. Tuluy nganaha-naha, nanyakeun naon sababna kuring balik ka lembur teh kalawan teu beja teu carita ninggalkeun anjeun. Padahal mun aya pangabutuh mah kari nyarita, biasana ge tara dipungpang jeung tara diengkekeun deui, ceuk anjeun. Saleuwihna anjeun teh ngadon nyeukseukan, pajar kuring teh wanoja anu teu beunang dipikanyaah, teu beunang dipikamelang.
Harita keneh surat anjeun ku kuring dibalesan pan. Kuring asa manggih jalan keur ngabudalkeun hal-hal anu geus lila dikemu: anjeun kudu nyaho, yen kuring teh teu pantes miharep kanyaah anjeun. Ninggang kana paribasa piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Ceuk sisindiran tea mah:
Lain bangban lain pacing
Lain campaka kuduna
Lain babad lain tanding
Lain ka kuring kuduna
Kawasna eusi surat teh kaharti pisan ku anjeun, da didago-dago teh taya deui surat nu datang.
***
Geus aya kana genep bulanna kuring hirup babarengan jeung kasakit nu beuki betaheun ngancik dina ieu awak teh. Geus taya harepan bisa cageur deui. Lain ngaborongkeun Pangeran, ngan ku sareat ge beda karasana. Ray poe ray poe teh hate beuki mindeng sumeredet seseblakan, boa-boa kuring teh geus deukeut kana waktuna nincak alam padang poe panjang. Sanajan diembung-embung, kapan dina hal ieu mah kabeh ge bakal ngalaman, lain kuring wungkul.
Hiji-hijina hiburan nu ngabeberah hate teh nya eta sikep kulawarga katut dulur-dulur anu kacirina teu bosen-bosen ngaraulaan. Jul-jol piligenti ngalongokan. Dahareun mah dahareun dina meja teh rupa-rupa pangirim dulur-dulur jeung tatangga, da antukna mah taya nu dipantrang dahareun teh, asal pok kuring nyarita hayang dahar naon, pasti harita keneh ditaredunan.
Poe Minggu harita teh, kuring keur nyangsaya dina korsi pangjang ngadagoan tukang cingcaw ngaliwat. Rentang-rentang ti kajauhan aya nu ngagaridig opatan, beuki deukeut beuki sidik, horeng babaturan kuliah wungkul, Reni, Sri, Enur jeung Soleh. Nya atoh nya reuwas kuring teh, reuwas ku teu nyangka geuning aya keneh babaturan kuliah nu ingeteun ka kuring. Sanggeus jonghok, nu tiluan mah ngagabrugan bari careurik. Kabeh ngajarenghok nenjo kaayaan awak kuring ayeuna, jadi begang pisan jeung panon beuki carelong cenah. Kuringna ge jadi milu ceurik, kagagas, wararaas inget ka waktu keur sok kuliah keneh. Keur kuring can dalit jeung anjeun mah batur sempal guyon maranehna teh. Geus getek we biwir teh hayang nanyakeun kaayaan anjeun, ngan ditahan we da era.
“An, ari Matin kungsi ngalongok ka dieu?” Tanya Sri.
“Henteu, ari kitu?” Kuring curinghak aya nu nanya kitu teh, aduh ieu dada langsung degdegan.
“Henteu sakali-kali acan?” Tanya Sri deui semu heran.
Kuring gideug bari ngadagoan caritaan maranehna satuluyna ngeunaan anjeun, … tapi naha nu opatan teh bet kalah tuluy ngahareneng, tuluy silih reret, aya beja naon ngeunaan anjeun teh? Pok atuh bejakeun ka kuring ayeuna keneh!
“Memang geus enggeusan jeung Matin teh?” Tanya Enur.
Kuring unggeuk lalaunan, padahal kuring sorangan ge teu nyaho, naha “hubungan husus” antara kuring jeung anjeun teh masih keneh nganteng atawa geus lila pegat?
“Asa manglebarkeun Reni mah, kapan sakitu layeutna,” ceuk Reni.
“Atuh lain jodona we meureun,” Soleh anu ti tatadi cicing wae milu mairan.
“Heueuh jodona ka Si Irna nya,” ceuk Sri deui. Ngadenge caritaan Sri nu pandeuri kuring ngajenghok lain meumeueusan
“Naon?… Jodona ka Irna kumaha?”
“Matin teh geus kawin ka Irna, An!” Tembal Reni leuleuy, kawasna maranehna geus kagok asong, kaceplosan ngomong, lain rek tetegaan ngahaja ngabejaan kuring urut bebenena. Tapi tetela kuring sorangan geus teu bisa ngararasakeun kumaha kaayaan ieu hate sabada ngadenge eta beja teh, duka ngan ukur raca si hate teh, duka raheut, atawa duka nepi ka gudawang. Jigana masih keneh baal hate kuring teh, can karasa nyanyautanana. Ngan nu jelas, pangalaman hirup kuring boh nu amisna boh nu peuheurna ayeuna beuki lengkep, beuki euyeub ngeusian lambaran-lambaran hirup kuring anu ceuk pirasat mah sakeudeung deui ge bakal tutup buku.
Matin, nalika ieu surat nu kadua nepi kana leungeun anjeun, bisa jadi urang teh geus beda alam, bisa jadi kuringna geus balik ka jati mulang ka asal, anu hartina geus laksana babarengan deui jeung indung anu salila ieu ngan ukur panggih dina impian, kitu ge mun pareng dipanggihkeun.
Matin, hampura kuring nu geus loba ngaripuhkeun anjeun. Ayeuna ge aya pamenta, omat kanyaah jeung kacinta anjeun ka Irna kudu leuwih ti nalika anjeun mikanyaah jeung mikadeudeuh kuring. Pileuleuyan Matin!***
ILMAN
IZZAN
Aduh meni sedih carpon na, carpon2 anu pelakuna sok make kuring wae. memang meni siga pangalaman2 anjeun, naha memang pangalaman2 hirup anjeun? atawa ngan saukur nginjeum ngaran hungkul. sok atuh waleran ari abdi ngasih comment teh. ameh urang tiasa komunikasi liwat iyeu blog.
Comment by fz — April 16, 2006 @ 8:47 pm
Carpon anu ieu mah sanes pangalaman abdi, tapi pangalaman rerencangan kuliah kapungkur. Tah tokoh kuring dina eta carpon teh dina kanyataanana ahirna pupus, margi kagungan panyawat ginjal. Anjeunna urang Cianjur. Kabogohna teras nikah ka nu sanes.
Comment by popon saadah — April 17, 2006 @ 7:44 am
Bu Popon, pangnyaurkeun ka bu reni dina dinten sabtu sonten fz cocorowokan nyauran bu reni di pm, tapi bu reni teu ningal fz, sigana aya masalah srg computerna. da eta pajarkeun fz teu ngawaler pm bu reni, padahal fz nga buzz sababaraha kali, srg cocorowokan. sigana sakadang computer ngabutakeun pm bu reni…………..sigana dedemit lab di smp4 sirikeun da eta pedah sok chatting wae..meureun……hi hi hi hi
Comment by fz — April 22, 2006 @ 8:14 am