Imah

Gambar: www.mms.gov
Ku Popon Saadah
Padumukan téh keur manusa mah kawilang penting. Fungsina lain ngan ukur tempat reureuh dina iuh-iuhna hateup. Tapi di dinya, di jerona urang bisa ngalakukeun sagala rupa hal, boh nu sipatna pribadi boh anu umum kalawan buni tur aman. Ku kituna jelema bakal satékah polah ngagenah-genah imah, copélna sina beresih sangkan di jerona urang bumetah.
Imah ogé mangrupa basis manusa keur ngayakeun konsolidasi pikeun nyanghareupan dunya luar, nyanghareupan masarakat, nyanghareupan panéka jaman. Nya imah pisan tempat pangbalikan urang bari rébo ku oléh-oléh atawa léngoh sabada balangsiar jeung miang dina raraga nyiar luang.
Keur nu geus kurenan, imah téh leuwih loba deui fungsina. Tempat nu kacida mangaruhanana kana unggal fase kahirupan kulawargana. Nya di imah pisan manusa ngalaksanakeun kawajiban-kawajiban nu ditibankeun ku Pangéran, ibadah, ngagelarkeun tur ngadidik turunan, ngamekarkeun poténsi-poténsi nu dipibanda ku anggota kulawarga, jeung sajabana. Nya ti imah pisan pamiangan jaga, lamun urang geus tepi kana waktuna mulang ka alam kalanggengan.
Saéstuna imah téh tempat anu strategis pikeun melak pribadi-pribadi unggul, ngipuk generasi anu mibanda kualitas. Ku lantaran kitu, suasana jeung atmosfir imah kudu matak betah jeung matak tengtrem jiwa-jiwa nu nyicinganana.
Masalahna, pikeun nyiptakeun atmosfir imah nu luyu jeung angen-angen urang tur kondusif téh lain pagawéan énténg, bangga kacida. Butuh pamikiran jeung tékad anu daria ti nu boga lalakon di éta imah. Masalah dana ogé mangrupa salah sahji faktor pangrojong, najan henteu mutlak.
Nu kumaha atuh saenyana atmosfir imah anu kondusif téh? Upama manggih pertanyaan saperti kitu, leuwih hadé urang ngarujuk kana aturan Islam. Idéalna, imah panyileukan unggal jalma téh imah anu dicicingan ku kulawarga sakinah mawaddah warohmah. Kulawarga anu ngalaksanakeun kagiatan sapopoéna luyu jeung naon-naon anu geus digariskeun ku Pangéran, kalayan ngeunteung kana kahirupan kulawarga jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad saw. Kapan mungguh anjeunna mah padumukan téh disarimbagkeun sareng surga. “Baéti jannati”. Tangtu waé hal éta téh ku manusa-manusa jaman kiwari mah baris hésé diturutanana, sabab loba faktor anu jadi hahalang, di antarana pangbibita dunya barana katut hiburan nu ayana di luareun imah beuki dieu beuki ceuyah. Tapi dina ngawujudkeun “Baeti jannati” tea, lain hiji hal nu mustahil.
Jeung asana dina lebah dieu mah kabagjaan nu bakal karasa ku nu nyicingan hiji imah téh henteu gumantung kana kaayaan fisik imahna. Da teu kurang-kurang anu imahna gedong sigrong, pangeusina teu weléh marudah, teu betah cicing di imah. Jeung teu euweuheun deuih anu imahna basajan, imah panggung-panggung acan, tapi pangeusina ngarasa tiis tingtrim, horéam ingkah ti éta imah.
Cindekna, kaayaan hiji imah téh tétéla gumantung ka pribadi-pribadi jeung kréasi nu nyicinganana. Naha éta padumukan téh ku nu bogana rék dijadikeun tempat pangreureuhan jeung pangrereban anu pinuh ku barokah jeung kabagjaan, atawa tempat anu éléh dangiangna ku losmén, hotél, kantor, café, mal, jeung diskotik?
ILMAN
IZZAN