Ekspresi narsis-ku

May 28, 2006

Mun Seug Guru Dipercaya

Filed under: Kolom

Antara Pancen jeung Kajujuran

Dina danget ieu kredibilitas parapendidik keur meujeuhna diuji. Munculna fenomena bocorna soal Ujian Nasional (UN) di sawatara daerah ngeuyeub-ngeuyeub pasualan anu keur disanghareupan ku paraguru. Fenomena anu teu kudu kajadian lamun insan-insan anu bagerak di widang atikan weruh kana hakekat proses diajar ngajar jeung tujuan pendidikan nu sabenerna.
Mun seug dilenyepan, peran jeung posisi guru di sakola salaku faktor anu nangtukeun hasil henteuna kagiatan diajar ngajar, teu bisa disapirakeun. Ti mimiti anak didik diuk di kelas dina poe munggaran taun ajaran baru, nepi ka manehna namatkeun diajarna di ahir semester, sagemblengna jadi tanggung jawab guru dina masalah atikan formalna. Nya ti mimiti harita oge paraguru wajib wanoh ka unggal pribadi murid-muridna. Lain ngan ukur wanoh wungkul kana ngaran jeung beungeut unggal muridna, tapi oge wajib apal kana tektek bengek kahirupan pribadi anak didikna. Widang garapan guru sapopoe salian ti ngajar, ngadidik, jeung ngalatih teh oge ngayakeun hubungan interpersonal anu stimulatif sarta nyiptakeun iklim atawa atmosfir sakola anu kondusif. (more…)

May 20, 2006

Guru

Filed under: Kolom

Kampus Kuring di Cimahi

(Dimuat dina Mangle No. 2075, 13-19 Juli 2006)

Padungdengan masarakat kiwari ngeunaan mundurna pendidikan sarta kurangna guru nu mibanda kualitas anu hade (qualified) di Indonesia kawasna moal aya anggeusna, salila teu ditarekahan diungkulan ku nu boga wewenang jeung ku jinisna sewang-sewangan. Loba anu nuding, yen faktor utama hengkerna sumber daya manusa dina sagala widang teh alatan cara ngajar guru-guru di unggal strata pendidikan teu profesional.
Leupas tina bener henteuna, geus sakuduna para guru gancang ngarespon eta opini masarakat. Tangtu wae ngaresponna lain ku cara nuding deui pihak sejen anu aya pakuat-kaitna jeung widang atikan, atawa ngadon nataan faktor-faktor anu milu ngarojong mangaruhan mundurna pendidikan di Indonesia. Leuwih hade paraguru ngarespon ku cara ngayakeun tindakan nyata ayeuna-ayeuna, ulah diengke-engke, sarta ulah ngan ukur tepi ka mangrupa wacana jeung wacana wungkul. Anggap we eta tudingan teh pel anu mun diteureuy matak peuheur, tapi efek kana awak nu keur teu sehat matak cageur. Anggap we eta opini teh kritik anu mampuh ngahudang kasadaran paraguru kana profesina nepi ka bisa introspeksi tur nepi ka mampuh ngaronjatkeun kualitas diri masing-masing. (more…)

May 11, 2006

As-Sunnah

Filed under: Padika Hirup, Hadist

Jangji Hate

IEU TEKS DITULIS DINA RARAGA INTROSPEKSI DIRI JEUNG MAPATAHAN DIRI SORANGAN.

Amalan anu munggaran dihisab ti hiji jalma dina poe kiamat nya eta solatna, upama solatna ditarima, baris ditarima oge amalanana, tapi lamun solatna ditolak, ku kituna baris ditolak oge sakabeh amalanana. (HR. Thabrani).

Estu pikayungyuneun ngeunaan jalma mu’min. Sagala hal nu dialaman ku inyana, hade. Mun manehna meunang hal nu pikagumbiraeun, manehna ngucapkeun sukur. Ku kituna hal eta jadi hiji kahadean keur dirina. Lamun manehna ditibanan musibah nu pikanyerieun, manehna sabar. Ku kituna hal eta jadi kahadean keur dirina. Sipat nu kitu teh teu dipibanda ku sasaha iwal ti ku hiji mu’min. (HR Muslim jeung Ahmad).

Rosululloh saw. parantos nyarios:
“Nalika amanat dilalaworakeun, dagoan kaancuranana!” Nyarita hiji jalma: “Kumaha carana ngalalaworakeun amanat teh ya Rosululloh?” Saur Nabi, upama dipigawe hiji pagawean ku nu lain ahlina, pek dagoan kaancuranana. (HR. Bukhari).

He anak incu Adam! lamun anjeun datang ka Kami kalawan nanggung dosa (nu lobana) sapinuh bumi, tuluy ngadeuheus ka Kami kalawan teu ngaduakeun Kami jeung nu sejen, mangka Kami baris mapag anjeun ku pangampura (nu lobana) sapinuh bumi. (HR. Bukhari).

Sing saha jalma nu teu weleh istigfar, mangka Allah ngajadikeun inyana bebas tina sagala kasusah, (maparin) jalan kaluar tina karupekan jeung (maparin) rizki ti beulah mana wae nu teu disangka-sangka. (Imam Abu Dawud & Ibnu Majah).

Saupama hiji anak Adam (manusa) boga hiji pasir emas, pasti manehna hayang boga dua pasir, jeung taya deui nu bisa nutup sungutna (taya nu bisa ngeureunkeun kasarakahanana kana dunya iwal taneuh (maot). Jeung Allah maparin ampunan ka sing saha wae anu tobat. (HR. Riwayat Bukhari & Muslim).

Lamun anjeun geus rengse ngadegkeun solat, prak diuk heula, mangka puji Allah ku hal anu sahade-hadena jeung ucapkeun solawat ka kami, tuluy ngadu’a ka Anjeunna, tinangtu du’a anjeun bakal ditedunan. (HR. Abu Dawud, Attirmidzy).

Babandingan dunya jeung aherat nya eta saperti hiji jalma nu nganclomkeun ramona ka laut, tuluy ramona ku manehna dicengkatkeun, naon anu beunang ku ramona, tah eta teh dunya. (HR. Muslim & At Tirmidzy).

Sahade-hadena manusa nya eta maranehna anu mere mangpaat ka nu sejen. (HR. Bukhari).

Firman Allah

Filed under: Padika Hirup, Al-Qur'an

Kingkilaban Peuting

Audzubillaahiminasyaitoonirrojiim.

Saestuna, geus nyampak dina diri Rosululloh tuladan nu hade keur anjeun, nya eta pikeun jalma-jalma nu miharep (rohmat) Alloh jeung (datangna) poe kiamat sarta manehna loba nyebut asma Alloh. (Al-Azab 33:22).

Jeung saestuna eling ka Alloh (solat), eta leuwih gede kautamaanana tibatan ibadah-ibadah sejenna. Saestuna solat teh mahing urang tina milampah kalakuan anu panggoreng-gorengna jeung tina munkar. (Al-Ankabut 29:45).

Jeung prak geura parentahkeun ka kulawarga anjeun sina ngaradegkeun solat jeung sing salabar aranjeun dina ngajalankeunana (Thaahaa 20:132).

Lamun anjeun beda pamadegan ngeunaan hiji hal, mangka pasrahkeun eta masalah ka Alloh (Al Qur’an) jeung ka Rosul (sunahna). (An-Nisaa : 59).

Sing saha jalma nu nuturkeun pituduh Kami, tinangtu moal aya rasa hariwang dina diri maranehna, sarta deuih maranehna moal saredih. (Al Baqoroh : 38).

He jalma-jalma anu ariman, kudu dijauhan loba teuing prasangka, saestuna sabagean prasangka teh dosa, jeung anjeun ulah neangan kasalahan batur, jeung sabagean ti anjeun ulah ngupat (ngomongkeun kagorengan) nu sejen. (Al-Hujurat:12).

Harta banda jeung barudak teh papaes kahirupan dunya, tapi amal-amal nu langgeng jeung amal soleh eta leuwih hade pahalana di sisi Pangeran anjeun, sarta leuwih hade pikeun dijadikeun harepan. (Al-Kahfi : 46)

Kami baris nguji anjeun ku hal-hal anu goreng jeung ku hal-hal anu hade minangka cocoba. (Al-Anbiya : 35).

Prak geura ngadu’a ka Pangeran anjeun kalawan handap asor jeung sora nu halon. Saestuna Alloh henteu mikaresep jalma-jalma nu kaleuleuwihi…Prak geura ngadu’a anjeun kalawan rasa sieun (moal ditarima) jeung harepan (bakal ditedunan). (Al A’raaf : 55, 56).

Kudu sieun kana hiji waktu, nu dina poe eta teh hiji bapa teu bisa nulungan anakna jeung hiji anak oge teu bisa nulungan bapana najan ukur saeutik. (Lukman : 33).

Saestuna Alloh teu ngarobah kaayaan hiji kaum nepi ka maranehna ngarobah kaayaan nu aya dina diri maranehna sorangan. (Ar-Ra’d : 11).

Saestuna setan teh musuh nu nyata keur anjeun, mangka anggap manehna musuh (anjeun) sabab saestuna eta setan-setan teh ngan ukur ngajak golonganana sangkan jadi nyicingan naraka nu ngabebela. (Faathir : 6).

He jalma-jalma nu ariman, riksa diri anjeun jeung kulawarga anjeun tina seuneu naraka anu suluhna ku manusa jeung batu; nu ngajagaanana malaikat-malaikat anu kasar tur heuras, nu teu doraka ka Alloh, kana naon-naon anu diparentahkeun. (QS. At Tahrim : 6).

May 8, 2006

Nepangkeun Abdi

Filed under: Puisi

Sasab............!

Nepangkeun
abdi ti nagara nyata
dunya jirim alam bungkeuleukan
ngalanglang rohang-rohang cyber
hiber ti folder ka folder

Dupi salira teh saha?
kawit ti wewengkon mana?
sabaraha taun atuh yuswana?

Manawi kersa
nyarengan diri abeng-abengan
nyorang sagara implengan
nu meh sarimbag jeung sagara dunya impian
umpal-umpalan

Manawi kersa
nutur-nutur lalampahan nu teu angger
antara leumpeuh yuni jeung hate pangger
bari ngararasakeun genjlongna parahu dina ombak nu keur motah
sok inggis teu kaduga deui ngulinkeun pangwelah
tagiwur paur tigejebur
teu kalis ku aya batur

Sakapeung kamalinaan
manggih karesep kajongjonan
diayun ambing lambak-lambak pitapak
matak poho balik

Teu apal jalan mulang ka sarakan
teu manggih panto kaluar-kaluarna acan
teu kalis aya nu marengan

Horeng
boh abdi boh salira
di nu realita di nu maya
sami-sami mahluk sarwa katuna

May 3, 2006

Geusan Reureuh Sukma Kuring Sukma Anjeun

Filed under: Puisi

Giwangkara lingsir ngulon
Bagja tan wates wangen
basa lelendean na lahunan sukma anjeun
nu teu liren ngagalindengkeun hariring kamelang
pajar melang abdi ngejat tina pangkonan

Kutan
kembang cangcaya pelak salira
saurna dugi ka nyaliara minuhan rasa
iraha atuh muguranana?

Ku hoyong geura tebar binih ermawar
sugan lelembutan salira nambihan hegar
mun tos mangkak ulah dugi ka ligar
enggal ronce sasarengan
ditiir benang kaheman
gantungkeuneun na implengan
sewang-sewangan

Atanapi kembang malati
cunduk usum metik ulah lali
selapkeun na buuk abdi, hiji
tawis hate sami kapati-pati

Mangsana bebenah tempat bumetah duaan
di alak paul geusan urang anteng guntreng
dihateupan liuh-liuhna payung katresna
sofana umpalan mega bodas
rereganana katumbiri semu kayas

Bari nganti sariak layung mapaesan
imajinasi, paranti urang pasini jangji
padumukan sukma kuring sukma anjeun
sabatae jongjon teu kagareuwahkeun






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer