Ekspresi narsis-ku

June 12, 2007

Paséa

Filed under: Cutatan Sabengbatan

my children

Ku Wahyu Wibisana

Ujang jeung Nyai paraséa, parebut gegedoh cikopi urut Apa—leuwih rosa batan kamari basa parebut pelok buah kawéni. Katémbong Ujang tipopolotot ngarebut gelas nu keur dikeukeuweuk ku Nyai. Jeung Nyai kadéngé gégéréwékan ngaulah-ulah bari sarua tipopolotot.
Geus mindeng Apa nyaksian kajadian kitu téh, sakapeung Apa sok keuheul, tapi anéhna, mimindengna mah ngarasa ni’mat nu istiméwa. Ni’mat duméh hidep geus bisa paséa cara Apa jeung Emah, cara Apa jeung batur sapagawéan atawa jeung batur sagarapan.
Bener, di Ujang jeung di Nyai geus tingpelentis binih-binih peupeudeungkreung nu jagana tangtu bakal jadi tangkal ki peuleukeuk—cék Apa mah perlu éta téh pikeun némbongkeun hadirna hidep di alam dunya.
Pacuan ulah rék kuméok atawa nyanggakeun sadaya-daya baé ka batur, lantaran upama kitu hidep bakal sagala kalindih jeung katitih ku nu lian. Nu matak, Ujang jeung Nyai kudu bisa paséa—kudu paséa di mana perlu.
Rebut ku Ujang tah gelas gegedoh cikopi téh, mun teu dibikeun baé tong asa-asa cabok wéh ambéh Nyaina nyerieun. Ka Nyai Apa nitah, sangkan terus ngeukeuweuk éta gelas, tapi upama Nyai teu kuat gancang beubeutkeun sina peupeus ambéh gegedohna ulah nepi ka diuyup ku Ujang.
Ulah hayang ménta ditulungan ku Apa atawa ku Emah, lantaran paling-paling ogé dipisah atawa dicarékan duanana. Malah teu mustahil diadu-kumbangkeun atawa diringkeb di jero kamar mandi. Leuwih teu ngeunah ceurik diteungteuinganan ku kolot mah, lantaran samar bisa ngalawan—sarta dina ngalawanna ogé hidep téh tangtu bakal éléh. Di mana aya budak meunang?
Nu matak mending ceurik ku lantaran paséa papada budak!
Upama geus bisa paséa jeung dulur, jig geura diajar paséa jeung anak-anak tatangga, tina perkara naon baé pasalna mah. Tina perkara maén kaléci, tina perkara bal-balan, jeung sajabana.
Mun tarang Ujang nepi ka buncunur dibalédog batu, atawa leungeun Nyai ngagempeng duméh aya nu neunggeul, ceurik mah nya pék baé, ngan ulah nepi ka kapok. Nu tarang buncunur atawa leungeun ngagempeng mah engké gé cageur, jauh kénéh kana peujit ieuh—teu sabaraha.
Ujang, Nyai, anaking, naha geus meujeuhna upama Apa nerangkeun naon sababna nu matak Apa mapatahan kitu? Ah, budak kénéh Ujang jeung Nyai mah, moal ngarti. Hidep duaan tangtu moal bisa nuturkeun jalan pikiran Apa, upama Apa ngabéjaan, yén di masarakat urang ayeuna loba nu wanian némbongkeun kakecing, lantaran—upama baé—hayang salamet, hayang kapaké ku dunungan, sanajan bari munapék. Bedas pisan nyumuhun-dawuhan kana perkara nu teu pantes disumuhunan, nyebut leres kana nu teu bener, jeung saterusna.
Kitu deui hidep tangtu moal ngarti, upama ayeuna Apa nyaritakeun pamadegan, yén hirup boga musuh téh perlu. Lantaran, upama kabéh jelema sobat wungkul, bakal ripuh, capé ku anjang sono jeung seuri hahah-héhéh. Tur pikaboseneun deuih, moal goréjag, pikiran moal nyaring, antukna ngabeungbleu kawas cingcau. Ulah hayang boga uteuk cingcay Ujang, Nyai, uyupeun deungeun nu kitu mah.
Tah, bener kitu, pék garelut. Apa resep nanggapna. Éh, naha ku Emah maké dipisah bari ngagelendeng ka Apa majarkeun téh bet ngantep ka budak paséa? Gagabah teuing! Heug, nawaétu Apa ayeuna rék nuluykeun paséa hidep—jeung Emah. Tanggap geura, ari paséa kudu kieu yeuh. Apa pasti meunang!

(Dicutat tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana)

1 Comment »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/06/12/pasea/trackback/

  1. enya sigana mah jaman ayeuna kudu ngajar anak teh kudu jadi orang pemberani tong jadi
    pengecut, aya benerna sigana mah ngadidik anak kitu. tapi kudu jadi berani karena benar
    atuh.

    Comment by uwa — June 16, 2007 @ 9:31 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer