Ekspresi narsis-ku

April 30, 2007

Urang Sunda Kudu Kritis

Filed under: Kolom

Ajip Rosidi
Gambar: www.pikiran-rakyat.com

Ku Ajip Rosidi

Dina alam féodal, rahayat leutik mah henteu meunang mikir bébas. Ngan diwenangkeun nurut kana sagala kapalay nu keur jeneng. Disebut kawula, gawénan ngan kudu ngawulaan kaom ménak. Ulah pon harta banda dalah nyawa ogé apan kagungan gusti, henteu meunang dikorétkeun lamun dipundut ku ménak. Kacapangan “hurip abdi waras gusti”, dihartikeun abdi hurip téh keur kaperluan gusti sangkan waras.
Jiwa feodal geus sumarambah kana jiwa urang Sunda mangabad-abad lilana, nya éta ti barang urang Sunda dijajah ku Mataram sarta para bupatina kudu dialajar kabudayaan Jawa. Pikeun ngabéda-bédakeun harkat manusa sacara sosial basa Sunda anu tadina égalitér ogé dirobah jadi maké undak usuk.
Harkat jelema anu nyarita, anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeun dibédakeun ku ngagunakeun kekecapan anu husus pikeun masing-masing luyu jeung kalungguhan sosialna. Lamun salah ngalarapkeun kecap anu geus ditangtukeun ku aturan, nu nyaritana baris nandangan hukuman sosial, nya éta dianggap dusun meledug, urang kampung manyang-munyung, henteu nyakola, jeung sajabana.
Sabada urang Sunda jadi bangsa Indonésia anu mroklamasikeun kamerdékaan dina tgl 17 Agustus 1945 tur nagara Indonésia téh mangrupa republik anu démokratis, jiwa féodal téh henteu leungit. Sanajan dina taun-taun munggaran kamerdékaan, dina mangsa révolusi réa atribut kaféodalan anu dipiceunan, kayaning gelar radén jeung sabangsana, tapi sabada Presidén Sukarno kalawan dukungan Angkatan Darat ngalakukeun kudéta ku jalan ngadekritkeun yén Indonésia mulang deui ka UUD 1945, nu dituturkeun ku ngabubarkeun Konstituante nu keur nyusun undang-undang dasar anu anyar jeung ngabubarkeun DPR katut DPRD hasil pemilu 1955 anu démokratis sarta diganti ku DPR-GR jeung DPRD-GR (Gotong Royong) anu dipilih ku sukarno jeung konco-koncona tanpa pemilihan, féodalisme téh dihirupkeun deui. Presidén disebut “Paduka Yang Mulia”, ari rék pidato atawa ngalakukeun nanaon disebut “berkenan”, sagala kapalayna kudu diturut, lamun aya anu magak kana kapalayna atawa wani némbongkeun pamanggih anu henteu luyu jeung kapalayna, bisa ditangkep bari henteu dijagragkeun ka Pangadilan. Lain baé kakawasaan éksékutif, dalah kakawasaan législatif jeung yudikatif ogé diperenahkeun handapeun Presidén, hartina aya dina kakawasaan jeung wewenang presidén. Malah MPRS ogé ngan ukur jadi yésmén Presidén. Henteu aya nu wani ngalwan ka “Pemimpin Besar Revolusi”—kajaba lamun hayang diasupkeun kana cubluk teu pupuguh. Rahayat diindoktrinasi kudu ngapalkeun Manipol Usdek, jsb. Anu henteu daék atawa nanduk, dituduh kontra révolusi. Hartina dianggap musuh bangsa jeung nagara.
Kaayaan kitu téh diteruskeun ku Presidén Suharto kalawan leuwih inténsif. Indoktrinasi diteruskeun sarta leuwih nyosok jero ku ngayakeun P-4. Rahayat henteu weléh ngarasa risi lamun miboga pikiran anu béda jeung anu resmi. Mémang indoktrinasi téh maksudna maténi kamerdékaan mikir. Ngan pikiran resmi anu dianggap bener. Sing sakur anu miboga pikiran anu béda jeung anu resmi, dianggap anti Pancasila. Sarua jeung dianggap musuh bangsa katut nagara.
Hal éta nyababkeun rahayat Indonésia, kaasup urang Sunda henteu wani mikir sarta kritis. Sagala rupa anu diwewelkeun ku nu nyekel kakawasaan ditarima kalawan henteu réa carita. Akibatna kamapuh mikir kritis rahayat handap pisan. Pikiran lain tumuwuh atawa ngajembaran, kalah ka mérékététét beuki kacentét ngaheureutan.
Dina alam démokrasi, rahayat anu jadi warga nagara anu boga hak—salian ti kawajiban—lain baé kudu terang kana hak-hakna, tapi kudu kritis dina nyaksian sagala hal anu kajadian di sakurilingeunana, bisi nyimpang tina aturan. Lain ngan anu kajadian baé, tapi kasauran para pejabat ogé kudu dibandungan sacara kritis, sabab aya kamungkinan henteu luyu jeung hukum katut aturan anu aya. Pejabat anu geus biasa teuing narima laporan ABS (Asal Bapa Senang) atawa AIS (Asal Ibu Senang), kudu disina rancingeus dina nyanghareupan laporan atawa usulan anu diajukeun, sabab aya kamungkinan henteu luyu jeung aturan.
Cindekna dina alam demokratis mah sarerea kudu kritis jeung rancingeus dina harti kudu enya-enya ngajalankeunpancen pikeun ngajaga kapentingan sarerea, pangpangna kapentingan rahayat leutik.
Mikir kritis hartina ulah ngan sadaya-daya, ulah ngan sumuhun dawuh. Ngan lamun urang bisa mikir kritis baris miboga kabébasan mikir, anu baris ngajembaran wawasan dina nyanghareupan sagala rupa kajadian. Jembar wawasan hartina urang bisa mikiran kamungkinan-kamungkinan anu aya dina enggoning nyanghareupan sagala hal. Ku kituna urang bisa milih kamungkinan anu panghadéna jeung pangpositipna bari jeung bisa ngamajukeun arguméntasina. Lamun urang bisa mikir kritis dina nolak pikiran batur atawa pikiran anu dipaksakeun ti luhur téh, urang bisa ngamajukeun alesan-alesanana, lain ngan wungkul ngumpulkeun balad pikeun ngayakeun démonstrasi—komo lamun balad-balad téa démonstran bayaran mah. Démonstrasi téh lain adu kauatan atawa paréa-réa balad anu sayagi pikeun tarung sacara fisik, tapi ngadu kakuatan pikiran dina ngamajukeun arguméntasi. Sabab nya ngadu arguméntasi anu jadi dadasar demokrasi téh. Pikiran-pikiran anu pangréana bisa ngayakinkeun nu lian anu unggul.
Kudu kritis téh lain dina nalingakeun hak jeung kawajiban urang baé, tapi ogé dina nalingakeun hak jeung kapentingan anu lian anu bisa jadi henteu sapagodos jeung urang. Ulah kéna-kéna nguntungkeun urang, atawa nguntungkeun balad urang, urang-pura-pura budeg. Hartina urang lain ngan ukur kritis ka batur baé, tapi ka diri urang sorangan deuih, kaasup ka pihak anu sabarisan jeung urang, sabab ngan lamun urang némbongkeun kakritis ka sagala pihak urang bisa ngadegkeun kaadilan anu jadi salah sahiji cita-cita masarakat démokratis.
Rayat judu dibiasakeun ngagunakeun hakna pikeun nepikeun pikiran jeung kereteg haténa. Tapi kudu dibiasakeun deuih méré kasempetan ka jalma lian anu miboga pamanggih jeung tangtungan anu béda, malah pabéntar jeung pamanggih katut tangtungan urang. Urang kudu ngabéla hak urang, tapi urang ogé kudu ngabéla hak nu lian enggoning ngabéla bebeneranana—sanajan henteu sapagodos jeung bebeneran urang.

(Dicutat tina buku Urang Sunda jeung Basa Sunda, karangan Ajip rosidi)

1 Comment »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/04/30/urang-sunda-kudu-kritis/trackback/

  1. salut lah ku pamikiranana kang ajip rosidi,di dukung ku abdi kang!!

    Comment by asep firmansyah — August 23, 2007 @ 6:27 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer