Tanah Sunda

Gambar: hasil nga-download tina Google
Tanah sunda (wibawa), gemah ripah (tur endah)
nu ngumbara suka betah
urang Sunda (sawawa), sing toweksa (perceka)
nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran
muga tong kas’maran
sing tulaten jeung rumaksa
miara pakaya
memang sawajibna
geten titen rumawat Tanah Pusaka
Titen kana (pakaya), harta banda (pusaka)
mo’ kaduhung waktu jaga
anu lian (mo’wasa), moal bisa (rumaksa)
ngatur ngolah jeung ngariksa
Gembleng sauyunan
singkil babarengan
ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat
diraksa dirumat
pasti jembar wibawa Indonesia
ILMAN
IZZAN