Ekspresi narsis-ku

February 5, 2007

Poe Basa Indung Internasional Munggaran Direuah-reuah

Filed under: Wawaran

logo
Logo: hasil nga-download tina Google

UNESCO hayang mepelingan ka sakumna bangsa yen basa teh lain ngan sakadar bagian utama dina warisan budaya manusa, tapi mangrupa ekspresi nu saestuna tina kreativitas manusa jeung karageman budayana.
Bari ngasongkeun fakta yen meh aya kana 6000-na basa anu dilisankeun ku manusa mangsa ayeuna, Mr. Matsuura nyarita kieu: “Eta kabeh jadi saksi ngeunaan kamampuh manusa dina nyiptakeun alat komunikasi, ngayakeun persepsi, tur refleksina. Kawilang matak helok. Kabehanana mangrupa ekspresi jiwa masarakat di tempat di mana gelarna eta basa, sarta ngandung sajarah pataremana antara hiji basa jeung basa sejen.” Cenah kabeh basa teh turunan silang.
Pokna deui, “Hikmah ningkatna karageman kabasaan katut kamekaran atikan multibasa ti awal mula, bisa mantuan ngamumule karageman budaya di kancah internasional, sarta bisa nyiptakeun sikep toleransi jeung silih hargaan.
Vigdis Finbogadottir, duta muhibah UNESCO urusan basa, oge Presiden Islandia manten, milu icikibung dina ieu kagiatan munggaran Poe Basa Indung Internasional. Anjeunna maluruh ajen basa, boh minangka alat komunikasi boh minangka ekspresi budaya jeung identitas. Nyonya Finbogadottir mere gambaran yen basa teh mangrupa banda kamanusaan anu pangmahalna tur gampang pisan rengatna (ruksak).
Dina amanatna anu dibacakeun dina eta upacara, Sekertaris Jendral PBB Kofi Annan ngutarakeun pangrojongna kana kagiatan mieling Poe Basa Indung Internasional. Saur anjeunna, hal ieu teh baris ngaronjatkeun kasadaran sakumna masarakat ngeunaan ajen basa di unggal lingkungan. Anjeunna oge nandeskeun ngeunaan kautamaan ngamumule karageman basa, sarta umajak ka balarea pikeun ngayakeun ihtiar anu daria dina raraga ngariksa jeung ngarumat basa Paris, 21 Pebruari (No. 2000-14). Poe Basa Indung Internasional, anu diproklamirkeun ku Konprensi Umum UNESCO dina bulan Nopember 1999, munggaran direuah-reuah dina upacara di Markas Besar Organisasi.
Ieu upacara dibuka ku Direktur Jendral UNESCO Koichiro Matsuura anu nandeskeun, ku direuah-reuahna basa-basa indung, nagara-nagara anggota UNminangka warisan kamanusaan.

Informasi saterusna: http://webworld.unesco.org/imld/

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/02/05/poe-basa-indung-internasional-munggaran-direuah-reuah/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer