Sorotan Kana Kurikulum Muatan Lokal Basa Sunda
Ku Popon Saadah
Kurikulum Basa Sunda keur dipadungdengkeun. Anu jadi bahan padungdengan nya éta matérina pisan. Ceuk sawatara panyusun buku pangajaran, ieu kurikulum anu ditanda-tangan ku Gubernur Jawa Barat téh eusina pabeulit, matak teu pikahartieun, tur hésé dijabarkeunana jadi buku pangajaran.
Masih ceuk sawatara panyusun buku pangajaran, upama dicindekkeun, kahéngkéran kurikulum Basa Sunda téh:
1. Kesanna, SKKD (Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar) anu geus resmi ditanda-tangan ku Gubernur Jawa Barat téh disusunna bangun gagaridusan, tur tacan winangun hiji konsép anu gembleng ngagambarkeun pangajaran basa Sunda, sabab dijerona masih kénéh loba kahéngkér. Dina nyusun jeung nuliskeun rumusanana waé geus loba salahna; kaciri pisan orowodolna.
2. Aya kesan, dina ngeusikeun matéri ajar kana kompeténsi téh dapon asup atawa jejeg. Naon pertimbanganana pangna aya matéri ajar anu diasupkeun sababaraha kali, tur aspékna éta-éta kénéh?
3. Wincikan matéri (bahan ajar) antara di hiji kelas jeung kelas séjénna (saluhureunana atawa sahandapeunana) teu katémbong ayana gradasi anu jelas, tapi loba anu ngageblég.
4. Alusna mah éta SKKD téh dipadungdengkeun deui; lain waé ku unsur birokrat jeung akademisi, tapi deuih diwewegan ku rupa-rupa profési anu aya patalina jeung pangajaran basa Sunda.
Sedengkeun kapan kurikulum téh mangrupa padika nulis bahan ajar. Rék bener tur bisa sampurna kumaha buku pangajaran lamun kurikulumna waé saperti kitu? Ceuk Asép Ruhimat téa mah, salila kurikulumna can bener, nyusun buku pangajaran ogé moal aya nu bener.
Naha atuh bet bisa kajadian kitu? Nyusun kurikulum kawas nyusun materi kuliah saharitaeun! Komo upama ngingetkeun yén nu nyusunna téh geus pasti lain jalma joré-joré, tapi para inohong anu parantos leuseuh icikibung dina widangna.
Sigana di dieu héngkérna bangsa urang téh. Pinter ku pinterna, ana ngagarap hiji pagawéan, naha anu teu pira atawa anu penting, kurang daria. Alesanana bisa rupa-rupa. Anu pangkliseuna dijadikeun alesan ku nu seueur cabak mah nya éta kecap “atuda riweuh”! Sabab kailaharanana nu seueur damel—komo nu seueur jabatanana mah—mun keur ngagarap hiji pagawéan, sok bari migawé pagawéan séjén. Rék konséntrasi kumaha lamun kitu kaayaanana? Antukna dina kaberegna atawa geus nyantek kana waktu deadline , dag-dég-dog garudas-garidus. Sikep profesionalisme can jadi udagan. Atuh munasabah lamun hasilna jauh tina nyugemakeun.
Éta cenah kabisa bangsa urang mah ngan nyempad jeung nyempad wé, mun nu nyempad téa dititah nyusun kurikulum, can puguh bisa. Ari nu nyempad mah da lain ahli nyusun kurikulum atuh. Matak nyempad ogé bakat ku hélok, lamun nu ahli waé hasilna kitu, komo anu teu bodo-bodo acan!
Jeung ieu masalah kawilang perlu diasongkeun ka forum, sabab kacida pentingna pikeun nangtukeun nasib ka hareupna pangajaran Basa Sunda. Leuwih jauhna masarakat Sunda miharep pertanggungjawaban moral ti para panyusun kurikulum, saterasna badé dikumahakeun éta kurikulum téh? Dina hal ieu réngréngan atanapi tim panyusun kurikulum dipiharep jembar manah, nampi kritikan ti sawatara pihak. Upami ngémutna logis, pihak-pihak anu ngabedah tur ngoréksi kurikulum téh sanés badé ngagogoréng sumawona ngalalangkungan tim panyusun kurikulum. Tapi rupina sadayana oge didadasaran ku kawajiban ngalelempeng anu kirang pas. Matak dipadungdengkeun ogé dina raraga milari kasapukan, kumaha saéna ngaréngsékeun ieu masalah téh.***
ILMAN
IZZAN
Teh, punteun ngatetehkeun, nepangkeun wasta pun Candra. Abdi ayeuna teh ngajar di SD-Plus Arafah Rancaekek. Abdi peryogi pisan SI sareng SKL matpel Basa Sunda pikeun SD. Pami tiasa mah nu didownload. Hatur nuhun.
Comment by Candra — August 10, 2007 @ 3:00 pm
Punten, abdi teu gaduh arsipna dina wangun file. Upami potocopy-an mah aya. Upami Ayi per-
yogi mangga sumping bae ka SMPN 4 Cimahi.
Comment by pop — August 14, 2007 @ 6:36 am