Kembang Tanjung

(Ieu tembang kagegelan ti Kang Ratma Budi Priatna)
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Dipakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras kahidep ieuh na kandungan
Utun inji budak yatim….deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget inget kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suatnya pipikiran
Tapi na kedal na teh kuhariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eehhhh…
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang ….
Panineungan
Kaluhur ti awal deui… janten 2 X …dipirigna ku kacapi nya!
ILMAN
IZZAN