Ekspresi narsis-ku

August 22, 2006

Perwatekan Kuda

Filed under: Cutatan Sabengbatan

pasukan kuda

Ku Asep Ruhimat

Dina kahirupan urang Sunda, baheula, kuda teh jadi simbul status sosial. Malah bisa dicirikeun, di gigireun atawa di tukangeun imah para menak, geus tangtu aya istal/ gedogan kuda. Enya, apan ari turni ka pilemburan teh kudu wae tunggang kuda. Pon kitu deui masarakat pasar (biasa), tapi beunghar, nya kuda deuih simbulna. Anu matak, mun baheula meh saban wewengkon aya pasar kuda jeung tempat pangaduan (balap) kuda. Atuh geus karuhan, apan, kuda ge jadi alat patalimarga nu utama harita mah.
Malar teu kabelejog dina meuli kuda, baheula kudu weruh heula kana caturangga (perwatekan) kuda nu jadi pakeman karuhun Sunda. Kiwari, najan kuda geus teu jadi simbul status deui, taya salahna ari mikawanoh kana caturangga mah. Enya, apan ayeuna mah simbul statusna ge geus barobah; istal robah jadi garasi, kuda robah jadi mazda. Hanas eta, sok katitenan keneh aya istal di gigireun imah jaman ayeuna, eta mah, pastina ge…tukang delman! (more…)

Paparikan jeung Rarakitan Silih Asih

Filed under: Sisindiran

hate abdi

Kuring mah alim ka Bandung,
sieun ka Sumedang hilir,
Kuring mah alim dicandung,
sieun ditinggalkeun kilir.

Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Soreang bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
sing emut ka diri abdi.

Baju tablo dibulao,
kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
terang-terang geus ka batur. (more…)

August 6, 2006

Ucapan Bela Sungkawa

Filed under: Wawaran

Bela Sungkawa

Humor Ala Urang Sunda II

Filed under: Cutatan Sabengbatan

lucu lah

(Dicutat tina “Barakatak” Mangle)

Agul Tato
Tilu budak keur silih agulkeun tato lanceuk-lanceukna.
Budak 1: “Lanceuk urang mah tato na awakna mani nyeni teh. Gambar hulu naga keur pabeulit jeung kuda lumping.”
Budak 2: “Komo tato lanceuk urang mah alus pisan. Gambarna gajah, na handapeunana aya tulisan hade pisan, “Badak Bercula Panjang”.
Budak 3: “Kurang hebat kabehanana ge dibandingkeun jeung tato nu aya dina tonggong lanceuk urang mah.”
Budak 1 & 2: “Gambar naon kitu?”
Budak 3: “Lain gambar euy, tatona teh aksara wungkul anu unina, “Merokok dapat menyebabkan kangker, serangan jantung, impotensi, dan gangguan kehamilan dan janin. Hebat lin? Kawas bungkus roko!

Kantong Canggih
Hiji desiner kantong ngasupkeun data kana komputer canggih menta model kantong nu canggih tur serbaguna, di antarana kieu: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun keur piknik, fleksible teu gagarubang, bisa disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabitaeun rampog atawa tukang jambret, trendy tur murah pisan hargana.
Komputer canggih ngajawab: “Kantong Keresek Hideung!”

Silih Tukeuran
Nini-nini jeung aki-aki bobogohan. Sabage tanda cinta jeung silih asihna, maranehna silih tukeuran…gigi palsu! Heuy deuh!

Aya Salakina
Ujang: “Kanggo naon ngala jukut, Mang?”
Emang: “Parab domba, Jang.”
Ujang: “Dombana jalu atanapi bikang?”
Emang: “Bikang.”
Ujang: “Ari domba bikang mah antep we atuh, sina dipangalakeun jukut ku salakina.”
Emang: “Kadieu, hayang diarit?!” (more…)

August 1, 2006

Humor Ala Urang Sunda I

Filed under: Cutatan Sabengbatan

dijamin lucu

(Dicutat tina “Barakatak” Mangle)

Ulah
Nini: “Yeuh Cu, ari jadi budak sakola ulah sok dahar ti peuting!”
Incu: “Naha matak naon kitu, Ni?”
Nini: “Matak olok kejo!”

Pangpikasediheunana
Tilu urang tamu anu ngendong di hotel anu kamarna aya di lante 45, rek ka kamarna masing-masing. Ku sabab lift hotelna ruksak, maranehna kapaksa kudu naek tangga. Tah pikeun ngaleungitkeun rasa bosen jeung cape, saurang-saurang bagilir ngadongeng. Tamu kahiji nyaritakeun anu pikaseurieun. Tamu kadua nyaritakeun nu pikasieuneun. Tamu katilu nyaritakeun anu pikasediheun.
Sanggeus nepi ka lante 44 tamu katilu ngodok saku terus ngarandeg. Pok manehna ngomong, “Sobat, ayeuna kuring rek nyaritakeun hal anu pangpikasediheunana.”
“ Ngeunaan naon?” Ceuk nu duaan meh bareng.
“Konci kamar urang kabeh tinggaleun di lante dasar!” Cenah.
Nu duaan meh bae pingsan.

Dilandih
Adin: “Kudu reueus disebut buaya ku Si Nani teh Dun, cirina silaing payu.”
Adun: “Heueuh ari dilandih buaya wungkul mah leuheung.”
Adin: “Ari kitu nyebut naon Si Nani ka ilaing teh?”
Adun: “Keur siga buaya teh nurustunjung deuih, cenah.”
Adin: “Akur jeung pamanggih uing atuh….”

Mahi
Hiji sore sisi jalan raya Soekarno-Hatta Bandung, Usin ngaheruk hareupeun pabrik tempatna digawe. Rungsing pusing ku dua ku tilu. Padahal harita teh poean gajihan, kabeneran Malem Minggu. Singhoreng Usin mikiran duit ladangna digawe. Sanggeus diitung-itung, keur mayar kontrakan, mayar dahar di Bi Jumsih, acan mayar kaamanan, jaba iuran keur nu ngangkut runtah, jaba kudu apel ka ingkang beubeureuh. Tetela teu mahi!
Keur uleng ngalamun, reg aya angkot eureun hareupeun pisan manehna. Kenekna gogorowokan tarik naker.
“Mahi….Mahi….Mahi!.. A Mahi..A?”
Usin cengkat bari nyengor teu eleh bedasna, “Mahi mahi beungeut sia! Puguh kurang!” Kenek angkot colohok, teu lila angkotna maju deui. Sareretan kabaca dina kaca tukang angkot: Kebon Kalapa-Cimahi. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer