Urang Sunda Kudu Kritis

Gambar: www.pikiran-rakyat.com
Ku Ajip Rosidi
Dina alam féodal, rahayat leutik mah henteu meunang mikir bébas. Ngan diwenangkeun nurut kana sagala kapalay nu keur jeneng. Disebut kawula, gawénan ngan kudu ngawulaan kaom ménak. Ulah pon harta banda dalah nyawa ogé apan kagungan gusti, henteu meunang dikorétkeun lamun dipundut ku ménak. Kacapangan “hurip abdi waras gusti”, dihartikeun abdi hurip téh keur kaperluan gusti sangkan waras.
Jiwa feodal geus sumarambah kana jiwa urang Sunda mangabad-abad lilana, nya éta ti barang urang Sunda dijajah ku Mataram sarta para bupatina kudu dialajar kabudayaan Jawa. Pikeun ngabéda-bédakeun harkat manusa sacara sosial basa Sunda anu tadina égalitér ogé dirobah jadi maké undak usuk. (more…)

ILMAN
IZZAN