Ekspresi narsis-ku

May 11, 2006

As-Sunnah

Filed under: Padika Hirup, Hadist

Jangji Hate

IEU TEKS DITULIS DINA RARAGA INTROSPEKSI DIRI JEUNG MAPATAHAN DIRI SORANGAN.

Amalan anu munggaran dihisab ti hiji jalma dina poe kiamat nya eta solatna, upama solatna ditarima, baris ditarima oge amalanana, tapi lamun solatna ditolak, ku kituna baris ditolak oge sakabeh amalanana. (HR. Thabrani).

Estu pikayungyuneun ngeunaan jalma mu’min. Sagala hal nu dialaman ku inyana, hade. Mun manehna meunang hal nu pikagumbiraeun, manehna ngucapkeun sukur. Ku kituna hal eta jadi hiji kahadean keur dirina. Lamun manehna ditibanan musibah nu pikanyerieun, manehna sabar. Ku kituna hal eta jadi kahadean keur dirina. Sipat nu kitu teh teu dipibanda ku sasaha iwal ti ku hiji mu’min. (HR Muslim jeung Ahmad).

Rosululloh saw. parantos nyarios:
“Nalika amanat dilalaworakeun, dagoan kaancuranana!” Nyarita hiji jalma: “Kumaha carana ngalalaworakeun amanat teh ya Rosululloh?” Saur Nabi, upama dipigawe hiji pagawean ku nu lain ahlina, pek dagoan kaancuranana. (HR. Bukhari).

He anak incu Adam! lamun anjeun datang ka Kami kalawan nanggung dosa (nu lobana) sapinuh bumi, tuluy ngadeuheus ka Kami kalawan teu ngaduakeun Kami jeung nu sejen, mangka Kami baris mapag anjeun ku pangampura (nu lobana) sapinuh bumi. (HR. Bukhari).

Sing saha jalma nu teu weleh istigfar, mangka Allah ngajadikeun inyana bebas tina sagala kasusah, (maparin) jalan kaluar tina karupekan jeung (maparin) rizki ti beulah mana wae nu teu disangka-sangka. (Imam Abu Dawud & Ibnu Majah).

Saupama hiji anak Adam (manusa) boga hiji pasir emas, pasti manehna hayang boga dua pasir, jeung taya deui nu bisa nutup sungutna (taya nu bisa ngeureunkeun kasarakahanana kana dunya iwal taneuh (maot). Jeung Allah maparin ampunan ka sing saha wae anu tobat. (HR. Riwayat Bukhari & Muslim).

Lamun anjeun geus rengse ngadegkeun solat, prak diuk heula, mangka puji Allah ku hal anu sahade-hadena jeung ucapkeun solawat ka kami, tuluy ngadu’a ka Anjeunna, tinangtu du’a anjeun bakal ditedunan. (HR. Abu Dawud, Attirmidzy).

Babandingan dunya jeung aherat nya eta saperti hiji jalma nu nganclomkeun ramona ka laut, tuluy ramona ku manehna dicengkatkeun, naon anu beunang ku ramona, tah eta teh dunya. (HR. Muslim & At Tirmidzy).

Sahade-hadena manusa nya eta maranehna anu mere mangpaat ka nu sejen. (HR. Bukhari).

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/05/11/assunnah/trackback/

  1. Ya Allah, mugi2 ditampi solat, amal, ibadah abdi, mugi2 dihapunten sagala kalelepatan abdi,
    mugi2 ditampi iman islam abdi, mugi2 abdi dilebetkeun ka golongan anu sok salabar sareng
    anu sok salukur.ka pangkonan Gusti ……..amiin ya Allah amiiinn……….hiks…..hkis….hiks.

    Comment by Fz — May 11, 2006 @ 10:36 pm

  2. ehm eta pepeling yamugia sing janten landong kanggo abdi, teteh !! kukitu pisan geuning nya hartosna shalat. obat bathin teh sesah pisan upami teu aya taupik sareng hidayah ti gusti allah. amiiiin yarabbal alamin.

    Comment by wandi — May 16, 2006 @ 8:48 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer