Musibah jeung Kaadigungan Manusa
Yogyakarta, kota pariwisata, sungkawa sapada harita balukar gempa tektonik 5,9 skala Richter kakuatanana. Ku teu nyana, diwalah-walah Gunung Merapi nu bakal ngagenjlongkeun jagat Jawa Tengah teh, bet nyalahan. Bahla kalah ti handap jolna. Taya saurang oge manusa nu bisa ngira-ngira samemehna, euweuh nu weruh sadurung winarah, taya nu nyaho memeh dibejaan.
Kitu deui musibah-musibah samemehna, saperti Tsunami di Aceh jeung gempa bumi (lini) di Nias, sarua, taya nu bisa mrediksi jeung ngaantisipasi eta kajadian. Tetela jelema teh mahluk sarwa katuna. Anging Allah Nu Maha Uninga.
Balai bisa di mana wae jeung iraha wae kajadianana. Malah mimindengna mah ngabongohan jelema. Bisa ka saha wae keunana, teu ngawilah-wilah, naha eta jelema teh Si Dadap atawa Si Waru. Tampolana Sang Bahla ngerid pati orok jeung barudak satepak. Lebah dieu, saha anu bisa ngahalangan? Saha jelemana anu bisa ngarobah skenario Pangeran?
Anehna, loba wae jelema nu umangkeuh asa aing uyah kidul, adigung adiguna, wangkelang ka Nu Nyiptakeunana. Padahal naon anu pantes dijieun sombong tina diri maranehna? Geuning teu katoongeun bakal aya mamala mah, geuning teu barisaeun nyingkahan balai mah. (more…)
ILMAN
IZZAN