Ekspresi narsis-ku

August 22, 2006

Perwatekan Kuda

Filed under: Cutatan Sabengbatan

pasukan kuda

Ku Asep Ruhimat

Dina kahirupan urang Sunda, baheula, kuda teh jadi simbul status sosial. Malah bisa dicirikeun, di gigireun atawa di tukangeun imah para menak, geus tangtu aya istal/ gedogan kuda. Enya, apan ari turni ka pilemburan teh kudu wae tunggang kuda. Pon kitu deui masarakat pasar (biasa), tapi beunghar, nya kuda deuih simbulna. Anu matak, mun baheula meh saban wewengkon aya pasar kuda jeung tempat pangaduan (balap) kuda. Atuh geus karuhan, apan, kuda ge jadi alat patalimarga nu utama harita mah.
Malar teu kabelejog dina meuli kuda, baheula kudu weruh heula kana caturangga (perwatekan) kuda nu jadi pakeman karuhun Sunda. Kiwari, najan kuda geus teu jadi simbul status deui, taya salahna ari mikawanoh kana caturangga mah. Enya, apan ayeuna mah simbul statusna ge geus barobah; istal robah jadi garasi, kuda robah jadi mazda. Hanas eta, sok katitenan keneh aya istal di gigireun imah jaman ayeuna, eta mah, pastina ge…tukang delman!

1. Satria pinayungan
Satria pinayungan teh kaasup watek kuda anu hade, karuhan hargana,mahal kabina-bina. Ari ciri-cirina, dina tonggong lebah sela beulah katuhu aya kukulinciran. Ieu kuda ceuk kapercayaan kolot baheula cenah matak mawa bagja ka nu bogana. Atuh ka nu ngingu atawa ngurusna nya kitu deui, matak mulya.
Lantaran watekna alus, komo bari jeung tangtunganana gagah, dedeg sampe rupa hade tea, atuh teu sirikna ditatap diusap ku nu bogana ge. Lebar temen mun dipeleter ditumpakan saban poe. Kajaba pikeun kaperluan nu sipatna istimewa. Kitu we semet diparaban, dimandian, dipoyankeun sakeudeung, sup deui ka istal. Atuda teu hiji kagungan kudana oge, ceuk beja, para menak mah aya dua tiluna. Ari nu dipeleter mah nya kuda jajar pasar bae.
Teu bina ti menak jaman ayeuna, ka kantor mah tumpak kijang, kayungyun ku basajanna. Ana pareng garasi bumina muka, apan ngajrengjreng mobil mewah, nomer pulisina ge istimewa, bubuhan ngahaja ladang meting.

2. Sekar panggung
Ieu kuda hade, komo keur nu panatik kana bulu, abong mun teu jadi idola. Nurutkeun caturangga, kuda sekar panggung teh nya eta anu bulu sukuna mimiti tuur tepi ka handap bodas nyacas. Tangtu wae, teu kaci kaselapan warna bulu sejen.
Kumaha ari watekna? Weu, teu eleh ku satria pinayungan. Cenah ge, watekna, ka nu boga matak mawa bagja, atuh karuhan ka nu nginguna matak mawa rahayu.
Kuda sekar panggung mah istalna ge dihade-hade, piraku teu matak sieup. Mun dipapandekeun mah jiga pejabat anu kagungan BMW kiwari, harianeun garasina henteu langkung awis ti bumi perumnas. Enya, atuda piraku ari kudu dijugrugkeun dina garasi keor mah.
Kumaha ari hargana? Ceuk aki kuring, nanding jeung lima munding lintuh. Leuh, lain bantrak-bantrakeun keur nu pangasilan handapeun UMR kiwari, nya.

3. Wisnu murti
Ieu mah kuda nu buluna hideung meles, teu kaselapan warna sejen. Watekna hade tur mawa bagja ka nu boga. Sakalieun katojo panonpoe haneut moyan, tembong herang leucir, jiga budak bujang kiwari make Gatsby.
Ana ngalejeg dina pacuan balap kuda, hamo mun teu matak seber musuh. Enya, ceuk Aki ieu ge, mangsana dilumpatkeun mangprungna kabina-bina, narah kasusul batur. Tapi lain teu bisa dipake nambangan, ngan lebar we. Hargana mahal, komo nu dangongna gagah bari sehat mah. Da bisa dicirikeun atuh, nu sehat mah buluna herang leucir tinggurilap, hideung meles siga hayam camani.

4. Sumur bandung
Sumur bandung ge caturangga keneh, nya eta kuda anu kukulinciranana peresis lebah tarangna. Watekna hade, komo keur tukang usaha. Enya, apan ceuk kapercayaan kolot baheula, kuda sumur bandung teh mawa watek loba rejeki.
Teu gampang hayang mibanda kuda sumur bandung teh, da langka nu ngahaja ngajual, ari lain kabeneran-kabeneran teuing mah. Atuh dina ayana ge nu ngajual, hargana kawilang mahal. Kaharti kana kituna mah, bubuhan alam harita mah kandel kacida percayana kana caturangga teh.
Cenah nu sarugih jaman harita, di istalna sok aya nyelap kuda sumur bandung di antara kuda liana. Atuda teu cukup ku ngingu hiji-dua kudana ge, tampolana ngajrengjreng. Atuh nu ngurusna oge husus bae ku pagawe anu maneuh. Kuda nu keuna kana caturangga sumur bandung teu sirikna dijieun jimat. Nu bogana kacida hemanna, nyatuna ge kanjat dipupujuhkeun.

5. Turub layuan
Ieu kuda kalan-kalan sok nembongkeun prilaku anu matak pikasieuneun, matak muringkak bulu punduk. Perwatek jiga kitu teh jelas kurang hade.
Naon cirina? Nurutkeun caturangga, cirina nya eta kukulinciranana aya dina handapeun sela beulah hareup lebah tonggongna. Kuda turub layuan mah teu pati populer, da puguh sok matak seseblakan nu bogana, pangpangna mah sok ujug-ujug nembongkeun prilaku aneh.

6. Buaya ngangsar
Kuda buaya ngangsar kaasup kuda anu goreng pikeun tumpakeun. Ieu kuda mun dibawa meuntas walungan, najan deet, batan daek ngucuprak mah kalah depa. Komo mun dipaksa meuntas kana walungan nu rada jero kalah sok kabawa palid.
Ari nu jadi cirina, aya kukulinciran lebah beuteung beulah tukang. Eta sababna mun meuli kuda tunggang, kudu iceus nitenan kukulinciranana. Buaya ngangsar kaasup watek kuda anu goreng. Tangtu moal kaanggo ku menak anu mindeng turni ka pilemburan mah. Tampolana, apan, kudu kukurubutan meuntas susukan jeung walungan. Kuda mah moal daekeun meuntas rawayan, komo nincakan cukang, kuriak sukuna tiselap.
Lantaran watekna goreng, kuda buaya ngangsar mah paling diarah tanagana bae. Semet dipake nambangan keretek.

7. Tumpur ludes
Nurutkeun caturangga, kuda tumpur ludes teh nya eta cirina aya kukulinciran lebah beuteung beulah hareup, sabalikna ti buaya ngangsar. Ieu kuda watekna goreng kacida, matak mawa sangsara ka nu boga. Atuh langka nu ngahaja ngingu, dijual ge haregana murah. Paling ditaksir lintuhna, diarah dagingna. Tapi, urang Sunda mah teu lumrah deuih dahar daging kuda, ari lain kapaksa-kapaksa teuing mah.
Cenah baheula loba kajadian, banda sagala beak, burindil taya nu ngari. Usaha mujejes wae, taya menyatna. Sihoreng ceuk pananyaan, alatanana teh aya di kuda. Pajar eta kuda kudu gancang dijual sabab watekna tumpur ludes. Enya wae, ari geus payu mah jadi boga duit…ladang ngajual kuda!

8. Turun tangis
Kuda turun tangis oge kaasup kuda anu watekna goreng. Cirina, aya kukulinciran lebah handapeun panonna. Ari gorengna, cenah, teu bangenan kana duit mun dipake nambangan. Teuing enya jeung henteuna mah, ngan nu sidik, tug ka ayeuna langka dipiara pikeun kapentingan usaha. Haregana ge murah, komo mun kudana begung bari beger wae.
Lamun seug dijual, kuda turun tangis mah nu diijir teh dagingna. Kuda lingsig bari awakna lintuh, najan turun tangis, haregana lumayan onjoy. Ngan kalah kumaha ge moal nyaruaan kuda nu boga watek hade.

Tina “Sambel Jaer”

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/08/22/perwatekan-kuda/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer