Tatarucingan
Dicutat tina “Tatarucingan, Euy!” beunang Hadi AKS
Cing pek teguh ieu tatarucingan di handap!
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (more…)
ILMAN
IZZAN