Ekspresi narsis-ku

April 2, 2007

Jirim nu Dinaha-naha

Filed under: Puisi

kukupu kuring
Gambar: id.wikipedia.org

Nalika wujud salira maya
angin ririh ngahiliwir
angin puyuh gegelebugan
aya nu kapati-pati
implengan ngaréka-réka
panutan sarwa sampurna

Basa anjeun kalan-kalan némbongan
balébat kokolébatan
ngan saséor hujan silantang
aya nu midangdam
da wangwangan teuing ku yakin
pupujaning ati téh nu keur dipilari

Cunduk waktu wujud anjeun nampeu hareupeun
raga nyata léah manah
lain kukupu nu ngageleber hésé néwakna
lain katumbiri nu boa iraha kawénéhanana
hate kalah nganaha-naha
kaduhung tepung
migandrung sotéh mun anjeun teu sumping-sumping
hanjakal tepang
mitineung sotéh mun anjeun ngawujud kalangkang






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer