Ekspresi narsis-ku

September 27, 2006

Pop_Ice & Rheny

Filed under: Figura Hate

penampakan

September 20, 2006

Marhaban Yaa Ramadhan

Filed under: Wawaran

mugia sehat walafiat

September 11, 2006

“Sambel Jaer”

Filed under: Resensi Buku

buku sunda

Ku Popon Saadah

Data Buku
Judul: Sambel Jaer
Panulis: Asep Ruhimat
Pamedal: Puspawarna, Bandung, 2006.
Citakan: I. 2006
Kandelna: 100 kaca

Karya anu husus medar panineungan urang Sunda mangsa hirup di lembur (anu mangrupa sketsa lain carita), kaitung langka dina kapustakaan Sunda mah. Anu kungsi kabaca ku panulis di antarana buku “Di Lembur Kuring” karya Syarif Amin, sarta tulisan-tulisan panineungan Supriatna, pangarang urang Sumedang anu sok mayeng ditulis dina Majalah Mangle.
Medalna buku “Sambel Jaer” karangan Asep Ruhimat, estuning ngeuyeub-ngeuyeub kapustakaan Sunda anu sipatna informatif jeung dokumentatif, ngalengkepan karya-karya saperti nu geus disebutkeun di luhur. Ieu buku medar taliparanti, palakiah, kaolahan, jeung pantangan urang Sunda, anu kiwari geus langka diparake, malah aya anu geus tara dipake samasakali. Ku kituna ieu buku mangrupa “cupumanik”, anu sawaktu-waktu bisa “diebrehkeun” ka anak incu urang, yen urang Sunda di padesaan teh beunghar ku tradisi anu geus karasa rea mangpaatna boh keur kahirupan pribadi boh keur kahirupan masarakat sabudeureunana. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer