Indung jeung Anak

Gambar: indonesian.cri.cn
Karya Sayudi
Anak : Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit
katut bentang nu baranang
Indung : Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih
bentang teu jauh ti ujang
Anak : Ema saha nu boga lngit
jeung bentang nu baranang
saha nu boga bulan
katut beurang jeung peutingna
Indung : Kapan sagala nu ujang
paeh hirup anu ujang
ILMAN
IZZAN
ah punten teu patos ngartos hartosna puisi iyeu mah
Comment by fz — June 18, 2007 @ 1:38 pm
Eusina numutkeun tapsiran sim kuring mah nya eta kanyaah indung ka nu jadi anak estu
tan wates wangen. Nepi ka wantun nyebatkeun yen sagala rupa nu aya di dunya, lain nu
manehna (indung), tapi nu anakna.
Comment by pop — June 22, 2007 @ 3:24 am
hmmmmmmm……..teu sangka ki lanceuk rancage! nuhun pisan mugia apanjang apunjung ieu web teh! soak ah ramekeun!
Comment by Kang utis — November 28, 2007 @ 8:24 am
Sae pisan. Reugreug. Geuning rancage pisan. Cobi pilari ku salira (Pop) Web Sunda.upi.edu. Mangga pilari. Kumaha kamandang salira?
Comment by dingding — November 28, 2007 @ 8:30 am
Nalengteng natanyakeun teka-teki kahirupan. Ceuk nu jadi indung, eusina teh teu jauh ti harepan indung. Saha anu kawasa kana eta rasiah kahirupan? Kuma urang: genah ceuk urang, teu genah ceuk urang.
Comment by Iswas — November 29, 2007 @ 5:35 am