Ekspresi narsis-ku

August 6, 2006

Humor Ala Urang Sunda II

Filed under: Cutatan Sabengbatan

lucu lah

(Dicutat tina “Barakatak” Mangle)

Agul Tato
Tilu budak keur silih agulkeun tato lanceuk-lanceukna.
Budak 1: “Lanceuk urang mah tato na awakna mani nyeni teh. Gambar hulu naga keur pabeulit jeung kuda lumping.”
Budak 2: “Komo tato lanceuk urang mah alus pisan. Gambarna gajah, na handapeunana aya tulisan hade pisan, “Badak Bercula Panjang”.
Budak 3: “Kurang hebat kabehanana ge dibandingkeun jeung tato nu aya dina tonggong lanceuk urang mah.”
Budak 1 & 2: “Gambar naon kitu?”
Budak 3: “Lain gambar euy, tatona teh aksara wungkul anu unina, “Merokok dapat menyebabkan kangker, serangan jantung, impotensi, dan gangguan kehamilan dan janin. Hebat lin? Kawas bungkus roko!

Kantong Canggih
Hiji desiner kantong ngasupkeun data kana komputer canggih menta model kantong nu canggih tur serbaguna, di antarana kieu: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun keur piknik, fleksible teu gagarubang, bisa disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabitaeun rampog atawa tukang jambret, trendy tur murah pisan hargana.
Komputer canggih ngajawab: “Kantong Keresek Hideung!”

Silih Tukeuran
Nini-nini jeung aki-aki bobogohan. Sabage tanda cinta jeung silih asihna, maranehna silih tukeuran…gigi palsu! Heuy deuh!

Aya Salakina
Ujang: “Kanggo naon ngala jukut, Mang?”
Emang: “Parab domba, Jang.”
Ujang: “Dombana jalu atanapi bikang?”
Emang: “Bikang.”
Ujang: “Ari domba bikang mah antep we atuh, sina dipangalakeun jukut ku salakina.”
Emang: “Kadieu, hayang diarit?!”

Celepot
Waktu kuring keur gegelehean di kamar, kadenge aya sora patembalan di luar.
“Celeeeeep…. Pooot…celeeeep…..pooooot…!” Cenah. Atuh kuring teh panasaran. Nya noong tina sela-sela bilik, ari sihoreng teh geuning tukang celep jeung tukang pot keur nawarkeun daganganana bari patutur-tutur.

Upacara Adat
Calon panganten katut rombongan dipapag Mang Lengser ku acara adat mapag panganten. Waktu Lengser tanggah bari ngucapkeun, “Baeu anaking, baeu ka dieu!” Kalayang ti tukangeun rombongan aya langlayangan pegat. Mang Lengser malik ngagentak, beretek lumpat. Calon panganten nenjo Mang Lengser lumpat, beretek milu lumpat. Atuh anu ngagondeng panganten nepi ka tikusruk. Rombongan nenjo panganten lumpat, bereyek milu ngudag panganten. Calon mitoha olohok, “Ituh, ituh…kalah maroro langlayangan…???” Cenah.

Buah Simalakama
Si Andi nyampeurkeun ka guruna.
“Aya naon, andi?” Ceuk guruna bari ngusapan sirah Si Andi deudeuh pisan pedah kacirina Si Andi keur bingungeun.
“Kieu abdi teh Pa, aya nu maparin buah simalakama. Saurna teh upami diteda pun biang pupus, upami teu diteda pun bapa nu pupus. Kedah kumaha saena nya Pa?”
“Wah, jual we atuh. Beres pan?”

BBM & Ban
Nu nambal ban: “Naha mani alit pisan tambalan teh?”
Tukang tambal ban: “Saluyu sareng naekna BBM, Pa.”
Nu nambal ban: “Atuh tereh bocor deui?”
Tukang tambal ban: “Tambalkeun deui we ka dieu!”
Nu nambal ban: “Maksadna aya garansi?”
Tukang tambal ban unggeuk. Nu nambal ban imut ngagelenyu.
Aya dua kamungkinan unggeukna tukang tambal ban teh, teu ngarti naon ari hartina garansi, atawa pagawean nambalna rek enggeusan alatan bangkrut.

BBM jeung Beus
Gara-gara ongkos beus naek panumpang jadi ngurangan. Pausahaan beus Cirebon-Bandung ngayakeun rapat.
Pingpinan: “Urang umumkeun, ongkos teu naek!”
Staf 1: “Panginten rugel atuh, Pa?”
Pingpinan: “Ah moal, urang kurangan we jarakna.”
Staf 2: “Maksadna?”
Pingpinan: “Panumpang anu rek ka Cirebon turunkeun di Kadipaten. Anu ka Bandung turunkeun di Sumedang.”
Staf 3: “Har, engke dugi ka tujuanana kumaha?”
Pingpinan: “Sina laleumpang!”

Pornoabdi
Wartawan: “Kumaha pamendak saderek tina perkawis panartiban ti pamarentah ngeunaan pornografi sareng pornoaksi boh dina tabloid, televisi, atanapi VCD porno?”
PSK (awewe baong): “Kacida pisan bingahna, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri.”
Wartawan: “Bingah dumeh perjinahan bakal musna?”
PSK: “Ih sanes, bingah margi pornoabdi bakal marema deui. Sabab salami ieu gara-gara pornoaksi sareng pornografi nerekab, pornoabdi teu direret-reret acan ku lalaki.”
Wartawan (Jero hatena): “Ari sugan heueuh rek eling!”

Bakal Leweh
“Kekerenyedan wae panon kenca, bakal naon nya euy?” Si Kardun nanya ka Si Kempud.
“Wah, bakal leweh siah!” Tembal Si Kempud.
“Ah, dewek mah teu percaya!”
“Jadi silaing teu percaya bakal leweh nya?” Ceuk Si Kempud bari gampleng weh Si Kardun ditampiling sahabekna. Puguh we Si Kardun langsung leweh da nyerieun.
“Matak oge kudu percaya kana omongan dewek, yen silaing bakal leweh!” Ceuk Si Kempud bari ngaleos.

Teu Mikir
Enjum: “Teu matih ning jampe pelet pamere Mang Jumad teh!”
Otong: “Ah, silaingna we nu teu mikir.”
Enjum: “Teu mikir kumaha?”
Otong: “Heueuh, mun enya oge jampe peletna matih, atuh meureun mang Jumad teh moal ngaduda wae.”
Enjum: “Aeh, heueuh nya!”

Didahar ku Aki
Incu: “Ki, ari pais jeroan nu dina tetenong di ka manakeun?”
Aki: “Beak didahar ku Aki.”
Incu: “Har, dituang ku Aki nya?”
Aki: “Enya. Ku naon kitu Sujang?”
Incu: “Da eta mah pais jeroan peujit keur Si Empus.”
Aki: “Tobaaat…paingan rada pait!!”

Kapalingan
Kuring kapalingan mobil. Gancang laporan ka ketua RW. Dua poe ti harita kuring disaur ku Pa RW, cenah: “Sim kuring tos ngeprak hansip kanggo milarian mobil saderek. Alhamdulillah tos kapendak….tapi nembe pentilna wungkul!”
Kuring langsung ngajulaeu!

Maca Koran
Dina beus kota aya hiji bapa-bapa nu anteng maca koran.
“Pa, panumpang sadayana tos tarurun, tos dugi yeuh ka terminal!” Kondektur ngabejaan.
“Ngilu deui we sabalikan Jang, kagok yeuh can tamat macana!”

Keueung
Nini: “Ki, Nini mah keueung.”
Aki: “Keueung ku naon, Ni?”
Nini: “Huntu urang kabeh geus beak, keueung sieun coplok biwir!”
Aki ngahuleng. Rey…milu keueung!

WTS
Bi Mae: ”Kang, teu nanaon mun abdi jadi WTS di parapatan?”
Mang Uhe: “Heug bae ari hayang ditalak tilu mah ku aing!”
Bi Mae: “Na samaruk naon kitu WTS teh?”
Mang Uhe: “Na siah mani nganggap bodo ka aing teh!”
Bi Mae: “Enya naon?”
Mang Uhe: “Wanita Tuna Susila, deuleu!”
Bi Mae: “Na ari Akang. Maksud abdi mah WTS teh Wanita Tukang Surabi, heheh…”
Mang Uhe: “Ngomong we rek dagang surabi kituh, ulah make disingkat-singkat!”
Bi Mae: “Ih, pan ngarah keren!”

Kabeurangan
Santri 1: “Aneh dewek mah, sangkilang unggal peuting sare di tajug, tapi angger we sok kabeurangan solat subuh.”
Santri 2: “Gampang atuh ari embung kabeurangan mah.”
Santri 1: “Kumaha carana?”
Santri 2: “Cobaan we sarena di jero bedug!”

Direremokeun
Nini: “Jaman Nini mah baheula, ari kawin teh sok direremokeun ku kolot masing teu bogoh oge.”
Incu: “Atuh ka Aki ge Nini teh direremokeun nya?”
Nini: “Nya heueuh, padahal Nini mah teu bogoh!”
Incu: “Naha geuning anu pajar teu bogoh teh, putra Nini mani reuay?”
Nini: “Heueuh ahirna mah Nini oge nya…ngeureuyeuh we…!”
Incu: “Aya kituna eta Si Nini!”

Kumpul
RW: “Dina raraga mieling kamerdekaan ayeuna, saha nu rek milu piknik ka Taman Mini?”
Warga: “Ari Pa RW, meureun ageung biayana. Ku ongkos wungkul ti Bandung ka dituna oge sabaraha?”
RW: “Murah ari ongkosna mah, ngan asupna wayahna kudu mayar sorangan.”
Warga: “Murah teh sabaraha Pa RW?”
RW: “Tilu rebu perak, ngan….”
Warga: “Ngan kumaha?”
RW: “Ngan…kumpulna kudu di ditu di Jakarta!”

Bakat ku Keuheul
Budak: “Ma, menta duit!”
Indung: “Pan karek ge tas dahar, lain? Keur naon duit?”
Budak: “Keur jajan atuh, Ma.”
Indung: “Duit…duit. Hayam ge teu beukieun duit. Anggur mah ngapalkeun deuleu pan tereh ujian!”
Budak: “Wah, hayam oge tara ngapalkeun!”

Obrolan Engko
Liang Gu Ha: “Can pek am, bapaw teh?”
Lie Sung Kay: “Wolo-wolo bapaw, siomay ge can kamakan ku oweh.”
Liang gu Ha: “Wulu-wulu atuh Ci, pan lek ka Cilepong, lek dagang salung polekat, mulu poe pasal senen!”
Lie Sung Kay: “Ke lanan Ko atuh, ieu kalesep Engko can dicalanaan.”
Liang Gu ha: “Halalese pisang Si Enci mah, geus weulang yeuh!”

Dusun
Budak: “Mah, nyungkeun artos!”
Semah: “Ieu we ti ibu, geulis!”
Indung: “Teu kenging kitu payuneun tamu, dusun!”
Budak: “Wios dusun ge da selalu sukses!” (bari nampanan duit).

Borok
Astahiam boga borok gede pisan lebah bitisna. Bakat ku taak manehna ngahaja berobat ka dokter spesialis kulit.
Dokter: “Naon anu karasa, Mang?”
Astahiam: “Puguh ieu Juragan Dokter, borok.”
Dokter: “Euleuh geuning mani geus kieu!”
Astahiam: “Numawi Juragan Dokter, upami di lembur mah nu kieu teh namina borok Jawa.”
Dokter: “Borok jawa borok jawa! Borok sia meureun!”
Sihoreng dokter teh urang Jawa.

Roko
Tukang roko: “Roko, rokona, rokooo….!”
Si Bapa: “Aya Samsu, Jang?”
Tukang roko: “Aya, Pa.”
Si Bapa: “Sina balik, geus burit kituh!”

Endog
Soang: “Urang mah keuheul teh ka dunungan urang!”
Hayam: “Na ku naon kitu?”
Soang: “Rek teu keuheul kumaha, unggal urang tas ngendog, sok tuluy bae endog urang teh dicokot.”
Hayam: “Manehna mah bodo, tong eleh geleng atuh. Ayeuna kieu carana, mun engke giliran dunungan maneh ngendog, geuwat cokot endogna ku maneh!”
Soang: “iiiiyyy..embung teuing!!”

Muter-muter
Boim: “Dupi Pa Haji parantos sabaraha kali ka Tanah Suci?”
Pa Haji: “Dua kali.”
Boim: “Sateuacanna Perang Teluk atanapi saparantosna?”
Pa Haji: “Nu mimiti mah samemehna, mun nu ngaduakalian mah taun kamari. Aya naon kitu?”
Boim: “Itu pun anak teu acan mayar SPP, maksad teh bade nambut heula artos sapuluh rebu mah.”
Pa Haji: “Ari maneh Boim, rek nginjeum duit sapuluh rebu ge mani muter-muter nepi ka Perang Teluk sagala.
Boim: “Da saur pun bojo kedah malapah gedang, cenah.”

Piring
Pa Emon: “Cik meuli piring salosin. Bae nu geus saronghek oge!”
Nu dagang: “Na kanggo naon, Pa?”
Pa Emon: “Keur persediaan ari pasea jeung pamajikan.”
Nu dagang: “Abong jalmi disiplin Bapa mah. Pasea ge dugi ka diprogram!”

Maen Bal
Si Aki keur anteng lalajo siaran ulang maen bal antara Persib jeung Persik nu ditayangkeun ku TVRI.
Incuna: “Saha nu kawon Ki?”
Aki: “Ari dina siaran ulang mah Persib nu eleh teh. Ka teuing ari dina siaran langsung mah.”
Incuna: “???”

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/08/06/humor-ala-urang-sunda-i/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer