Ekspresi narsis-ku

August 1, 2006

Humor Ala Urang Sunda I

Filed under: Cutatan Sabengbatan

dijamin lucu

(Dicutat tina “Barakatak” Mangle)

Ulah
Nini: “Yeuh Cu, ari jadi budak sakola ulah sok dahar ti peuting!”
Incu: “Naha matak naon kitu, Ni?”
Nini: “Matak olok kejo!”

Pangpikasediheunana
Tilu urang tamu anu ngendong di hotel anu kamarna aya di lante 45, rek ka kamarna masing-masing. Ku sabab lift hotelna ruksak, maranehna kapaksa kudu naek tangga. Tah pikeun ngaleungitkeun rasa bosen jeung cape, saurang-saurang bagilir ngadongeng. Tamu kahiji nyaritakeun anu pikaseurieun. Tamu kadua nyaritakeun nu pikasieuneun. Tamu katilu nyaritakeun anu pikasediheun.
Sanggeus nepi ka lante 44 tamu katilu ngodok saku terus ngarandeg. Pok manehna ngomong, “Sobat, ayeuna kuring rek nyaritakeun hal anu pangpikasediheunana.”
“ Ngeunaan naon?” Ceuk nu duaan meh bareng.
“Konci kamar urang kabeh tinggaleun di lante dasar!” Cenah.
Nu duaan meh bae pingsan.

Dilandih
Adin: “Kudu reueus disebut buaya ku Si Nani teh Dun, cirina silaing payu.”
Adun: “Heueuh ari dilandih buaya wungkul mah leuheung.”
Adin: “Ari kitu nyebut naon Si Nani ka ilaing teh?”
Adun: “Keur siga buaya teh nurustunjung deuih, cenah.”
Adin: “Akur jeung pamanggih uing atuh….”

Mahi
Hiji sore sisi jalan raya Soekarno-Hatta Bandung, Usin ngaheruk hareupeun pabrik tempatna digawe. Rungsing pusing ku dua ku tilu. Padahal harita teh poean gajihan, kabeneran Malem Minggu. Singhoreng Usin mikiran duit ladangna digawe. Sanggeus diitung-itung, keur mayar kontrakan, mayar dahar di Bi Jumsih, acan mayar kaamanan, jaba iuran keur nu ngangkut runtah, jaba kudu apel ka ingkang beubeureuh. Tetela teu mahi!
Keur uleng ngalamun, reg aya angkot eureun hareupeun pisan manehna. Kenekna gogorowokan tarik naker.
“Mahi….Mahi….Mahi!.. A Mahi..A?”
Usin cengkat bari nyengor teu eleh bedasna, “Mahi mahi beungeut sia! Puguh kurang!” Kenek angkot colohok, teu lila angkotna maju deui. Sareretan kabaca dina kaca tukang angkot: Kebon Kalapa-Cimahi.

Lalakon Aki
Aki: “Baheula dewek teh penyanyi rock anu pada mikaresep ku awewe. Hiji waktu Aki manggung. Gerr.. nu lalajo surak basa Aki ijra-ijraan dina panggung. Eta mah, Sujang.. aya awewe geulis maledog ku kembang ka Aki, nepi ka Aki ngajehjer kapaehan,”
Ujang: “Kapaehan bakat ku atoh, Ki?”
Aki: “Is lain. Bakat ku seueul! Tuda maledogna jeung potna!”

Sieun ku Hansip
Pulisi: “Naon sababna waktu ku dewek rek ditembak suku, silaing kalah lumpat? Tapi waktu nu rek nembakna hansip, silaing kalah ranggah nyerah?”
Bangsat: “Atuh Pa, upami nu nembakna pulisi mah, nembak suku beunang suku. Tapi upami nu nembakna hansip, nembak suku nu beunang hulu. Ku margi kitu abdi langkung sae nyerah!”

Bentang Pilem
Ninina: “Euleuh geuning mani geulis jiga bentang pilem incu Nini teh!”
Incuna: “Atuh kumaha we ninina.”
Ninina: “Naha jiga bentang pilem kitu ari Nini?”
Incuna: “Kantenan we, eta geuning sapertos…eu..sapertos bentang pilem…Ma Lampir!” (Bari berebet incuna teh lumpat).

Senggak
Dina hiji pintonan wayang golek, pareng Ki Dalang keur ragot merangkeun Arjuna ngalawan Karna, ditema ku gamelan, sakur nayaga senggak sarumanget pisan. Rengse adegan perang, di tukang masih keneh kadenge sora nu senggak a..eu…a…eu….siga nu mandeurikeun maneh. Dalang bingung bari rut-ret ka palebah datangna sora. Ditempo teh sihoreng tukang goong keur burial buncelik bari calangap. Tukang kendang nu diuk gigireun haat mere cai na gelas. Cai sagelas dileguk sakaligus, kontan saharita bep we jempe.
Rengse manggung karek kanyahoan, waktu batur rame seunggak teh, lep we manehna mah ngahuapkeun leupeut ketan sagede leungeun orok disakalikeun. Meujeuhna!

Kandang Singa
Sakali waktu di tempat sirkus, geunjleung sabab panto kandang singa muka.
Pamingpin sirkus: “ Hey, ku naon nepi ka poho nutupkeun panto kandang singa sanggeus maen tadi peuting?”
Pagawe: “ Ah, teu kedah janten emutan, Pa, margi saha pijalmieunana anu wantun maling singa!”

Adegan Dahar
Sakali mangsa taun 60-an di bioskop Siliwangi Bandung diputer pilem Jepang “Yojimbo”. Rea panongton nu kutuk gendeng, lantaran pilemna teu rame. Padahal ningal gambarna di luar mah siga nu bakal rea maen pedang da para pamaenna marake kostum Jepang klasik, marawa pedang samurai. Nu mindeng dipintonkeun teh adegan…dahar!
Ceuk salasaurang panongton, “Ngan nyatu wae atuh sia mah…!!”

Neangan Bapa
Di bioskop Dian Bandung sakali mangsa taun 60-an diputer pilem Jepang. Dina kapal layar, Kinosuke Nakamura garadag-gurudug ka ditu ka dieu gegeroan neangan bapana, “Uto!…Utooo…!!”
Celengkeung teh salasaurang nu lalajo nu ngaranna kabeneran Uto: “Kalem atuh, euy…!”

Teu Ngomong Pisan
Taun 50-an di bioskop Sahati Tegallega diputer pilem “The Thief”. Pilemna rada unik, lantaran teu make dialog (paguneman), padahal da lain pilem pego, aya musik (aya sound effect). Tapi pilemna tegang, teu matak bosen. Bakating ku saregep, salasaurang nu lalajo sanggeus rada lila kakara eungeuh, pilemna sama sakali teu aya dialog, pokna bari ngarenghap, tapi panon mah angger kana layar, “Mani teu ngomong pisan!”

Teu Ngarti
Si Kabayan nyaba ka kota, tumpak beus kota.
Kondektur: “Ibu inggit….siap turun!” Katingali ku Si Kabayan aya nini-nini turun.
Kondektur: “Mohamad Ramdan…Mohamad Toha…siap turun!” Ngan jrut aya dua lalaki tarurun.
Kondektur: “Gang Ma Emeh…siap turun!” Jrut deui aya budak awewe geulis turun. Si Kabayan ngahuleng, ceuk dina pikirna: “Naha aing teu salah denge kitu? Ku harianeun eta kondektur, ma enya budak sageulis-geulis disebut Ma Emeh!”

Hui
Idit: “Jigana di antara hui, ngan hui Cilembu nu pangamisna mah nya?”
Adut: “Ih, aya nu leuwih amis ti hui Cilembu!”
Idit: “Kutan? Hui naon eta teh euy?”
Adut “Hui Cilembu nu dikolek!”

Meunang Dahar
Hiji pamuda tetelepek ka salasaurang panitia nu rek ngayakeun demonstrasi.
Pamuda: “Pa, apan sasarina ge nu rek milu demo nu dibere duit teh, tapi naha ieu mah bet sabalikna, kalah nu rek milu demo nu kudu mayar ka panitia?”
Panitia demo: “Apan milu demo jeung rombongan di dieu mah meunang dahar dua kali, diembohan ku meunang sertifikat!”
Pamuda: “Beu,…sugan seminar!”

Tergantung
Guru: “Lamun urang tumpak kendaraan ti Bandung ka Jakarta nu jauhna 180 km kalayan make kecepatan 60 km/jam, sabaraha jam urang nepi ka tempat tujuan?”
Murid: “Tergantung di jalanna Pa, upami macet mah moal tiasa dietang sacara matematis.”
Guru: “Bener oge, euy!”

Amuba
Aldi: “Sato naon dina pelajaran Biologi anu bersel satu?”
Alda: “Amuba!”
Aldi: “Ari sato nu bersel banyak?”
Alda: “Ah asa euweuh eta mah!”
Aldi: “Aya!”
Alda: “Sato naon?”
Aldi: “Amuba nu keur ngarariung!”
Alda: “Heueuh, nya!”

Wawangsalan
Guru: “Barudak, cing nyieun wawangsalan nu make kecap gunung jeung kota!”
Murid: “Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri!”
Guru: “Alus, cing ayeuna nu make kecap kota!”
Murid: “Hayam tukung saba kota, uyuhan…”
Guru: “Uyuhan naon barudak?”
Murid: “Uyuhan… euweuh nu newak…”
Guru: “Bisaan euy…!”

Digiringkeun
Ubed: “Daek euy ngagiringkeun bekicot ka Jakarta?”
Abud: “Sabaraha buruhna?”
Ubed: “Keun bae ka maneh mah tina hiji sapuluh rebu lah.”
Abud: “Sing baleg ari ngomong teh!”
Ubed: “Heueuh…asal mawana digiringkeun…”
Abud: “Dasar jelema cideug!”

Gede Bohong
Didin: “Sato naon nu gede bohong?”
Dadang: “Sato naon?”
Didin: “Nya hayam.”
Dadang: “Na kumaha gede bohongna?”
Didin: “Geus puguh endogna teh buleud lonjong, bebeja ka batur mah apan kotak-kotak-kotak cenah.”
Dadang: “Heueuh nya!”

Lipet Dua
Aki Dipa: “Yeuh Jang, barangbeuli mah mending ka Mang Atep geura!”
Incu: “Naha Aki?”
Aki Dipa: “Bageur pisan Mang Atep mah. Pokona mah lipet dua.”
Incu: “Wah maenya Ki!”
Aki Dipa: “Bener Jang, kapan bieu Aki tas ti dinya. Mun meuli hiji dibere dua, meuli dua dibere opat.”
Incu: “Ari kitu Aki tas meuli naon?”
Aki Dipa: “Tas meuli sandal.”

Terjemahan
Udin: “Cing pangnarjamahkeun kana basa Indonesia!”
Didi: “Kecap naon, euy?”
Udin: “Burusut tuluy!”
Didin: (ngahuleng bingung) “Naon nya basa Indonesiana burusut tuluy teh?”

Ngimpi
Abud: “Peuting tadi mah dewek ngimpi, barang hudang terus weh ngadu’a sieun eta impian teh jadi kanyataan.”
Jalu: “Na ngimpi naon mani siga nu sieun pisan?”
Abud: “Ngimpi panggih jeung silaing bari silaingna rek nginjeum duit, sihoreng heueuh we…”
Jalu: “Ah, sok kabina-bina!”

Ngusial bae
Ujang: “Har, pan ieu teh lomba jalan santey. Naha Emang mah bet lumpat?
Emang: “Nya eta Emang teh hayang geura nepi ka garis finish, ieu beuteung ngusial bae.”

Kiamat
Aya guru nerangkeun kajadian kiamat ka murid-murid kelas dua SD.
“Engke kiamat teh gunung bitu tingjelegur, laut keplok limpas ka darat. Kabeh anu hirup pasti paeh. Kabeh jelema ge pasti paeh,” ceuk Pa Guru. Salahsaurang murid ngacung, “Pa, ari kiamat, sakola diliburkeun teu?” Guruna bati ngahuleng teu bisaeun ngajawab!

Racun Beurit
Nu meuli: “Aya racun beurit, Mang?”
Nu dagang: “Aya sabungkus deui, Jang.”
Nu meuli: “Ieu teh asli atawa palsu, Mang?”
Nu dagang: “Nya cobian we dilamot heula sakedik mah!”
Nu meuli: ???

Basa Jepang
Didin: “Dan, naon basa Jepangna neangan kutu dina sirah?”
Dadan: “Teuing ah, dewek mah teu kungsi diajar basa Jepang.”
Didin: “Maneh hayang nyaho teu?”
Dadan: “heueuh.”
Didin: “Kakaratak kana mastaka!”
Dadan: “Ah siah!”

Diharudum
Oban: “Ku naon diharudum, Wa?”
Uwa: “Puguh tiris, euy!”
Oban: “Panyana teh ku sarung!”

Dibalikkeun
Udi: “Kri, lamun murid dibalikkeun, jadi kumaha?”
Ukri: “Nya jadi dirum.”
Udi: “Maenya jadi dirum? Murid dibalikkeun mah nya ngabring we, baralik ka imahna.”
Ukri: “Aeh, heueuh nya!”

Bekel Sulap
Indung: “Kabina-bina teuing maneh teh, pamenta merelek teu puguh usumna. Naon deui atuh nu kudu dibikeun ku Ema? Rarasaan mah kabeh ge taya nu dikoretkeun. Ceuk paribasa mah, keur ngabelaan maneh teh kanjat suku dijieun hulu, hulu dijieun suku…”
Anak: “Tah, eta nu can dibikeun ku Ema teh, jurus ngarobah suku jadi hulu, hulu jadi suku. Kuring hayang bisa Ma, sugan we bisa jadi bekel sulap nurutan Dedy Corbuzier.”

Lalajo
Bapa: “Tong deukeut-deukeut teuing lalajo TV teh, bisi ruksak mata! Mun teu nurut wae dijual geura TV-na ku aing mah!”
Anak: “Bapa mah sok murang-maring ari teu kagungan sesepeun teh!”

Kalkulator
“Naha kalkulator teh jadi ngaco kieu? Piraku tujuh kali tujuh lima dua?”
“Lain ngaco, pohoeun deui meureun, manusa ge aya pohona. Komo kalkulator, pan buatan manusa!”

Aborsi
Ema: “Bapa…? Impun gendot nu dina ember teh ngalakukeun aborsi. Tuh, anakna bijil memeh usum.”
Bapa: “Lain aborsi,…beuteungna dipencet ku anak maneh!”

Boga Bapa
Si Tedi ceurik sabab pada ngaheureuyan ku babaturanana. Tuluy bebeja ka indungna.
Tedi: “Maaah…mamaaah ceuk babaturan, majarkeun Tedi teu boga bapa!”
Mamah: “Ceuk saha? Gagabah nyacapek teh siah! Keun, ku Mamah urang carekan!” (Tuluy nyampeurkeun babaturan Si Tedi).
“Nyacapek teh sangeunahna siah. Yeuh, bapa Si Tedi mah bisi teu nyaraho, aya opat! Kadenge teu?”
Barudak arolohok.

15 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/08/01/humor-ala-urang-sunda/trackback/

  1. Ha ha ha ha ha…………..aduh sae ah aya hiburan nana……….leres2 obat stress iyeu mah artikel teh. Nuhun ah,,,,,,,,,,,Kamarana ibu2 tara katingali online geuning? Salam wae kasadyana ti abdi.

    Comment by Fz — August 1, 2006 @ 7:12 pm

  2. Saleresna seueur keneh humor2 teh, Fz. Mung hoream ngetikna. InsyaAllah mun nuju purun urang nyutat deui humor nu sanesna. Rerencangan jarang OL teh jaringanana di sakola nuju ngadat. Rupina Jaringan ngadat teh timburuan ka urang….Aussi!! (Atuda meni diborong, ka unggal ibu2 nyebat darling!!)

    Comment by Popon Saadah — August 3, 2006 @ 1:33 am

  3. HA HA HA ……HAR EMANG DARLING NAON KITU? APAN HARTINA SAYANG………APAN URANG TEH KUDU SILIH SAYANG MENYAYANGI SESAMA MANUSIA SANES?..TAH MAKSAD ABDI MAH ETA, ETA TEH BUDAYA ABDI DI CHATTING. DA MAKSADNA HOYONG BERBUAT KEBAIKAN ANTARA SESAMA. KENGING PAN?………………

    Comment by Fz — August 4, 2006 @ 2:17 am

  4. Salam Kenal,

    Teu kahaja nuju milarian blog rerencangan kari-kari mendakan blog nu “lain daripada yg lain” sae pisan kangge hiburan orang priangan jiga sim kuring nu ngumbara !. mangga di toong atuh blog abdi manawi aya waktos……… ! di abah-ruli13.blogspot.com

    Nuhun…ah..teu wasa abdi nuju ngabarakatak bari nahan cipanon…

    Comment by Abah-Ruli — August 29, 2006 @ 6:27 am

  5. hayam rintit nonggeng ka langit ganas naon ??

    jawab : tatarucingan

    Comment by tasri_jatnika — September 11, 2006 @ 12:17 pm

  6. subhanallah aduuh meni ka reuues kacapi sulingna. salam kenal teh

    Comment by tasri_jatnika — October 7, 2006 @ 9:04 am

  7. sae..sae..sae pisan

    Comment by sofyan — March 28, 2007 @ 1:18 pm

  8. ngiring bingah,kanu ayana paguyuban ieu.
    hatir nuhun

    Comment by Eddi M S — July 28, 2007 @ 7:50 am

  9. aduuh punteun lepat nyeurat, hatur nuhun nu di luhur teh,punteunnya! sim kuring ti darmaraja sumedang.

    Comment by Eddi M S — July 28, 2007 @ 7:53 am

  10. nuhun ah ceu pon asa bingah maos joke sundanes .Asa plong yeuh nu rieut tilas mayunan boboran siam kamari

    Comment by arlina tea — October 22, 2007 @ 5:40 am

  11. teu kiat..janteun inget nuju ngora bu..hatur nuhun kangge gumujeungna..hehehe

    Comment by ahmed — February 20, 2008 @ 12:38 pm

  12. Sami-sami, hatur nuhun kana kasumpinganana.

    Comment by pop_ice — February 22, 2008 @ 2:32 am

  13. aduch.,.,.,, kalintang bingah na geningan seer keneh urang priayangan anu ngamumule basa sundateh.,.,

    Comment by Diky Abdul Aziz — August 5, 2008 @ 6:49 am

  14. Ka sadayana anu luntur galih nyerat komentar dina ieu blog, utamina dina seratan anu ieu, hatur nuhun pisan.

    Comment by pop_ice — August 7, 2008 @ 2:58 am

  15. Ka sadayana anu luntur galih nyerat komentar dina ieu blog, utamina dina seratan anu ieu, hatur nuhun pisan.

    Comment by pop_ice — August 7, 2008 @ 3:03 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer