Paséa
Ku Wahyu Wibisana
Ujang jeung Nyai paraséa, parebut gegedoh cikopi urut Apa—leuwih rosa batan kamari basa parebut pelok buah kawéni. Katémbong Ujang tipopolotot ngarebut gelas nu keur dikeukeuweuk ku Nyai. Jeung Nyai kadéngé gégéréwékan ngaulah-ulah bari sarua tipopolotot.
Geus mindeng Apa nyaksian kajadian kitu téh, sakapeung Apa sok keuheul, tapi anéhna, mimindengna mah ngarasa ni’mat nu istiméwa. Ni’mat duméh hidep geus bisa paséa cara Apa jeung Emah, cara Apa jeung batur sapagawéan atawa jeung batur sagarapan.
Bener, di Ujang jeung di Nyai geus tingpelentis binih-binih peupeudeungkreung nu jagana tangtu bakal jadi tangkal ki peuleukeuk—cék Apa mah perlu éta téh pikeun némbongkeun hadirna hidep di alam dunya.
Pacuan ulah rék kuméok atawa nyanggakeun sadaya-daya baé ka batur, lantaran upama kitu hidep bakal sagala kalindih jeung katitih ku nu lian. Nu matak, Ujang jeung Nyai kudu bisa paséa—kudu paséa di mana perlu.
Rebut ku Ujang tah gelas gegedoh cikopi téh, mun teu dibikeun baé tong asa-asa cabok wéh ambéh Nyaina nyerieun. Ka Nyai Apa nitah, sangkan terus ngeukeuweuk éta gelas, tapi upama Nyai teu kuat gancang beubeutkeun sina peupeus ambéh gegedohna ulah nepi ka diuyup ku Ujang. (more…)
ILMAN
IZZAN