Jirim nu Dinaha-naha

Gambar: id.wikipedia.org
Nalika wujud salira maya
angin ririh ngahiliwir
angin puyuh gegelebugan
aya nu kapati-pati
implengan ngaréka-réka
panutan sarwa sampurna
Basa anjeun kalan-kalan némbongan
balébat kokolébatan
ngan saséor hujan silantang
aya nu midangdam
da wangwangan teuing ku yakin
pupujaning ati téh nu keur dipilari
Cunduk waktu wujud anjeun nampeu hareupeun
raga nyata léah manah
lain kukupu nu ngageleber hésé néwakna
lain katumbiri nu boa iraha kawénéhanana
hate kalah nganaha-naha
kaduhung tepung
migandrung sotéh mun anjeun teu sumping-sumping
hanjakal tepang
mitineung sotéh mun anjeun ngawujud kalangkang
ILMAN
IZZAN
aduh meni hese naksir hartina iyeu sajak teh da atuda bahasana meni nyastra. tapi keun wae
lah jang saha2 wae oge moal dikiran sieun jadi stress……..he he he. nya kanu di tuju ku penulis sin kuring ngan bisa nyebut salamat, anjeun untung dipilih. congratulation and good luck….
Comment by uwa — April 2, 2007 @ 3:23 am
Hatur nuhun kana comment-na. Pokona eta sajak teh kanggo nu rumaos sok ngaheu-
reuyan abdi!
Comment by pop_ice — April 2, 2007 @ 6:13 am
ah arek ngaheureuyan ayeuna mah ameh eta sajak keur kuring……….kenging teu? atawa
tos aya nu miheulaan meureunnya?……….duh diri……….
Comment by sikunyang (landihan ti bu reni) — April 4, 2007 @ 7:48 am
Janten emut “Kalangkang”na Nining Meida euy ……..
Comment by Tibelat — April 5, 2007 @ 1:57 am
Benten atuh. Ieu mah rumpaka sajak teh dumasar pangalaman nyata. Emut teu kana
lalakon nu kopdar di warnet Cikutra?:)
Comment by pop — April 9, 2007 @ 12:56 am