Mun Seug Guru Dipercaya
Dina danget ieu kredibilitas parapendidik keur meujeuhna diuji. Munculna fenomena bocorna soal Ujian Nasional (UN) di sawatara daerah ngeuyeub-ngeuyeub pasualan anu keur disanghareupan ku paraguru. Fenomena anu teu kudu kajadian lamun insan-insan anu bagerak di widang atikan weruh kana hakekat proses diajar ngajar jeung tujuan pendidikan nu sabenerna.
Mun seug dilenyepan, peran jeung posisi guru di sakola salaku faktor anu nangtukeun hasil henteuna kagiatan diajar ngajar, teu bisa disapirakeun. Ti mimiti anak didik diuk di kelas dina poe munggaran taun ajaran baru, nepi ka manehna namatkeun diajarna di ahir semester, sagemblengna jadi tanggung jawab guru dina masalah atikan formalna. Nya ti mimiti harita oge paraguru wajib wanoh ka unggal pribadi murid-muridna. Lain ngan ukur wanoh wungkul kana ngaran jeung beungeut unggal muridna, tapi oge wajib apal kana tektek bengek kahirupan pribadi anak didikna. Widang garapan guru sapopoe salian ti ngajar, ngadidik, jeung ngalatih teh oge ngayakeun hubungan interpersonal anu stimulatif sarta nyiptakeun iklim atawa atmosfir sakola anu kondusif.
Ku kituna bakal karasa logisna, lamun pamarentah mercayakeun ka paraguru, nu geus tangtu leuwih apal medan di lapangan dina nangtukeun niley ahir hasil proses diajar ngajar paramuridna. Mun tea mah masalah nangtukeun standar minimal kelulusan dipasrahkeun ka masing-masing sakola, asa taya salahna. Mun tea mah ngukur prestasi murid lain ku mata pelajaran anu tangtu, tapi ku sagala aspek anu nyampak dina diri si murid, asa teu mustahil. Kapan ngadidik siswa teh lain sina bisa ngahontal peunteun anu nyongcolang dina sabagian mata pelajaran wungkul, tapi hakekatna mah ngarojong mekarna aspek-aspek perkembangan siswa anu ngawengku: fisik, intelegensi, emosi, basa, sosial, kapribadian, moral, jeung kasadaran ngagem agama.
Mun seug guru di unggal sakola dipercaya jadi pihak nu nangtukeun lulus henteuna paramuridna dina UN, kawasna moal kajadian bocorna soal ujian, da boga pertimbangan sejen dina ngaevaluasi parasiswana patali jeung prestasi beda-beda nu dipibanda ku unggal siswa. Moal kacaritakeun deuih ayana skenario jeung spekulasi pikasediheun (guru kalawan rerencepan nyebarkeun konci jawaban soal ujian ka murid-muridna) dina detik-detik pelaksanaan UN. Moal timbul praktek-praktek ngabobodo parapanangtu kawijakan, ngabongohan parapengawas ujian, jeung ngabohongan pemantau Tim Independen pelaksanaan ujian, anu padahal hakekatna mah eta skenario jeung praktekna teh dina raraga ngabobodo diri sorangan.
Bakal kacida teu adilna lamun ku ayana standar minimal kelulusan anu saragem sa-Indonesia, loba murid anu teu lulusna, sok padahal eta murid-murid teh kagolongkeun murid anu motekar jeung nyumponan sarat pikeun diluluskeun (nurutkeun data-data niley sapopoena), misalna. Sedengkeun murid anu sapopoena hengker dina palebah intelegensi jeung kurang hade dina kapribadianana, kabeneran lulus, upamana. Jeung kabuktian, masalah saperti kitu teh kungsi kajadian di taun-taun samemehna.
Meureun ayeuna mah kari nganti-nganti jembar manahna nu karagungan kawijakan. Mugi kersa ngahargaan profesi guru ku cara ngalibetkeun paraguru, ngajak barempug atawa ngayakeun dialog heula sareng parapendidik dina unggal ngadamel kawijakan anyar anu raket patalina sareng proses diajar ngajar di lapangan. Ulah nepi ka guru deui - guru deui anu jadi paneumbleuhan teu adilna eta kawijakan.***
ILMAN
IZZAN
Guru Ratu Wong atua Karo, tah papatah jaman baheula…..sigana teu bisa di terapkeun di jaman melanium ayeuna mah. Kulantaran harkat darajat guru jaman baheula beda pisan jeung harkat darajat guru jaman ayeuna, tapi ketang hampura teu sakabeh guru jaman ayeuna leungit wibawana, aya oge nu masih luhur harkatna kulantaran kajujuran nana. Tapi ari nempo dina artikel nu di tulis ku ibu Popon (wanita nu ceuk kuring mah wanian kana bebeneran),,,,,,,,,,cenah aya guru nu geus wani ngabocorkeun soal ujian nagara, kumaha caritana eta teh? Naha teu sarieun dosa? Apan guru mah tanggung jawabna teh dunya aherat, da tugas guru teh ngajadikeun jelema nu bakal jadi naon di mangsa kahareupna. Mun guru ngajadikeun murid jadi jalma soleh, jujur jeung pinter, eta pahala na teh gede pisan keur guru. Tapi lamun geus diajar teu jujur dina nyanghareupan ujian dibere jawaban ujian ku guru bari jeung susulumputan, naha eta guru teu isin ku Gusti Anu Maha Ningali? Tah lamun geus aya pikiran dina eta budak sifat teu jujur, mun manehna nyekel jabatan di waktu nu bakal datang terus manehna jadi koruptor, apan eta teh tanggung jawab guru lain?………Tah punten para guru, guru teh tanggung jawabna dunya aherat……..sing aremut. Jang naon sakola boga nama ari barudakna barelet da meunang niron ujian nana. Hampura ………..
Comment by Fz — June 1, 2006 @ 11:33 am
jujutanna kumaha make aya guru nu ngabocorkeun soal….nya Numutkeun pamendak abdi mah….nu gelona nya jelema nu baheula ngaluluskeun cagur nu milu seleksi, terus ayeuna diangkat jadi guru sakola.
)
Maranehna nu gede kasalahanna baheula (ayeuna oge aya keneh ketang) teu baleg dina nyaring cagur, ayeuna karasa akibatna.
Abdi oge tos 8 kali ngiringan kontes jadi guru…alhamdulillah teu kapake, bisa asup tapi baeula kudu nyiapkeun waragad 3 yuta…tepi ka ayaeuna mah bahrutengna teh 25yuta. Untung teu kabita neangan duit jang modal sakitu….da pikir abdi mah mun asup jadi guru ku cara kitu, pasti ngajar oge moal baleg. Abdi pasti mikiran tepi ka ayeuna ge…kumaha carana ngarah pangaluran kamari teh katutup deui…break even tea meureunnya.
Akibat nu leuwih jauh … loba gening guru nu demo nolak Ujian Nasional..naha make nolak…heueuh da apal jero-jerona…teu siaaapppppp….lain muridna nu teu siap teh…guruna teu balegggg mere elmuna.
Punten ah…sakalian we eta unek2 kuring ari ningali nu demo embung ujian nasional teh. Da pasti atuh ari merekeun elmuna alus mah…teu kudu sieun ku Ujian Nasional
Comment by Ratma — June 2, 2006 @ 4:57 am