Humor Ala Urang Sunda III
(Dicutat tina “Barakatak” Mangle)
Kunti
Ibro: “Kamari peuting urang Cikuda maroro kunti. Kuntina asup kana gorong-gorong. Ditalingker, beunang karembongna. Barang diilikan dina karembongna aya tulisan.”
Udin: “Tulisan naon?”
Ibro: “Kieu: ‘Maaf anda belum beruntung, silahkan coba lagi!’ Cenah.”
Udin: “Gehel, hanas didengekeun.”
Nyengcelengan
Anak kunti: “Ema, naha ari bangsa urang bet bolong tonggong?”
Indung kunti: “Gede mangpaatna Nyai, keur nyengcelengan.”
Budak Aral
Budak: “Paehan we abdi teh Ma, paehaaannn….!”
Ema: “Ku naon ari maneh mani aral kitu?”
Budak: “Paehan we tibatan teu dipasihan artos jajan mah!”
Ema: “Budak ayeuna mah babari putus asa.”
Budak: “Pan nurutan Ema. Geuning Ema ge sok nyarios kitu ka Bapa upami ku bapa teu dipasihan artos balanja teh.”
Gajah bareuh
+ : “Sarung cap naon eta teh mani lebar kitu?”
- : ”Sarung cap gajah bareuh bari keureuneuh.”
+ : “Paingan mani gede kitu???
Teungteuingeun
“Nyieun kueh direka, dihias, dialus-alus, teungteuingeun ari ahirna…..dihuapkeun mah!”
Papatah Indung Hayam
“Anaking, kahade maraneh mah laku teh ulah jiga Bapa maneh, kabogohna loba. Ema keur ngendog wae, Bapa maneh mah wani nyeleweng. Komo basa Ema keur nyileungleum, cus-cos we ka ditu ka dieu.” Ceuk indung hayam ka anak-anakna.
“Boa Ema ge sok salingkuh,” ceuk anak hayam nu cikal.
“Ih, da eta mah teu dihaja,” tembalna bari ngabelehem. (Lain, ari ngabelehem hayam kumaha nya?)
Angin Ribut
Udin: “Di Rancah kamari aya angin ribut, tatangkalan ge loba nu rungkad.”
Dede: “Jeung saha cenah ributna angin teh?”
Udin: ???
Reparasi Erloji
Utun: “Bade ngareparasi erloji!”
Tukang reparasi: “Mana atuh erlojina?”
Utun: “Nya eta ical, kantun pamuteranana. Hoyong muter…tiasa?”
Tukang reparasi: “Gorolongkeun we atuh, Jang!!”
Masih Untung
Dadi: “Sendal kuring leungit sabeulah.”
Apin: “Masih untung, sendal kuring mah leungit sapasang.”
Dadi: “Leungit sabeulah, masih keneh untung?”
Apin: “Nya heueuh untung keneh. Sahanteuna leungit sabeulah mah masih bisa dipake ku suku nu sabeulah deui. Sedeng kuring?…nyeker!”
Dadi: “Enya da kuring teh jelema ebel, disesendal sabeulah!”
Nini-nini Modern
Nini: “Cing Nyai, Nini nginjeum HP sakeudeung!”
Incu: “Kanggo naon Ni?”
Nini: “Rek nga-SMS urut kabogoh Nini baheula.”
Incuna molohok.
Meunang
Kencid: “Mang, Si Odoy tuh keur maen kartu daruitan!”
Mang Obed: “Hah? Nu bener siah!?”
Kencid: “Enya tuh di saung!”
Mang Obed: “Rasakeun, disiksa siah ku aing geura!”
Kencid: “Tapi da meunang. Malahan mah keur Emang oge geus mangmeulikeun roko sabungkus.”
Mang Obed: “Kutan? Ari kitu mah bejakeun ka Si Odoy, dua bungkus kituh meuli roko teh!”
Kencid: “Har!?”
Bom… Bom
Incuna: “Nini ari teroris teh naon?”
Nini Uneh: “Eta teh cenah mah euwah-euwah, Sujang.”
Incuna: “Ari euwah-euwah teh naon?”
Nini Uneh: “Tukang nyieun kaonaran.”
Incuna: “Ari kaonaran teh naon?”
Nini Uneh bingung ngajawabna. Bari ngaleos ka dapur pok ngomong: “Teuing atuh, da bom bom kitu.” Bari teu ngarti oge incuna unggeuk-unggeukan.
Kudu Pindah
Pemburu Hantu: “Aduh kumaha nya …, geuning jurig teh alim ngalih ti ieu bumi.”
Nu boga imah: “Teras kedah kumaha abdi sakulawarga?”
Pemburu Hantu: “Wayahna we ngelehan. Bapa sakulawarga nu kedah ngalih ti ieu bumi.”
Nu boga imah: ???
Keur Ngabuburit
Nini: “Sujang, ari Si Aki ka mana?”
Incu: “Tadi mah keur ngabuburit di alun-alun”
Nini: “Lah, panas poe kieu atrok-atrokan, kumaha lamun kalenger!”
Incu: “Da teu dinu panas Si Aki mah, ti tadi oge di tukang sirop. Malahan mah lamun Si Nini nanyakeun, ulah di bejakeun keur nyirop cenah.”
Hakim Darah Tinggi
Hakim: “Ari ditanya tong bulat-beulit ngajawabna, musingkeun aing maneh mah!”
Terdakwa: “Lepat Bapa, narosna pabaliut!”
Hakim: “Eh siah, ngahina ka aing. Hayu mun wani mah gelut di luar!”
Pengacara jeung Jaksa carengkat nenangkeun Hakim.”
Kawin
Waktu diajak kawin ku Jang Komar, Nyi Nani nolak meleg-meleg. Sabab cenah Jang Komar mah deungeun-deungeun.
“Kulawarga abdi mah sadayana oge nikah ka dulur sorangan, teu aya nu ka deungeun-deungeun. pun bapa nikah ka pun biang. Pun aki nikah na ka pun nini, pun mamang nikah na ka un bibi. Pun ua nikahna ka pun ua deui. Teu aya anu nikah ka nu sanes wargi. Jadi teu mungkin upami abdi nikah ka ang Komar teh.” Jawabna polos.
Banci
Sore-sore aya hiji banci ngamen ka imah Si kabayan mawa kekecrek, bari gogorowokan nyanyi lagu “Bang Toyib”. Samemeh mikeun duit receh Si Kabayan pangangguran nanya heula. “ke..ke, rek nanya heula. Ari didinya teh lalaki atawa awewe?”
“Komplit!” Jawab Si Banci bari ngarebut duit receh na leungeun Si Kabayan.
Gede Hulu
“Naon sababna kolot baheula sok omat-omatan ngalarang budakna ulah gede hulu?”
“Sabab jelema gede hulu mah hese neangan ukuran kopeahna!”
Pangiritna Nyatu
Ato: “Sato naon anu pangiritna nyatu?”
Ata: “Teuing atuh. Ari ceuk maneh sato naon?”
Ato: “Sieur nu boga panyakit gula.”
Ata: “Naha?”
Ato: “Heueuh keur mah nyatuna saeutik da leutik tea, turug-turug sanguna kudu digram deuih ari rek dahar teh.”
Ata: “Ah maneh mah!”
Nyeri Tikoro
Uus: “Nyeri tikoro euy.”
Adi: “Na ku naon?”
Uus: “Eta nginum jamu cap Kuku Bima, meureun rada ngoet kana tikoro.”
Adi: “Ah siah!”
Ngimpi Aneh
Napi: “Tadi peuting kuring ngimpi ulin ka Bandung.”
Kucrit: “Oh, pantesan atuh ari kitu mah.”
Napi: “Maksud maneh?”
Kucrit: “Tadi peuting basa kuring ngimpi rek nyampeur sakola, manehna euweuh.”
Napi: “Dasar…!”
Kaset
Aya hiji garong manggih kaset di jalan. Nepi ka imahna eta kaset teh disetel dina tip compi. Ari ngong teh lagu “Sadarlah wahai manusia”. Harita keneh si garong ngababetkeun kaset meunang manggih tea.
Hidep
Ibu Guru: “Unggal dinten kelas sareng pakarangan kedah diberesihan ku hidep. Kadangu henteu, diberesihan ku saha?”
Murid: “Ku hideeeppp….!”
Ibu Guru ngahuleng.
Urang Jawa
Bah Eon: “Sujang, naha enya Ronaldo Ronaldinho jeung Bagio teh urang Jawa?
Jang Odoy: “Enya Bah. Malahan emangna Ronaldo mah ngontrakna teh deukeut imah kuring.”
Bah Eon: “Na saha kitu emangna Ronaldo teh?”
Jang Odoy: “Eta Mas Tejo, tukang baso tea.
Bah Eon: “Kutan???”
ILMAN
IZZAN
aduh…. mani reueus pisan abdi mah malah sok haoyong tiasa diajar sappertos kitu
Comment by asep — September 5, 2007 @ 2:39 am