Ekspresi narsis-ku

November 15, 2006

Mugi Kersa Ngaji Rasa

Filed under: Puisi

ngungun

Nalika hate teu merean anjeun mikaheman nu lian
Ulah nanya naon nu jadi lantaran
Jawabanana teu kapaluruh najan ku diri sorangan

Galih jeung rasa teh tatarucingan
Sakapeung teu perlu diteguh
Eusina aya na ati sanubari sewang-sewangan

Geura ragap hate anjeun ku rasa anjeun
Sugan karampa eusina
Kateuleuman jerona
Kaharti gerentesna hate nu ieu
Nu hieum ku kakayon
Nu buni ku lalangse…lungse
Teu rengse-rengse
Ngabandungan anjeun ngalalakon
Dina layar rubak dunya implengan
Sukan-sukan

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/11/15/mugi-kersa-ngaji-rasa/trackback/

  1. Memang nya pami anu ahlina nulis sajak,,,,,,,,,eusina teh meni hese, di paluruh hayang
    ngarti hartina, tapi teu weleh,,,,,,,,teu ngarti, …atawa meureun ngan pikeun kuring
    hungkul nu teu ngarti teh da maklum jelema bodo teu pinuh ku pangarti…….hapunten…..

    Comment by Fz — November 16, 2006 @ 1:18 am

  2. Piraku teu ngartos? Padahal eta sajak teh dihususkeun kanggo Niskalawastukancana. Sungguh!!

    Comment by pop_ice — November 16, 2006 @ 2:44 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer