Ekspresi narsis-ku

May 20, 2006

Guru

Filed under: Kolom

Kampus Kuring di Cimahi

(Dimuat dina Mangle No. 2075, 13-19 Juli 2006)

Padungdengan masarakat kiwari ngeunaan mundurna pendidikan sarta kurangna guru nu mibanda kualitas anu hade (qualified) di Indonesia kawasna moal aya anggeusna, salila teu ditarekahan diungkulan ku nu boga wewenang jeung ku jinisna sewang-sewangan. Loba anu nuding, yen faktor utama hengkerna sumber daya manusa dina sagala widang teh alatan cara ngajar guru-guru di unggal strata pendidikan teu profesional.
Leupas tina bener henteuna, geus sakuduna para guru gancang ngarespon eta opini masarakat. Tangtu wae ngaresponna lain ku cara nuding deui pihak sejen anu aya pakuat-kaitna jeung widang atikan, atawa ngadon nataan faktor-faktor anu milu ngarojong mangaruhan mundurna pendidikan di Indonesia. Leuwih hade paraguru ngarespon ku cara ngayakeun tindakan nyata ayeuna-ayeuna, ulah diengke-engke, sarta ulah ngan ukur tepi ka mangrupa wacana jeung wacana wungkul. Anggap we eta tudingan teh pel anu mun diteureuy matak peuheur, tapi efek kana awak nu keur teu sehat matak cageur. Anggap we eta opini teh kritik anu mampuh ngahudang kasadaran paraguru kana profesina nepi ka bisa introspeksi tur nepi ka mampuh ngaronjatkeun kualitas diri masing-masing.
Idealna kaum guru salaku kaum intelektual leuwih kreatif jeung inovatif dina ngalaksanakeun pancen mulyana bari didadasaran ku idealisme. Ieu statemen teh saliwat mah karasa bombastis jeung lahuta. Tapi kecap naon deui atuh anu pantes diucapkeun pikeun ngahudang sumanget jeung etos kerja para pahlawan tanpa tanda jasa lian ti kecap-kecap tadi? Kreatif jeung inovatif bari didadasaran ku idealisme!
Dina prakna mah bisa beda-beda carana, gumantung kana niat, minat, pola pikir, kabiasaan, jeung metode gawe sewang-sewangan. Ngan nu pasti, aya hal anu saragem anu mangrupa modal dasar anu wajib dipibanda ku hiji guru salaku pendidik, nya eta jembar wawasan. Ku kituna suplemen wajib para guru nya eta buku jeung media-media anu sarat informasi, anu dina jaman ayeuna mah lain perkara bangga neanganana, malah boh buku boh rupaning informasi kiwari kacida ceuyahna.
Teu kudu aneh mun aya guru gede minatna kana widang teknologi informasi, kapan hal eta teh dina raraga inovatif tea, elmu anu kapaluruh diaplikasikeun di kelas sangkan kagiatan diajar ngajar bisa lulus banglus bari sukses.
Teu kudu kaget mun sapopoena guru tara jauh ti buku, da kitu pantesna, sangkan kabiasaan maca jeung nulis ngabudaya di Indonesia. Komo mun ngingetkeun sakola teh tempat anu pangstrategisna pikeun nyiptakeun masarakat literer, nya sawadina guru pisan anu kapapancenan nularkeun minat baca jeung nyiptakeun tradisi nuliskeun gagasan ka murid-muridna.
Cindekna, para guru geus waktuna ngalaksanakeun upaya-upaya mandiri dina raraga ngaronjatkeun ajen atikan sakadugana, bari teu weleh sabar miharep bantuan pamarentah anu duka teuing iraha lungsurna. Ulah kalalanjoan ngudag-ngudag kalangkang heulang ngatosan bantosan ti nu kagungan wewenang, geus lain waktuna silih andelkeun, da dina munculna masalah mah geuning guru-guru keneh nu pangheulana katempuhan. Sugan ku usaha-usaha saperti nu geus disebutkeun di luhur, masalah anu teu anggeus-anggeus teh saeutik-saeutik bisa kaungkulan, nepi ka citra guru di masarakat hade deui sabihari.
Tapi kapan eta mah idealna ceuk tadi ge. Dina kanyataanana teu jarang masalah nu disanghareupan ku paraguru teh teu basajan siga kitu, leuwih ngarancabang (kompleks). Ti mimiti masalah infrastruktur nu teu ngadukung nepi ka masalah karaharjaan guru boh guru negri, guru bantu, atawa guru honorer anu jauh tina nyugemakeun. Sakumaha kreatif jeung inovatifna hiji guru, ari teu dirojong ku fasilitas pembelajaran mah asa taya gunana, programna moal laksana. Rek bisa nepi ka profesional kumaha karier hiji guru, mun waktuna sapoe jeput beak dipake nyiar kipayah, usaha sambilan pikeun nyumponan pangabutuh sapopoe. Munasabah mun nu dituding jadi pangkal masalah teh malik nuding deui pihak sejen nu baroga kompeten dina ngungkulan ieu permasalahan. Atuh rek iraha bisa dibeberesna problematika bangsa teh kaya kieu mah, sedengkeun jutaan peserta didik di lapangan geus narungguan parobahan.
Jalan hiji-hijinana mah urang ngawayahnakeun maneh jeung teu eureun-eureun ngucapkeun sukur ku nu geus aya, bisi kagolongkeun jalma kufur ulah ngarasula, bongan bet hayang jadi guru, profesi anu beuki dieu beuki beurat tanggung jawabna, beuki gede resikona, diamanatan nyitak generasi penerus dina jaman nu pinuh ku tangtangan. Ana aya kakurangan, pangheulana katempuhan.***

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/05/20/guru/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer