Ekspresi narsis-ku

July 16, 2006

Harga Diri

Filed under: Prosa

anaking

Mulan-malen mikir-mikir jeung ngintip-ngintip kaayaan manehna di Jakarta, ahirna gilig rek didatangan. Sanggeus meunang informasi anu lengkep ngeunaan padumukan jeung kagiatanana sapopoe, lahaola ku kuring ditepungan.
Bebeja ka satpam nu keur ngajega di lawang pos hareupeun studio mah kuring teh dulurna Sang Idola, anu ngahaja hayang panggih. Sugan teh rek tuluy tetelepek jeung moal ngidinan, harita keneh satpam nitah kuring langsung asup ka jero rohangan.
Ti kajauhan ge panon geus awas ka nu keur diteangan. Teu ngarasa pangling atawa kalinglap, sabab awakna teu regrog, ti bareto ge sakitu, teu ngalintuhan teu ngabegangan. Buukna teu robah deuih, angger digondrongkeun semet nuruban ceuli jeung pundukna. Manehna keur ngajanteng deukeut keyboard bari notor botol nu dieusi cai herang. Dipirig ku jajantung nu ujug-ujug ratug, ngawani-wani maneh nyampeurkeun ka nu kakara rengse nginum.
Laksana oge adu hareupan di studio rekaman ngarangkep tempat manehna latihan. Kabeneran keur teu loba jalma. Salian ti manehna, aya dua urang deui nu keur guntreng, nenjo beungeutna mah apal, personil band manehna keneh. Nu keur guntreng teh tuluy tinglaleos kaluar. Sigana mah geus waktuna istirahat atawa break heula.
Barang gok pasangrok beungeut, kaciri manehna kacida reuwaseunana. Kawasna reuwas ku teu nyangka, dipanggihkeun deui jeung jalma anu kungsi dalit jeung hate katut lelembutanana, diamprokkeun jeung jalma anu ngahaja ku manehna taun-taun disingkahan alatan sieun kawiwirangan.
Pertanyaan munggaran nu ditodongkeun ku manehna ka kuring, “Aya perlu naon bet datang ka dieu? Hh…geus moal salah, pasti aya pamenta, butuh duit sabaraha?” Nadana datar, dibarengan ku seuri sinis ngandung kesan arogan. Teu kapikir rek dibageakeun ku pasemon jeung kekecapan nu matak nyentug kawas kitu, hate jadi beuki keuheul. Angen ngadak-ngadak seueul. Mun seug nyaho rek pikieueun kajeun bedo, teu sudi teuing kudu laha-loho ka ieu studio. Tapi da geus kagok jonghok, teu ngengkekeun deui kuring ngabudalkeun sagala rupa bangbaluh anu geus lila pisan ngadon nyayang dina batin.
“Teu nyalahan, abdi datang memang aya nu dipenta. Tapi lain rek menta banda sakumaha sangkaan anjeun. Paralun, lain rek ngoloan rejeki anu keur ceuyah ngalayah. Lain, lain hayang nu kitu. Banda mah abdi ge masih keneh kaduga neanganana, sanajan teu lubak-libuk kawas anjeun,” cekeng, sabisa-bisa nahan kakeuheul tea sangkan teu tuluy ngarayap ka luhur ngahontal embun-embunan.
“Jadi, aya perlu naon atuh?” Cenah. Padahal teu kudu nanya kitu deuih, da ti awal panggih ge pasti geus kateguh ku hate leutikna, naon nu jadi marga lantaranana pangna kuring jauh-jauh nepungan manehna.
Teu waka ditembalan, ngagusur heula korsi beusi nu ngajajar di sisi tembok, bari meper hate anu keur teu puguh rasakeuneunana, campuraduk antara geremet jeung nalangsa. Ras ka budak nu ditinggalkeun di imah, sajorelatan beungeutna kokolebatan.
Manehna ge nurutan diuk dina korsi hiji deui, angger pahareup-hareup, tapi babalieuran. Kawasna mun kongang mah meureun hayang beretek we lumpat, tuluy nyumput sing buni nyingkahan kuring.
“Nu dipenta teh pangakuan, pangakuan anu jujur tur iklas, yen anjeun kungsi neundeun sakeclak binih na rahim abdi genep taun ka tukang. Nu diperedih dina danget ieu keneh, kaleah hate anjeun, daek ngaku yen budak anu kungsi dikakandung salapan bulan ku abdi teh getih anjeun pisan.” Nyarita kitu teh bari luak-lieuk jeung rurat-reret, bisi aya jalma nu keur ngintip atawa nu ngahaja ngadon milu ngadengekeun. Kabeneran ieu rohangan nu teu pati lega teh sepi, kuring jeung manehna ukur disaksian ku alat-alat musik anu ngabarigeu nungguan ditabeuh. Gitar elektrik tinggaloler dina papanggungan, kabel pakuranteng, tayohna urut tadi latihan. Poster-poster grup band manehna ngajareblag mapaesan tembok ampir sakuriling bungking. Geus karasa aman mah pok deui neruskeun caritaan.
“Rarasaan eta pamenta teh basajan, kari ngaku anak ka budak anu ti keur di jero beuteung indungna keneh dipangejatkeun ku nu jadi bapana, alatan teu daek tanggung jawab. Da sigana mun Si Acep geus hideng, geus apaleun saha jeung nu mana bapa tegesna, mun nalarna geus bisa ngabedakeun mana nu bener mana nu salah, asa moal pati jauh ti indungna pameredihna teh, ukur hayang diaku anak, sangkan puguh status hukumna, nepi ka bisa nyieun akteu kelahiran anu sok jadi persaratan utama asup sakola.”
Manehna cicing keneh, siga nu teu purun ngajawab, kalah luk tungkul. Leungeun katuhuna nyabakan pundukna sorangan, garo-garo teu ateul.
“Sanajan urang teu kungsi ka bale nyungcung, asal cumpon pameulina, nyieun akteu kelahiran budak teh lain perkara bangga keur jalma pantar anjeun mah. Geus diaku tur kaluar akteu mah mangga teh teuing, rek inget rek henteu ka anak pituin. Hal eta mah urusan anjeun jeung Nu Mahalanggeng, balitunganana jaga di alam padang poe panjang,” cekeng. Aneh, asa aya nu mamatahan ngomong teh, bahan piobroleun rabul nyalampeurkeun tuluy arasup kana pikiran. Padahal basa di Bandung keneh mah kungsi bingung, sieun teu bisa nyarita dina waktu amprok jeung manehna kawas ayeuna. Matak teu hayang waka mawa budak, keur mah dihulag ku nini jeung akina ulah waka ditepungkeun heula jeung bapana, sabab can puguh bakal diaku henteuna cenah.
Sajeroning ngadagoan jawaban ti manehna, bruh-breh lalakon bareto. Waktu genep taun teh asa sajorelat keur kuring mah. Galur carita hirup kuring jeung manehna harita atra keneh minuhan implengan. Mun inget kana lalampahan duaan ka tukang-tukang, sok timbul rasa kaduhung liwat saking, kaduhung jadi awewe leumpeuh yuni, bodo katotoloyoh, gampang kabongroy ku caritaan-caritaan anu kareueutna alah batan peueut, nu murudul unggal waktu kaluar tina biwir manehna. Nepi ka diri kabius, popohoan ngarumpak norma agama jeung susila. Sugan teh moal kieu ahirna. Nyangsara mahluk leutik nu teu tuah teu dosa, bati tina ngagugulung katresna jeung ngalayanan hasrat cinta bapana, anu pajar moal laas nepi ka tutupna dunya. Tetela bohong wungkul. Kiwari taya tapakna saeutik-eutik acan. Balukarna jadi baluas, nepi ka danget ieu diri teh can wani narima sing saha wae lalaki nu boga niat mileuleuheungkeun, asa jijiraeun.
Kuring deui wae nu nyarita teh, “Mani pleng les atuh, nepi ka tega neukteuk mere anggeus. Cekeng ge, poho ka abdi mah teu masalah mun pohona bari teu ninggalan turunan. Ieu mah….kalah mangpret nyingkahan budak hasil tina ngagugulung kaegoisan. Dihenteu-henteu ge eta budak teh getih urang keneh, teu bisa cul leos kitu wae!” Kuring ngarenghap heula, meh bareng jeung renghap napas manehna anu sarua jerona.
Rajeun daek nembalan, ucap-ucapanana estu matak pikakeuheuleun, cenah, “Di dinya ge sarua pan, asana teu kudu nyusul-nyusul, sabab lelembutan katut jirimna ayeuna mah teuing geus milik saha boa, sageuy pisah taun-taun taya nu nyanggap saurang-urang acan mah, bareto ge kapan leuwih ti hiji kabogoh di dinya teh!” Kaciri asal engabna teh, siga nu ngahaja mancing-mancing kaambek kuring. Kekecapanana teu nyambung jeung nu dikedalkeun ku kuring samemehna.
“Teu penting teusing merkarakeun nu kararitu mah. Ayeuna mah geus lain waktuna ngalulugukeun kaegoisan diri masing-masing. Aya nu leuwih penting dipikiran nya eta nasib anak urang ka hareupna. Jeung abdi moal kumawani ngadeuheus jeung ngumaha ka anjeun, lamun anjeun lain bapana!” Eureun deui nyarita teh. Rohangan sepi keneh, kawasna mah babaturan manehna teu waranieun nyampeurkeun, ngahaja meureun manehna sina jongjon nyanghareupan semah.
“Bisa jadi anjeun tumanya, naha lain ti bareto nepungan teh? Nalika anjeun can sohor cara ayeuna. Ayeuna mah geus sarwa kabeungkeut, kabeungkeut ku aturan-aturan jeung tatacara katut gaya hirup salaku hiji selebritis. Paripolah teu bisa sagawayah, sabab unggal tindakan jadi barang dagangan wartawan, jadi konsumsi masarakat umum. Ayeuna mah geus jadi public figure. Sakali kasaksian nincak di salah, aya bahan karier ancur.
Abdi ngarti pisan, anjeun ayeuna lain anjeun anu bareto, anu mun ngajak ulin ka mana ka mana teh ukur kaduga make angkot, ukur kaduga ngajajanan dahareun nu didagangkeun di sisi jalan, anjeun anu bebas merdeka tina inceran panon balarea.
Abdi oge nyaho, karier anjeun ngabelesat ti saprak pindah ka dieu, basa kakaburan alatan diudag-udag ku kulawarga abdi pikeun dipenta tanggung jawabna. Kapan geus bukti, ti bareto ge anjeun teh babalicetan, harita rek bisa nepungan kumaha abdi teh?”
Nu ditanya taya tanda-tanda rek nembalan. Ku lantaran teu dibantah, kuring beuki laluasa merekpek manehna ku omongan.
“Salaku hiji bapa, anjeun wajib nyaho, budak urang maju ka gede, beuki dieu beuki hideng pipikiranana. Abdi geus bosen ngabohongan manehna, nyaritakeun yen bapana aya di jauhna, keur ngalalana di nagri deungeun dina raraga neangan kipayah. Asa piraku kudu nyebutkeun bapana geus taya dikieuna mah, da kudu puguh di mana kuburanana atuh. Rek nepi ka iraha abdi ngareka carita ngeunaan diri anjeun ka manehna? Sedengkeun wujud anjeun teu weleh ‘marakayangan’ mindeng nembongan!”
Da heueuh atuh, saenyana pisan, abong keur ngetop jirim manehna ampir unggal poe muncul di unggal acara infotainment, di unggal show atawa konser musik grupna anu tara kaliwat diliput ku sawatara stasiun televisi. Jinisna teu weleh diabring-abring jeung diwawancara, dipuja jeung didama-dama pangpangna ku para wanoja, tur diugung-ugung ku nu galandrung.
Dideuleu-deuleu teh tingkah polah manehna beuki dieu beuki atraktif jeung demonstratif. Tah, hal-hal saperti kitu nu matak ngahudang kamarudah hate kuring teh. Rasa marudah anu teuing naon sababna bet napel pageuh dina ati sanubari, teu daekeun ingkah jeung teuing ti mana torojolna deuih. Rasa marudah anu beuki lila beuki rosa ngagalura, ngahiji jeung rasa dosa ka nu jadi anak, nepi ka jadi bangbaluh anu kacida beuratna. Lain bohong, kuring geus teu kuat nandanganana.
Nu baluar-balieur teh ayeuna mah make wani malik neuteup, hanjakal lain neuteup geugeut cara bareto, tapi neuteup seukeut kawas nu ceuceub.
“Tong mandang abdi salaku indungna, da urang mah geus lain-lainna deui. Komo dina kaayaan kiwari, anjeun artis nu keur laris, sedengkeun abdi mah estuning jalma biasa. Jurang nu misahkeun urang beuki kacida lungkawingna. Naon hartina ayeuna diri abdi keur anjeun? Teu leuwih ti cucuk rungkang anu ngagokan jeung newo-newo kahirupan anjeun anu keur meujeuhna kasinugrahan. Sakali deui tong ditenjo abdina tapi perhatikeun sing imeut budakna, anak anjeun tea. Mun hiji waktu pareng ditepungkeun jeung manehna, geura teuteup matana masing leleb, teuleuman sorot panonna, sugan karasa jeung karampa ku mamaras anjeun, manehna keur kacida halabhabna ku kanyaah jeung kadeudeuh nu jadi bapana.
Bisa jadi anjeun keukeuh nyalahkeun abdi, naha bet kakara datang ayeuna, lain ti bareto basa anjeun can boga ngaran can boga pangaruh? Puguh ieu ge beunang nimbang-nimbang. Malah kungsi dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, perlu henteuna nepungkeun budak jeung bapana. Kungsi deuih satekah polah abdi mopohokeun anjeun, jeung mun kudu jujur mah memang abdi teh hayang poho kana sagala rupa hal ngeunaan diri anjeun.”
Tapi mustahil bisa poho, sabab teu kaur hate lipur jeung paler saeutik, beja ngeunaan manehna terus-terusan diekspos ku media massa, lagu-lagu manehna sirikna teu unggal menit diputer di mana-mana, teu kolot teu budak arapal kana rumpakana. Haleuang manehna anu matak dedengeeun teu eureun-eureun didarengekeun, matak nyuat-nyuat nu gede keneh duriat (mun kudu balaka mah), matak nyuat-nyuat nu tunggarana teu parat-parat.
“Cenah bulan kamari grup anjeun sukses konser di unggal kota, ngurilingan Indonesia. Cenah grup band anjeun meunang panghargaan Platinum, sabab album lagu pop volume kadua kajual sakitu rebu copy CD jeung kasetna. Cenah bulan ieu grup anjeun rek ngalanglang nagara tatangga saperti Malaysia jeung Brunei dina raraga promosi album nu panganyarna. Cenah deui, bulan hareup anjeun baris rendengan jeung wanoja geulis kawanti-wanti putra salahsaurang inohong nu geus teu bireuk deui keur masarakat Jawa Barat mah.
Saestuna abdi teu hayang teusing apal nepi ka nu kararituna, tapi eta beja-beja teh siga nu ngahaja rabeng arasup kana ceuli tur kawas nu ngahanakeun hayang kasaksian ku panon hiji awewe nu kungsi ngalahirkeun anak anjeun!”
Jempe kuring, hoak teh manehna nyentak, teu burung hate ngarenjag. Ari sugan teh geus robah, geus leungit gede adatna pedah ayeuna mah geus sawawa, lain rumaja deui. Geuning masih keneh dikukut sipat barangasanana teh, abong aya paribasana, adat kakurung ku iga. Ti bareto ge unggal awewe nu kungsi deukeut jeung manehna geus pada apal, di balik sikep romantis jeung jago ngarayu teh sok rajeun kaluar sipat gede werengna.
“Ulah bulat-beulit jeung kukurilingan heula, to the point we lah, butuh duit sabaraha?!” Cenah bari muncereng.
Astagfirullah, tetela manehna teh api-api teu ngarti kana maksud kadatangan kuring ayeuna. Jadi ti tatadi kuring ngawekwek teh horeng teu didenge. Nya dina danget ieu karasa pisan harga diri teh asa dilelece diremehkeun. Make timbul deuih rasa kaduhung geus wawanianan nepungan manehna. Satadina susuganan disadarkeun, yen manehna teh boga turunan, anu hartina manehna boga kawajiban jeung tanggung jawab minangka hiji bapa. Kuring mah ngan saukur nagih hak anak. Kapan nu ngaranna hak mah wajib diperedih diperjuangkeun. Copelna manehna sanggup semet manguruskeun akteu kelahiran budak, sabab sakeudeung deui kudu sakola. Ukur sakitu kahayang teh, ari memang teu rido harta bandana kadahar ku anak teges mah.
“Tetela anjeun teh hiji bapa anu pangtega-tegana. Teu panasaran ari geus jonghok jeung geus puguh kieu kanyataanana mah. Muga-muga Si Acep, anak anjeun tea hirupna pinanggih jeung kabagjaan, nepi ka teu perlu ngumaha deui ka nu jadi bapana nu masih keneh aya di kieuna!” Tembal teh bari ngajengkat. Tuluy kuring ngaleos sarta ngagidig muru panto kaluar. Sajeroning kitu bangbaluh na jero dada karasa asa beuki ngabeuratan.
Jelas pisan kadenge manehna nembalan, da puguh satengah ngajorowok, “Awas, ulah ngajual info ka wartawan. Mun di dinya nyieun gosip ngeunaan hal ieu, moal asa-asa rek dijagragkeun ka pangadilan alatan geus kumawani mencemarkan nama baik!” Cenah teu euleum-euleum. Aduh Gusti!! mun tos ngalaman mah, sigana kawas kieu peurihna hate digerihan hinis teh.
Sabulan ti harita, media massa ibur paheula-heula ngabewarakeun acara jatukrami antara Nyi Mojang putra hiji pangagung tea jeung vokalis hiji grup band nu kawentar tegep jeung hade sora, sarta keur meujeuhna naek daun. Resepsina dilaksanakeun di hiji hotel taraf internasional di Bali. Hajat rongkahna tilu poe tilu peuting, disarebutna ge “Pesta Spektakuler Abad Ini”, da cenah meakkeun danana ge milyaran rupia.
Sabenerna mah teu ngahajakeun rek lalajo nu keur oleng pangantenan, ngan sirikna teu unggal channel TV teu eureun-eureun nyiarkeun acara walimahan Sang Pangeran. Cetrek remot, acara ngeunaan manehna keneh, cetrek remot, siaran ngeunaan manehna keneh. Sirikna teu di unggal koran nu biasa ngamuat gosip paraselebritis ngajeblag gambar manehna keur paduduaan jeung bebene kameumeutna. Antukna kuring kapaksa nyaksian deui wae, kumaha tuluyna lalakon hirup manehna sanggeus bebas leupas ti kuring jeung anak tegesna. Sugan memang geus ti dituna dikudukeun hantem nyaksian kahirupan pribadi popotongan.
Ebreh tina paromanna, eta panganten sarimbit teh keur pada-pada kebek ku rasa bagja. Kalayan someah jeung teu weleh maledogkeun imut kareueut ka nu araya, duanana sabar ngaladenan sakabeh pertanyaan parawartawan anu ngagimbung bari recok paadek-adek ngasongkeun mik ka nu jadi narasumber maranehna. Kayungyunna teh sakabeh jajawaban panganten lalaki sarwa idealis. Cenah ku dipilihna Nyi Mojang jadi istrina teh dina raraga ngawujudkeun rumah tangga anu sakinah mawaddah warohmah, hayang ngarundaykeun turunan anu soleh jeung solehah. Ditema ku panganten awewe anu nyebutkeun, yen manehna geus siap jadi pangaping hiji public figure, anu salahsahiji resikona teu weleh digosipkeun batur. Tuluy manehna jangji moal guguan kana beja-beja nu matak teu pikangeunaheun. Pokona modal utamana mah pada-pada percaya kana kasatiaan pasangan, silih anteur karesep, jeung silih ajenan, cenah.
Ret panon kana beungeut panganten lalaki anu keur disorot puluhan kamera, ret kana beungeut anak kuring anu keur jongjon gagambaran dina buku gambar gigireun, sarimbag pisan teu dipiceun sasieur. Panonna, irungna, biwirna, jeung seurina nyeples pisan. Teuing eta mah rarasaan kuring wungkul meureun, minangka awewe nu kungsi dinyenyeri ku Sang Idola. Hate ukur wasa ngadu’akeun budak nu sabenerna mah teu menta teusing digelarkeun ka alam dunya. Muga-muga anaking sing jadi jalma anu meunang kabagjaan dunya aherat. Teu karasa jeung teu sadar leungeun katuhu keur ngusapan sirahna. Tapi demi harga diri, hate gilig moal kumawani nepungan deui bapana. Kapok, sieun disangka baramaen, sieun pajar gelor hayang ngasaan duit Sang Jutawan.
Duh Gusti!! mun tos ngalaman mah, sigana kawas kieu peurihna hate digerihan hinis teh.***

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/07/16/harga-diri/trackback/

  1. Emh………..karunya teuing…….atuda naha atuh masihan diri ka jalmi samemeh di
    halalkeun kunu Kawasa, tah geuning kitu jadina. Mugi2 wae iyeu carita di baraca ku
    wanoja, anu geugeut ka jajaka bari jeung teu sieun ku dosa. Muga2 wae jadi
    pieunteungeun ka sarerea para wanoja. Ulah nepi ka kajadian siga iyeu dina carita.
    Keep writing ibu…..all your story is very good ……….I like to read the sundanese story.

    Comment by Fz — July 17, 2006 @ 12:38 am

  2. Hatur nuhun fz. Upami aya pemilihan komentator blog terajin dan terbaik, pasti Fz
    menggondol piala, hadiah ti unggal bloger. Thanks for your appreciation to my
    shortstory. Fz is the best!!

    Comment by pop — July 17, 2006 @ 2:13 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer