Ekspresi narsis-ku

August 20, 2007

Ngareuah-reuah 17 Agustus

Filed under: Figura Hate

mejeng payuneun ruang guru
Lomba gerak jalan ieu teh cariosna mah, tapi mimindengna mah kalah marejeng.

Ngagaya heula
Atuh pantes teu juara oge, da ngalobakeun ngagaya.

carentil
Komo pas tarerang potona bade dikana blog-keun mah. (more…)

August 13, 2007

Motto nu Ngaruksak Basa Sunda

Filed under: Kolom

motto mottomotto

Ku Popon Saadah

Dina hiji lembaga atawa organisasi motto téh geus jadi bagian penting. Penting minangka intisari tina visi misi éta lembaga atawa organisasi. Ku lantaran motto téh ébréhan tina visi jeung misi hiji komunitas, biasana ungkara hiji motto disusun sahadé-hadéna, sanajan sakapeung mah éta motto téh teu sajalan jeung garapan anu dilaksanakeun di lapangan. Keun perkara pahadé-hadé mah, malah sakuduna dina sagala hal anu sipatna positip, urang kudu nepi ka bisa panghadéna. Anu manghanjakalkeun téh motto anu saliwat mah siga hébat, ari dipikir-pikir bet euweuh hartina da salah téa.
Lebah dieu, ulah ngababarikeun atawa nganggap énténg kana hiji basa. Ulah kéna-kéna nu nyusunna pituin urang Sunda upamana, der nyieun motto maké basa Sunda tapi bari salah. Sanajan rata-rata motto téh ngan ukur diwangun ku sababaraha kecap, keukeuh aturan maén nyusuna kudu diperhatikeun, ari embung diseungseurikeun ku nu ngarti mah! (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer