How is Caman-cemen?
Carpon lucu Dedy Windyagiri
Kuring kungsi digawé di hotél Lembah Hijau, Ciloto, Cianjur. Harita General Managerna Bapa Sudi Hartono nu kungsi jadi ketua PHRI sakabupatén Cianjur.
Hiji poé Bapa GM manggil kuring ka kantorna. Saurna téh aya tamu hotél urang Amerika hayang diajar basa Sunda, bari nalék kuring bisa atawa sanggup henteuna ngajar basa Sunda ku basa Inggris.
Teu mikir dua kali langsung ku kuring disanggupan. Lain baé kabita ku honorna nu cenah rék dibayar ku dolar, tapi hayang nyaho bisa henteuna kuring ngajar basa Sunda ku basa Inggris, sakalian ngalancarkeun basa Inggris. Ngahaja-haja mah manggih kasempetan siga kieu biheung iraha. Asa reueus basa Sunda dipikareueus ku urang asing.
Isukna kuring ditepungkeunn jeung Mr. Steven di bungalowna. Jelemana simpati, keuna kana babasan dedeg sampé rupa hadé.
“How do you do?” ceuk manéhna bari ngajak sasalaman.
“How do you do?” ceuk kuring bari siga nu tuturut munding.
Saterusna silih tanya ngaran, silih tanya itu ieu. Bubujangan kénéh ngakukeunana mah. Di kamarna pabalatak buku karandel. Majalah jeung keretas patulayah. Aya biskuit jeung coklat nu sigana mah bawa ti nagarana nu langsung disuguhkeun ka kuring. Alusna téh sarua jeung kuring tara ngaroko. Asbak dina méja tamu beresih, teu aya kuntung, teu aya calacah roko.
Atoheun pisan barang dibéjaan kuring sanggup ngajar basa Sunda ku basa Inggris téh. Togmol nanya sabaraha honorna sakali ngajar. Ku kuring dijawab, soal honor tong dipikiran, lantaran kuring mah lain guru lain istruktur profésional. Honor sakali ngajar gé up to you baé lah teu ngahargakeun.
Rék dibayar ti heula ku kuring ditolak. Engké baé ceuk kuring téh dibayarna dina poéan pamungkas ngajar. Dibayar ti heula mah éra, sieun teu nyugemakeun manéhna.
Basa ku kuring ditanya ku naon maké hayang diajar basa Sunda? Jawabna téh cenah kajurung ku resep baé. Resep diajar rupa-rupa basa. Unggal datang ka hiji nagara kudu baé diajar basa nu dipaké di éta nagara. Nu geus diajar téh cenah basa Arab, Jepang, Koréa, Mndarin, Tagalog, Malayu Malaysia, Hindi jeung basa Swahli, salah sahiji basa di Afrika. Beu, lain lalawora étah. Basa Indonesiana ogé sakitu mah lumayan. Cenah mah diajarna sabot cicing di Kuala Lumpur.
Jangjina ngajar téh ti tabuh opat soré nepi ka tabuh lima, atawa mun kagok dileuwihan nepi ka satengah jam. Poé éta kénéh soréna geus bisa ngamimitian ngajar. White-board, board-marker, jeung pamupusna, geus disayagikeun, kari der ngajar.
Sihoréng manehna téh geus nyiapkeun kalimah-kalimah dina basa Inggris nu kudu disalin atawa ditarjamahkeun kana basa Sunda. Kumaha macana atawa ngucapkeunana, jeung kumaha lentongna atawa intonasina anu merenah. Kalimah-kalimah anu kudu ditarjamahkeun téh upamana baé: What is your name? What is this? What is that? Where do you live? Jeung rea-rea deui.
Poé kahiji ngawanohkeun heula basa Sunda. Ku kuring diterangkeun yén dina basa Sunda mah aya panta-panta basa: basa kasar, basa sedeng, jeung basa lemes. Aya kecap panganteur saperti jung nangtung, gék diuk, jeung sajabana. Aya kecap panganteb saperti beureum euceuy, ipis nyempring, jeung sajabana. Aya nu disebut kecap rajékan saperti gunta-ganti, curat-corét, jeung sajabana. Aya sisipan ar, al, um, in, saperti budak jadi barudak, geulis jadi gumeulis, panggih jadi pinanggih, jeung réa-réa deui kamonésan basa Sunda. Tangtu baé nerangkeun téh bari nulis-nuliskeun contona.
Sabot kuring nerangkeun, Mr. Steven unggeuk-unggeukan bari meusmeus nyebut I see meusmeus nyebut I see. Kaharti I see téh mun seug urang mah.
Poé kadua nyalin atawa narjamahkeun kalimah-kalimah beunang nyieun atawa beunang nyusun Mr. Steven téa. Sakalimah-sakalimah ditulis dina white-board tuluy disalin kana basa Sunda. Geus kitu ku kuring diucapkeun sakecap-sakecap diturutan ku Mr. Steven kalawan daria. Kaitung calakan sakitu mah, babari apal. Sagala rupa nu ku kuring diterangkeun ku manéhna dicatet dina buku catetan.
Ti mimiti poé ka tilu sok teu weléh manggih pikaseurieun. Teu rék seuri kumaha da nu diterangkeun sakapeung mah kudu dipetakeun atawa diperagakeun hareupeun manéhna. Ku kuring diterangkeun yén dina basa Sunda mah leumpang ogé rupa-rupa. Aya ngagandeuang, ngagégag, ngalénghoy, ngalanggéor, ngagedig, ngingkig, ngungkug, ngadigleu, ngagéang, rincug, dalugdag-daligdeug, rumanggieung, nyuruntul, purat-pérot, rarampéolan, rarampayakan, ingkud-ingkudan …
“How … fantastic! But will you show me how is ngagegag?” Mr. Steven nitah metakeun kumaha ari leumpang ngagandeuang jeung kumaha ari leumpang ngagégag.
“If you walk like this, it’s called ngagandeuang,” ceuk kuring bari nyéta-nyéta nu leumpang ngagandeuang di hareupeun manéhna.
“I see.”
“If you walk like this, it’s called ngagégag,” ceuk kuring bari metakeun nu leumpangna ngagégag.
“I see,” ceuk Mr. Steven bari seuri. Tungtungna kuring gé kabawakeun seuri. Dina keur dahar ceuk kuring téh aya nu ancin, caman-cémén, rewog, bebelewekan, cecelebekan, cacamuilan.
“Please show me how is caman-cémén and how is rewog,” Mr. Steven nitah metakeun kumaha nu daharna caman-cémén jeung kemaha nu daharna rewog.
“Kudu aya dahareunana atuh ari ngagambarkeun nu daharna caman-cémén jeung nu daharna rewog mah, Mister,” ceuk kuring bari teu kuat nahan piseurieun.
“No problem. Please order Sundanese foods whatever you like. Put into my bill.”
Bakat ku hayang nyaho kumaha ari nu dahar caman-cémén jeung kumaha ari nu dahar rewog, Mr. Steven nitah mesen dahareun sakahayang kuring bari rék dibayar ku manéhna. Kuring nelepon room service pesen sangu, goréng hayam, gepuk, angeun haseum, lalab sambel, citéh panas jeung cau ambon minangka bibilasna. Sangu ménta diwadahan kana boboko, cukilna cukil kai. Sambel dadak dian coét jeung mutu-mutuna. Lalabna kajeun saeutik-saeutik ménta rupa-rupa. Kurupuk udang deuih méh baé kaliwat.
Sanggeus dahareun nu dipesen datang dianteurkeun ku pelayan room service, dahareun téh teu diteundeun dina méja makan tapi ditémbrakeun dina karpét. “This is boboko, bamboo rice bowl,” ceuk kuring nuduhkeun boboko bari terus nataan cukil, coét jeung mutu.
“This is very hot sambel dadak,” ceuk kuring nuduhkeun sambel dina coét.
“Wow … had smell,” ceuk Mr. Steven nyabutkeun teu ngeunah ambeuna.
“Yes, bad smell but delicious,” ceuk kuring embung éléh.
Ku kuring diterangkeun yen urang Sunda mah ari dahar téh mun teu dina méja makan sok bari diuk, lalaki sila, awéwé émok. Ngahuapkeun dahareunana maké ramo.
“Look at me,” ceuk kuring bari teu poho maca bismillah dina jero hate. Maca bismillah téh pan rék dahar. Keur lapar sasat aya nu nganteuran dahareun, sangu ngebul jeung deungeuna haraneut kénéh matak pikabitaeun. Teu poho kokocok heula kana kobokan nu di ancloman jeruk nipis sakeureut.
“If you sit like this, it’s called sila andekak.”
“I see. Sila andekak,” Mr. Steven ngéjah sila andekak.
“Will you sit like me?”
“No, thanks,” Mr. Steven embungeun di ajak sila andekak.
“If you sit like this, it’s called sila tutug,” ceuk kuring bari ngarobah sila tina sila andekak kana sila tutug. Tuur Beulah katuhu diangkat sina nikel.
“I see.”
“If you eat like this, slowly because you are not too hungry, it’s called caman-cémén,” ceuk kuring nyéta-nyéta nu daharna teu napsu, caman-cémén.
“Is see,” ceuk Mr. Steven bari nyatet kecap caman-cémén.
“If you are very hungry and eat quicly without ceremony like this, it’s called rewog,” ceuk kuring bari habek-habek baé dahar kuma onam nu lapar teu nolih Mr. Steven nu olohok ngembang kadu nempo peta kuring dahar.
“This is cecelebekan, cacaleuhakan and cacamuilan. Sorry my voice is ngosom because my mouth is samutut, full of foods.”
“I see. I see.”
“This is céplak, the voice which is heard when you are chewing something.”
“I see.”
Top kuring kana bonténg ngora dicoélkeun kana sambel. Ana didahar dituturkeun ku sangu sahuap jeung gepuk saciwit.
“If you eat hot sambel, the reason is seuhah. This is seuhah … hah … hah …”
“I see.”
“This is réméh,” ceuk kuring bari nyokot réméh tina karpét.
“Réméh?”
“Yes, réméh. A grain of rice whice drops while you are eating.”
“I see.”
“Now I shall nguah with angeun haseum, a kind of sundanese favorite soup.”
“Nguah? What is nguah?”
“If you pour the soup into the rice it’s called nguah. If you nguah of course you musth use spoon or spoon and fork.”“I see.”
Teu dibéakeun dahareun téh lebar. Dihénggoy baé nepi ka ambrin.
“Look! Ambrin.”
“Ambrin?”
“Yes, ambrin. Completely finished. Nothing left. Oh my God I am rather kamerekaan.”
“What?”
“Kamerekaan. Full stomach, too much eat,” ceuk kuring nerangkeun harti kamerekaan ku basa Inggris, teuing bener teuing heunteu tapi Mr. Steven nyebut I see.
Tas dahar cau ambon minangka dessert atawa bibilasna, teu dihaja eureuleu kuring teurab.
“That’s is teurab,” ceuk kuring aya jalan nerangkeun teurab.
Naon nya basa Inggrisna teurab? Ah diterangkeun baé yen teurab téh ngaluarkeun hawa tina tikoro dibarengan ngaluarkeun sora ngaeureuleu tandaning seubeuh dahar siga kuring bieu.
Naha atuh ari barakatak téh Mr. Steven seuri ngabarakatak nepi ka reumbay cipanon. Héraneun meureun nempo daharna urang Sunda siga kitu. Dimimitian ku caman-cémén tuluy rewog cacaleuhakan cacamuilan bari seuhah ditungtungan ku teurab.
Poé éta mah balik ngajar téh ngalénghoy. Lain capé tapi beurat ku beuteung, seubeuh teuing.
Isuk pagétona gé kitu baé waktu téh béak ku dipaké peragan.
Manggih kecap nagog hayoh kudu diperagakeun.
“This is nagog,” ceuk kuring bari gog nagog hareupeun manéhna. Hadéna baé kuring teu nerangkeun kecap ngaheujeun.
Poéan pamungkas ngajar, Mr. Steven omat-omatan poé éta mah ulah ngajak nyarita ku basa Inggris tapi kudu ku basa Sunda.
Enyaan teu ngérakeun nu ngajar.
“Ieu nyanggakeun honorna, hatur lumayan,”ceuk Mr. Steven béntés.
“Hatur nuhun.”
“Sawangsulna.”
Kaluar ti bungalow Mr. Steven, di nu nyingkur amplopna ku kuring di buka. Eusina lambaran dolar wareuteuh kénéh. Diitung-itung leuwih ti sabulaneun gajih. Puguh waé hojih …***
(Tina Manglé, No. 1782)
ILMAN
IZZAN
Bingung lucuna dimana….hal nu wajar tah upami ngajar teh bari pepeta. Nu pasti mah….si mister wani mayar sarta ku urang dikonversi ka rupiah jadi sarua jeung sabulaneun gaji…jang urang mah gede…ceuk nu mayar mah leutik, atawa memang nu mayar na ge nyahoeun gede…ngan manehna ngahargaan kanu boga pangaweruh tea…jadi ngahargaan leuwih kanu ngarti teh…satemenna urang ge kudu bisa kitu kanu boga elmu nu punjul mah
Comment by Tibelat — May 28, 2007 @ 10:15 am
Ha ha ha ha…………maca carpon iyeu, jadi era seuseurian sorangan, alusna wae euweuh
sasaha , da anak kuring keur jalan2 ka luar nagri. Bener2 lucu, komo eta keur nerangkeun
soal dahar. ah jigana mah guruna mata duitan, hayang dahar nu ngeunah, bari teu mayar,
jadi wae pura2 nearangkeun kadaharan. da atuda etah pesenan kadaharan meni beak ku sorangan.
, teu ngagehan batur……..he he he ….. You are really very smart………
Comment by si uwa — May 29, 2007 @ 2:41 am
Ah, Si Akang mah teu aya sense of humor. Maenya carpon nu kieu teu aya lucuna? (for
Tibelat).
Comment by pop_ice — May 31, 2007 @ 7:13 am