Ekspresi narsis-ku

January 17, 2007

Chatting di YM

Filed under: Cutatan Sabengbatan

my mouse

female 39: naha teu UDLE?
Budi Priatna: meni anteng kitu
Budi Priatna: nya eta neng udle teh nuju jalan-jalan
female 39: naha nya email sesah dibuka?
Budi Priatna: masih teu acan stabil penginten
Budi Priatna: sami we didieu ge kadang sesah akses email
Budi Priatna: atanapi aya virusan
female 39: puguh kamari teh aya nu ngirim email, di lebetna aya jurigan
female 39: dugi ka teu kiat maca lami
female 39: sieun
Budi Priatna: tong dipolototan wae atuh
Budi Priatna: jurig nyiliwuri setan milu mijah tea nya
female 39: ke geura nya mun tos tiasa dibuka urang kintunkeun ka dinya
female 39: animasi jurig
female 39: tapi lumayan matak kukurayeun
Budi Priatna: seueur atuh nu kitu mah didieu oge
female 39: ma enya?
Budi Priatna: hoyong dikintun nu kitu
female 39: sok ka dieukeun
female 39: tapi nu seru nya
female 39: kanggo nyingsieunan barudak
Budi Priatna: eta kalahka nyingsieunan barudak
female 39: :D
female 39: nyuhunkeun deui lagu2 sunda buhun
Budi Priatna: lagu naon atuh …. bade nyoreang ka alam katukang
female 39: tos lami abdi teu posting blog
female 39: duka ku naon, macet emutan teh
Budi Priatna: nya biasa tos libur mah
female 39: kapungkur mah jaman sok kopdar, da murudul atuh kang ilham teh
Budi Priatna: panyakit H tea kaluar
female 39: hoream?
Budi Priatna: yupe…
Budi Priatna: hoream ngamimitian da asa macet pikiran
Budi Priatna: ayeuna jaman naon atuh ceu
female 39: jaman werit
female 39: sagala awis
Budi Priatna: jaman werit teh ceuk nu werit
Budi Priatna: puguh jaman sagala aya ayeuna mah
female 39: ah da nu sagala ayana mah ngan 10 %
female 39: umumna mah werit
Budi Priatna: enya sagala aya ceuk anggota DPR
female 39: geus teu hayang ngadenge caritaan anggota dewan
female 39: dina tv ge asa mending keneh lalajo gosip seleb
female 39: batan lalajo berita mah
Budi Priatna: PNS atuh … pan lumayan ayeuna mah tos aya tabel baru
Budi Priatna: lalajo gosip naon atuh
female 39: tabel baru nanahaon?
Budi Priatna: jeruk purut atanapi jeruk nipis nu digosipkeunna
female 39: omdo wungkul pamarentah teh
female 39: tukang dagang mah nyangkana enya we gajih pns naek
female 39: sihoreng nu naek mah gajih pns di nagri antah berantas
female 39: antah berantah
Budi Priatna: :) )
Budi Priatna: nya lumayan atuh lah kitu ge
female 39: matak engke mah mending golput
Budi Priatna: teu kenging golput atuh
Budi Priatna: ngamubadzirkeun suara eta teh cenah…engke lebet ka golongan mubadzrin
Budi Priatna: mending golkar wae saur JFK oge
female 39: tapi mun akang nyalonkeun mah sumpah bade milih kang budi
Budi Priatna: tah eta…hanjakalna moal nyalonkeun
female 39: da mun nyalonkeun sigana bakal gul
female 39: margi seueur fans-na
Budi Priatna: pasti atuh gul mang gul
Budi Priatna: btw, upami pmb smp teh ayeuna kumaha aturanna ceu
Budi Priatna: manawi aya info na
female 39: teu acan aya info enggal
female 39: ngan nu kantos kakuping mah masih keneh nganggo sistem cluster
female 39: teras UN dipajengkeun sasih april
female 39: oh muhun dzul teh bade ka smp nya?
Budi Priatna: yup
Budi Priatna: US oge ayeuna saurna dilirik oge?
female 39: muhun, berpengaruh
female 39: rencanana smp mana?
Budi Priatna: nya nu caket ka 1 margahayu atanapi ka 34
Budi Priatna: ari ka kodya kedah ngiring tes heula saur nu sanes mah
female 39: nya wios, tes we
female 39: da pasti mampu murangkalihna
Budi Priatna: pangaruhna sakumaha tah US teh…da sok aya penggelembungan angka gening diditu mah
female 39: nya sami dimana2 oge
female 39: demi barudak
female 39: nya…antawis 40 %-nan
female 39: tapi US mah masih tiasa diakalan
female 39: sing seueur masihan tugas we ka barudakna
Budi Priatna: lumayan oge atuh 40an mah
female 39: sapertos basa sunda, seueur praktek
female 39: pidato, drama, jsb
Budi Priatna: ic
female 39: nu hariwang mah UN-na
Budi Priatna: nahanya loba nu hariwang …ari ngajarna saluyu jeung rambu2na mah pan tenang sanes
female 39: yeee….ari budakna teu bisa dijeujeuhkeun???
female 39: masih guruna babak belur oge percuma budakna bontongor mah
female 39: sedengkeun nu bontongor teh sok ngabring aya kana dua losinna
Budi Priatna: nu kudu ditekean mah kolotna nu diimah atuh ceu
female 39: enya mun daek narima mah diteke ku guru pantar abdi, teu masalah
Budi Priatna: loba nu ngantep pan ka barudakna
female 39: matak budak kudu hideng sorangan oge
female 39: ari budak smp mah da geus kudu hideng atuh
Budi Priatna: resiko atuh kitu…da materi mah sudah sesuai dengan ketentuan
female 39: pagawean maca teh kudu geus jadi kabutuh
female 39: da rarasaan baheula urang nya, istuning diteangan bacaeun teh
Budi Priatna: nya eta atikan di imah geus teu puguh sigana mah
Budi Priatna: da loba ayeuna mah anak jelema teh jadi anak sapi jeung anak baby sitter
female 39: mun dzul cios lebet ka smp 1 margahayu teh, ku abdi tiasa diwiat-wiat
female 39: aya rerencangan
female 39: sami ngajar basa sunda
Budi Priatna: oic
Budi Priatna: ke we ningal kamana kahayang budakna ceu
female 39: muhun atuh
female 39: naha geuning akang ge tara posting blog?
Budi Priatna: :)
Budi Priatna: nya eta ayeuna nuju sebel
Budi Priatna: terakhir muka internet teh jaringanna awut2an
Budi Priatna: dugi ka ayeuna teu acan stabil
female 39: paingan slide oge teu hirup
female 39: didelet we da kaluman
female 39: ari fz tos uih teu acan nya ti arabna?
Budi Priatna: duka tah fz teh
Budi Priatna: kantos ngintun email…mung mang yahoo na nu ngabalesan teh
Budi Priatna: untuk sementara meninggalkan cyber cenah
female 39: naha iraha tiasa ngobrol deui?
Budi Priatna: duka tah teu acan aya kabar deui
Budi Priatna: eta mah melalui email we
female 39: oh

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/01/17/chatting-di-ym-2/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer