Ekspresi narsis-ku

June 4, 2006

Musibah jeung Kaadigungan Manusa

Filed under: Kolom

Musibah

Yogyakarta, kota pariwisata, sungkawa sapada harita balukar gempa tektonik 5,9 skala Richter kakuatanana. Ku teu nyana, diwalah-walah Gunung Merapi nu bakal ngagenjlongkeun jagat Jawa Tengah teh, bet nyalahan. Bahla kalah ti handap jolna. Taya saurang oge manusa nu bisa ngira-ngira samemehna, euweuh nu weruh sadurung winarah, taya nu nyaho memeh dibejaan.
Kitu deui musibah-musibah samemehna, saperti Tsunami di Aceh jeung gempa bumi (lini) di Nias, sarua, taya nu bisa mrediksi jeung ngaantisipasi eta kajadian. Tetela jelema teh mahluk sarwa katuna. Anging Allah Nu Maha Uninga.
Balai bisa di mana wae jeung iraha wae kajadianana. Malah mimindengna mah ngabongohan jelema. Bisa ka saha wae keunana, teu ngawilah-wilah, naha eta jelema teh Si Dadap atawa Si Waru. Tampolana Sang Bahla ngerid pati orok jeung barudak satepak. Lebah dieu, saha anu bisa ngahalangan? Saha jelemana anu bisa ngarobah skenario Pangeran?
Anehna, loba wae jelema nu umangkeuh asa aing uyah kidul, adigung adiguna, wangkelang ka Nu Nyiptakeunana. Padahal naon anu pantes dijieun sombong tina diri maranehna? Geuning teu katoongeun bakal aya mamala mah, geuning teu barisaeun nyingkahan balai mah.
Boa jalma adigung teh geus ngaleuya, malah boa tabe’at urang sorangan ge geus kagolongkeun ka dinya, kana tabe’at saperti nu dipibanda ku raja nu kungsi ngadaulat dirina jadi pangeranna manusa, Fir’aun tea. Jeung dina kanyataanana, ti waktu ka waktu, ti jaman ka jaman teu weleh muncul manusa-manusa anu mibanda karakter kawas manehna. Di jaman modern saperti ayeuna lahir Fir’aun-Fir’aun Kontemporer—nginjeum istilah Dedi Suardi—anu dina enas-enasna mah sarua gede huluna jeung Fir’aun di jaman Nabi Hud a.s, Nabi Shaleh a.s, Nabi Ibrahim a.s, jeung jaman Nabi Musa a.s. Teu kalis ku ditibanan musibah, maranehna teu euih-euih. Padahal kapan datangna musibah teh bisa jadi pangwawadi ti Nu Maha Suci sangkan urang ulah kalalanjoan migawe hal-hal anu teu dipirido ku Mantena, atawa mangrupa ujian keur jalma-jalma mu’min, atawa eta musibah teh memang bener-bener mangrupa azab keur jalma-jalma anu geus kaluar tina tetekon nu digariskeun ku agama.
Kiwari, munculna paham-paham saperti sekularisme, pluralisme, liberalisme, aliran-aliran sesat jeung ingkar sunnah, sarta praktek-praktek mistik anu dina hakekatna mah ngaduakeun Pangeran, mangrupa perwujudan tina adigung adiguna jelema, takabur, nangtang Sang Khalik, teu daek tumut kana sagala parentah-Na.
Mun seug dilenyepan, naon bedana antara karakter masarakat ayeuna jeung karakter bangsa ‘Aad dina jaman Nabi Hud atawa bangsa Tsamud dina jaman Nabi Shaleh baheula anu diazab ku Allah alatan kadorakaan maranehna? Paling ge bedana teh dina palebah “kulit luarna”, jero-jerona mah bisa jadi sarimbag pisan.
Diriwayatkeun dina jaman kakalipahan Umar bin Khatab, nalika hiji wilayah ditibanan musibah alam, ucapan anu mimiti kaluar tina lisan Saidina Umar nya eta, “He rayat kami, ma’siat naon anu geus dipilampah ku urang sarerea, nepi ka bisa ngondang bahla saperti kieu?”
Sabada wilayahna ditibanan lini anu kacida rongkahna, Saidina Umar biantara payuneun umatna, “Aranjeun resep ngalakukeun bid’ah, (tata cara hirup) anu taya rengkolna dina Al Qur’an, sunnah Rosul, jeung ijma (kasapukan umum) para sohabat Nabi, nepi ka murka jeung siksa Allah turun (ka aranjeun) leuwih gancang,” (HR al-Baihaqi).
Saha di antara pamingpin urang anu caralik di pamarentahan ayeuna anu nepikeun biantara saperti kitu? Saha di antara aranjeunna (para wakil rayat) anu ngajak introspeksi diri tuluy tobat babarengan sangkan urang dijauhkeun tina rupaning mamala? Dugi ka danget ieu, asa teu acan aya!
Kamari eta musibah teh kajadianana di Yogya, bisa jadi isuk pageto di tempat di mana urang dumuk, sanajan diembung-embung. Salaku mahluk anu geus pasti hengkerna, teu daya teu upaya, anging ka Gusti abdi sadaya nyalindung, neda pitulung sareng neda panangtayungan.
Ku karumasaan yen sagala musibah nu geus tumiba ka nagara urang teh mangrupa azab, hayu urang nanjeurkeun sikep tawadu bari miceun tabe’at ujub takabur. Hayu urang baralik deui kana Qur’an jeung Sunnah minangka tatapakan hirup urang salaku muslim. Ulah kabongroy ku ideologi anyar produk Barat anu matak madorot, matak ngaruksak moral umat, sarta matak ngondang rupa-rupa azab, la’nat, jeung musibat.
Wallahu a’lam.***

1 Comment »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/06/04/musibah-jeung-kaadigungan-manusa/trackback/

  1. Naha atuhnya loba pisan musibah nu kaalaman ku urang Indonesia teh? Naha teu
    karasa yen Allah ayeuna ningalikeun ka kawasaan Nana di dunya. Asa inget ka
    hikayah2.para Nabi baheula, dimana aya umat nu teu nurut jeung embung ngadenge
    papatah atawa amanah Nabi keur ka beneran, Allah langsung mere siksaan ka eta
    ummat. Tah ayeuna di Indonesia loba pisan musibah, naha sarua jeung umat
    baheula waktu jaman para Nabi? yen loba umat muslimin Indonesia nu geus teu nurut
    kana ajaran agama? matakna Gusti Nu Maha Suci ningalikeun deui kakawassan
    nana di dunya? memang enya geuning kaayaan Indonesia teh geus beda jeung
    jaman kuring baheula keur masih keneh di lembur, anu mana tara ngadenge berita2
    soal, perkosaan, pembunuhan, perselingkuhan, korupsi, jsjb,na teh. Kuring pernah
    nyaritakeun ka alusan nagara jeung bangsa Indonesia anu sopan jeung darehdeh,
    ka anak kuring waktu manehna rek miang ngajugjug nagara Indonesia, eh barang
    geus balik ti Indonesia cenah ceuk manehna, Indonesia nu ku kuring dicaritakeun
    ka anak kuring memeh miang, ceuk manehna teh ayeuna mah beda Indonesia teh
    teu siga kaayaan baheula. Ceuk manehna deui, geus loba barudak aww marake baju
    dajal (nu katempo dada jeung bujal), geus loba lalaki jeung aww hirup kumpul kebo,
    geus loba jelema ninggalkeun salat cenah kitu,,,,,,,,,,,kuring jadi era dikitukeun ku
    anak teh. Tah ayeuna kakara engeuh geuning matakna Allah ningalikeun
    kakawasaan Nana masihan musibah teh da geuning aya alesan nana. Tapi naha
    kaayaan musibah iyeu teh mere inget ka ummat nu aya di Indonesia?, supaya
    maranehna babalik pikir? Duh Gusti Nu Maha Agung. Mugi2 masihan ka urang
    sadayana umumna kaum muslimin, muslimat, muminin muminat, sakuliah dunya,
    hususna di Indonesia, hidayah, kasabaran, tawekal, nampi kana sagala anu tumiba
    ka urang sadaya kalayan kaihlasan. Mugi2 sing dilebetkeun urang sadaya ka
    golongan jalma2 anu salukur jeung anu salabar…………..amiinnnnnnnn
    muslimat muminin muminat, umumna sadunya

    Comment by Fz — June 7, 2006 @ 9:24 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer