Cing Pangneguhkeun!
1. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh.
2. Digegel buntutna, beak huluna.
3. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
4. Imah leutik pinuh ku suluh.
5. Ka hilir ka girang mamawa gunting.
6. Ka hilir ka girang nyunyuhun imah.
7. Kuli naon nu matak ni’mat?
8. Unggal diasupkeun kaluar deui.
9. Unggal dipeuncit nyambung deui.
10. Beuki dieusian beuki hampang.
11. Bisa naek teu bisa turun.
12. Boga awak teu boga hulu
13. Dilahun ceurik, ari teu dilahun repeh.
14. Kulit naon nu bisa nutupan alam dunya?
15. Kuya naon anu bisa ngapung?
16. Lamun ngadenge sora bedil, dorna di mana?
17. Ngabaris lain tentara, ngajejer lain pasukan, haseup ngebul ka mana-mana.
18. Suku hayam mun diparekoskeun jadi angka naon?
19. Tangkalna di gunung, daunna dina cai.
20. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
21. Naon sababna jarum jam tuluy nguriling?
22. Naon sasaruaanana endog asin jeung KTP?
23. Saha nu unggal poe jadi korban pemerasan?
24. Tukang naon mun dititah dahar sok naek ka luhur?
25. Leutik, bodas, kakalayangan dina mega.
ILMAN
IZZAN