Ekspresi narsis-ku

February 20, 2007

Basa Sunda Moal Waka Tilem

Filed under: Kolom

Gedung Sate
Gambar: hasil download tina Google

Ku Popon Saadah

(Dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional ping 21 Pebruari)

Nada-nada silung ngeunaan hirup huripna basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh kapireng. Eta sora-sora silung teh jolna ti para inohong jeung para intelektual Sunda. Aranjeunna nepikeun kahariwangna ka balarea boh dina biantarana boh padungdengan dina media massa, ngamasalahkeun tereh leungitna basa Sunda alatan ditaringgalkeun ku panyaturna. Hade oge tah sikep aranjeunna teh, cingcirining basa Sunda masih keneh loba nu mikageugeut mikameumeut ku urang Sundana pituin.
Kaharti lamun aranjeunna ngarasa inggis tur melang basa Sunda bakal ngahiang, lantaran kabandungan tur kasaksian beuki dieu beuki loba pisan tangtangan anu kudu disanghareupan ku Ki Sunda sorangan. Sirikna teu unggal detik basa Sunda dikepung jeung diperekpek ku basa-basa sejen anu milu hirup babarengan di lemah cai Indonesia. Globalisasi sarta kamajuan teknologi jeung informasi deuih geus pasti milu mangaruhan kana eksistensi basa Sunda.
Tapi nepi ka danget ieu, nepi ka ieu tulisan di-publish dina blog nu ieu, sim kuring teu ngarasa seber teusing ku kaayaan basa Sunda kiwari. Malah beuki dieu hate teh beuki optimis, yen basa Sunda bakal ajeg pageuh dina tangtunganana, nanjeur tur cageur bageur, hirup jeung huripna babarengan jeung basa-basa nu diparake ku etnis sejen anu milu hirup di tatar Sunda.
Naha sim kuring make optimis kitu? Naon buktina yen Ki Sunda bakal milu makalangan di alam nu keur disorang? Saenyana kawilang lobana alesan-alesan anu bisa diasongkeun minangka bukti-bukti anu ngarojong kana argumen sim kuring teh. Geura nya urang tataan hiji-hiji.
1. Dina kahirupan sapopoe, di lingkungan kulawarga Sunda, basa Sunda teh masih keneh aktif diparake ku panyaturna. Kulawarga sim kuring, kulawarga dulur-dulur, kulawarga tatangga, katut kulawarga sobat-sobat sim kuring di wewengkon Cimahi masih keneh satia kana basa Sunda. Eta teh kakara di Cimahi, acan baraya-baraya sim kuring di wewengkon sejenna.
2. Organisasi-organisasi kamasarakatan urang Sunda, misalna dina arisan jeung dina pangajian ibu-ibu, basa Sunda masih keneh dipake minangka pakakas komunikasi maranehna.
3. Dina situasi formal sejenna, misalna dina rapat-rapat resmi, salila nu hadir dina eta gempungan lolobana urang Sunda, ulah salempang, basa Sunda nu jadi alat panyaturna.
4. Dina kagiatan teu resmi saperti transaksi jual beuli di pasar, obrolan rineh dina angkot, di warung kopi, basa Sunda masih keneh populer.
5. Pangajaran Basa Sunda di sakola di wilayah Cimahi tara kungsi nyanghareupan bangbaluh. Malah reueus nu aya wireh para peserta didik daria (antusias), boh dina ngalakonan kagiatan diajar ngajar, boh dina migawe pacen-pancen anu mikabutuh karancagean maranehna ti guru-guruna. Contona dina narulis naskah pidato jeung naskah drama nepi ka mintonkeunana di hareupeun audience, maranehna bisa ngahontal hasil anu maksimal. Ieu teh kakara di lelewek Cimahi, acan di daerah-daerah sejenna di Jawa Barat.
6. Masih keneh loba penerbit anu haat medalkeun buku-buku Sunda.
7. Masih keneh aya media massa, boh media citak boh media elektronik anu materina ngeunaan ka-Sundaan.
8. Basa, sastra, jeung aksara Sunda masih keneh sok diseminarkeun.
9. Pintonan-pintonan anu raket patalina jeung kabudayaan Sunda masih keneh remen dipagelarkeun di gedong-gedong kasenian.
10. Upama urang pirajeunan nyaba ka dunya cyber, basa Sunda oge milu aub di dinya, jadi alat komunikasi di room-room nu dieusi ku para netter urang Sunda. Aya komunitasna, aya jurnal online-na.
Upama nilik sapuluh point nu geus diberendelkeun di luhur, asa pamohalan basa Sunda bakal musna ayeuna-ayeuna. Boro-boro disebut keur sakarat, dalah teu gering-gering acan. Jeung anehna, tudingan yen basa Sunda keur ngalaman hirup teu neut paeh teu hos teh torojolna ti luhur, ti nu palinter, ti para stakeholder (nu nyarepeng kawijakan). Dumasar kana naon atuh eta tudingan-tudingan anu nadana pesimis teh? Naha aranjeunna kantos ngalakukeun observasi sareng ngayakeun panalungtikan ngeunaan hal eta kitu? Da geuning para praktisi di lapangan mah daramang we, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina ngagugulung basa Sunda teh.
Saena mah para inohong sareng para intelektual Sunda teh ulah teras-terasan nyebarkeun virus pesimis, tapi kedah sawangsulna, ngagedekeun hate masarakatna ku cara ngarojong kamajuan kabudayaan Sunda umumna, basa Sunda hususna, boh ngaliwatan bantuan moral, komo deui nu sipatna material mah kawilang pentingna. Cag ah!

4 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/02/20/basa-sunda-moal-waka-tilem/trackback/

  1. Ah si ibu mah cenah rek ngamumule basa sunda, geuning eta tulisan di luhur naha make
    diasupan basa deungeun, eta wae make nyebutkeun di-publish, audience, jeung stakeholder
    sagala, naha teu aya kitu dina basa sundana nu hartina eta basa?, sok ah abdi oge hoyong
    terang mun diterjemahkan kana basa sunda naon tah, basa deungeun diluhur eta?.
    punten ah tong bendu, cenah hayang di kritik tah eta bisa disebut kritik membangun henteu?
    Teraskeun nulis………tong bosen2 ngawejangan jelema nu sok hayang tuturut munding niru2 jelema ti barat nu loba pisan pangaruh gorengna.

    Comment by uwa — March 5, 2007 @ 9:31 pm

  2. Hatur nuhun kana komentarna, Fz. Kritikanana sae pisan, kritik anu kieu anu diantos-antos
    ku abdi teh. Kecap-kecap deungeun anu diserat di luhur teh ngahaja teu ditarjamahkeun,
    ngarah rada gaya sakedik heheh….Padahal da aya basa Sundana oge. Geura nya: di-publish
    = diwawarkeun, audience = pamiarsa, stakeholder = nu kagungan kawijakan. Sok bade na-
    roskeun naon deui? Teu burung diwaler ari gampil mah patarosanana.

    Comment by pop_ice — March 7, 2007 @ 6:29 am

  3. Hatur nuhun ah kana katerangan hartina basa deungeun diluhur, memang leres abdi teu
    terang. Bener2 nya bu Popon teh geuning guru basa sunda nu luhung jeung pinter , tapi aya
    hanjakalna masih rada hayang ngagaya make basa deungeun da hayang nurutan barat2an
    nya? he he he…….tong bendunya tah ngiritik deui. Sim kuring mah sanajan cicing di
    nagara nu budayana barat, teu resep urang timur tuturut munding hayang jadi urang barat teh
    da asa teu merenah atuda. Coba wae sok nempo di jalan2 anak2 asia, ciciuman jeung
    tatangkeupan di public, meni asa ngarewa. Tapi da ari si bule kikituan di public mah da teu
    canggung da geus budayana, geus lumrah wae maranehna mah.

    tik deui.

    Comment by fz — March 7, 2007 @ 11:24 am

  4. Upami bade ngiritik mah ngiritik we ulah bari muji. Ka abdina jadi isin, margi teu rumaos.
    Budaya Sunda teh kiwari memang ngalaman distorsi sareng degradasi. Bade teu kitu
    kumaha atuh, da dina jaman globalisasi mah sesah bade mertahankeun budaya Sunda nu
    asli teh. Engke malah kakantun ku bangsa deungeun upami nutup diri mah. Diantos kritikan
    salajengna, Fz! Hatur nuhun.

    Comment by pop_ice — March 8, 2007 @ 7:19 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer