Sawer Ambu keur Hidep, Anaking
Bismillah damel wiwitan
mugi Gusti nangtayungan
ka Asép nu disepitan
mugia kasalametan
Salamet Asép ayeuna
ayeuna atos laksana
nyumponan kana jangjina
jangji kaislamanana
Islam ngabogaan ciri
cirina tara pahili
omat ulah badé lali
paréntah anu ti Gusti
Gusti méré tuduh jalan
dina alam pawenangan
ulah osok kajongjonan
ku Asép gancang téangan
Téangan eusi dunyana
lamun Asép tos sawawa
ulah sok sakaba-kaba
kudu ngagugu ka Bapa
Indung anu ngaping
dijaga beurang jeung peuting
pikir Asép kudu nyaring
Mamah rék méré pépéling
Pépéling Mamah regepkeun
poma ulah dibaékeun
diajar kudu sing leukeun
sangkan bisa ngahartikeun
Ku Asép masing kaharti
catet dina jero ati
ditampi ku ati suci
pépéling ti para wargi
Para wargi sadayana
disuhunkeun pidu’ana
pun anak hoyong sampurna
kana pakasabanana
Lamun kasab kana tani
mugi sing cucud sing uni
dikadarkeun sugih mukti
nyukup indung bapa nini
Lamun kasab kana dagang
dipaparin caang padang
rikrik gemi bati dagang
méré mawéh ka nu anggang
Mun loyog kana ngawula
sarupi jadi kalapa
jauhan nu matak bahla
ka wargi sing bisa béla
Lamun rék loyog nyantri
sing bisa mawa pangarti
supaya jadi pamatri
diiring ku suci ati
Suci ati diamalkeun
kalawan dilaksanakeun
supaya ulah carékkeun
ambéh euweuh nu ngomongkeun
Lamun ngomong anu balég
mun Asép diajar tablég
ulah jeung tibeberegég
sumawonna jeung ngalégég
Ngalégég ka babaturan
moal aya nu maturan
pikiran jadi kapiran
bongan salah pangaturan
Pangaturan lamun jujur
sareng batur tangtu akur
akuran ka unggal lembur
sangkan Asép subur ma’mur
Subur ma’mur lohjinawi
pinterna mawa pangarti
komo lamun bisa ngaji
tah éta élmu sajati
Sajati élmu ti Gusti
ku Asép masing kaharti
mawana sing ati-ati
ucap lampah masing surti
Sing surti dina pikiran
percaya damel Pangéran
tuduhan hadits jeung qur’an
wahyu ka Nabi panutan
Panutan urang sadaya
mani éar balaréa
dibuka sagala aya
Qur’an hadits anu mulya
Mulyana hadits jeung qur’an
nuduhkeun jalan Pangéran
keur mépés rasa sorangan
sangkan tiis pipikiran
Pikiran ku haté urang
da urang bakalna mulang
lamun hayang ulah ringrang
sing daék milari luang
Luangna geura dipilih
nu goréng ulah dipilih
nu hadé masing kapanggih
sareng batur ambéh rapih
Sing rapih ka réréncangan
ulah sok aing-aingan
boh bilih silih baeudan
ahirna papaséaan
Paséa jeung babaturan
éta téh napsuna sétan
moal aya kauntungan
tetep dina karugian
Miasih ka sadayana
tur gumati ka abdina
ngariksa tur ngaganjarna
kumaha baé amalna
Amalkeun kabéh elmuna
kanyahokeun ka dirina
masing émut ka Gustina
supaya hirup lugina
Sampurna dunya ahérat
disarengan sareng solat
teguh iman Islam kuat
Gusti maparinan rahmat
amin ya robbal alamin
(Diropéa tina Puisi Sawer Bahasa Sunda, disusun ku Dra. Yetty Kusmiati Hadish, spk.)
ILMAN
IZZAN
meni waraas aya sawer sunat……….ehmmmmm asep bagja temenan gaduh mamah nu
bageur nyaah ka asep. Mangkana asep kudu bakti ka mamah, ,, kudu nyaah, apan dina
hadis oge, kasaha kudu bakti heula saur rosul teh indung,,,,indung….indung…kakara bapak..
tah babandingan nana indung mah 3 kali bapak….
Comment by uwa — June 12, 2007 @ 4:10 am
Uwa, dinten Salasa Acep ngiring ka warnet sareng Mamah. Pas nuju muka blog nu ieu, eh
aya komentar ti Uwa Aussi. Ku Acep dibaca. Hatur nuhun kana papatahna. Punten ieu di-
pangetikkeun ku Mamah, margi Acep teu acan tiasa gancang ngetikna. Uwa, Acep hoyong
terang raray Uwa. Kintunkeun poto Uwa. OK?
Comment by Acep Diki — June 12, 2007 @ 6:37 am
punten asep uwa teu tiasa nedunan kahoyong asep, da uwa mah ngan saukur bayangan di
dunya maya. apan asep terang yen bayngan mah moal tiasa katingal jelas ngan saukur
hidueng wae. nyaeta nu disebat blank tea
Comment by uwa — June 12, 2007 @ 9:20 am
Ah, memang Si Uwa mah jalmi nu pangsatiana sadunya sugan mah. Satia kana kamisterius-
anana, satia kana kagaibanana, teu weleh alim ngajirim, pantang nembongkeun pameunteu,
sigana mah nuju muhit elmu kabatinan nya? hehehe….
Comment by Mamah Acep Diki — June 15, 2007 @ 3:48 am