Ekspresi narsis-ku

September 11, 2006

“Sambel Jaer”

Filed under: Resensi Buku

buku sunda

Ku Popon Saadah

Data Buku
Judul: Sambel Jaer
Panulis: Asep Ruhimat
Pamedal: Puspawarna, Bandung, 2006.
Citakan: I. 2006
Kandelna: 100 kaca

Karya anu husus medar panineungan urang Sunda mangsa hirup di lembur (anu mangrupa sketsa lain carita), kaitung langka dina kapustakaan Sunda mah. Anu kungsi kabaca ku panulis di antarana buku “Di Lembur Kuring” karya Syarif Amin, sarta tulisan-tulisan panineungan Supriatna, pangarang urang Sumedang anu sok mayeng ditulis dina Majalah Mangle.
Medalna buku “Sambel Jaer” karangan Asep Ruhimat, estuning ngeuyeub-ngeuyeub kapustakaan Sunda anu sipatna informatif jeung dokumentatif, ngalengkepan karya-karya saperti nu geus disebutkeun di luhur. Ieu buku medar taliparanti, palakiah, kaolahan, jeung pantangan urang Sunda, anu kiwari geus langka diparake, malah aya anu geus tara dipake samasakali. Ku kituna ieu buku mangrupa “cupumanik”, anu sawaktu-waktu bisa “diebrehkeun” ka anak incu urang, yen urang Sunda di padesaan teh beunghar ku tradisi anu geus karasa rea mangpaatna boh keur kahirupan pribadi boh keur kahirupan masarakat sabudeureunana.
Komo upama nu maca ieu buku kabeneran lahir tur gede di kampung, salila neuleuman rupaning pangalaman pangarangna dina unggal wacana sanajan mangrupa wacana-wacana pondok, dina memorina bakal bruh-breh lalakon-lalakon jeung pangalaman-pangalaman sorangan anu kungsi kaalaman tur hese mopohokeunana. Matak kahudang deui ingetan urang kana situasi bulan puasa di lembur. Ti mimiti kabiasaan kuramas dina raraga mapag bulan suci Romadon, ngabuburit, taraweh lilikuran di masigit, ulin subuh, ngumpul-ngumpul dahareun keur engke lamun geus ngong adan Magrib, jeung sajabana. Kabayang deui dina implengan kumaha resepna urang sabatur-batur mangsa keur budak arulin di buruan imah, ngadon baren jeung ulin gobag (ngaran kaulinan budak lembur)— sawareh kaulinan teh sok beda-beda ngaranna di masing-masing daerah–, atawa kabayang deui kumaha ramena barudak lembur maraen kasti di tegalan. Asa hayang balik deui jadi budak!
Nyoreang alam ka tukang, nginget-nginget nu lawas kari waasna, nginget-nginget kalakuan sorangan nu pikaseurieun atawa pikaeraeun jaman keur bolon kalayan di lingkungan anu beda jeung nu kaalaman ayeuna, mangrupa hiburan anu sakapeung mah dilamun jeung diimpleng deui keur sasoranganeun, lantaran mangrupa pangalaman batin anu teu jarang hese digambarkeunana ku ungkara kalimah, tur deuih matak dilamun keur sasoranganeun teh dilantarankeun sok aya pangalaman anu sipatna privacy. “Sambel Jaer”, buku anu geus hasil narjamahkeun pangalaman batin pangarangna kana wangun ungkara kalimah sanajan sajorelat-sajorelat, ngawakilan kereteg batin sawatara urang Sunda nu kungsi nyeuseup ni’matna atmosfir pilemburan baheula.
Kapunjulan sejenna “Sambel Jaer”, lian ti nyaritakeun pangalaman pribadi nu ngarangna, oge medar elmu pangaweruh anu raket patalina jeung kabudayaan Sunda, saperti perelean ngeunaan undagi jeung perwatekan kuda.
Ngan hanjakalna teh henteu unggal wacana make ilustrasi gambar. Malah aya wacana anu perlu dibantuan ku gambar, tapi teu aya gambarna. Ari wacana anu maksudna geus jelas, teu kudu make ilustrasi, digambaran. Contona wacana anu judulna “Naheun bubu”, bawirasa perlu ilustrasi gambar bubu jeung kumaha cara naheunkeunana, lantaran urang Sunda jaman ayeuna geus langka anu apal kana pakakas ngala lauk nu ngaranna bubu tea, geus puguheun barudak entragan kiwari mah.
Tapi ku kitu ku kieu, “Sambel Jaer” kaasup buku penting pikeun pangdeudeul, boh pangdeudeul bahan pangajaran di sakola, boh keur nambahan pangaweruh balarea. Cag!

3 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/09/11/sambel-jaer/trackback/

  1. Upami hoyong ngagaduhan buku jiga kieu… kedah dimana milarianana? hatur nuhun…

    Comment by rohmat sarman — February 16, 2007 @ 5:17 pm

  2. Di Gramedia Jl. Merdeka Bandung oge seueur.

    Comment by pop_ice — June 4, 2007 @ 9:29 am

  3. Sanaos parantos tomper, nuhun pisan ayi parantos mesek buku akang.

    Comment by asep ruhimat — January 5, 2008 @ 1:09 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer