Islam téh Sunda, Sunda téh Islam
Ku Popon Saadah
Hiji poé sim kuring manggih majalah basa Sunda anyar anu keur dipajang (didagangkeun) di sisi jalan. Haté ngarasa bungah tur reueus. Di jaman kiwari, nalika média informasi dikawasa ku média-média basa Indonesia, tétéla masih kénéh aya anu haat medalkeun majalah ngagunakeun basa Sunda.
Tapi kabungah jeung kareueus sim kuring leungit sapada harita, sabada niténan, mukaan, jeung macaan éta majalah. Timbul rasa héran, naha ieu majalah téh bet siga-siga nu rék nyebarkeun paham anyar, paham anu ceuk maranéhna mah geus heubeul, ageman Prabu Siliwangi baheula? Masih kénéh dina éta majalah, aya deui artikel anu eusina ngagung-ngagungkeun Prabu Siliwangi, ngagung-ngagung leuwih ti misti, sakumaha ngagung-ngagungna urang Islam ka Kangjeng Nabi Muhammad saw.
Aya naon di masarakat Sunda ayeuna? Fenoména naon anu keur lumangsung dina kahirupan urang Sunda téh? Naha éta komunitas anu ngagem paham anu cenah sarua jeung Prabu Siliwangi téh sarakola atawa henteu? Tapi da ceuk sakaol mah, loba ogé jalma intelék anu bariluk tur ngaragem ieu paham. Dina hal ieu tétéla kaimanan mah lain ditilik tina pinterna hiji jalma, tapi gumulungna antara akal jeung rasa dina ngalenyepan ma’na kahirupan. Da lamun akal jeung rasana diparaké mah moal nepi ka sasar kitu.
Geus jelas kapan yén Islam téh agama rahmatan lil alamin. Puguh rosulna puguh kitab sucina. Al Qur’an sanggup ngajawab permasalahan di sagala bangsa jeung sagala jaman. Naha bet lieur kénéh nénéangan cecekelan hirup?
Lain teu meunang urang ngungkaban situs-situs purbakala, astana baheula, jeung naskah kuno téh, tapi kapan éta mah garapan widang kaélmuan, taya patalina sama sakali jeung ageman, ceuk nu maké akal séhat mah.
Bukti-bukti sajarah wajib diulik jeung dipaluruh pikeun kapentingan élmu sajarah, lain keur dicampuradukkeun jeung ageman katut kapercayaan hiji jalma.
Islam téh Sunda, Sunda téh Islam. Ieu ungkara geus ngadarah daging dina jiwa-jiwa manusa Sunda. Malah kaum missionaris geus ngaku sorangan, yén étnis Sunda téh hiji étnis anu kacida héséna ditembus ku missi Zending. Kari-kari ayeuna urang Sundana sorangan nu rék nyoba-nyoba nyebarkeun virus kasasaran ka nu jadi dulur-dulurna ku cara ngamunculkeun tur ngagung-ngagungkeun tokoh sajarah anu satahap jeung manusa biasa? Asa ku kabina-bina!
Ceuk sawangan sim kuring, fénoména munculna ageman-ageman saperti kitu téh balukar lobana jalma-jalma anu prustrasi, anu teu tahan ku situasi, boh situasi sosial, boh ekonomi, atawa politik Indonesia mangsa kiwari. Balukar lobana jalma anu ku kolotna baheula teu kungsi diwanohkeun naon ari Islam? Saha ari Kangjeng Nabi Muhammad saw? Kumaha ari eusi Qur’an téh? Padahal mun seug maranéhna nyaho jeung apal kana naon-naon anu parantos dilungsurkeun ku Alloh swt ka urang sadayana, moal nepi ka sasar siga kitu, sabab Islam téh solusi, solusi dina nyanghareupan masalah hirup urang saréréa.
Titénan surat Al-Fatihah jeung tarjamahanana ieu di handap.
Abdi nyalindung ka Gusti Alloh tina panggoda Sétan nu dirajam. Kalayan nyebat jenengan Alloh Nu Mahawelas tur Mahaasih. Ari sadayana puji éta tetep kagungan Alloh. (sipatna) Alloh anu mangéranan ka sadayana alam. Anu maparin ni’mat ageung di dunya sareng di ahérat. Anu maparin ni’mat alit (saripati ni’mat) di ahérat wungkul. Anu ngarajaan dina poé kiamah. Wungkul ka Gusti ibadah abdi, sareng wungkul ka Gusti abdi neda pitulung. Mugi Gusti maparin ka abdi pituduh kana jalan anu lempeng, nya éta jalan jalmi-jalmi anu ku Anjeun parantos dipaparin ni’mat ka marantenna. Sanés jalan jalma-jalma anu ku anjeun dibenduan sareng sanés jalan jalma-jalma anu salasar. Wallohualam.
ILMAN
IZZAN
Hatur nuhun ceu Popon seratanana.
Abdi janten ngemut, aya sababaraha tatanggi, oge rerencangan, urang Sunda nu sanes Muslim. Naha ungkara ‘Islam teh Sunda, Sunda teh Islam’ cocog dilarapkeun kanggo aranjeunna?
Comment by DiN — September 2, 2007 @ 9:07 pm
Hatur nuhun kana responna. Ungkara “Islam teh Sunda, Sunda teh Islam”, tangtos bae kanggo urang Sunda anu muslim. Kumargi seuseueurna urang Sunda teh muslim, janten eta ungkara teh ku emutan sah-sah bae. Atuh eta cenah aya sababaraha urang Sunda anu sanes muslim, eta oge teu janten masalah. Da mung ukur sababaraha persen pan?
Comment by pop_ice — September 2, 2007 @ 11:34 pm
Leres kitu, sapamadegan pisan sim kuring ogé. Islam teu tiasa ditawar-tawar deui, éta téh ageman urang anu (mudah-mudahan) teu leupas tug dugi ka urang maot. Dina saban jumaahan ogé apan hotib téh sok wasiat, “Ittaqulloh, haqqotuqotihi, wala tamutunna illa waantum muslimun�, anu pihartoseunana kirang langkung, “Mangka tarakwa ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa, jeung ulah maot aranjeun iwal dina kaayaan Islam.�
Sim kuring pituin urang Sunda, nyaah jeung reueus ka Sunda, tapi dina kayakinan sim kuring Sunda téh ukur “budaya�, lain hiji ageman (agama).
Kantos aya anu nyarios ka sim kuring, pokna téh: “Urang Sunda ayeuna mah ningali ‘Sunda’ téh kawas kana pasaran, ari luarna hoyong ngalus-ngalus, témpona dipiwarang lebet kalah birat.� Maksad luarna téh panginten “budayana�, ari lebetna “agamana atawa agemanana�. Ah, ceuk sim kuring mah kaliru éta téh. Saur Tétéh téa mah kawas nu prustasi ku kaayaan sosial jeung nagara anu keur teu pararuguh. Padahal mun leres-leres neuleuman Islam mah moal prustasi maranéhna téh, nya, Téh? Malah lamun ajaran Islam leres-leres dijalankeun, kaayaan masarakat jeung nagara ogé moal kawas ayeuna. Tangtos adem ayem, subur ma’mur kertaharja.
Téh, sagédéngeun alatan prustasi ku pajamanan anu keur teu pararuguh, sigana aya deui hal sanés anu ngalantarankeun maranéhna “kasasab� kana ieu ageman. Jalmi anu ngugung-ngugung ieu ageman bari “mojokkeun� Islam téh wiréh aya sakelompok jalmi anu jaranten téroris anu nganggo bendéra Islam. Ceuk dina sawangan maranéhna, Islam téh sami sareng téroris. Islam téh penjahat. Padahal écés apan Islam mah rohmatan lil alamin. Wallohualam bissowab!
Comment by didih — September 3, 2007 @ 11:39 am
Sae tah seratan teh. Kalebet anu ngomentaranana oge sae. Nanging rupina anu langkung merenah mah rupina Sunda teh Ngislam (islami), sareng Islam oge Nyunda. Sunda sanes Islam, tapi adat istiadatna atanapi budayana islami. Conto alit, sakali waktos abdi kantos apruk-aprukan ka wewengkon Cilembu. Dina jalan anu nanjak, pertelon, luhureun got aya teko sareng cangkir (tangtos dina teko aya caian. Saurna eta cai teh dihaturkeun kanggo saha bae anu hanaang. Mangga ngaleueut, teu kedah wawartos heula ka nu gaduhna. Duka saha nu haat nyayogikeunna mah. nu eces, eta teh hiji tradisi turun tumurun nu kapiara dugi ka kiwari. Siga teu sabaraha, tapi mangpaatna kacida ageungna. Abdi anu nuju hanaang, kalintang sukuran ku ayana nu haat nyayogikeun cai. Alhamdulillah. Saha nu tega nyebatkeun upami eta tradisi henteu islami?
Tradisi Sunda nu sae kalintang ngislamna. Urang Sunda kalintang ngajenan ibu-rama, dugi ka aya istilah indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. Komo deui dina Islam, sadayana parantos pada uninga kumaha ssakedahna sikep urang ka sepuh.
Ah, ieu mah mung hoyong mairan sakedik, bari silaturahmi. kaleresan nuju kakalayangan di dunya maya, ujug-ujug anjog ka ieu blog anu sakieu saena.
Nuhun, mangga lajengkeun.
Diantos linggih ka www.galuh-purba.com
Comment by Dhipa Galuh Purba — October 25, 2007 @ 9:37 pm
Hatur nuhun kana koreksina Ayi Dhipa, diantos saran sareng kritik salajengna.
Comment by pop_iceu — October 26, 2007 @ 6:19 am
leres pisan upami terang sadayana mah ajaran sunda teh asalna ti islam. cobi talungtik ku urang sadaya
Comment by yayat — November 1, 2007 @ 2:15 am
Téh Kumaha damang? sim kuring reueus kan seratan tétéh ngeunaan “Sunda Islam, Islam Sunda”. Diantos di Rohangan http//.alumnisundaupi99.blogsopt.com.
Comment by FARHAN NASRULLAH — February 2, 2008 @ 5:51 am
Téh kumaha damang? Ieu sareng ki adi angkatan 99 nya éta Farhan téa. Kacida saéna eta
seratan téh. Mung sakitu koméntarna. Linggih ka Blog Abdi
di http//.alumnisundaupi99.blogspot.com
Comment by FARHAN NASRULLAH — February 2, 2008 @ 5:56 am
Hatur nuhun kana kasumpinganana, Ayi Farhan. Diantos saran sareng kritikna.
Comment by pop_ice — February 15, 2008 @ 4:36 am
hapunten ka balare…. islam teh sunda tur sabalikna …. etamah kaleuleuwihi…. teu kitu jujutan nana ari dina inyana mah… Islam jeung sunda memang kagolongkeun “nature’s holism… mungguh kamusna sarua nyaeta alam kumendang tempat nganciknya kakawasaan Alloh SWT… mung tetep beda antara islam jeung sunda mah…. nyaeta dina kalengkepan sistemna…. Islam leuwih lengkep tur linuwuh… tibatan sistem budaya sunda… Tah nu kedah dileuyeupan mah… sistem budaya sunda teh hiji “urf” nu ngagampangkeun ki sunda dina naratas kalengkepan sistem budaya islam di tanah sunda kalawan Kaaffah tur saigeulan dina milampah kahanifan…Beda lamun dibandingkeun jeung wong jowo mah anu ngaruksak tatanan islam jadi sufisme jawa… sabab dasar budayana Artificial Holism…
Comment by kabayanist — September 21, 2008 @ 5:52 am
Ah tong aneh da jalmi teh teu sadayana sami ! bijaksana we. Upami tiasa dipangdamelkeun
Artikel riwayat Kyai Haji Abdul Fattah (Mama Babakan), hiji ulama ti Tarogong Garut nu
jumeneung tahun 1813-1925.
Comment by Budi Wiwaha — October 21, 2008 @ 6:40 am