Ekspresi narsis-ku

February 20, 2007

Basa Sunda Moal Waka Tilem

Filed under: Kolom

Gedung Sate
Gambar: hasil download tina Google

Ku Popon Saadah

(Dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional ping 21 Pebruari)

Nada-nada silung ngeunaan hirup huripna basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh kapireng. Eta sora-sora silung teh jolna ti para inohong jeung para intelektual Sunda. Aranjeunna nepikeun kahariwangna ka balarea boh dina biantarana boh padungdengan dina media massa, ngamasalahkeun tereh leungitna basa Sunda alatan ditaringgalkeun ku panyaturna. Hade oge tah sikep aranjeunna teh, cingcirining basa Sunda masih keneh loba nu mikageugeut mikameumeut ku urang Sundana pituin.
Kaharti lamun aranjeunna ngarasa inggis tur melang basa Sunda bakal ngahiang, lantaran kabandungan tur kasaksian beuki dieu beuki loba pisan tangtangan anu kudu disanghareupan ku Ki Sunda sorangan. Sirikna teu unggal detik basa Sunda dikepung jeung diperekpek ku basa-basa sejen anu milu hirup babarengan di lemah cai Indonesia. Globalisasi sarta kamajuan teknologi jeung informasi deuih geus pasti milu mangaruhan kana eksistensi basa Sunda. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer