Nepangkeun Abdi
Nepangkeun
abdi ti nagara nyata
dunya jirim alam bungkeuleukan
ngalanglang rohang-rohang cyber
hiber ti folder ka folder
Dupi salira teh saha?
kawit ti wewengkon mana?
sabaraha taun atuh yuswana?
Manawi kersa
nyarengan diri abeng-abengan
nyorang sagara implengan
nu meh sarimbag jeung sagara dunya impian
umpal-umpalan
Manawi kersa
nutur-nutur lalampahan nu teu angger
antara leumpeuh yuni jeung hate pangger
bari ngararasakeun genjlongna parahu dina ombak nu keur motah
sok inggis teu kaduga deui ngulinkeun pangwelah
tagiwur paur tigejebur
teu kalis ku aya batur
Sakapeung kamalinaan
manggih karesep kajongjonan
diayun ambing lambak-lambak pitapak
matak poho balik
Teu apal jalan mulang ka sarakan
teu manggih panto kaluar-kaluarna acan
teu kalis aya nu marengan
Horeng
boh abdi boh salira
di nu realita di nu maya
sami-sami mahluk sarwa katuna
ILMAN
IZZAN
***

PUNTEN TEU PATOS NGARTOS AH SAJAK IYEU MAH………ASA BUTEK………….
MAKLUM SANES PANYAJAK………….ABDI MAH PA-CHATER…. HI HI HI………ATAWA
CHATTER MANIA, NU HESE DI LEUNGITKEUN NANA………..CING TULUNGAN
KALUARKEUN ABDI TINA DUNIA CHATTING,,,,,,,
Comment by fz — May 8, 2006 @ 10:19 am
Teu kedah kaluar ceuk abdi ge. Enjoy azza meeennnn…..
Comment by popon — May 9, 2006 @ 6:56 am
Payus ki Sunda. Teteh mah matak desi emut ka abah anu sok ngawihkeun Pat Lapat. “Sok inget bae abah mah Nok. Sabada bareto keur kelas 5 se-er dicandak dharmawisata ku buguru Eha ka Bandung. Da eta mah nok, panangan ibu mani siga jamparing. Duh duh duh, mun tos ngawih soantena halimpu… ”
“Kapan tuh bah?” Cekeng, hariwang abah kamanjingan deui.
“Ari Pemilu munggaran urang iraha Nok…?”
Huh ari siabah mah sok nataku. Nanya diwaler ku nanya deui.
Comment by Anjeli Desi — May 16, 2006 @ 7:05 am