Cing Pangneguhkeun!
1. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh.
2. Digegel buntutna, beak huluna.
3. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
4. Imah leutik pinuh ku suluh.
5. Ka hilir ka girang mamawa gunting.
6. Ka hilir ka girang nyunyuhun imah.
7. Kuli naon nu matak ni’mat?
8. Unggal diasupkeun kaluar deui.
9. Unggal dipeuncit nyambung deui.
10. Beuki dieusian beuki hampang.
11. Bisa naek teu bisa turun.
12. Boga awak teu boga hulu
13. Dilahun ceurik, ari teu dilahun repeh.
14. Kulit naon nu bisa nutupan alam dunya?
15. Kuya naon anu bisa ngapung?
16. Lamun ngadenge sora bedil, dorna di mana?
17. Ngabaris lain tentara, ngajejer lain pasukan, haseup ngebul ka mana-mana.
18. Suku hayam mun diparekoskeun jadi angka naon?
19. Tangkalna di gunung, daunna dina cai.
20. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
21. Naon sababna jarum jam tuluy nguriling?
22. Naon sasaruaanana endog asin jeung KTP?
23. Saha nu unggal poe jadi korban pemerasan?
24. Tukang naon mun dititah dahar sok naek ka luhur?
25. Leutik, bodas, kakalayangan dina mega.
ILMAN
IZZAN
1. Kuda
Comment by Tibelat — April 12, 2007 @ 7:43 am
2. Roko
Comment by Avisamba — April 13, 2007 @ 1:18 am
Duanana leres, sok teguh deui nu sanesna!! Engke diajak ka warung Bu Imas
Comment by pop_ice — April 13, 2007 @ 2:42 am
4. Hawu nya?
Leres teu tah? mun salah delete wae nya?.he he hehe…
Comment by fz — April 13, 2007 @ 5:22 am
7. Kuliat
Delete mun salah
Comment by fz — April 13, 2007 @ 5:23 am
16. Masih dina kotakan … make nanya dorna sagala atuh ?
Comment by Tibelat — April 14, 2007 @ 1:01 am
24. Tukang gali sumur…kadang ganti profesi jadi tukang gali kubur
Comment by Avisamba — April 16, 2007 @ 1:46 am
23. Karunya teuing nu diseuseuh unggal poe …
)
Comment by Tibelat — April 16, 2007 @ 1:48 am
17. Fidel Castro naek kareta api nu masih keneh make batu bara…siga kareta si gombar tea gening …
Comment by Avisamba — April 16, 2007 @ 1:50 am
Waleran Fz leres. =D>
Comment by pop_ice — April 16, 2007 @ 3:22 am
Tibelat mah ngajawabna teh kalah ngajak tatarucingan deui. Salah ah!!
Comment by pop_ice — April 16, 2007 @ 3:23 am
3. jurig.
Comment by winda — May 4, 2007 @ 4:36 am
5. Kalajengking
6. Kuya
Leres teu?
Comment by fz — May 5, 2007 @ 6:49 am
Leres pisan, Fz. Hadiahna nyuhunkeun we ka Bu Reni. Engke mun pendak di YM tagih ka
)
Bu Reni nya!
Comment by pop_ice — May 7, 2007 @ 6:28 am
3. Langlayangan
20. Kaktus
Jawabanna pondok nyogok tah …
)
Comment by Arjuna Wiwaha — May 12, 2007 @ 5:40 am
22. sami-sami di stempel
Comment by ahmed — February 20, 2008 @ 2:15 pm
Leres pisan, pinter euy…..
Comment by pop_ice — February 22, 2008 @ 2:26 am